Sat, 19-05-2012
Kingkilaban

Pangurus KPAE teh 70% Wanoja

Pintonkeun di FB

Ku: Nana Soerakoesoemah

Kitu saur Ibu Hajjah Nana Soerakoesoemah anu dalitna mah sok disarebat Ibu Maman. Ibu Hajjah Nana Soerakoesoemah taun ieu kapilih sacara aklamasi jadi Ketua Umum KPAE (Keluarga Pensiunan Arcamanik Endah) ngagentos Dr. Machyar Djamhur. KPAE anu diadegkeun taun 1995 di Kelurahan Sukamiskin Kacamatan Arcamanik teh, numutkeun Ibu Maman anggotana 200 urang. Eta teh para pangsiunan ti rupa-rupa pausahaan sewasta, instansi Pamarentah Daerah jeung pusat. Malah pangsiunan badan ninternasional oge aya, saur Ibu maman anu pangalaman puluhan taun di luar negri, panglamina di Pilipina. Malah di Pilipina Ibu Maman anu rancage ngiring kapangurusan Palang Merah nyarengan Imelda Marcos. Ririunganana teh di karaton Malacanang nu mashur tea.
Ari kagiatan utama anggota KPAE, pangpangna pisan ngajaga kasehatan jasmani jeung rohani, sering ririungan silih bebenjokeun, suka seuri gogonjakan. Pangpangna pisan kagiatanana teh sosial jeung silatrurahmi, ngaraketkeun kakulawargaan di antara para pangsiunan. Dina metakeun kagiatan sosial kacida eungeuh jeung padulina ka masarakat leutik. Pangpangna  para tatangga anu marangkuk di lembur-lembur anu tapel wates jeung Komplek Arcamanik Endah. Sering  mere  bantuan-bantuan soaial, boh pendidikan boh mantuan waragad  ka masarakat anu kudu tatamba ka rumah sakit jeung sajabana.

Katompernakeun  Desember 2008 lumangsung acara seren sumeren kapangurusan  heubeul ka nu anyar, ti Dr. Djamhur ka Ibu Hj. Nana Soerakoesoemah, acara dilangsungkeun di bumi kulawarga Pa Maman Soerakoesoemah Jl.Golf Barat XII/13 Arcamanik Endah diluuhan ku Dra Popong Otje Djundjunan pupuhu Pasundan Istri, anggota DPR-RI manten anu ayeuna maju deui jadi Caleg ti Golkar Jabar keur DPR-RI.
Lurah Sukamiskin oge nyaksian acara seren sumeren kapangurusan KPAE, saur Ibu Otje dina biantarana, tarekah nanjeurkeun harkat  martabat wanoja Indonesia teh  beda jeung gerakan emansipasi di Eropa. Di urang mah tujuanana teh pikeun jadi partner kaum Bapa anu kualitasna sajajar bari tetep ngariksa kana karaharjaan kulawarga.  Bu Popong ngomat-ngomatan sangkan  sakumaha ngagedurna sumanget ngudag ambisi, tapi tetep kudu tanggung jawab miara jeung ngamumule kulawarga, ulah cul dogdog tinggal igel, saurna teh.*** (HRS)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula