Pangalaman Para Mitra Edisi 2223
Emh, Kuteungteuingeun Ki Sobat...
Bada kagiatan ti PGRI Jawa Barat Talagabodas, kuring boga niat rek neangan alat peraga di Pasar Palasari anu pernahna teu jauh ti gedung PGRI. Sakalian miang, ngarah teu lebar ongkos. Harita perlu peta Indonesia anu badag 8 lembar keur alat peraga dina PTK. Geuning kumplit di Palasari mah, ti mimiti buku palajaran nepi ka kamus, ensiklopedi malah nepi ka alat tangkorak manusa ge sadia.
Palayan toko kacida tangginasna laladang. Geus kitu utang-itung, nepi ka ebreh jumlah anu kudu dibayar sanggeus dipotong ku diskon. Atuh kuring ge teu talangke muka loket rek babayar. Barang diitung-itung, tetela duit nu dibawa teh teu cukup. Dibulak-balik diitung deui ge, henteu nambahan angger kurang. Kumaha pipetaeun kuring, mangkaning solmet ti PGRI geus marulang? Lamun peta dikurangan hiji atawa lamun bisa dianjuk, atuh angger keneh-keneh bae, kudu bulak-balik ka Palasari deui. Lain ku nanaon hoream ku macet jeung jauhna.
Keur anteng mikir, eh aya ilham hade. Asa kaingetan, kuring mah sok rajeun aktip nulis dina surat kabar. Koran atawa majalah anu di Bandung mah meh kabeh kapapay ti PR-na, Kompas Lembar Jawa Barat, Gala, Tribun. Oge aktip dina majalah boh dinas pendidikan jeung PGRI. Tah, kadang-kadang mun keur darurat sok ngararad honor nulis ti kantor media hiji ka kantor sejen. Eh, jadi kapikir, kuloneun Palasari aya kantor Mangle. Kuring boga sabaraha barakatak jeung PPM anu can kacairkeun. Yes...! Ceuk budak tea mah. Hate kuring bungangang.
Kuring sasadu, barang mah dipanjer we heula. Teu dililakeun deui kuring mah ngagidig muru kantor Mangle. Bari renghap-ranjug ge, teu burung nepi. Kuring ditarima kalayan someah darehdeh ku Ibu Kasir. Ari biasana mah, honor barakatak sok dikumpul-kumpul diteangna tilu bulan sakali.
Sabot ngareureuhkeun kacape, kagareuwahkeun ku hariweusweus Ibu Kasir,
"Honor nu Eneng mah geuning tos aya nu nawis kacandak ku batur"
"Emh, kuteungteuingeun Ki Sobat...!" sakitu nu kedal bari neuteup kosong lalangit rumpaka Mangle. Gerentes hate kuring, nya paling barang dianjuk heula, da kudu kabawa ngarah peuting bisa disiapkeun keur dipake bahan ngajar isuk. Nya wayahna angger kudu ka Palasari deui.
Ngan untung Ibu Kasir wijaksana, "Ieu honor Eneng ku Ibu digentosan, keun ku Ibu urang potong nu mawa honor Eneng engke. Ibu mah apal da aya tawisanana!" saur Ibu Kasir ngupahan kuring. Ari geus ngagembol mah, gidig deui muru Palasari, mayar sesa balanja. Terus kana beus kota Kapala - Tanjungsari muru ka Cibiru bari mawa hate anu masih reuwas kareureuhnakeun.(*)
Ajeng Kania
SDN Taruna Karya 4
Cibiru - Kota Bandung
Jadi Selebritis
Ieu teh pangalaman Ki lanceuk, basa anjeunna rek miang ka Surabaya, sawatara waktu ka tukang. Ari nyanyabaan rada jauh teh sok kana kapal mabur bae. Paribasana teh ambeh gancang tepi ka nu dituju, bari jeung awak teu pati cape.
Harita kapal nu rek ditumpakan teh "Merpati" anu jadwalna jam genep leuwih lima menit ti bandara Husen. Ku lantaran sajam saencanna kudu geus ngurus boarding pas, jam lima subuh teh geus nepi ka bandara da Ki lanceuk miang ti Lembangna teh jam opat subuh.
Saperti ilaharna bae, sarengsena meunang boarding pas teh nunggu heula rohangan tunggu nu ayana di umpak kadua. Cunduk kana waktuna jam genep, tapi nu kasada teh bewara yen kapal teh di 'delas' sajam. Jam tujuhna nembe kakara kapal teh miang. Tapi geuning si kapal teh aya karuksakan dina jangjangna anu nyababkeun, si kapal teh balik deui ka tempat parkir tadi. Para panumpangna mah kabeh tarurun deui bari jeung kukulutus, tayohna mah jengkeleun meureun da ngudag waktu tea.
Aya meureun mah opat jam nungguan kapal diserpis heula mesinna teh. Tapi geuning tungtungna mah para panumpang teh dititah ngabolaykeun lalampahanana, nya eta tiket teh dibalikeun deui ka Merpati, ditukeurkeun ku duit atawa anu rek dikensel mah, nungguan isukan deui miangna.
Ari ki Lanceuk mah bubuhan kudu poe harita nepi ka Surabaya, jadi gura-giru nukeurkeun tiket ku duit deui, terus neangan deui tiket ti maskapai penerbangan nu sejen. Nya hese-hese oge ahirna mah meunang oge tiket ti maskapai Batavia, ngan miangna teh kudu ti Cengkareng Jakarta.
Ringkes carita, ki lanceuk teh salamet nepi ka Surabaya. Sabot Ki Laceuk digawe, kring telepon ti anakna anu aya di Lembang, hariweusweus ngabejaan, cenah mah, "Abah... Abah teh geuning aya di TV keur nukeurkeun tiket." Datang deui sms ti anakna nu sejen, "Abah, ceuk rerencangan di sakola, Abah lebet TV, kaciri da Abah mah ngaggo peci..." Ki Lanceuk mah seuri wae, basa dibejaan yen anjeunna katembong di sababaraha TV dina acara ngeunaan beja bolayna kapal Merpati ka Surabaya.
Jul-jol sms kana hp Ki Laceuk ti babaturanana, di antarana saperti kieu, "Pa batal ka Surabayanya ya, saya liat di TV ada Pa Didi sedang menukar tiket..." Lian ti eta, aya deui sms ti supirna Ki Lanceuk, "Pa, foto Bapa aya di koran PR jeung Kompas, keur nukeur keun tiket tea."
"Heuheuy... deuh, urang teh geuning jadi selebriti nya, asup kana TV, beungeut nembongan di koran, gara-gara tragedi Merpati...," kitu meureun gerentes Ki Lanceuk teh, cag!
Dwi Harini
BTN Pusdikajen
Lembang Bandung
Nguseup
Isuk-isuk Si Bungsu katembong camberut, pedah geus meh saminggu dahar teh ukur jeung tahu-tempe bae. Jigana manehna teh hayang dahar nu rada ngeunah, minimal jeung pais lauk atawa gorengan.
"Pa, di mana jejeur useup?" ceuk Komar bari kokotetengan di dapur.
"Tuh di tukang deukeut kandang hayam," tembal teh.
Koreleng manehna ka tukang rek nyokot jeujeur useup. Jeujeur useup meunang kuring. Asal bae dijieunna tina regang haur. Panjang kurang leuwih dua meter. Kenurna oge ukur satengah meter. Di tengahna make kukumbul tina gabus urut jok motor. Maksudna ambeh kaciri ambul-ambulan mun aya nu nyorang. Kuring mah mun nguseup teh tara lila-lila, hayang lauk sakilo mah satengah jam ge meunang. Ari nguseup tea kuring mah clom giriwil. Tapi lantaran eupan ku cacing, nu beungan teh ukur mujaer atawa nila gip. Lauk sejenna mah teu daekeun nyanggut ieuh.
"Mar, ka balong teh sakalian mawa daun taleus," cek kuring sakalian marab lauk.
"Isin lah Pa, rek mawa huut bae dina keresek keur marab lauk mah," tembal Komar bari leos indit make motor manehna.
Geus kitu mah kuring leos ngarit ka tonggoheun imah. Sanggeus meunang sakarung ceplas-ceplas nilasan daun taleus jeung daun suweg nu geus karoneng. Maksud teh engke rek ka balong marab lauk.
Teu pati lila Si Komar geus mucunghul deui bari katembong jamedud.
"Mana laukna, Mar?" cek kuring, hayang nyaho meunang atawa henteuna.
"Palias teu meunang hiji-hiji acan, Pa," tembalna bangkenu bari nendeun jeujeur ka deukeut kandang hayam.
"Teu meunang?" tembal kuring kaget bari jeung teu ngarti. Piraku laul sakitu lobana teu meunang hiji-hiji acan, cek kuring ngagerentes na jero hate.
"Naha kumaha nguseupna, jeung make naon eupana?" ceuk kuring panasaran.
"Biasa ngeuseupna mah, eupanna ku cacing cara Bapa," tembal Komar.
"Heueuh pan lauk teh loba, jeung deuih ari Bapa mah sok clom-giriwil, ku naon pangna kitu. Aneh Bapa mah," cek kuring, weleh teu ngarti.
"Memeh nguseup teh diawur huut heula. Lauk teh ketembong ngaronyok nyaplukan huut mani recok. Tapi aneh barang dianclomkeun useup taya nu nyorang hiji-hiji acan" ceuk Komar ngeceskeun.
Ngadenge kitu mah key kuring seuri.
"Ku naon kalah seuri?" Komar teu ngarti.
"Paingan euweuh nu nyorang, tuda maneh mah diparaban heula. Engke deui mun rek nguseup laukna ulah diparaban heula ambeh lapareun. Tah sanggeus nguseup kakara diawur huut," cek kuring bari ngaleos.
"Oh... kutan kitu" tembal Komar bari kerewung nyiuk sangu tina mejikom.
Ayah - Rancah 46387
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaJaja Subagja ngomentaran:
Leres pisan, terkecuali nguseup nu di gelung he..he..