Sat, 19-05-2012
Carkrim

Babaung Ajag (12)

Pintonkeun di FB

Ku Dede Syafrudin

Lengkah Ustad Didin saparakanca jadi kateug. Maranehna ngajengjen, kasima ku angin puyuh anu muih hareupeunana. Biwir Ustad Didin katembong kunyam-kunyem, mapatkeun du'a panyinglar. Pon kitu deui Pa Kandar jeung Bah Juar, sabisa-bisa maca du'a jeung maca ayat suci Al-Qur'an.

Teu lila, angin puyuh teh eureun. Nyesakeun kalakay nu pasolengkrah..., tapi sora dangdaunan tina dapuran awi mah angger seah....

"Allohuakbar...!" Ustad Didin ngagerentes.

Pa Kandar jeung Bah Juar ge nurutan, ngucapkeun kalimah kaagungan Alloh dina hatena sewang-sewangan.

"Hayu, ah!" ceuk Ustad Didin, bari ngalengkahkeun deui sukuna.

Bah Juar jeung Pa Kandar geuwat nuturkeun Ustad Didin....

Kuburan Ceu Dedeh teh kasampak geus lening, anyar aya nu ngaberesihan. Dina luhureun taneuh beureum katembong aya daun seureuh tujuh lambar, manjang ngajajar.

"Aeh, geuning geus aya nu miheulaan kadieu...?" ceuk Ustad Didin, laju gek cingogo gigireun makam Ceu Dedeh.
"Kumaha atuh, Tad?" Bah Juar nyarita, manehna ge tuluy cingogo gigireun Ustad Didin, dituturkeun ku Pa Kandar.
"Nya urang tuluykeun we niat urang mah, da euweuh gorengna. Beuki rea nu nyampurnakeun, beuki rea nu ngadu'akeun, beuki laus," tembal Ustad Didin. Tuluy manehna mapatkeun du'a.
"Alfatihah...!" pokna deui, sabada beres ngadu'a.

Bah Juar jeung Pa Kandar geuwat ngagalindengkeun Alfatihah, marengan Ustad Didin. Beres surat Alfatihah digalindengkeun, cungungung deui sada nu babaung....

Ustad Didin, Bah Juar, jeung Pa Kandar tingrarejag lantaran sora nu babaung teh kapirengna bet kawas anu deukeut.

"Beu! Mana cai teh?" ceuk Ustad Didin.

Ba Juar geuwat ngasongkeun botol cai ka Ustad Didin. Sanggeus botol cai ditampanan, tuluy ku Ustad Didin diceborkeun kana luhureun kuburan, rurusuhan.

"Hayu ah!" Ustad Didin cengkat.
"Hayu!" nu duaan giak nembalan.

Laju Ustad Didin saparakanca teh leumpang ngagedig, ninggalkeun kuburan Ceu Dedeh. Tapi kakara ge kira-kira leumpang sapuluh lengkah, cucungung deui sada nu babaung. Atra datangna lebah lawang ka astana, jajalaneun nu kudu disorang ku maranehna. Ustad Didin, Bah Juar, jeung Pa Kandar ngarandeg. Silih reret.

"Lailllaha ilalloh, sidik ieu mah ajag...!" sora Ustad Didin semu ngageter.
"Enya...," Bah Juar jeung Pa Kandar meh bareng nembalan.
"Geuwat nyiar pakarang!"
"Pakarang naon ari Ustad? Kapan ti tatadi ge teu mawa jarum-jarum acan!" ceuk Bah Juar.
"Neangan naon we nu bisa dijadikeun pakarang. Kai atawa batu!"

Teu dititah dua kali, geuwat Bah Juar jeung Pa Kandar ngalaksanakeun parentah Ustad Didin. Pa Kandar ngajewang pangpung jeungjing di sisi jalan makam, dua, sagarede  leungeun. Song pangpung di hiji diasongkeun ka Ustad Didin. Ari Bah Juar mah geuwat mulung batu, sagarede peureup. Sabada ngalengkepan diri ku eta pakarang, maranehna leumpang deui lalaunan. Muru ka lawang kaluar ti astana....

"Eu...!"
"Gusti...!"
"Laillaha ilalloh!"

Nu tiluan ngarejag bari semu ngagoak, lantaran lebah rungkun awi, meneran pisan dina lawang ka astana ngadadak aya nu ngorosak.

"Keun urang baledog ku kuring!" Bah Juar geuwat ngulangkeun leungeunna anu nyekelan batu.
"Ke, ke, kelanan, tahan heula!" Ustad Didin ngahalangan Bah Juar, lantaran ku manehna kaburu katempo aya jelema nu kaluar tina rungkun awi.
"Har, geuning Jang Cucu?" ceuk Pa Kandar, sabada sidik ka jalma anu kaluar tina rungkun awi.
"Enya," tembal eta jalma.
"Nanaonan atuh wayah kieu make kukurusukan dina rungkun awi?" Bah Juar nyureng.
"Lain kukurusukan dina rungkun awi, uing mah make jalan motong, nya tangtu kaluarna lebah rungkun awi. Ari Pa Ustad jeung Pa Kandar nanaonan make mawa pepentung sagala?" Jang Cucu malik nanya.
"Euh.., eta.., keur jaga diri. Pedah tadi kadenge sada babaung ajag," Ustad Didin nu nembalan teh.
"Oh...," Jang Cucu garo-garo teu ateul.
"Kade  atuh, Jang. Jaba sorangan jaba kukurusukan di nu bala, burit deuih," Ustad Didin nyarita deui.
"Ah da uing mah geus biasa kukurusukan sorangan," tembal Jang Cucu.
"Mawa bedog teu?" ceuk Bah Juar.
"Ieu," Jang Cucu nembongkeun perah bedog anu nogel dina cangkengna.
"Uing mah ka mana-mana getara tinggaleun bedog," pokna deui.
"Heueuh, da mun nyaneh teu mawa bedog mah moal bisa nutuhan tunggul keur suluh," Bah Juar nyaritana dibarung ku keom.
"Ari Jang Cucu rek nanahaon wayah kieu make los-los ka astana, rek ngala suluh?" ceuk Pa Kandar.
"Moal. Moal ngala suluh. Uing mah tara ngala suluh ka astana."
"Rek naon atuh?" Pa Kandar nanya deui.
"Rek nyekar ka kuburan Ceu Dedeh," tembalna.
"Nyekar?" Ustad Didin, Bah Juar, jeung Pa Kandar meh bareng nyoara.
"Enya," tembal Jang Cucu.
"Nyekar wayah kieu?" Bah Juar kerung.
"Kakara kaburu ayeuna we," tembalna deui.
"Ke, ari tadi nu nyekar make daun seureuh saha nya?" Ustad Didin semu ngagerentes.
"Teuing atuh, da uing mah kakara rek ka astana ayeuna," Jang Cucu nembalan.

Eta opat jalma teh laju tingharuleng sakedapan. Taya nu nyoara. Sora dangdaunan dina rungkun awi angger kapireng seah katebak angin. Sora sasatoan peuting kayaning gaang, cihcir, caricangkas, pepengeng, jeung sajabana geus mimiti disarada. Wuwuh matak nambahan keueung kaayaan di eta tempat.

"Nya teu nanaon ari rek nyekar mah. Kahade we Jang, sing ati-ati. Bapa mah mulang ti heula," antukna Ustad Didin nyoara.

Sanggeus tetela taya piobroleun deui, maranehna tuluy laleumpang deui. Ustad Didin saparakanca ngegedig kaluar ti astana, Jang Cucu mah muru ka jero astana.

*

Samulangna ti kantor polisi tina perkara tilar dunyana Ceu Dedeh alatan maehan maneh, Kang Asruh jadi langka kaluar ti imah, malah kaluar ti kamarna oge jarang. Tapi najan meh unggal poe ngerem maneh di kamar, ari sare mah ukur sakerejep-sakerejep bae. Tara tibra. Sakalieun kaluar ti kamar teu weleh digendeng bae ku bapana....

"Matak ceuk Apih ge tong ngahanakeun teuing ka awewe teh, jadi we wiwirang sarerea," ceuk Apih Sakri, bapana Kang Asruh, waktu ningal anakna kaluar ti kamar.

Kang Asruh ukur ngareret meueusan ka bapana, tuluy leumpang ka kamar mandi anu aya ti tukangeun imahna, ngadon sibeungeut.

"Kulawarga urang mah ti baheula ogetaya nu kungsi urusan jeung pulisi," ceuk Apih Sakri, sanggeus Kang Asruh asup deui ka jero imah.
"Na da uing mah dibawa ka kantor polisi oge ukur ditanya wungkul, lain dikerem atawa dibui," tembal Kang Asruh, bari gek diuk dina korsi, rada anggang ti bapana.
"Heueuh, angger we kasebutna dibawa ka kantor pulisi!" ceuk Apih Sakri.

Kang Asruh teu nembalan.(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula