Sat, 19-05-2012
Katumbiri

Katumbiri Edisi 2223

Pintonkeun di FB

Pasanggiri Penca Silat Miara Budaya Sunda

KatumbiriMiang tina karep ngamumule budaya Sunda,  SMP Plus Al-Ghifari Bandung ngayakeun pasanggiri penca silat. Acarana lumangsung 23 Mei 2009. Pamilonna, barudak SD kota Bandung.  Ngan, naon wae hasilna?

Buruan SMP Plus Al-Ghifari Bandung beda ti biasa. Harita mah, Saptu 23 Mei 2009 haneuteun naker. Ti lebah dinya, kadenge ngemprang sorang kendang, dipasieup teretna sora tarompet. Aya naon atuh  di eta sakola teh? Horeng aya pasanggiri penca silat siswa SD sakota Bandung.

Kagiatan kawas kitu, memang lain kakara. Eta mah nu kadua, satutas taun tukang, 2008 ngayakeun kagaitan nu sarua. "Pasanggiri penca silat tos janten agenda maneuh nu insya Alloh baris diayakeun saban taun," ceuk Empud, S.Ag., Kepala SMP Plus Al-Ghifari, Bandung. Ngobrol teh di buruan eta sakola bari nyaksian pamilon nu hut-het metakeun jurus-jurus silat.

SMP Plus Al-Ghifari Bandung, salah sahiji SMP di wewengkon kota Bandung beulah wetan nu beuki dieu beuki pada mikawanoh. Ieu sakola nu yayasanana diluluguan ku Drs. H. saepudin Djajarahmat teh boga ciri mandiri. Lian ti neueulkeun atikan kaislaman oge didasaran ku budaya Sunda. Matak, teu aneh teu sing upama kagaiatanananana oge diantarana ngutamakeun budaya Sunda.

Miara Budaya

Katumbiri 2223SMP Plus Al-Ghifari, lana manjangkeu lalakon. Ciri mandiri, nu atikanana neueulkeun kana budaya Sunda, jadi pangirut masarakat nu boga karep nyakolakeun ka SMP. "Di antawis misi yayasan ge miara buadaya Sunda," ceuk kepala sakola. Ku lantaran kitu, kagiatan-kagiatan ekstrakurikulerna, pangpangan dina widang kasenian, teu weleh 'ngagegedekeun'  seni Sunda. "Murangkalih ge di antawisna dialajar silat," pokna.

Upama eta sakola boga karep ngayakeun pasanggiri penca silat, ceuk Empud S.Ag., memang lantaran sababara tinimbangan. Ceuk tilikanana, kacida jarangna aya acara-acara kawas kitu. Padahal, ku ayana pasanggiri teh baris jadi panyundut sumanget keur barudak nu dialajar penca silat.

Pasanggirir penca silat, meunang pangbagea ti saban pihak. Kituna teh tembong tina jumlah pamilonna. Barudak SD/MI daratang ti saban tempat nembongkeun pangabisana dina widang ibing penca silat.  Pamilonna ge tunggal putra 39 urang, putri 27 urang, papasangan (ganda) puteria 8 pasang, puteri 4, jeung ibing rampak 19 regu.

Dina eta kagaitan, SMP Al-ghifari gawe bareng jeung IPSI Kota Bandung. Atuh boh nu irig boh jurina oge ti IPSI kota Bandung.

Satutas masing-masing pamilon mintonkeun pangabisana, juri milih para pinunjul. Saha atuh 'jawarana'? Tunggal putera: Juara kahiji, Saepul,  SD Babakan Priangan; kadua Dafin, SD Negeri Ciujung, jeung katilu, Difa M. Dafi SD Kartika X-1. Jura tunggal puteri: Kahiji, Khilda Sofia, SD Negeri Binong Jati; kadua, Imel Lutfiah, SD Nugraha; jeung katilu, Restu Yustiana IP, SD Negeri Babakan Priangan. Juara ganda (papasangan) putra: Kahiji, SD negeri Babakan Priangan 2; kadua, SD Bhakti Winaya; jeung katilu, SD Negeri jatayu. Juara ganda puteri, kahiji SD Bhakti Winaya; kadua, SD Dian Kencana; jeung katilu, SD Sukasenang. Juara ibing rampak: Kahiji, SDN Nugraha, kadua SDN Bhakti Winaya, jeung katilu SDN Bhakti Winaya II. *** (AS)

