Sat, 19-05-2012
Carita Nyambung

Galuring Gending (8)

Pintonkeun di FB

APA kapilihna jadi kuwu teh meunang dua rintakan. Kahirupan masarakat di desa kuring memang loba parobahan; jalan jadi mulus, kantor desa reujeung aulana ngejenggleng matak reueus, pasar anu sanggeusna direhab jeung dilegaan jadi tambah kajojo. Katenjo jeung karasa ku balarea dina urusan eta mah. Tapi di sejen pihak, aya hal-hal anu matak (rada) tugenah; sakurang-kurangna kitu ceuk pandangan kuring. Enya ari kahirupan (sabagian) masarakat mah jadi moronyoy; nu baroga garasi mobil beuki nambahan, motor tingdorotdot tepi ka pasiringan anu jarolok, anteneu parabola, katut rupa-rupa sarana jeung fasilitas lianna. Tapi kuring ge ngajeueung deuih, dina kahirupan sapopoe geus loba anu robah; lain wae ukur semet tradisi reujeung budaya, tapi deuih lingkungan pilemburan. Ragaji senso bogana Haji Saad beuki ngagalaksak ngaprak ka siklakna, ka siklukna. Ayeuna mah di talun teh geus tara ngari tangkal kai galede. Karek ukuran sacangkeng mojang lenjang oge geus gancang­gancang dibajongkeun. Kebon awi beuki loba anu dibukbak, diganti ku cengkeh, da hargana keur pikabitaeun pisan, najan dina ahirna terus ngagejret teu katulungan. Tah, dina mangsana usum ngebon cengkeh, pasir jeung bubulak saralin jinis teh; lalening bari sakurilingna dipager kawat. Barang dipapaykeun, tetela loba nu geus ganti dunungan, pindah tangan ka urang kota. Tangtu wae jalma jarugala anu rek neundeun modal dina kebon cengkeh teh daratangna ngaliwatan heula desa. Blok ieu nu bapa anu, lamping itu kagungan si anu. Najan kamekaran desa kaitung pesat oge, tapi ari cacah jiwana mah teu loba undak. Lain, lain wae ku sabab patugas lapangan KB sukses ngahimpun akseptor, tapi rahayat pangeusi desa loba nu mariang ka kota, rek neangan pakulian, malah sawareh mah laludeungeun lunta ka Saudi sagala, jadi TKI jeung TKW, najan teu kurang anu katipu ku calo ogenan. Ramena teh ari dina mangsa lebaran, anu ngalumbara jul-jol daratang. Barudak papantaran kuring anu tamat SMA beuki nambahan, padahal tadina mah ukur hiji-dua. Ngan nya kitu, mun teu terus lunta ka kota, umumna mah ngalaligeuh we di lembur. Minangka rada nengtogna teh mun jadi tukang ojeg.

Nyaksian kawijakan jeung lengkah-lengkah Apa dina ngurus desa, kuring loba kateu-panuju, tapi tara ludeung terus jeung pokna. Saenyana rada saleuheung keneh ari semet ngaharewos ka Apa mah, asal ungkarana kudu milihan heula anu lalantip. Tapi lamun kudu nyarita ka Kang Parman atawa ka Kang Obing, terus terang, teu sanggup sieun engkena bakal nungtun kana pipaseaeun.

Tambah muncakna kateu-panuju teh lamun rek nyanghareupan Pemilu. Sakumna warga desa kudu saules-sapangabeuki. Ana ninggang dina ayana nu beda, geus pasti bakal dibibira. Jadi, henteu ngan semet dicirian wungkul. Kuring geus diajar di sakola, naon ari tujuan jeung hakekatna Pemilu. Ceuk cohagna, katalar tepi ka pasal-pasalna. Eta wae mun ngajawab sual dina ulangan jaman keur di SMA, peunteunna tara kurang ti dalapan. Tapi, antara persepsi kuring anu sumberna tina pelajaran jeung kanyataan anu langsung katenjo asa jauh tanah ka langit. Pemilu ceuk Pa Iik Koswara anu diterangkeun di jero kelas, jeung Pemilu ceuk pamadegan Apa, bedana kabina-bina. Komo sanggeus kuring loba icikibung di kampus mah, kateu-panuju kana lengkah-lengkah Apa reujeung talajak dulur di lembur beuki ngandelan.

Ngan nya kitu, ceuk kuring ge: teu bisa (loba) nyarita! Minangka anu dianggap rada sapamadegan teh iwal jeung Kang Girang. Jeung eta mah kuring sok rajeun bisa sawala, tur loba pamanggih anu tepungna deuih. Omongan kuring loba anu diheueuhan; malah manehna mah bisa nguatan ku hujah anu jolna tina kitab. Tapi ari lebah nyarita ka Apa mah, Si Akang ge sarua wae jeung kuring deuih. Komo deui meureun manehna ngarasa jauh jeung kurang loma ka Apa teh, da teu kungsi saimah tea; tepungna ge ukur saliwat-saliwat.

Najan matuh di Bandung, tapi kuring geus bisa noong, saha wae ti antara warga desa anu aya di luareun jalur Apa, pangpangna dina keur nyanghareupan Pemilu. Memang, maranehna tara aya nu wanieun nyarita entang-entangan, da ngan ukur semet haharewosan jeung papada anu saihwan, Tah, harewos maranehna teh ari ka kuring mah sok rajeun tepi. Rada aneh puguh ge, naha maranehna sok rada bruk-brak. Naha pedah kuring geus mahasiswa, tepi ka dianggapna beda, teu disakompet-daunkeun jeung Apa atawa lanceuk anu dua?

***

NYA ti Empah pangheulana kuring diajar ngibing teh. Kitu lah, kira-kira umur tujuh taunan. Jaman keur anomna, Empah teh ahli nayuban. Ketang, teu keur anomna wae, da ayeuna oge masih keneh rajeun ari sakalieun kaul wae, kaul wae mah. Empah pisan anu ngawanohkeun kuring kana gending. Ti antara lima sadulur, ngan kuring wungkul anu dianggap boga anleh kana rerengkenekan. Puguh ge rupa-rupa pangaresep kuring sadudulur teh. Nu cikal kana ngagambar, malah kungsi kuliah di seni rupa sagala. Hanjakal terus kandeg, sabab hirupna jadi tanpa daksa, satutasna tabrakan dina motor. Mun lanceuk nu kadua, kana gembrang-gembreng hihitaran gawena teh, tepi ka kungsi boga band sagala. Aa Buce mah karesepna sarua jeung adi anu bungsu. Minangka anu taya kaguam teh budak nu nomer opat. Teu katembong boga kabisa Nitnit mah, ari lain nguprek di dapur.

Saterusna kuring diajar deui ka Ibu Mira. Malah ku anjeunna teh make sina ngalalanyahan unggah ka panggung sagala; mun teu salah mah basa geus kelas opat.

Ti dinya, kuring ku Empah diwawuhkeun ka Um Sarino. Eta anu enya-enya ngasakkeun kuring mah, tepi ka ahirna kuring nempatan posisi bentang.

Ti Empah meunang katerangan yen Um Sar teh baretona kungsi saguru jeung anjeunna, najan ari umur mah sahandapeun. Um Sar ka Empah nyebutna "Akang". Bedana teh, Um Sar mah terus ancrub enyaan tepi ka meunang sesebutan ahli, sarta kabiruyungan boga sanggar sorangan, ari Empah ukur resep saharitaeun; jaman keur anomna wungkul. Pakumpulan anu diluluguan ku Um Sar memang geus boga ngaran; remen manggung dina acara baradag. Keur mah memang geus sohor, katurug-turug Um Sar teh nyekel jabatan di instansi anu remen nguruskeun seni-budaya.

Najan henteu bolostrong teuing, da geus boga bekel ti Empah jeung ti Bu Mira, waktu munggaran milu ka rombongan Um Sar mah kuring teh ukur jadi anak bawang. Tapi lila-lila, sanggeus ditebus ku diajar soson-soson, mimiti wae rada ngarangsod. Malah ku Um Sar remen dipuji, pajar kuring calakan. Kuring mimiti dibere peran penting, tur remen dipasang dina pagelaran, disajajarkeun jeung murid nu geus senior.

Ku anu karek wawuh saliwat mah, mun dititah naksir umur Um Sar teh tangtu bakal loba nyalahan. Eta tuda gandang keneh, tegep keneh, bubuhan hade piara bari kasartaan ku dunya. Moal eleh kewes ku pamuda umur tilu puluhan, tur padahal Um Sar teh geus ampir kapala lima. Jangkung-bangbang hese neangan cawadeunana. Buuk galing hideung meles bari gomplok. Jaba deuih sora; sora lalaki sajati tea, ngagerem semu beurat. Minangka cawadeunana teh dina palebah huntu, lantaran geus aya sababaraha hiji anu palsu, bari terus nungtut marekplekan. Tapi keun wae da eta mah bisa diakalan supaya henteu katara. Ari dedeg-pangadeg, keureutan beungeut, pasemon, sorot panon, ah, lain ceuk kuring wae, hese neangan anu gorengna. Eta geura ari geus di panggung, ceuk saha we Um Sar teh geus boga anak parawan, malah tereh minantuan. Darehdeh jeung akuan deuih. Najan karek wawuh sakali ge geus bisa terus gepyak, pikaconggaheun; sanajan ari keur ngalatih mah kacida kerasna, sok nyentakan, malah sok maledogkeun korek api. Teu kaop aya nu salah metakeun gerak atawa lengkah, ngahaokna teh lain lumayan; matak tinggar kalongeun ceuk nu bohong mah. Ngan alusna teh ambekna ukur saharita wungkul. Ari geus beres latihan mah nya sok biasa deui we; tara nyesakeun bendu jeung kakeuheul, komo mun tepi ka ngunek-ngunek.

Dina kagiatan sanggar, kuring rada diistimewakeun. Bisa jadi meureun pedah ka putra Empah; sobat Um Sar ti bubudak. Raketna kuring jeung (kulawarga) Um Sar teh henteu ngan sawates ari keur aya di sanggar wae, sabab ka lingkungan imahna ge sok lar-sup. Malah mun aya latihan peuting-peuting mah, biasana ari keur ngangsitkeun sawatara poe deui ka pagelaran, kuring sok milu ngendong. Teu beda ti Um Sar, pamajikanana oge, Tanteu Ros, sarua bageurna; kuring tara disaha-saha. Tanteu Ros remen teteleponan jeung Emah.

Basa kuring geus aya kana tilu taunna jadi anggota sanggar, Um Sar dipromosikeun naek jabatan di instansina. Tetela, ieu jabatan anyar Si Um teh gede pisan pangaruhna pikeun kamekaran jeung nanjungna sanggar, sabab Um Sar bisa milu ngatur rupa-rupa kawijakan di huluwotanna; henteu ngan ukur di tingkat provinsi, tapi deuih boga akses husus jeung di tingkat dirjen, malah boa menteri, ketang! Nyao kumaha ari carana mah, ngan nu sidik order manggung langka saatna. Pagelaran di ditu, pagelaran di dieu. Kitu deui dina lebah dana bantuan ti pamarentah, anu ngocor ka sanggar Um Sar tara put-pot. Bisa jadi posisi Um Sar memang strategis, tepi ka bisa logor hubungan ka mamana. Bisa asup ka departemen anu, bisa nempel ka instansi ieu.

Order manggung beuki lega, beuki ningkat. Malah dina ahirna mah tembus ka mancanagara. Tangtu wae kuring kudu salawasna dibabawa, da geus kaasup kana jajaran primadona. Antukna urusan sakola jadi kateler-teler. Lain teu hayang eta ge neruskeun ka paguron luhur, tapi saban dina mangsana testing, kuring sok keur kabeneran aya di luar negeri. Taun kahiji ti salulusna SMA, keur muhibah ka Kualalumpur. Basa dina taun kaduana, keur manggung di Sydney. Geus kitu mah nya cul wae kapopohokeun; kuring totomplokan museurkeun perhatian kana urusan panggung.

*

Bangkok, Amsterdam, Braunschweig, Kopenhagen, Paris, Vancouver. Geus, geus kungsi kaambah, kungsi kaseuseup hawana. Pamandangan nu halegar dina musim semi, lalayaran di walungan bari nyawang endahna Venesia, ngadon dipotret bari make kostim pamayang tradisional Walanda, atawa nyaksian rupa-rupa modeu anu keur dipigandrung ku mojang Perancis.

Jauh lalampahan, ubek-ubekan kukurilingan, dipirig wirahma gending. Panggung demi panggung, kota demi kota, ngalalana saba buana. Hiber-nyirorot, kakalayanganðteuteuleuman; nguyup amisna hirup, tapi ahirna katotor jeung pait-paitna. Singhoreng antara madu jeung hamperu teh anggangna ukur samata tinunan nyamu, atawa boa-boa lir lusi jeung pakan anu terus dalit ngajadi boeh rarang. Kitu anu kaalaman ku kuring; pikeun nu lian mah biheung sarua. Saragana-sanyawana, sapangalamanana sewang-sewangan, palias sarua hancengan.

Umur tacan nincak salikur taun, kuring geus bisa ngambah mancanagara. Jadi duta seni-budaya, kitu ari ceuk dina proposalna mah, bari diembohan ku: "pikeun ngawanohkeun beungharna Nusantara". Saha nu teu reueus, saha nu teu atoh. Lain wae kuring tangtuna ge, tapi deuih indung-bapa katut dulur-baraya. Sung-song pangwilujeng, tandaning milu bungah ka anu keur bentang terang.

Ah, Sarah geus jadi bentang panggung. Gending ngagaluring, tingkaretip bentang di wiati. Gending tabeuhna nayaga, gending langit, gending ati; jadi kuwung-kuwung nu sumirat warna-warni.

Sarah ngalanglang mega.

"Ieu teh Enden Sarah putuna Kangjeng Dalem suargi tea," kira-kira kitu batur ngaromongna, mun pareng manggihan potret kuring dina koran atawa majalah.

Sarah geus jadi kareueus balarea; henteu ngan sawates nu warawuheun ka susungapan kulawarga Eyang wungkul, lain ngan ukur sobat Emah atawa Empah wae.

"Pantes atuh masing rek kampiun dina seni oge, kapan aya teureuh ti girangna. Piraku wae pencaran kadaleman teu kitu-kitu acan mah," anu sejen mairan.

"Jeung deuih mani sakieu geulisna; jangkung leutik ngajalantir, salirana ngalampanyat."

"Rek geulis oge pantes deuih ...."

Raeng nu ngaralem, rame nu maruji. Kuring beuki nanjung, ngaderengdeng maju ka puncak.

Eta kabeh minangka maduna hirup, anu ku kuring geus kauyup samemeh enya-enya nincak sawawa. Kuring mabok popularitas; lir nu dikarbit! Nu jadi udagan hirup ukur guluburna dunya nu sing sarwa hurung-herang. Hirup asa kaanteur, tanpa aya pangenyed, tanpa aya panggeuing. Rasa maneh keur boga ngaran, teu engeuh yen hirup di dunya panggung loba gogodana, loba burangna; malah reujeung baruangna.

Kitu anu karandapan ku kuring; Sarah tea. Mayungna ngaran, dina ahirna kudu ditebus ku pangorbanan anu mahal kacida; pangorbanan hiji wanoja, anu terus jadi ceda sapanjang sajarah hirupna. Enya, dina hiji peuting, waktu keur milu kana rombongan ngalanglang buana, kuring ahirna kapaksa nyumponan kahayang Um Sar. Enya, nyumponan kahayang hiji lalaki, anu saenyana geus diteundeun dina tempat istimewa; minangka gaganti bapa.

Kuring ge hemeng; naha harita bet leah? Naha pedah Um Sar geus loba pisan jasana dina lebah ngangkat ngaran kuring di dunya panggung? Atawa pedah jadi idola? Atawa lantaran rasa mokaha, bari dirojong ku suasana? Atawa diparabunanðdiparancahan heula? Atawa ..., atawa ...? Ah, kuring teu bisa nyieun hiji kacindekan. Nu jelas mah, ti mimiti peuting harita, dina "bagian" awak kuring geus aya nu robah, geus aya nu leungit, atawa naon wae kasebutna; nu puguh mah geus lain deui parawan. Kasucian kuring geus digunasika, anu saterusna mah lain peuting harita wungkul.

Moal bisa dipungkir, enggeusna mah kaduhung leuwihðleuwih ti sagede gunung. Naha bet bisa kaolo? Naha bet ngamumurah diri sorangan? Naha bet bodo-boloho? Naha ..., naha ...? Kuring teu manggih jawaban. Eta rasa kaduhung teh tiba diupahan ku sorangan; sama sakali taya niat babagi jeung anu lian.

Naon anu jadi dasarna harita bet daek? Cinta? Jelas lain. Minangka bakti jeung hormat tilawat ka anu jadi guru jeung anu geus ngangkat darajat? Ah, tapi naha bet kudu ku cara kitu. Musibat atuh? Ke, ke, naon ari nu disebut musibat? Kungsi soteh ngadenge ukur dina pelajaran agama di sakola, kitu ogenan saliwat. Wawales boa? Tapi ah, wawales tina alatan naon? Kuring mah asa tacan kungsi nganyerikeun batur. Nasib atuh? Atawa, naon?

Kuring keukeuh teu manggih jawaban. Rupa-rupa faktor anu ngalantarankeun tumibana eta kajadian, kabeh oge disaliksikna ukur tina sudut pandang nu museur ka diri sorangan. Teu, teu dipatalikeun jeung atawa ka diri nu lian, anu geus milampahna;  nyatana Um Sar.

Ngan ka dieunakeun, sanggeus kuring bisa mikir kalawan dewasa, sanggeus pangalaman beuki nambahan, sanggeus ngumpulkeun rupa-rupa informasi, kakara wae aya remengðremeng kacindekan anu bisa dirarampa; yen anu tumiba ka diri kuring; husus pikeun sadiri-kuringeun heula we ieu mah, mangrupa hiji konsekuensi tina kahirupan dunya panggung anu katembongna ka luar mah murub mubyar jeung baranang ku bentang.

Naha panggungna anu salah? Ah, lain. Anu sidik salah mah manusa-manusana; dunya panggung dimangpaatkeun pikeun nganteur kasuka anu ngamuara kana napsu birahi. Ka dieunakeun, kuring mimiti enya-enya beunta yen anu ngarandapan pangalaman kawas anu tumiba ka kuring teh horeng lain kuring wungkul, najan ari lebah motivasina mah beda-beda. Awewena lain kuring wae, lalakina lain Um Sar wae. Eta mah kari nangtukeun rek jeung saha sukana. Kitu ceuk beja anu tepina ukur semet diharewoskeun. Lebah bener-henteuna mah duka teh teuing. Ngan mun tea mah enya kitu, horeng di satukangeun panggung teh aya "kabebasan".

Anehna teh, naha bet karek ka dieunakeun, sanggeus kajadianana tumiba, kuring mimiti engeuh kana rupa-rupa peristiwa dina kahirupan di satukangeun panggung teh. Horeng anu kuring nyaho mah karek luarna wungkul, tacan apal ka jeroðjerona. Pangna kitu teh bisa jadi lantaran tadina kuring tara openan kana omongan batur anu mimindengna mah ukur dina haharewosan. Atawa mungkin wae sabab kuring teu boga pikir rangkepan. Kuring mah nempo kagiatan di sanggar, nempo panggung, nempo Um Sar teh ngan ukur tina seni, ngan ukur tina hiji sisi. Tur padahal, loba keneh sisi sejenna anu teu (pati) patali jeung garapan utama dina budaya, anu luput tina paniten kuring. Rupa-rupa katerangan nungtutan karekam, anu dina mangsa ka tukang-tukang mah teu kungsi kapirosea.

Sakapeung kuring tumanya, boa enya aing teh "sarah" tea; sakumaha ceuk katerangan guru basa Sunda jaman sakola di SMP: ari sarah teh nyaeta runtah anu kabawa palid di walungan. Naha perbawa ngaran kitu, tepi ka diri sorangan geus ngarasa jadi "sarah" dina harti anu bieu? Tapi ketang, naha make kudu neumbleuhkeun kana ngaran. Geuning loba anu ngaranna alus tapi patukang tonggong jeung kanyataanana, jeung laku lampahna. Ongkoh Setyawati, tapi gawena ngan nyelewer wae. Ari ngaran Sukarya, tapi taya pisan gadag. Geus puguh ngaran Nurjanah, tapi resep kana rucah. Rahayu tapi geringan, Raharja kalah katalangsara, Darmawan koretna kabina-bina, Mulyana katideresa, Ahmad Ghalib, Citraresmi, Somantri, Budiman ....

Nu salah mah lain ngaran, tapi pribadi nu miboga eta ngaran. (hanca)

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula