Sat, 19-05-2012
Katumbiri

Kingkilaban Edisi 2223

Pintonkeun di FB

TIEN ROSTINI ASIKIN: Prung Geura Padungdung!

Unggal panggih, komo lamun seug ti Bandung ngahaja ka Bogor, anu pangheulana ditanyakeun teh "Ari Uu cageur?" Embung ngadenge Uu gering, Ema mah, pokna. Bisi Sunda milu gering pokna deui. Ema Ageung Tien Rostini Asikin, indungna para budayawan/seniman ngaku kacida melangna ka Uu lantaran kacida nyaahna, nyaah ku gedena cinta Uu ka Sunda, cinta anu pok pek prak tea, lain cinta semet lambey. Ema nyaah ka Uu lantaran sagemblengna Uu, tapi tangtu anu pangpangna pisan lantaran Uu Budayawan Sunda anu nyaho sarta wanoh ka dirina.

"Tah, mihape surat kamelang Ema keur Uu, pangnepikeun," pokna deui bari ngasongkeun keretas sacewir. Ari unggelna teh;
"Adi teteh anu heman, teteh gering tilu bulan, ari kasakitna ku leubeut naker, jantung,paru-paru,darah tinggi, gula, vertigo... teu kapalang. Meureun keur diasih ku Gusti, diukur kasabaran jeung kapangger. Pidungana bae.

Adi Teteh anu geten, sanajan urang tepang mah langka, tapi da hate mah henteu bisaeun ngabohong, nyantel pageuh salalawasna, dipatri ku kanyaah jeung kamelang teteh ka kang rai. Beja jeung kamekaranana teu weleh dikupingkeun dipapaykeun, bisi kitu bisi kieu, ti poe ka poe, ti menit ka menit, ti jam ka jam, dituturkeun ku mata batin. Tepi ka mani asa kacida ecesna katingal kuma rengkak paripolah jeung ucap lampah rai sadidintenna. Teu weleh muji sukur dina nanjungna, murubut cimata lamunna adi Si teteh meunang cocoba. Percaya ari ku cocoba mah, rai geus kacida uninga turta paham kana jurus keur nyingkahkeunana. Ti jauhna teteh saukur ngusapan dada, sok harianeun ka nu nyieun deungeun tugenah jeung kasangsara hatena, ti jauhna kasangsara manah rai ku teteh ukur dilawan ku cimata. Tapi beja-beja ka dieunakeun estu ngareugreugkeun hate, geuningan ulah boro-boroning sawala debat atur di sarakan sorangan, dalah di poreum nasional, rai tetep nyongcolang, itu ieu pada geugeut deudeuh nyarebut Akang, nya meureun jadi akangna sarerea, sanusantara.

Ya Alloh nu Maha Asih, titip pun adi, mugia ieu bapana para budayawan jeung seniman, pamuntangan si leutik najan henteu nepak dada jadi bapa maranehna, ditebihkeun tina pitenah karinah jeung panggawe hasud nu lian.

Kabungah teteh nambahan, basa kamari ieu narima beja yen hasil sawala di Bandung tinemu jeung tekad nu mulya, jeng rai saparakanca ceuk beja, geus gilig sapaniatan, seja ngawangun sarupaning badan nu pancenna geusan nyaring jeung nangtukeun tokoh pinunjul sa tatar Sunda anu pantes dijurung ludeung milu manggung dina kancah pamarentahan ieu nagara. Geuningan Sunda the beunghar ku tokoh nu pantes dipikareueus, ceuk saha teu boga? Eta program nurutkeun teteh, kacida hadena, sugan jeung sugan ari inohong pinilih jeung pinunjul mah anu diasongkeun ka tingkat nasional, masing bener-bener ngabuktikeun kamampuhna, sangkan jadi kareueus jeung kaagulan urang Sunda. Nu dijurung laku ku sewuning dunga, prung geura padungdung, kiwari geus wancina sinatriya pinilih ti Tatar Sunda milu ngiprah di panggung adiluhung.

Teteh mo weleh ngaping ti caketna, ngariksa ti kaanggangan. Babakti mah teu di luhur teu di handap, anu penting kudu papasangan jeung kahayangna balarea. Hanas conto nu gelar dina kanyataan ngabuktikeun yen seke seler urang mah, anu ngukundang niat suci jeung patekadan anu mulya, tampolana dipaksa kudu ecag di satengahing lalampahan. Lamun pasalna luyu jeung kanyataan, nya ditarima, tapi pangalaman ngabejaan, umumna dulu-dulur anu kapaksa kudu malundur, pantes lamunna disebut tokoh anu katideresa. Poma ulah kaalaman ku nu babakalan ayeuna... poma!. (hrs)

 

IBING KUSMAYATNA; Diwanoh Jerokeun ku Rektor Unpas

Saha anu teu wanoh ka Kang Ibing, bodor kahot bentangna grup lawak De Kabayan anu tara lesot ti kopeah nyengsol bari jeung nuorendangkeun sarung? Sawatara waktu nu geus kaliwat senior Damas (Daya Mahasiswa Sunda) anu kungsi kuliah di Sastra Rusia Unpad teh ku Rektor Unpad Ganjar Kurnia jeung dirojong ku Bank Jabar anu miduli hirup-huripna Budaya Sunda, disambat jeung diwanohkeun sarta dibere pangajen direnceng-renceng dina acara "Wanoh Jero ka Kang Ibing" anu lumangsung di aula Unpad graha Sanusi Hardjadinata.

Kang Ibing memang lain bodor samanea, tapi ieu lalaki terah Sumedang anu ngaran aslina Raden Aang Kusmayatna Kusumadinata teh seniman sarwa bisa - multy talenta, anu taya tandinganana. Kaparigelanana masagi, ti mimiti nulis sajak jeung deklamasina, nulis naskah drama jeung jadi aktorna, nyieun rumpaka lagu jeung ngahaleuangna, jadi komentator olah raga, Penyiar (Radio Mara), penulis jeung ngeusi ribrik gunem-catur dina koran, ngadalang, ngalukis, jeung Da'wah henteu kaliwat.

Memang bukti harita ge, dina panggung pagelaran, Kang Ibing mintonkeun wewesenna ka sakumna civitas akademika Unpad jeung para ondangan. Kang Ibing maca sajak "Aku" Charil anwar, "Keretas Biru Eusina Cimata Palsu" jeung "Gedebul" sajak Ganjar Kurnia. Ari sobatna Zahir Zachri jeung Rektor Unpad maca sajak Kang Ibing "Lagu Malati". Lian ti eta Kang Ibing ge ngarajah jeung ngadalang, Da'wah, Menca, nyanyi lagu "Persib", Kakawen "Pon Kayon", Mantun, jeung nembongkeun karya lukisna gambar Domba Garut, kapan kalangenanana. Ngingu domba. Acara dipungkas ku Drama Komedi Sunda "Pilkada di Rancaoa" yasana Kang Ibing keneh anu maraenna, aktor Yeti Anjar, Agustin Purnawan, dipasieup properti Entog, Satpam Unpad jeung Tukang Beca.Sok sanajan acara dipoles sacara "seurieus', tapi anu lalajo harita kuat ka alager-ageran, saleuseurian, sugema.*** (ASEP GP)

ARIFIN PANIGORO; Pangusaha Teureuh Pasar Baru

Saha anu teu terang ka Ir. Arifin Panigoro, panaratas pausahaan jasa minyak Medco Group anu kiwari geus nanjung jeung mekar nepi ka bisa ngebor minyak di 7 nagara jeung produksina dina taun 2010 bakal ngaleuwihan produksi di Indonesia bejana.

Tah, sawatara waktu nu geus kaliwat basa mieling Hari Kebangkitan Nasional di Graha Sanusi Hardjadinata Unpad, ieu alumni ITB (1963-1973) teh maparin Kuliah Umum (public lecture) nu dijudulan: "Merebut masa Depan - Menyemai Masyarakat Entrepreneurial Untuk Kebangkitan Bangsa" hareupeun civitas akademika Unpad.

Dina kasempetan eta Arifin medar paniatanana naratas ngadegna "Center of Excellences" di Bandung. Sakumna warga Bandung boh pagawe pamarentahan, boh swasta, LSM (Lembaga Swadaya Masyarakat), para inohong, mahasiswa katut pelajar dipiharep patareman paheuyeuk-heuyeuk leungeun sangkan Bandung jadi dayeuh anu mashur jeung unggul dina rupa-rupa widang (Center of Excellences). Hal eta nyoko kana potensi SDM (Sumber Daya Manusa) urang Bandung anu rancage (kreatif) jeung lobana paguron luhur anu mashur. "Ku kituna kanggo ngahontal udagan eta, urang Bandung kedah gaduh sumanget anu rosa sapertos "spirit" Konferensi Asia-Afrika anu digelar di Bandung 54 taun kapengker, nyaeta Kepeloporan, Martabat jeung kamandirian". Kitu saurna.

Kunaon pangusaha jugala sakelas Arifin Panigoro totomplokan kitu ka Bandung? Sihoreng Bandung pikeun Arifin mah "Sarakan Pangbalikanana". Arifin dibabarkeun di Kebonsirih 45 taun ka tukang. Biangna, Nini jeung Akina "Urang Pasar" purah balantik batik di Pasar Baru Bandung. jadi teu helok lamun Arifin Panigoro boga jiwa dagang. Ieu Insinyur Listrik teh ti keur mahasiswana resep bisnis, di antarana masang kabel (70-71) terus maju kana bisnis masang listrik jeung pipah Pertamina. (ASEP GP)

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula