Sat, 19-05-2012
Carita Pondok

Simpe

Pintonkeun di FB

Ku Cucu Nurzaman

19.59 wib. Sheila on 7 ngagedur dina win amp. Majalah Mangle asa pikangewaeun. Can kungsi ngamuat deui karya kuring. Duka teuing karya kuring goreng, duka redakturna umaing. Tapi da ceuk Kang Eris mah, anu karyana sok dimuat dina Mangle, alus goreng karya mah relatif. Jeung deuih ari redaktur mah biasana dipilih kalangan anu geus luhung dina nyipta karya, sok sanajan ari selerana mah bisa jadi teu parok jeung umum. Ah pira ge teu dimuat. Paling teu dipikawanoh jeung teu meunang duit. Teu jadi pasualan, asal ulah tigebrus kana dosa we.

20.07 wib. Ayeuna mah close head nu ngagedur teh. Majalah Mangle sideang di hareupeun gurilapna tivi nu mintonkeun acara nu ngahudang panas bayeungyang. Kuring jadi mikir mun hayang dipikawanoh ku balarea mah kudu loba silaturahmi, jeung lamun hayang duit mah kudu loba ngadu'a jeung gawe. Kuring jadi ngalamun, kumaha mun duit Israel anu aya di bankna jeung anu aya dina panangtayungan departemen keuanganana dibobol ku kuring. Terus dipake keur nyieun majalah, nyitak buku karya-karya ti pangarang anu jarang atawa tara kungsi dimuat dina media citak umum. Nyieun jaringan sorangan. Tapi, ngalamuuuuuuuuuuun....

20.15 wib. Irwansyah ngagedur. Majalah Mangle edisi ayeuna coverna pikaresepeun. Rada Islami, gaya kasidahan. Ayeuna kuring jadi resep ka nu dijilbab. Digelung, teu. Pek teh teuing ari hayang ka naraka mah. Kitu ceuk kayakinan kuring. Maksud digelung didieu teh buukna tembong, ceulina ebreh. Lamun digelungna di luar cindung jilbab mah teu jadi pasualan.

"Ah da digelung ge bisa asup sawarga," ceuk Tina.
"Kumaha Tina weh. Tina mah geulis. Tina mah presenter. Tina mah sakolana ti paguron luhur negeri padjadjaran jurusan kedokteran waos. Tina resep artos. Resep artos. Tos," ceuk kuring ka eta mojang.
"Ari kitu maneh bakal asup sawarga kitu?" ceuk Tina.
"Duka Tin, abdi teu terang. Kumaha Pangeran we. Tapi nu jelas, kayakinan kuring rek kasundaan rek kajawaan rek kabatakan rek kamalayuan rek kabulean, rek kabaratan, rek ka afrikaan, rek kacinaan, rek katimuran, jeung rek-rek sejenna deui, moal asup sawarga lamun teu Islami. Kuring sadar yen nabi Muhammad geus pupus, tapi pan saur anjeunna yen ulama teh penerus nabi. Jadi kuring leuwih percaya kana omongan jeung kayakinan ajengan daripada ka dalang atawa budayawan." ceuk kuring.
"Anjeun mah teu gaul, teu berbudaya, teu humanis, dasar santri can kantos masantren!" ceuk Tina bari jejebris.
"Tin, Geulis. Kuring memang can kungsi masantren, tapi sok maksakeun we ka pangajian. Tah kamari cenah ceuk ajengan Hasan ti Babakan, awewe anu teu ngajaga auratna bakal dibere cai tina sarupaning jarah anu ngandung racun dikeclakkeun kana genggerong terus nepi kana laranganana, nepi ka awakna ancur lebur saking ku ngandung racun jeung panasna eta keclakan cai jarah teh." ceuk kuring.

Tina bendu, bari nyakakak, "Kawas nu teu beuki siah kana awak jeung buuk jisim abdi. Abdi pasti lebet kana kaom nu salamet. Pasti. Sabab abdi sok solat lima waktu, abdi bakal ngora salawasna. Bakal dibere kadaharan jeung inuman sarupaning cocacola jeung burger kabeuki abdi ayeuna, abdi bakal dibere lalaki anu kasep jeung ngora siga Tom Cruise, bakal dibere kasur anu leuwih empuk alabatan spring bed, bakal dibere kandaraan nu mewah alabatan Mercy atawa Ferrari. Asal sok solat we. Steven Spealberg wae yakin asup sawarga, maenya abdi henteu."

"Solat memang bisa ngasupkeun jalma ka sawarga. Kitu oge mun teu sahun. Tapi mun teu dikurudung atawa dicindung anu surup kana ugeran jilbab pasti bakal dikanarakakeun."

Kuring nyeuseup haseup kana genggerong.

20.45 wib. The rock ngagedur. Tina geus hees.

14.01 wib. Simpe.

14.02 wib. Sora komputer ngagerung. Tina nu keur maca jurnal Sunda Pabeasan murukusunu, "Ah teu uni carpon teh, maenya gaya tutur pengucapan tokohna absurd. Sakapeung aing, sakapeung abdi, sakapeung kuring, sakapeung daku, sakapeung I am. Teu logis. Teu kawas Godi, absurd ge logis."
Langit ceudeum.

"Jaba basana teu ngundak-usuk. Kumaha ieu pangarang teh, sigana Si Kenur teh teu tamat kuliah di sastra Sundana. Kawa nu tara maca. Kawas nu gelo beuki mabok. Teu logis. Absurd. Absurd pisan."

Tangkal buah, tangkal gedang, daunna katebak angin ngetan.

"Duh jangaaarrr...," Tina labuh tina gedogan. Kuda nyengir. Hiiiihiiihhhiii.

14.14 wib. Utopia ngahelas. Jesjesan. Terus ngagedur. Kuring nu keur kokojayan dina imajinasi kareuwaskeun ku sora panto kamar nu muka. Mojang lenjang dierok nengah bitis, asup lalaunan. Dadana bodas. Buukna pirang.

"Hai jelek, abdi boleh masuk gak?"

Kuring ngagebeg. Kopeah disimpen luhureun karpet.

"Abdi nembe wangsul ti Jakarta. Gerah. Jeung jangar."

Kuring nyodorkeun paramex.

"Kampring banget sih."

Terus kuring ngorehan kotak obat. Aya panadol. Ku kuring diasongkeun.

"Tambah sprite pasti mabok deh. Abdi mending dicium ku Leonardo di Caprio tibatan neda as like that."

Ku naon tah parawan teh mani kawas nu murang-maring kitu.

"Apan jangar," ceuk kuring "Pusing abdi teh, you know? Mending ge stel atuh cianjuran, Kapati-pati. Abdi nuju brangta. Bete gitu lho!"

14.30 wib. Peterpan ngagedur. Euweuh cianjuran mah. Lain teu beuki. Kurang resep. Paling ge Udan Iris anu ngagembang teh. Ngan eta-etana. Rada wiwitan teuing. Kajaba mun Nurhidayahan kuring resep pisan. Sanajan euweuh mediana oge. Laleungitan.

Dibikeunan.

"Astaghfirullohal azhiim. Tina." kuring serseran basa bitis Tina tembong ngolenyay.
"Hey neuteup naon etah?"

Duh Gusti. Nanaonan atuh, Tina?

"Kirang heboh panginten nya?" terus manehna anteng ngusapan bitisna tepi kana mumuncanganana, kawas nu keur ngahaja muka pameran bitis jeung mumuncangan. Duh Gusti. Aya naon ieu teh?
"Ka dieu atuh, Tembem. Baturan abdi. Abdi nuju jaheut manah." sorana halimpu.

Kuring istigfar. Tina neuteup leleb. Buuk Tina panjang ngagebay.

"Tong ningal bae atuh. Abdi geulis nya? Loba nu hayangeun teh. Artis, presenter, pengacara, birokrat, pengusaha, nu ngarora... naha teu kabita yeuh ku kuring? Parawan. Abdi teh parawan keneh."

Duh, da upami keresa mah engke ku saya dikhitbah terus ditikah, Tin. Teu wani ayeuna mah ah. Di dinya lain pamajikan. Dosa hukumna," kuring ngarenghap jero pisan.

"Munafik. Kawas anu payu wae ka awewe sakitu geus dua salapan taun teh. Karek sakali bobogohan lin? Gampang kawin mah, engke geus jeneng, kakara abdi rek kawin. Tapi moal jeung you," biwirna manyun, "Abdi hayang hayang free. Abdi keur bete."

Nyaan, mun geus jadi pamajikan kuring tangtu bakal dirungrum. Bakal digalentor. Tapi teu. Teu wani kuring mah. Dosa. Jeung mun aya nu nyaho, pasti bakal wirang. Pikumahaeun atuh hirup kuring kahareupnakeun.

"Hampura Tina!" kuring ngagorowok bari ngajingkang hulu angenna. Buk. Manehna ngajengkang.
"Sakiiit...!" les weh kapiuhan dina kasur. Ku kuring gancang disimbutan.
"Astagfirulloha robbi min kulli dzanbil adziim laa yaghfiru dzunuba illa anta. Faghfirlii maghfirotan min indik innaka antal ghofururrohiim."

Kuring ngahephep. Tungkul. Awak ngadaregdeg. Kongkolak panon Tina rapet. Peureum.

15.10 wib. Gigi ngagedur. Cupumanik geus ngagoler. Aya gambar Mbak Tutut dicindung. Hanjakal buukna tembong. Nepi kana halis. Kurang. Kurang pantes. Teu nyari'ah. Masih keneh hayang gagayaan. Masih keneh dosa atuh Bu. Padahal ibu rajin jakat, infak, jeung sodaqoh. Malah mere hadiah ka nu sejen mah geus lain catur deui.

Cupumanik kungsi ngamuat sajak kuring dua kali. Gede honorna ge. Mani hayang dimuat deui. Tapi duka. Da ngirimkeun mah osok. Ah keun bae. Nu penting mah ayeuna masih keneh bisa ngudud.

15.20 wib. Cokelat ngagedur. Cupumanik mah can kungsi ngalanggan. Rada mahal. Lain teu hayang. Can boga duit. Engke mah mun dimuat di Cupumanik, duitna rek dipake ngalanggan ah. Panto kamar ngeblak. Di garasi Honda Accord Tina ngabetem. Bodyna balas kakecretan cai ngalogak. Kuring nelepun Si Obos. Angger Si Eta mah tara kungsi ngangkat, ari ditelepun teh. Si Emeng keur ngadahar tulang di buruan. Langit masih ceudeum. Angin ngalaunan. Naha can adan asar nya? Volumeuna dileutikan. Enggeus geuning.

15.30 wib. Ungu ngagedur. Galura. Aya na buffet. Aya kana sapuluh edisina. Asalna mah kurang leuwih dua taun ngalanggan. Ngan eta oge baheula. Sababaraha taun ka tukang. Anu panganyarna mah duka ka mana. Eta oge meunang menta ti Kang Usman, basa kuring ngirimkeun naskah ka Banceuy. Anu dua taun eta teh ampir sakabehna-nyesa sapuluh dibikeun ka Ustad Haris sina dikilo. Loba teuing tuda. Kamar teh asa hareurin. Jeung deuih harita mah geus ngarasa teu pati butuh alatan karya kuring tara dimuat wae.

Dua kali ngalaman dimuat di Galura teh. Nepi  ka dilelerna ku LBSS minangka pinunjul ka tilu. Hayang teh remen dimuat, ngarah bisa meunang deui pangleler. Lumayan duitna gede. Irahaeun kuring boga duit gede? Saumur-umur paling gede ukur nyepeng duit sajuta. Pamere ti kolot jeung pangleler tea. Dua kali tah. Ayeuna sono deui. Hayang barangbeuli, jeung sodaqoh.

17.40 wib. Speaker dipareuman. Galura dibaca. Teu kahaja aya beja, ceunah Tina kakara putus jeung tunanganana alatan lalakina nyelewer jeung presenter ngacay tv. Manehna masih keneh kapiuhan. Masih keneh sare tibra. Asa boga dosa geus ngajingkang manehna. Sigana ayeuna implenganana keur di Inabah putri II di Ciceuri Panjalu Ciamis. Keur mandi tobat. Terus solat tobat. Atawa ka Amerika ngadongdon Obama anu karek diistrenan terus ngadu gelas anu dieusi win. Ah, Tina... Tina. Euweuh sora deui. Kaayaan simpe.

***

Rawayan, 3 Shofar 1430

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula