Sat, 19-05-2012
Lawang Saketeng

Ngaropea Eusi

Pintonkeun di FB

Para mitra,
Upaya ngaropea eusi majalah mangrupi hal nu salawasna dilakukeun. Ieu teh, diantawisna, kumargi aya kamekaran anyar di masarakat. Upamina wae, alatan sahengna mangsa parantos caket ka Pemilu legislatip sasih April engke , nya eusi majalah MANGLE oge kedah nyaluyukeun ka dinya. Nu tadina teu aya rubrik Padungdung Pemilu, upamina, tah, ayeuna mah diayakeun. Rubrik bieu teh eusina sabudeureun kagiatan pemilu.
Lian ti kitu, rubrik nu parantos maneuh oge kedah salamina diropea. Padomanna mangrupi kriteria rubrik nu parantos disaluyuan ku sakumna redaksi. Upamina wae, rubrik Tamu, nu eusina midangkeun para tokoh, salamina kedah diroris, naha parantos luyu sareng kriteria nu parantos ditetepkeun atanapi sering nyimpang tina katangtosan. Kriteria rubrik Tamu nyaeta tokoh nu dipidangkeun teh kedah nyumponan pasaratan: populer, penting, unik atanapi kontroversial. Memang, teu salamina pasaratan kitu teh sadayana kacumponan. Hal nu sami, dilarapkeun oge kanggo rubrik sanesna, sapertos rubrik Kingkilaban, Katurug Katutuh, Nyingraykeun Lalangse Aheng sareng sajabina. Kriteriana tangtos moal sami, kumargi saban rubrik kagungan kriteria masing-masing.
Aya sababaraha rubrik nu ayeuna nuju dihangkeutkeun. Diantawisna rubrik Tamu, Implik-Implik, Nyusur Galur Mapay Raratan sareng Laporan.
Rubrik Tamu kalintang penting dipageuhan, kumargi rubrik bieu tiasa ngahudang kaom elite Sunda nu ageung nangtoskeunana kamajengan masarakat urang. Tah, lebah cara nyeratna rubrik bieu bade diropea deui. Cara tanya jawab antawis si wartawan sareng tokoh nu dipidangkeun bade diutamikeun, pangpangna kanggo tokoh nu kaetang penting, unik, malihan kontroversial pamikiranana. Kitu deui, lian ti tokoh lokal, sawaktos-waktos bade dipaju deui tokoh-tokoh nasional. Malihan tokoh nu sanes urang Sunda oge, ari ketak sareng pamikiranana teu kinten mangpaatna mah kanggo masarakat urang sakumna,nya peryogi diwanohkeun. Rubrik Implik-Implik peryogi oge dilegaan ambahanana. Upamina wae patempatan nu matak narik di tatar Sunda peryogi oge diwanohkeun.Kitu deui adat istiadatna nu unik, luyu sareng babasan ciri sabumi cara sadesa tea. Seratan sapertos kitu tiasa ngahudang kagiatan wisata nu ayeuna nuju digederkeun.
Salajengna rubrik Nyusur Galur Mapay Raratan oge kedah salamina dironjatkeun eusina. Masalah-masalah sajarah memang sakitu leubeutna kukituna kedah diupayakeun si wartawan caket sareng sumberna. Tah, parantos lami dirarancang, MANGLE ngayakeun gawe bareng sareng jurusan sajarah di paguron luhur, upamina wae sareng Jurusan Sajarah Universitas Padjadjaran. Diantawisna, topik-topik perkawis sajarah tiasa dipaluruh dina daptar skripsi, tesis sareng panalitian nu parantos diayakeun ku para mahasiswa sareng sarjana sajarah.Bahan nu sakitu euyeubna tina skripsi sareng tesis apan tiasa diserat deui sacara populer. Asep GP, wartawan MANGLE nu idek liher di Unpad, bade dipasihan pancen maluruh skripsi, tesis di jurusan sajarah, kitu deui di jurusan antropologi. Kapustakaan di dua jurusan bieu estuning mangrupi "tambang emas" kanggo dimangpaatkeun ku para wartawan.

Para mitra,
Saban rubrik memang satiasa-tiasa eusina kedah aktual, paling henteu aya kaitanana sareng hal-hal nu janten "buah bibir" (kacapangan) di masarakat. Eta nu dina jurnalistik sok disebat newspeg(cantelan berita) tea. Namung teu salamina sakumna rubrik tiasa kitu,kukituna sacara husus , MANGLE muka rubrik Laporan nu eusina memang patali sareng hal-hal nu aktual di masarakat kiwari. Tah, rubrik bieu, nu midangna henteu saban minggu, bade teras dironjatkeun eusina. Ensa Wiarna, dipapancenan nyepeng rubrik bieu. 
Mugi-mugi, para mitra, sakumna upaya bieu teh tinekanan.

Katgam: Asep GP, sang wartawan. Dipapancenan maluruh kapustakaan Jurusan Sajarah sareng Antropologi Universitas Padjadjaran.

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula