Ladang Munjung, Warisan Beak Teu Puguh
Duit warisan ti indung teh dibagikeun ka genepan, sabab lanceuk nu saurang deui mah teu daekeun nampa. Duka ku naon? Saurangna nampa dua milyar sewang. Abong duit warisan, lain meunang luut-leet kesang sorangan, dina jangka genep bulan teh, teu nyesa saperak-perak acan. Nu tadina kuring boga mobil dua, imah tilu ge, beak nungtutan dijualan. Dipake curak-curak teu puguh.
Panyana teh ngan kuring sorangan, duit warisan beak teu puguh teh. Dulur kuring ge sarua. Naha pedah duit teh lain meunang luut leet kesang sorangan kitu? Pedah duit teh meunang munjung?
Hirup sangsara balangsak pikeun kuring jeung dulur-dulur mah, geus teu aneh deui. Geus biasa. Keur dahar sapopoe teh, koreh-koreh cok. Lamun sapoe bapa kuring teu bisa nyiar duit, moal bisa meuli beas keur dahar-dahar acan. Hirup teh matak aral, ceuk indung mah. Indung ge remen ngarasula, remen ngarasa keuheul ka salaki, pedah teu bisa nyenangkeun dirina. Kusabab nu jadi indung teu bisa dibawa hirup sangsara, ahirna pipisahan. Budak hiji awewe kakara umur lima taun, dibawa ku bapa. Sabab indung mah, embung boga kabeubeurat, teu bisa nyiar duit. Nu ahirna lanceuk teh dibawa ku bapa ka Singapur.
Teu kungsi lila, indung kawin deui, nepi ka boga anak dua urang, awewe jeung lalaki. Tetep bae kawin jeung nu kadua ge, kahirupan sapopoena teh, susah jeung susah, teu aya pisan menyat. Najan salakina usaha paeh poso ge, teu bisa beunghar. Teu bisa hirup senang kawas batur. Kawin jeung nu kadua ge, ngan kuat aya kana sapuluh taunna. Geus kitu mah pipisahan deui.
Ceuk indung mah, samemeh boga deui salaki ka nu katiluna, remen indit-inditan, jarah. Duka teuing ka mana jarahna. Kuring ge teu dibere nyaho. Ngan ti saprak remen jarah tea, hirup teh ngadadak jadi senang. Nyiar duit teh babari pisan, pokna. Basa kawin jeung salaki nu katiluna, nya eta ka bapa kuring, hirup jadi tambah senang. Teu ripuh cara bareto. Malah duit teh geus teu kawadahan. Bro di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah teh, lain ngan saukur lalambe, tapi nyata. Duit nu disimpen di bank ge leuwih ti sapuluh milyarna, cenah. Anehna teh, nyiar duit babari pisan. Teu cara bareto, basa kawin ka nu kahiji jeung kadua. Susah pisan neangan duit keur dahar sapopoe ge. Ari ayeuna, sanggeus kawin jeung bapa kuring, harta banda jadi ngaleuya. Teu kawadahan.
Nu nyiar duit sapopoe, lain bae bapa, tapi indung kuring ge unggal poe teh remen indit-inditan bae. Bisnis jeung sobat-sobatna. Duka bisnis kana naon-naonna mah. Sabab, indung ge tara bebeja. Nu penting mah, balik bisnis teh dina kantongna merekis pinuh ku duit ratusan rebu. Lamun diitung mah, aya kana puluhan jutana.
Kawasna mah kawin ka bapa kuring teh, ngajodo pisan. najan bapa gawena teu puguh, tapi indung teu cicingeun. Teu ngandelkeun bapa wungkul. Eta bae sapuluh taun kawin teh, geus bisa meuli imah aya kana limana. Mobil kaluaran anyar ge boga tiluna. Ditambah duit nu disimpen di bank. Lamun dijumlah jambleh kabehanana, leuwih ti sapuluh milyarna. Kawin ka bapa teh, boga anak opat. Nya kuring, awewe bungsuna teh.
Kahirupan sapopoe teh medah-meduh pisan. Sagala kahayang ku indung teh sok ditedunan bae. Pajarkeun teh, meungpeung boga duit, hayang naon bae, bakal dibeuli. Lanceuk-lanceuk hayang boga motor, dipangmeulikeun hiji sewang ngarah henteu sirik.
Dibagi Warisan
Hirup di dunya teh henteu langgeng salawasna. Hirup moal nepi ka ratusan taun. Malah karek umur genep puluh taun ge, lamun urang teu bisa ngajaga kasehatan awak mah, geus ropoh, loba kasakit. Nincak umur tujuh puluh taun teh, loba nu geus maraot. Umur dipundut ku Gusti Nu Maha Suci.
Kitu deui bapa kuring, unggal taun teh umur beuki ngolotan. Kasakit ge, nu tadina ngan sarupa, beuki tambah loba, malah tepi ka hanteuna. Bapa kuring teh maot. Kuring sakulawarga sungkawa. Sedih ditinggal maot ku bapa teh. Najan bapa digawena teu puguh, tapi angger boh kuring, lanceuk-lanceuk boh indung mah tetep nyaah. Tetep ngarasa leungiteun.
Sanggeus bapa maot teh, lanceuk-lanceuk saindung, daratang ka imah, menta warisan. Indung jeung dulur-dulur ge jadi bingungeun. Tuluy barempug sarerea, nu ahirna ngahasilkeun kasaluyuan, harta banda indung teh kudu dibagikeun ka tujuh urang. Kabehanana dibagi kalawan walatra. Ngan lanceuk nu awewe ayeuna aya di Singapur teu daekeun narima teh. Pek bae, bikeun keur adi-adi, pokna teh dina suratna ka indung. Ahirna warisan dibagikeun ka genep urang, kabagean dua milyar sewang. Duit dua milyar teh lain saeutik.
Ti saprak kuring meunang warisan ti indung, langsung harita keneh dibeulikeun kana imah aya kana tiluna, dibeulikeun kana mobil dua. Sawareh deui mah, ditabungkeun di bank, keur kaperluan sejenna. Duit teh ngahaja teu dibeakkeun kabehanana, sabab jalma hirup tea, loba kaperluan sejenna deui.
Lanceuk-lanceuk ge sarua, paciweuh meuli mobil jeung imah. Sawareh deui duitna teh dipake ulin, piknik ka luar negri sagala. Duka beak sabaraha puluh jutana. Duit warisan ti kolot teh, kabehanana dipake kaperluan kana sagala rupa. Hirup teh ngarasa senang we. Sabab harta lubak-lubuk, moal beak-beak, asal urangna bisa ngirit. Bisa ngatur-ngaturna, ulah boros pisan.
Indung Gering
Teu kacipta samemehna puguh, nu tadina tara boga duit gede, ayeuna boga duit gede pisan. Lain ratusan juta deui, tapi dua milyar. Puguh we, bungah kacida. Asa reuwas pisan deuih. Teu nyangka saeutik-eutik acan, indung boga duit simpenan di bank puluhan milyar. Sabab sapopoena mah tara nyirikeun loba duit. Hirup teh basajan pisan. Horeng geuningan, duit mah henteu kokotak. Kongkorokok.
Basa ngabagi waris, kuring jeung dulur-dulur olohok bari jeung bengong sagala, lantaran teu nyangka indung boga simpenan duit puluhan milyar. Basa dibagi duit dua milyar sewang, asa ngimpi puguh. Enya, rumasa kuring mah tara boga duit gede. Nu matak sanggeus nampa duit teh, buru-buru dibeulikeun kana pangabutuh sapopoe. Dibeulikeun kana imah jeung mobil.
Indung ge harita ngarasa sugema ningali kuring jeung dulur-dulur hirup senang teh. Ngarasa atoh, sabab meureun ieu pisan nu dipiharepkeun ku indung. Ulah hirup susah jeung susah saumur-umur, kawas indung bareto. Ayeuna, masing umur dipundut ku Gusti Nu Maha Suci ge, bakal ngarasa senang jeung sugema ningali barudakna hirup senang mah.
Umur indung ge beuki lila mah beuki ngolotan. Kasakit nu nyaliara dina awakna beuki nambahan. Indung teh kaserang stroke, kasakit lumpuh, teu bisa leumpang. Ngomong ge rero, teu bentes.
Tatamba ka dokter jeung ka pengobatan tradisional mah, meh unggal poe, tapi kasakitna teu daek cageur. Indung ge kawas nu embungeun deui tatamba. Geus boseneun.
Wasiat Koper Hideung
Samemeh indung gering ripuh ge, kungsi ngobrol ka kuring jeung dulur-dulur, yen indung teh boga sisimpenan, nyaeta koper hideung. Disimpenna dina jero lomari, dipupusti, taya wani nu muka. Basa bapa kuring aya keneh ge, tara wani muka koper indung. Lantaran ieu mah, rusiah indung sorangan. Ngan indung sorangan nu bisa mukana. Eusina mah duka teuing naon, sabab harita taya saurang-urang acan nu wani muka koper hideung indung teh.
"Lamun Ibu geus maot, omat koper ieu teh kudu disimpen deui ka tempat asalna di gunung," ceuk indung mepelingan.
"Naha naon eusi koper hideung teh, Bu?" ceuk kuring.
"Eusina mah teu kudu nyaho. Sabab, moal aya mangpaatna keur anjeun mah," tembal indung teh.
Indung ge kungsi ngobrolkeun lalampahanana, samemeh kawin jeung bapa teh, remen jarah ka tempat-tempat karamat, boh nu aya di daerah Cirebon boh di Jawa Tengah jeung Jawa Timur. Hayang boga rejeki, ngarah hirup teu susah pisan. Ngan teu disebutkeun we ari munjung ka siluman mah. Munjung ka monyet. Sabab, ieu mah rusiah indung sorangan, demi hayang beunghar tea.
Samemeh indung rek maot, bari ngomong rero, teu kaharti, tutunjuk kana jero lomari, kana koper hideung tea. Duka teuing kudu dikumahakeun, tah, koper hideung teh. Sabab, teu nyaho kana isaratna. Ngan ku lanceuk lalaki, koper hideung nu disimpen dina jero lomari teh dicokot, tuluy dibuka eusina. Sihoreng eusina mah teu sapira. Ngan saukur lawon bodas, aya meureunan sameterna jeung rupa-rupa kekembangan, aya meureun kana tujuh rupana mah. Ngan nu anehna, aya hiji kembang, katingalina masih seger keneh. Padahal diteundeun dina jero koper hideung teh aya kana taunna.
Boa-boa, ceuk taksiran, lawon bodas jeung kekembangan teh sok dipake keur susuguh, keur mulut rejeki. Narik duit, sangkan bisa kapimilik ku indung. Sabab lamun ningali kana sareatna mah, indung teh ngan saukur bisnis leuleutikan, tapi bisa meunang duit nepi ka puluhan juta. Asa teu kaharti puguh ge.
Kuring jeung dulur ge bingungeun. Kudu dikamanakeun koper hideung teh. Naha kudu dipiceun atawa dipulangkeun ka tempat asalna? Tapi boh kuring boh dulur-dulur ge teu nyahoeun tempat-tempatna acan. Malah ku lanceuk teh, lawon bodasna mah dicokot, dipiceun ka walungan di gigireun imah.
Teu kungsi saminggu ti harita, indung teh maot, alatan lumpuh. Najan hirup senang, meunang warisan milyaran ge, ari indung maot mah, sedih jeung nalangsa we. Asa teu aya deui tempat keur pakumaha. Najan kuring geus boga salaki, boga anak, tapi tetep we asa leungiteun.
Beak Teu Puguh
Matak bingung puguh ge. Ti saprak genep bulan diitinggalkeun maot ku indung, duit warisan aya kana dua milyarna, bisa beak koredas teu nyesa saeutik-eutik acan. Mobil nu tadina boga dua, imah aya kana tiluna teh, nungtutan dijualan. Dipake curak-curak jeung awuntah. Duka teuing ku naon, kuring, salaki jeung anak teh, bet resep meakeun duit teu pupuguh.
Untungna duit teh aya sesana saeutik, dipake ngontrak imah dua tauneun. Tilu bulan deui teh, geus beak. Beak kontrakan mah, duka teuing cicing di mana, sabab teu boga duit keur ngontrak imah deui. Salaki di gawe di Jakarta, balikna sabulan sakali. Mawa duit ge tara gede, cukup keur dahar wungkul.
Nu anehna deui. Dulur-dulur nu meunang warisan ti indung teh, sarua beak teu puguh. Mobil dijualan, imah taya ruruntukna. Malah lanceuk nu awewe mah, bakating lieur teu boga duit, remen ulin ti peuting, teu puguh tujuanana.
Kuring sorangan, keur dahar sapopoe ge susah pisan. Malah sakapeung mah sok nginjeuman duit ka tatangga keur meuli beas, datang salaki dilunasan. Kahirupan indung keur ngora teh, ayeuna kaalaman deui ku kuring jeung dulur-dulur. Abong meunang warisan tina jalan nu teu dipirido ku Pangeran, duit teh gancang dipulutan deui. Lantaran indung nu munjungna, indung maot teh dibawa deui, jadi beak koredas.
Untungna teh lanceuk awewe nu di Singapur mah, teu daekeun menta warisan. Manehna mah hirupna senang, beunghar. Beda jeung kuring sarta dulur-dulur nu meunang warisan, hirupna jadi sangsara balangsak. (sakumaha nu dicaritakeun ku Ibu Nenes dibarengan ku Ibu Ratu Dewi Kasih ka Wanem/02)
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaandang s. argayuda ngomentaran:
salah nyabak..., salah ngagunakeun jeung salahnarimakeun... ahirna leupas.. bangblas balik deui kalas bandawasa.. . nyesakeun katunggaraan. muntang kanu Maha Agung...., sing yakin jalan sorangeun masih panjang.. lalakon encan lekasan.. ditungtung jalan masih seueur kabagjaan anu bisa kasampeur.Taufik Maulana ngomentaran:
Asa teu puguh ah.. Ongkoh medah meduh tapi hirup teh basajan pisan (Indung Geuring-Paragraf kahiji)