Katgam:
1. Kepala Sekolah SMP Plus Al-Ghifari, Empud, S.Ag. 
2. Pasanggiri penca silat tos janten agenda maneuh di SMP Plus Al Ghifari


Program KB Kakurangan Tanaga Panyuluh

Balukar dibangbaluhan ku rupa-rupa masalah, lajuna kagiatan program KB (Keluarga Berencana) di Jawa Barat - kaasup di Kab. Tasikmalaya-lima taun katompernakeun teh lir leumpang di tempat. Halangannana di antarana alatan kakurangan tanaga penyuluh KB di lapangan, jeung masih aya keneh pamahamanana masarakat anu kurang jeung nganggap yen program KB teh ngan sawates alat kontrasepsi.

Kitu diungkabkeun ku Kepala BKKBN Wil. Jawa Barat Heryawan sawatara waktu ka tukang di buruan Kodim 0612 Tasikmalaya, dina acara netepkeun gawebareng BKKBN jeung TNI dina enggoning ngahangkeutkeun deui program KB. Kitu deui saur Kabid KB Drs. Undang Suherman, kurangna petugas KB di lapangan teh karasa pisan matak teu lancarna program KB.

Numutkeun Rukmana, kandegna program KB teh balukar kawatesan anggaran, tacan maksimal upaya badan, kantor, atawa intansi nu ngokolakeun KB , sarta reana anggota Penyuluhan KB anu alih tugas ka instansi sejen atawa pangsiun. "Nyirorotna angka kalahiran sajero tilu puluh taun katompernakeun teh, ti lima taun kadieunakeun mah robah lir ibarat anu leumpang di tempat.

Disebutkeun, dana keur mekarkeun program KB di Jawa Barat teh ngan pangaji Rp. 16 Miliar. Dialokasikeun keur ngawaragadan 1,3 juta nu milu KB anyar. Di Jawa Barat nu anyar milu KB kaitung cukup loba, kurang leuwih 6,6 juta urang atawa 1/5 total di tingkat nasional. N ilik instansi nu ngalola KB, 60 persen Kabupaten/kota di sakuliah lemah cai kanyahoan can ngabogaan organisasi perangkat desa (OPD) pikeun KB.

Ngeunaan Panyuluhan Kbna, kiwari jumlahna kalah nyirorot. Di jawa Barat anu udaganana panyuluhan ngahontal 7000-an desa, panyuluhan KBna ngan ukur 2.800 urang. Di Tasikmalaya oge, basa Kabupaten jeung Kota masih keneh ngahiji, jumloah panyuluhan KBna ukur 200 urang. Nu aya keneh teh kiwari kari 65 urang.

Sawatara dina lolongkrang sarupa, Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Rasyid Qurnuen Aquari ngajak kabeh pihak babarengan nyukseskeun program KB, sabab mun seug teu dirojong, jumlah penduduk Indonesia bakal ngabengkak bari teu kakontrol. Penduduk Indonesia nu jumlahna kiwari ngahontal 240 juta jiwa teh ngarupakeun jumlah penduduk panglobana anu kaopat di sakuliah dunya, sabada Cina, Amerika Serikat jeung India.

Di lokasi acara diayakeun rupa-rupa pangobatan haratis jeung layanan program KB. Masarakat nu daftar pikeun layanan MOW (Medis Operatif Wanita) aya 180 urang, MOP (Modus Operatif Pria) 8 urang, nu masang IUD (Intra Uterine Device) 4 urang, Pupsmear 69 urang, sarta pamariksaan gigi 63 urang. Kabeh dilayanan ku Tim dokter ti Rumah sakit TNI AU.*** (Uun Juharyanti AS)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula