Sat, 19-05-2012
Sajak

Ajen Inajen

Pintonkeun di FB

Karya Nano S.

I
Ajen inajen mumbul
Diapungkeun ku nu ngarepung neangan
Sabada dipanteng
Saendeng endeng

Ajen Inajen pada ngepung
Disabetan ku nu ti heula ngapung
Ngarasa ditangtang
Ngawasa awang-awang

Ajen inajen tanjeur lir meteor
Sakeprul bubuk benteng
Ngempurkeun cahaya purba
Nu tara ilang sinarna

II
Aya kalana
Ti awalna geus ngempurkeun cahaya
Celak permata enya
Salawasna beda

Aya kalana
Ukuran lila ngaburicakkeun eusi
Kasaliksik waktu
Nu terus lumaku

Aya kalana
Asahan pangreka sangkan
Nyilokeun tenjo
Jauh tuna panginditan cipta
Gumebyar sakedapan pada mienya
Les tilem
Muruluk taya nu muluk

Pasir Hariring, 4 Pebruari 2006

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

cepi safruddin ngomentaran:

Dupi nano s. teh pengarang tembang2 sunda sanes nya? aduh,komo pami dihaleuangkeun ku hetty k endang mah mani nyari pisan matak nyerep kana ati sanubari,soklah dirojong doa sing terus berkarya...