Sat, 19-05-2012
Carkrim

Babaung Ajag (13)

Pintonkeun di FB

Ku Dede Syafrudin

"Apih jeung indung maneh, oge dulur-dulur maneh nu sejen, jadi milu nandangan wiwirang lantaran urang dieu rea nu ngomong, pajar teh alatan maneh Nyi Dedeh jadi bureuyeung kakandung nepi ka luluasan maehan maneh," Apih Sakri neuteup anakna.

Nu diteuteup katembong keur anteng nyerangkeun lalangit imah.

"Padahal ari hayang ka awewe mah matak naon neangan nu bener. Heug kawin nu bener. Lain ngacrud teu puguh!" pokna deui.

Kang Asruh masih keneh anteng nyerangkeun lalangit kamar.

"Kadenge Asruh?" ceuk Apih Sakri.

"Enya," tembal Kang Asruh, pondok.

"Sugan tina kajadian ieu aya hikmahna. Maneh eureun ngancrud ka awewe. Sok sanajan ari wiwirang mah tetep bae aya...," Apih Sakri ngarenghap heula sakedapan.

"Apih geus badami jeung lanceuk maneh, neangan mojang anu sakirana pantes keur maneh. Isuk-pageto urang nganjang ka imahna," Apih Sakri neruskeun omonganana.

"Uing mah can hayang kawin," Kang Asruh nembalan.
"Har?"
"Uing hayang keneh bebas ulin!"

"Hih, jadi kolot ngomong ti tatadi teh teu didenge? Kalah hayang tuluy ngancrud, hayang nambahan wiwirang kolot. Sakitu ku kajadian Nyi Dedeh ge sasat kolot teh geus teu boga beungeut!" Apih Sakri ngadadak nyeuneu.

Batan nembalan deui mah Kang Asruh teh kalah laju rumpu-rampa kana saku bajuna. Gorehel manggih roko, sabatang. Cekes roko teh diseungeut, diseuseup anca naker. Serebung haseup roko nyerebung tina baham jeung liang irung Kang Asruh.

"Kangaranan ulin mah moal manggih kaseubeuhan. Beuki dianteur kalah beuki lapar, beuki halabhab. Engke ge ari geus boga pamajikan, boga anak, bakal poho geura kana ulin mah. Katungkulkeun ku ngasuh pamajikan jeung anak," Apih Sakri nyarita deui.

Kang Asruh masih keneh nyerebung-nyerebungkeun haseup roko.

"Budak awewe anu rek dijodokeun ka maneh teh budakna bageur, jeung ceuk Apih mah rupana oge  kawilang alus...."

Kang Asruh henteu nembalan. Manehna kalah tuluy mareuman rokona anu karak satengahna diseuseup. Jung Nangtung, koreleng indit ka kamarna.

"Euleuh-euleuh, kolot ngomong teh kalah ngejat lain dibandungan sing bener! Rek ka mana deui?" sora Apih Sakri beuki nyeuneu.

"Dek sare...," tembal Kang Asruh.

Apih Sakri gogodeg.

*

Kang Asruh nangkarak di kamarna. Dua dampal leungeunna dipake anggel. Matana manteng kana lalangit kamar. Dina lalangit kamar bruh-breh narembongan rupa-rupa gambaran. Gambaran Ceu Dedeh lengkep jeung imut katut rindatna anu wuwuh matak pikalucueun. Tuluy beungeut Ceu Dedeh teh ngadadak jadi sepa, tina juru biwirna katembong aya budah ngalembereh....

"Dedeh, ku tega ari anjeun...," Kang Asruh ngagarentes. Teu karasa tina juru-juru matana ngalembereh cimata.

Laju mucunghul oge gambaran kajadian manehna keur leutik. Manehna jeung Ceu Dedeh remen pisan bareng ulin, anjang-anjangan. Dina anjang-anjangan manehna jeung Ceu Dedeh sok merankeun kahirupan hiji kulawarga. Manehna jadi salaki sarta Ceu Dedeh jadi pamajikanana. Ari nu sok jadi budakna reremenna mah Jang Cucu....

Bari nangkarak teh Kang Asruh seuri sorangan, inget mangsa manehna anjang-anjangan jeung Ceu Dedeh, keur budak. Harita mah asa nyaan manehna jadi salaki Ceu Dedeh teh, nepi ka tuluy mucunghul parasaan nu istimewa ka Ceu Dedeh. Harita mah manehna teu nyaho naon ngaranna rasa anu mucunghul tina dasarning kalbuna teh.

"Bapa, mun Ema indit ka kota Bapa rek milu?" ceuk Ceu Dedeh, harita.
"Rek naon ka kota?"
"Rek balanja."
"Balanja naon?"
"Balanja kokomporan jeung kakatelan, jang ajang-anjangan."
"Nya enya atuh rek milu," tembal Kang Asruh....

Tapi geuning ari kanyataan mah jauh tina anjang-anjangan. Waktu Ceu Dedeh dibawa pindah ka kota ku bapana, manehna bet henteu ngajak. Henteu bebeja-bebeja can....

Ti saprak Ceu Dedeh dibawa pindah ku bapana, Kang Asruh ngarasa leungiteun. Leungiteun batur anjang-anjangan. Tapi ari rasa nu istimewa ka Ceu Dedeh, rasa nu harita mah Kang Asruh oge  teu nyaho naon ngaranna, teu daek leungit.

Nepi ka nincak mangsa beger, gambaran wanoja nu aya dina uteuk Kang Asruh ukur aya Ceu Dedeh. Kang Asruh teu weleh nyiar jenglengan awewe anu mirupa Ceu Dedeh. Tapi tina sababaraha urang awewe anu dideukeutan ku manehna taya saurang-urang acan anu nyumponan angen-angenna. Nepi ka antukna Kang Asruh ngarasa prustasi. Rasa prustasina disalurkeun ku meh unggal usik gunta-ganti awewe.

"Da mun harita anjeun teu pindah ti ieu lembur mah, meureun kajadianana moal nepi ka kieu," Kang Asruh ngagerentes deui, bari angger matana mah manco kana lalangit kamar. Cimatana beuki kerep murubut.

Asa kakara kamari manehna manggih kaatoh nu taya hinggana, lantaran teu disangka-sangka Ceu Dedeh ujug-ujug mulang deui ka lembur sok sanajan kaayaanana rada pasalia jeung naon anu dipiharep ku Kang Asruh. Enya kapan Ceu Dedeh mulang ka lembur teh bari mawa status rangda!

Kaatoh Kang Asruh waktu Ceu Dedeh mulang deui ka lemburna saperti atohna budak anu manggih deui cocoan kameumeutna anu geus lawas leungit, sok sanajan eta cocoan kaayaanana geus henteu weuteuh. Atuh ti mimiti Ceu Dedeh pindah deui ka lemburna ge  Kang Asruh mah langsung bae lar-sup ka imahna.

Hanjakal karep Kang Asruh pikeun ngawujudkeun angen-angenna dina mangsa keur budak teh henteu mulus banglus, lantaran horeng anu boga karep mileuleuheungkeun Ceu Dedeh teh lain manehna wungkul. Rea lalaki anu kabongroy ku kageulisan jeung galehgehna Ceu Dedeh, nu di antarana bae Mang Iding.

Inget ka Mang Iding ngalantarankeun amarah Kang Asruh jadi hurung ngabebela. Kang Asruh kekerot. Dua dampal leungeunna tipepereket dipeureupkeun.

"Dasar jelema teu boga cedo. Pasti Dedeh nepi ka luluasan ge gara-gara maneh...," gerentesna.

Tapi Kang Asruh ukur kekerot jeung ngemu kaambek sorangan, lantaran jalma anu dipikaambekna taya di dinya. Atukna kalah kesang bae anu morolok kaluar tina saban pori-porina nepi ka bajuna cipruk ku kesang.

Kang Asruh wuwuh kacida ngarasa capena. Cape ku ambek nu kapegung. Cape ku rasa anu pagaliwota dina dadana sorangan. Tungtungna mah reup bae manehna sare....

Kang Asruh ngimpi anjang-anjangan jeung Ceu Dedeh, duaan, di palataran anu kacida legana. Kang Asruh ngumpulkeun rupaning dangdaunan kayaning daun kembang sapatu, daun katuk, daun mamangkokan, jeung sajabana. Eta dangdaunan teh dipasrahkeun ka Ceu Dedeh, laju ku Ceu Dedeh disiksikan laleutik, diwadahan kana kakatelan. Tuluy ditunda luhureun kokomporan tina seng.
"Masak naon sih?" ceuk Kang Asruh.
"Masak lodeh," tembal Ceu Dedeh, bari ngusrang-ngosreng dangdaunan anu aya luhureun kakatelan.
"Masak naon deui?"
"Tumis kangkung."
"Euleuh tiasaan Dedeh mah, masak tumis kangkung tina daun kembang sapatu," Kang Asruh emprak.

Ceu Dedeh teu nembalan. Anteng ngusrang-ngosreng dangdaunan dina kakatelan. (hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula