Hadiah Seratan Pariwisata & Budaya
Para mitra,
Tos seueur hadiah kanggo seratan nu dimuat dina majalah MANGLE, upamina wae hadiah kanggo carpon pinilih, kolom pinilih, sajak pinilih, sareng humor pinilih. Tah, ayeuna nambihan deui hadiah kanggo seratan nu medar perkawis pariwisata sareng budaya. Maksadna, seratan nu medar perkawis pariwisata "berdimensi" kabudayaan. Atanapi seratan perkawis kabudayaan nu "berdimensi" pariwisata. Upamina wae, minangka conto, MANGLE ngamuat seratan nu medar perkawis panggung terbuka kasenian di saban kacamatan. Seratan bieu, di hiji sisi, medar perkawis pentingna ngayakeun pagelaran kasenian di panggung terbuka nu diayakeun di saban kacamatan. Salajengna, di sisi sanesna, seratan bieu ngeceskeun oge : ku ubyagna panggung terbuka pagelaran kasenian di saban kacamatan, pan nimbulkeun dampak positip sanesna nyaeta bakal ngaramekeun parawisata.Cobi wae, boh turis domestik boh turis asing apan bakal ngadeugdeug ka saban kacamatan kumargi hoyong nongton pagelaran kasenian di panggung terbuka. Tah, seratan nu medar budaya sareng pariwisata sapertos kitu nu bade dipasihan hadiah teh.
Conto sanesna, seratan nu medar adat istiadat, "ciri sabumi cara sadesa" di masarakat tradisional, upamina wae di Cisolok, Baduy sareng sajabina. Adat istiadat bieu nu mangrupi budaya masarakat pada ngadeugdeug oge ku para turis. Nya pidangan seratan kitu, nu mangpaatna ngawanohkeun budaya sakaligus medar dampak positipna kana pariwisata, teu kinten pentingna dijantenkeun bacaan kanggo masarakat, kukituna bakal dileler hadiah kanggo nu nyeratna.
Para mitra,
Nu mokalan masihan hadiah bieu teh, Pa Ir. Herdiwan, Kadisparbud Propinsi Jawa Barat. Anjeunna teu kinten miharepna MANGLE ngiring aktip ngamajengkeun kabudayaan sareng pariwisata di wilayah Propinsi Jawa Barat ku jalan midangkeun seratan nu medar perkawis kabudayaan sareng pariwisata. Nya minangka pangjurung sangkan seratan sapertos kitu seueur nu nyerat dina MANGLE, anjeunna siap masihan hadiah kana seratan nu -sabada diajen ku juri- nyumponan pasaratan. Ageungna hadiah sami sareng hadiah carpon pinilih, nyaeta sajuta rupiah!
Wangun seratan tiasa mangrupi feature, upamina laporan ngajugjug "peristiwa budaya sareng wisata" di hiji tempat boh di padesaan boh di kota. Atanapi tiasa oge mangrupi seratan bahasan atanapi opini kana masalah budaya sareng wisata.. Nu jelas, seratan nu eusina perkawis budaya sareng wisata.
Rupina, kumargi nembean, seratan sapertos kitu teu acan tiasa midang saban minggu, kukituna dangka waktos kanggo ngajenna oge moal tiasa saban sasih sapertos ngajen carpon pinilih, kolom pinilih, sareng puisi pinilih.Nya numutkeun perkiraan redaksi, sabada dua sasih nembe bakal tiasa kakempelkeun seratan nu tiasa diajen. Kukituna, ti ayeuna keneh, mangga para mitra sing garetol nyerat perkawis budaya sareng wisata. Saha nu terang, kaajen ku para juri, teras kasinugrahaan kenging hadiah ti Pa Ir.Herdiwan, ageungna sajuta rupiah...
Para mitra, diantos pisan kintunan seratanana. Prung, ah!