Robah
Ku Nur
Waktu. Teu weleh asa ngudag-ngudag. Itu-ieu sieun teu kaburu. Rarasaan sapoe sapeuting teh asa samporet pisan. Padahal, ti bihari nepi ka kiwari ge angger we sapoe sapeuting mah 24 jam. Teu kurang teu leuwih. Ceuk ajengan nu di pangajian, kacida rugina jalma nu teu bisa ngamangpaatkeun waktu. Iwal jalma-jalma nu silih wasiat dina kahadean jeung kasabaran. Ana diitung-itung, palebah diri sorangan jajauheun kaasup jalma nu resep silih wasiatan dina kahadean, kawantu waktu beak ku nguruskeun pagawean.
Jam sapuluh peuting, kaayaan mimiti simpe. Ukur tik-tekna jarum jam nu kadenge. Barudak geus talibra. Kaasup Si Bungsu nu bieu memeh sare rewel heula. Hayang ka bapa. Diupah-apeh teu daek repeh. Repeh-repeh sanggeus pangalakeun cakcak ku lanceukna. Nya tonggoy ngome cakcak dina plastik nepi ka reupna sare. Rada ari keuheul mah ka salaki, enya bapana budak. Jangji rek balik sore keneh nepi ka wayah kieu can jol keneh we. Saleuheung mun teu boga jangji, pan ieu mah pangna Si Bungsu rewel ge pedah dijangjian rek dipangmeulikeun kado. Enya, Si Bungsu teh kamari umurna panceg 5 taun. Enya kuring ge milu salah. Bet ngadak-ngadak poho. Inget-inget basa balik ti pagawean Si Bungsu mangloh majar mani teu ngado-ngado acan cenah, komo dirayakeun mah. Kuring sasadu tur ngajangjian rek mangmeulikeun, tapi bapana nyanggupan, keun cenah kado mah ti Bapa da rek nu istimewa.
Keur jongjon ketak-ketik dina komputer, rongheap Reni, adi kuring.
"Teh...," cenah. Gek diuk gigireun.
"Can sare, Ren?" ngareret meueusan.
"Teu acan tunduh. Tadi teh Mamah ka dieu..."
"Enya Teteh ge apal ceuk Tita, terus kumaha?"
"Mamah ngontrol bumi, majar mani kalotor komo dapur mah. Mamah naros ari Teteh uihna sok tabuh sabaraha mani teu kabujeng merhatikeun bumi nyalira..."
"Ku Reni dijawab kumaha?"
"Nya saayana atuh, Teteh uihna sok sonten wae malih seseringna wengi."
"Terus nyarios naon deui?"
"Tita, Diki, jeung Ari diibakan bari teu weleh nyarios cenah barudak mani darekil. Mun diijinan mah sina jeung Mamah we di ditu cenah"
Reg leungeun nu titatadi mencetan tuts eureun, ret deui ka Reni. Pasemona alum.
"Ku naon bet Reni nu pusing?"
"Mamah ngomat-ngomatan sangkan mun Reni geus nikah. Reni mah ulah kawas Teteh, ulah teuing damel cenah. Istri mah bageana ngurus rumah tangga"
"Ku sakitu Reni bangun nu sedih naker teh?"
"Sanes kitu wungkul. Langkung ti eta Reni ngaraos hawatos ka Mamah. Mamah teh kawas nu kaleungitan pisan. Cenah rek iraha teteh siga teh Aneu anu kapungkur deui?"
"Har, emang Teteh nu ayeuna kumaha kitu?" kuring kerung, asa teu ngarti ku omongan Reni.
"Saur Mamah, Teteh tos robih pisan. Cara nu sok aya dina sinetron, tos hilap ka kulawarga, komo ka Mamah mah," luk Reni tungkul, kawas nu sieun ku paneuteup kuring.
Sakedapan kuring ngahuleng. Robah? Kuring geus robah? Palebah mana? Asa sakieu-kieuna.
"Cik pok sugan Reni apal, palebah mana Teteh geus robah teh?" beungeutna diteuteup beuki seukeut.
Memeh nembal katembong ngarenghap heula.
"Saur Mamah kapungkur nuju Tita alit acuk ge tara meser janten, teteh sok rajin ngaput nyalira tapi ayeuna mah nyisian lap tangan ge meni ngengken. Teras palebah masak, kapungkur mah teu kaop ningal resep enggal sok teras dicobi tapi ayeuna keur taruang sadidinten ge seseringna meser asakan."
Ceuli tidengdek-dengdek ngadengekeun omonganana.
"Mamah nangis waktos ningal daun sampeu pangirim Mamah nu tos garing. Ngahaja Mamah ngintun teh pedah sakaterangna eta karesep Teteh. Cindekna, Mamah ngaraos teu dihargaan...."
Leng kuring ngahuleng. Ras inget tilu poe katukang aya ojeg titahan Mamah nganteurkeun lalab daun sampeu mani saudug-udug. Satadina rek tuluy diasakan, tapi kamarina aya acara dadakan di kantor. Kapaksa ngalembur nyieun persiapan. Lat we poho kana urusan daun sampeu teh nepi ka garingna.
"Bejakeun ka Mamah, hampura Teteh, lain teu narimakeun, lain teu ngahargaan ngan teu kasiwer. Sing ngarti we atuh, pan Teteh mah jalma ripuh."
"Eta pisan nu ku Mamah dipermasalahkeun. Saleresna cenah Mamah palay nyarios langsung ka Teteh, ngan teu daek aya waktos. Aya perkara penting nu ku Teteh teu kaperhatikeun gara-gara sibuk teuing di luar."
"Asa teu ngarti Teteh mah. Tina bab daun sampeu wae mani kawas nu seurieus pisan," jung kuring nangtung, asa cangkeul birit ti tatadi diuk.
"Eta mah ukur salah sahiji bukti tos robahna pribadi Teteh. Aya deui nu ku Mamah dipikahariwang. Kang Dani, kamekaran barudak, sareng kedekatan Teteh jeung Kang Yus" pokna halon. Sabalikna kuring curinghak.
"Emang kumaha ari Kang Dani? Barudak? Terus Kang Yus, bet mani matak lieur?" peupeuteuyan Reni digeubigkeun. Katara manehna murungkut.
"Reni ge teu terang. Ieu mah saur Mamah. Kang Dani teu kaurus. Kaperyogianana cekap disayogikeun nyalira. Tingal geura ku Teteh, sering pisan lancingana teu nyambung warnana sareng kameja. Barudak deuih, utamina Tita, sering protes tara pisan diajak jalan-jalan. Jenuh cenah kedah diajar wae..."
"Terus Kang Yus, ku naon dipermasalahkeun?"
"Mamah hariwang ningal Teteh beuki raket jeung Kang Yus ngalangkungan raketna jeung Kang Dani. Di luaran cuw-cew cenah majar Teteh aya affair jeung Kang Yus"
"Ya ampun, gosip ti mana tateh, Ren? Mani sadis kitu. Reni ge apal pan Kang Yus teh batur sakantor, nya wajar mun sering babarengan da keur urusan kantor ieuh, ulah sok digegedekeun ah ari nanaon teh!" awak asa ngeleper. Napsu kapegung.
"Nu sanes mah tuda ningali luarna wungkul. Mana kitu ge kaakraban Teteh tos kaleuleuwihi..."
"Geus ah Ren, Teteh mah kalah lieur. Jung we geura sare pan isuk kuliah lin?" cekeng, tungtungna. Jung Reni nangtung. Kalayan teu ngareret heula, koloyong kaluar ti kamar. Kuring ngarenghap jero. Blug panto ditutupkeun. Teu pupuguh hate jadi marudah. Saeutik gedena omongan Reni jadi pikiran. Najan umurna karek 21, tapi kuring ngaku dina sababaraha hal Reni leuwih dewasa batan kuring.
Kolebat waruga Kang Dani. Ampir unggal isuk nanya mana baju nu pantes jang ngantor, sok dijawab kumaha karep we, sadaya pantes jang Kang Dani mah. Ngomong kitu teh tamba henteu teuing, pedah embung kaganggu da sorangan ge keur dangdan rek ngantor. Ras ka Tita, Diki, jeung Ari. Geus aya tilu taunna teu dibawa pelesir. Paling-paling diajak balanja, kitu ge arang langka. Geus sababaraha kali ngerewih majar batur mah unggal saptu sore pelesir sakulawarga. Ku kuring ukur dijangjian ke ari aya waktu nyalse. Tapi memang waktu nyalse teh teu aya wae. Ampir unggal ahir minggu sok aya wae pagawean rengsekeuneun.
Kolebat deui Kang Yus. Sobat kantor. Bageur, kasep, pinter deuih. Pribadina pikayungyuneun. Pinuh perhatian tur salawasna ngayunkeun kahayang kuring. Teu aneh mun kuring ngarasa cocog jeung manehna. Ka mamana teh weleh dianteur. Disagigireun eta, manehna tempat curhat nu merenah. Tara nyawad jeung tara loba komentar ari lain nu matak pikagenaheun kana hate. Aya affair? Ah, palebah mana. Mun kudu jujur memang kuring resep ka manehna, simpati lah meureun kasebutna, kitu deui manehna. Karasa kanyaahna. Tapi pan salila ieu boh kuring boh manehna tara ngalakukeun hal-hal nu kaluar tina papagon agama. Sabab saeutik gedena nyaho kana hukum jeung sadar duanana pada-pada geus rarabi.
Peuting beuki simpe tapi pitunduheun beuki laleungit. Naha enya diri geus robah? Weleh taya jabawan.
***
Imah karasa simpe. Barudak tiluanana dibawa ku Mamah basa kuring di kantor keneh. Padahal isuk lain poe pere ah, bener-bener sabotaseu indung teh. Tadi dina telepon ukur bebeja barudak dibawa rek sina reureuh. Aya-aya wae. Asa keuheul ku sikep indung sarupa kitu.
Asa teu puguh cicing di imah bari nyorangan. Teu biasa deuih beurang-beurang aya di imah. Gap kana gagang telepon. Puncat-pencet sakeudeung.
"Halow, Aneu, aya naon? Bisa-bisa, ke tungguan nya..."
Rengse cacarita sok deui gagang telepon kana tempatna. Durugdug ka kamar. Gesat-gesut dangdan. Selang 15 menit geus nangtung di buruan. Teu lila reg mobil hareupeun.
"Ka mana yeuh?" bray panto muka.
"Ka mana we...," kalacat naek. Gek gigireun lalaki nu bieu muka panto mobil. Kang Yus.
"Ku naon atuh mani kusut kitu, uih perang nya?" tanyana bari ngahirupkeun mobil. Teu lila geleser maju.
"Sebel tuda, jalma-jalma teh mani so ngalatur," kuring camberut.
"Ke ke ke, saha nu sok ngalatur teh, perasaan Kang Yus mah pengertian pisan?" nyaritana dibarengan imut. Imut nu mawa tingtrim kana hate. Tah kieu mangpaatna boga Kang Yus teh.
"Mamah..., asa teu ngarti ku sikepna. Ujug-ujug ngaributkeun hal nu teu pira. Majar An geus robah, lain An nu baheula deui. Naha teu meunang kitu urang aya parobahan ka nu leuwih maju? Teu lucu geura, barudak dicandak ka bumina majar sina reureuh padahal lain usum libur, ti dituna mah nembongkeun perhatian pedah angkeuhanana salila ieu budak teh kurang perhatian indung," lageday sirah kana panyarandean.
"Kitu nya? Deudeuh teuing behna mah nu geulis teh nuju seueur problem nya?" manehna ngareret. Kuring anggur ngagedeud. Jeletot pingpingna diciwit.
"Ulah cawat-ciwit di dieu, bahaya."
"Bae ah, bongan kalah nyeungseurikeun, lain berpartisipasi"
Kang Yus ngadadak ngerem mobilna.
"Aya naon?" kuring culang-cileung.
"Kang Yus teu tiasa nyetir bari ningal nu sedih, komo nu ngambek mah. Bisi kapangaruhan, ke teu katingali jalan pan urang nu cilaka," pokna, bari nyarandekeun sirahna kalayan diganjel ku dua leungeunna. Kuring teu lemek. Sora Novia Kolopaking nu halimpu ngagalindengkeun lagu asmara. Melas-melis matak kagagas.
"Pok ayeuna nyarios, sugan Kang Yus tiasa ngabantu."
"Nyah eta, nu bieu tea?"
"Ngan sakitu?"
Kuring unggeuk.
"Cetek atuh sakitu mah, sugan teh rek dicandung ku Kang Dani," cakakak seuri.
Deui-deui leungeun kuring ngajembel pingpingna. Keuheul.
"Ceuk Akang ieu mah, Mamah teu lepat. Eta minangka bukti kanyaah ka Aneu. Sakuduna Aneu sukuran dina umur nu lian rumaja deui masih keneh diperhatikeun ku indung," nyaritana mimiti daria.
"Tapi carana teu pikaresepeun. Matak naon mun nyarita langsung ulah ngaliwatan Reni..."
"Langsung atawa teu langsung sarua wae. Tong dipersoalkeun. Ti mimiti ayeuna urang kudu diajar neuleuman hate batur, ulah tonggoy dina karesep sorangan."
Meg, asa aya nu neunggar kana angen. Panon neuteup beungeut Kang Yus. Bet ngolebat beungeut Mamah.
"Kang Yus nyaah ka Aneu. Sarua kawas kanyaah Mamah. Tapi cara Kang Yus dina mikanyaah Aneu salila ieu salah. Kang Yus sok ngayunkeun sagala kahayang Aneu, kaasup nganganteur ulin kaditu-kadieu di luar jam kantor, tanpa sadar eta teh bibit-buit tina kahancuran rumah tangga Aneu."
"An teu ngarasa rumah tangga hancur!" kuring nyeuneu, "Hubungan jeung Kang Dani biasa, barudak nya kitu deui. Jamak we atuh ari aya masalah sautak-saeutik mah, teu kudu digegedekeun."
"Kang Yus remen nguping Aneu ngeluh teu betah cicing di imah, eta teh masalah keur istri mah. Istri teh ratu rumah tangga. Ari ratu teh tukang ngatur. Kumaha jadina mun ratuna sorangan geus teu ngarasa betah, pisakumahaeun teuing ra'yatna," sora Kang Yus. Beuki daria. Enya, teu bireuk. Sora nu remen ngeusian pangdenge. Tapi naha asa beda? Asa lain Kang Yus. Kuring meureumkeun panon. Museurkeun perhatian kana naon-naon nu bieu diucapkeun.
"Atuh jadi An teh kudu kumaha?"
"Sederhana pisan. An kudu betah cicing di imah. Insya Alloh hubungan jeung barudak, Kang Dani, katut Mamah bakal harmonis. Masalahna ukur kurang komunikasi"
"Kang Yus, ti iraha tiasa mapatahan?" panon diteuteup. Manehna malik neuteup.
"Ti Mamah An"
"Naon? Ti Mamah?" teu wudu ngajenghok.
"Tenang An, emang Mamah pernah sumping ka Akang, menta sangkan Akang saeutik-saeutik ngajauhan An sabab hariwang ningal hubungan urang nu beuki raket. Mamah teh mani ceurik-ceurik. Tah ti dinya Kang Yus jadi mikir yen salila ieu Kang Yus salah."
"Tapi kan urang mah...? Teungteuingeun Mamah mani nepi ka kitu, An mah ngarasa teu genah pisan..."
"Cuang petik hikmahna wae. Enya urang lain naon-naon. Ukur sosobatan. Tapi ceuk nu ningali mah teu kitu. An boga salaki, Kang Yus boga pamajikan, salah gede mun urang terus reureujeungan."
"Jadi Kang Yus teu rido salila ieu ngabarengan An?"
"Lain masalah rido jeung teu rido. Malah mun wae An lengoh, lain ukur rek dibarengan tapi rek dilamar."
Kuring ngarenjag. Aneh.
"Ulah kaget. Nu jelas Kang Yus nyaah ka An. kang Yus hayang ningal An meunang kabagjaan nu sajati...," sorana mingkin halon.
"Nu kumaha kabagjaan nu sajati teh, jeung di mana ayana?"
"Kabagjaan sajati hiji istri nyaeta nalika kumawula ka salaki nu sah sarta kulawarga nu lengkep."
"Kang Yus teu keur nyindir?"
"Memang. Kang Yus keur nyindiran diri sorangan. Terus terang wae An, salila ieu Akang ngarasa bagja mun keur babarengan jeung An, tapi ana dirarasakeun behna mah eta teh kabagjaan semu, da di sagigireun eta Akang sadar naon nu dipilampah teh salah. An milik batur. Karasa, mun pajauh ti An kabagjaan sarupa kitu teh leungit"
"Ah, an mah weleh teu ngarti..."
"Teu perlu ngarti ayeuna. Nu penting pikeun mapag kabagjaan sajati An kudu daek ngarobah diri An jadi An nu asli..."
"Har, naha An nu ayeuna palsu kitu?"
"Kitu ceuk Mamah, da ari Kang Yus mah ukur terang An nu ayeuna. Tapi urang kudu yakin panon hate indung mah leuwih seukeut batan mata pedang."
"Kang Yus..."
"Hm?"
"Jadi urang teh teu meunang deui babarengan?"
"Kana kitu, sabab Kang Yus geus jangji ka Mamah"
Simpe. Panon beuki tipepereket peureum. Aya sora-sora nu arasup kana ceuli. Sora Mamah basa nyosok jero nanya saha ari Kang Yus, Reni nu sering ngiritik pakean kuring nu cenah modis teuing. Kang Dani basa nananyakeun dasi. Tita, Diki, Ari nu hese pisan nurutna. Dedengean jadi tingjarengeng teu puguh. Beuki matak teu pikahartieun. Dina palebah mana salahna diri teh? Salila ieu, barudak kaurus. Prestasina hade da puguh diilukeun kursus itu-ieu. Kang Dani, asa biasa, unggal poe balik najan peuting-peuting wae. Atuh kuring babarengan jeung Kang Yus, da taya maksud nanaon. Sirah mimiti karasa rieut. Teu, teu ngarti. Tapi kuring hayang ngarti. Jigana, perlu waktu husus keur mikiranana.
"Kang Yus, kersa sakali An nyungkeun tulung?"
"Har, naha nyarios kitu. Aya naon?"
"Sigana An kedah ngemut dina suasana nu bener-bener tenang. Pangdamelkeun surat permohonan cuti, enjing titipkeun ka Titin sina dika Pa Rusdikeun."
"Rencanana bade di mana cuti?"
"Duka. Can kaemut. Ongkoh diwartoskeun mah kuriak Kang Yus nyusul," belenyeh kuring seuri. Seuri pait. Kitu deui Kang Yus. Kabayang, beuratna kudu pajauh jeung manehna. Najan masih sakantor, tapi teu bisa deui laluasa indit-inditan babarengan.
"Permios, An lungsur di dieu wae."
"Har, cenah bade..."
"Hus, Kang Yus nu miharep urang ulah sering babarengan."
Manehna ngarahuh.
"Sanes Akang, tapi kaayaan. Dijajap ka bumi we atuh nya?"
"Teu kedah, pan urang kudu diajar pisah."
Dikitukeun teu lemek. Ukur paneuteupna teu lesot-lesot. Bray panto muka. Jrut kuring turun. Daligdeug. Awak asa limbung.
"An, ati-ati...," Kang Yus nolol tina jandela mobil. Geus kitu mobilna ngageleser maju.
Hate nyereset. Peurih. Gusti, naon sabenerna nu geus tumiba ka diri teh atuh? Asa loba nu teu pikahartieun, naha enya kuring geus robah?
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaAi Yuliasih ngomentaran:
Lenyepaneun kanggo istri nu sibuk ku padamelan