Lain Pakean Samanea
"Geus ti mana, Lo, mani angkaribung kitu?"
"Tas ti Cimoll, Mang."
"Na aya keneh kitu Cibadak Mol teh?"
"Ukur istilah Mang, keur nunjukkeun tempat nu daragang pakean seken."
"Oh."
"Pedah baheula nu ngamimitian daragang pakean seken teh rereana di Cibadak Mol. Jadi we nepi ka ayeuna ge mun aya tempat nu dipake tempat dagang pakean seken teh sok disarebut Cimol."
"Enya Cimol, Lo, tempat baralanjana masarakat leutik...."
"Masarakat leutik nu hayang ginding, Mang."
"Heueuy deuh, ginding tapi murah..., gigindingan meureun."
"Tibatan rudin, Mang."
"Heueuh nya."
"Da mun hayang ginding bener mah kudu kandel pesak, Mang. Meulina oge lain di Cimol tapi di butik."
"Bener, Lo. Model para artis, kapan pakeanana teu weleh meunang mesen ti butik nya, Lo?"
"Leres, Mang."
"Hargana oge ngaratus rebu nepi ka ngajuta. Malah boa aya nu muluh jutana."
"Mun dibalanjakeun ka Cimol leuwih ti dua lomarieun meureun, Mang."
"Da Alo mah jalma kere, nu jadi setandarna teh ukur Cimol we."
"Rumaos, Mang...."
*
"Lain, kumaha rasana nya make papakean anu hargana ngajuta?"
"Nu pasti mah leuwih genaheun tibatan pakean nu hargana sapuluh rebu, Lo."
"Enya, Mang. Rahayat leutik model urang mah ukur bisa nyipta-nyipta kumaha genahna make pakean nu kacida mahalna."
"Teu cara wakilna nya, Lo."
"Wakilna kumaha, Mang?"
"Wakil rahayat, Lo."
"DPR, Mang?"
"Enya."
"Na kumaha kitu?"
"Cenah rek digarindingan...."
"Da geus garinding atuh maranehna mah, Mang. Da matak kapilih oge maranehna teh lain jalma jore-jore."
"Enya. Tapi rek leuwih digindingan deui ku nagara."
"Maksudna?"
"Rek dipangnyieunkeun pakean nu hargana puluhan juta."
"Euleuh...."
"Cenah anggaran nu diancokeun keur pakean wakil ra'yat teh ngahontal angka salapan puluh juta."
"Keur saurangeun?"
"Is, lain keur keur saurangeun, tapi keur lima puluh urangeun."
"Oh...."
"Saurangna ampir nitih kana dua juta, Lo."
"Di mana eta teh, Mang?"
"Dina media massa, Lo."
"Maksud teh wakil ra'yat di mana nu anggaran pakeanana nepi ka sakitu teh?"
"Di Sumedang cenah, Lo."
"Nu di daerah bae bakal sakitu digindinganana, komo deui anu di pusat nya, Mang."
"Meureun...."
"Coba mun dibeulikeun pakean di Cimol, mahi meureun tilu lomarieun."
"Heueuh, mun Alo mah nu jadi anggota wakil ra'yatna."
"He he he...."
"Matak anggaranana nepi ka sakitu ge meureun lain pakean samanea, Lo."
"Nya enya atuh, Mang. Piraku wakil ra'yat rudin!"
"Bener, Lo. Najan nu diwakilanana rudin ge, ari nu ngawakilanana mah kudu ginding....
*
"Kumaha rasana nya, Mang?"
"Naon tea, Lo?"
"Make pakean nu hargana ngajuta."
"Geus kadinya deui!"
"Panasaran atuda ge, Mang."
"Tanyakeun we ka anggota dewan."
"Ah, ararisin...."
"Atawa lima taun nu bakal datang Alo kudu nyalonkeun jadi caleg...."
"Har?"
"Sugan we kapilih jadi anggota dewan, pasti dibere pakean anu ginding."
"Anu hargana ngajuta?"
"Enya."
***