Sat, 19-05-2012
Carita Pondok

Daun Pamungkas

Pintonkeun di FB

Ku O'Henry

Di hiji wewengkon leutik di kuloneun Washington Square, aya hiji jalan satapak teu kaurus jalanna taringgul nuju kahiji tempat nu kumuh, nelah wae "padumukan". Eta "padumukan" teh nyingkur dina pengkolan nu teu kasaba ku umum. Sawaktu-waktu sok aya jalma saurang dua urang pirajeunan ngulampreng ka dinya. Hiji mangsa aya seniman nu nganggap eta patempatan teh bakal boga ajen di wewengkon eta mah. Bari mikiran tagihan hutang cet, kertas jeung kanvas, manehna ngaliwat ka lebah dinya, dak dumadak hayang balik deui ka dinya, najan bari jeung teu boga duit sapeser-peser acan pikeun nyicil hutangna!

Tuluy, ka Greenwich Village seniman-seniman nyentrik daratang nareang kasempetan, maruru imah-imah Walanda gaya abad dalapan welas nu di lotengna aya jandela leutik nu nyalanghareup ngaler tur nu ongkos sewana marurah. Saterusna mah maranehna ngadagangkeun emuk tina campuran timah bodas jeung timah hideung sakalian jeung anglona, nempatan dua ti genep tempat nu ariuh di eta jalan, kadieunakeun pada nelah wae jadi "Koloni".

Di saluhureun pamukiman liar, di imah sewaan tina bata aya carita ngeunaan Sue jeung Johnsy, nu ngabogaan hiji studio. "Johnsy" teh lamisna tina ngaran Joanna. Nu saurang ti Maine; nu saurang deui ti California. Maranehna patepung di Table d'hote palebah Eight Street "Delmonico's, saterusna maranehna papada cocog dina hal selera seni, saladah Chicory jeung papakean gombrang nu jiga pastur, saterusna kalawan daria seja gawe bareng nyieun hiji studio.

Eta di bulan Mei. Di bulan November nu tiris mah, teu katingal saurang-urang acan aya urang asing, nu ku Dokter mah disebutna teh usum Pneumonia atawa Radang Paru-paru, nu nerekab ka sakur urang koloni, tatalepa di ditu di dieu tul-tel kawas ditepakeun ku ramo-ramo nu tiis nyecep badis es. Jauh nepi ka wetankeun tuluy sumebar teu kaampeuh, ngabalukarkeun korban nu teu kaitung, tapi laun-laun sukuna napak balawiri mapay jalan leutik lir lukut nu tumuwuh di eta "padumukan".

Si Mister Pneumonia lain wae geus ngagero lalaki kolot jaradi garering parna. Saeutikna kaom wanoja dewasa getihna ngaenceran ku hiliwirna angin California nu ngahiuk nembragan neang sasaran, matak eungap jeung renghap ranjug. Tapi Johnsy najan katarajang, manehna teu obah, tukuh ngalukis di ranjang beusina, mencrong kana jandela leutik palebah imah bata gigireunana nu geus towong.

Dina hiji isuk dokter nu keur sibuk teh diondang ku Sue ka jero gang, tembong halisna geus kulawu.

"Dina dirina masih keneh aya harepan,mun dibejakeun mah, sapuluh." ceuk manehna, bari ngoyagkeun ciraksa dina thermometer.
"Jeung eta teh kasempetan keur manehna sangkan hirup. Salah sahiji cara salian ti jalma-jalma nu aya dina daftar pangluhurna tukang ngali kuburan, nu ngabalukarkeun ahli-ahli farmasi jadi katingali bodo. Ieu mojang sobat anjeun nu lenjang, geus ngusahakeun sangkan anjeun aya dina kaayaan leuwih hade. Manehna geus mangaruhan jero dirina."
"Maranehna dina hiji poe hayang ngalukis Basisir Naples," ceuk Sue.
"Ngalukis? Mustahil! Aya nu mangpaat keur dirina sok pikir deui sing telik saurang lalaki, upamana?"
"Saurang lalaki?" ceuk Sue, sorana ngajerewet tarik.
"Naha saurang lalaki bisa mangpaat-tapi, lain, keur ngubaran, lain nu sarupa kitu."
"Baeu ari kitu mah, eta kalemahanana, lain." Ceuk eta doktor.
"Kuring rek ngentrukkeun sakabeh elmu pangaweruh, satekah polah ngusahakeun nepi ka hasil maksud jeung nyumponan tujuan. Tapi iraha wae ieu pasen mimiti ngitung kareta keur upacara nguburkeun dirina, ku kuring dikurangan 50 persen, tina matihna ubar pikeun nyageurkeunnana. Lamun wae anjeun bisa nanyakeun hiji pamentana misalna ngeunaan model baju gombrang usum tiris nu bakal datang, kuring bakal jangji, anjeun meunang hiji banding lima kasempetan keur dirina, keur ngaganti hiji banding sapuluh."

Sanggeus doktor indit Sue asup ka rohang gawe tuluy ceurik balilihan cimatana murubut nepi ka kertas Jepang panyusutna cipruk jiga bubur kertas.

Saterusna manehna ngagedig dangah ka rohang Johnsy bari mawa papan paranti ngagambar, ngaheot lagu Jazz taun 1890-an.

Johnsy ngalempreh, lalaunan ngalipet-lipet seprena kawas lambak, beungeutna nyanghareup ka lebah jandela. Sue ngeureunkeun heotna, pikirna Johnsy keur tibra.

Manehna masang papan gambarna tuluy mimiti nyokot pena jeung mangsi gambar nyieun hiji ilustrasi carita keur majalah. Pikeun seniman ngora maranehna kudu boga gaya nyieun seni gambar dina ngagambarkeun carita dina majalah, kawas pangarang ngora boga gaya pikeun nyieun hiji tulisan.

Basa Sue nyieun sketsa sapasang kuda gagah nu numpakna dipantalon jeung ngagambarkeun saurang jagoan, Cowboy Idaho, manehna mireng hiji sora; ngagalindeng, sababaraha balen. Rikat manehna muru kana sisi ranjang.

Bray, panon Johnsy beunta. Manehna kalawan rintih ngagalindeng ngitung mundur bari neuteup jandela.

"Dua welas" ceuk manehna, tuluy teu kungsi lila "sawelas", tuluy "sapuluh", tuluy "salapan", tuluy "dalapan" jeung "tujuh", ampir mareng.

Sue panasaran tuluy ningal ka luareun jandela. Naon nu sabenerna keur diitung? Saukur aya pakarangan nu pikaboseneun ngagemblang euweuh tingalieun nanaon jeung tembok bata gigireunana nu kosong manjang nepi ka duapuluh feet.

Tangkal Anggur nu ngarambat geus kolot, leumpeuh jeung akarna buruk, naek ngarambat kana saparo tembok imah bata. Nafas usum muguran nu tiris tumiba kana daun-daunna, kana anggur nepi kana dahan, regang, rarangkana nu masket, ampir taranjang bulucun, ngalebur jadi batu bata.

"Aya naon, Non?" ceuk Sue.
"Genep," ceuk Johnsy, ngaharewos. "Maranehna muguran leuwih gancang ayeuna. Tilu taun ka tukang mah ampir aya saratus. Nepi matak rieut kana sirah ngitungan maranehna. Tapi ayeuna mah leuwih gampang, kadaritu ayeuna manehna miang, ayeuna ngan kari lima deui."
"Lima naon, non? Sok caritakeun ka ieu 'Sudie' sobat anjeun."
"Muguran. Kawas tangkal anggur nu ngarambat. Nalika nu panungtungan murag kuring oge kudu miang. Kuring geus nyaho pitilu poeeun deui. Naha dokter teu nyaritakeun ka anjeun?"
"Aduh deudeuh teuing, kuring teu kungsi ngadenge carita nonsens kawas kitu," ceuk Sue ngarahuh, bari mapatahan semu kutuk gendeng.
"Naon nu tumiba kana tangkal kolot nu ngarambat ngabalukarkeun anjeun jadi leuwih hade? Jeung anjeun apan baheula mikaresep anggur, nu matak anjeun jadi bangor. Tong kumeok memeh dipacok. Naha atuh dokter tadi isuk-isuk nyaritakeun anjeun boga kasempetan pikeun cageur sabihara-bihari eta teh pasti cenah, tuluy naon geura nu dicaritakeuneunnana-ceuk manehna kamungkinannana sapuluh banding hiji!

Naha, lantaran sarua hadena jeung kamungkinan lamun urang tumpak mobil di New York atawa leuleumpangan ngaliwatan gedong-gedong anu anyar. Cobaan geura ayeuna dahar cikaldu, jeung keun antep ieu sobat anjeun nganggeuskeun gambarna, tangtu bakal bisa ngajual ka editor, tuluy bisa mangmeulikeun anggur keur sobatna nu gering jeung daging babi meunang nyiksik sangkan daharna ponyo."

"Anjeun teu kudu mangneangkeun anggur sagala rupa." ceuk Johnsy, panonna angger neuteup anteb ka luar jandela.
"Nu lianna geus mariang. Teu, kuring teu hayang cikaldu sagala. Daun-daun ngan kari opat deui. Kuring hayang nempo usum muguran pamungkas satacan reup poek, sanggeus kitu kuring oge tangtu bakal miang."
"Deudeuh, Johnsy," ceuk Sue, bari dongko hareupeunnana. "Anjeun kudu jangji, baris nutup panon anjeun jeung ulah nempo deui kaluar jandela eta nepi ka kuring beres baranggawe? Kuring kudu ngarengsekeun gambar itu isukan. Kuring butuh cahya eta, atawa kuring bakal ngagambar dina kaayaan surem."
"Anjeun teu bisa ngagambar di rohangan sejen?" Johnsy nanya, tiis kawas nu geus teu boga rasa.
"Kuring aya di dieu keur maturan anjeun." ceuk Sue. "Salian kitu, kuring teu hayang anjeun ngan saukur nalingakeun itu daun-daun nu ngarambat pikasebeleun."
"Ngadongengna engke sanggeus anjeun rarengse." ceuk Johnsy, bari reup peureum tuluy ngalempreh pias jeung cicing ngajepat badis patung nu tiguling.
"Ku sabab kuring hayang nyaksian usum muguran pamungkas. Kuring bosen nungguan. Kuring bosen mikir. Kuring hayang leupas tina sagalana, tuluy indit balayar ka jero nu pangjerona, jiga salah sahiji ti manehna nu langlayeuseun, daun-daun nu geus cararape."
"Coba geura sare," ceuk Sue. "Kuring kudu nyusulan Behrman keur jadi model aki-aki nu buburuh di pertambangan. Kuring bakal indit sakeudeung, kade tong nyoba-nyoba gerak ka ditu ka dieu, nepi ka kuring balik deui."

Si kolot Behrman teh saurang tukang lukis nu nyicingan padumukan di handapeun studio manehna. Umurna geus leuwih ti genep puluh taun jeung janggotan jiga Michael Angelo's Moses jambrong ngambay tina sirah mapay kana awakna kawas ririwa.

Behrman mangrupa saurang seniman anu gagal. Opat puluh taun manehna ngan saukur ngagunakeun sikat keur mersihan lipetan jubah dunungannana.

Awalna mah manehna hayang ngalukis hiji karya nu luhung, tapi can kungsi ngamimitian.

Ku sabab sababaraha taun manehna teu ngalukis nanaon iwal ti sawaktu-waktu sok mulas keur tukang dagang atawa iklan. Manehna diburuhan saeutik pikeun jadi model keur seniman ngora di koloni nu teu bisa mayar model nu profesional. Manehna sok nginum Gin, nyandu pisan, jeung masih keneh sok nyaritakeun bakal datangna karya nu luhung.

Lamun keur rineh manehna teh kolot nu rada galak, ka singaha wae nu moyok nyacampah kana kasomeahan tiap jelema, jeung ka sing saha nu mikahormat ka dirina manehna bakal satia nungguan jeung ngajaga cara ka dua seniman ngora di studio nu aya luhureun padumukannana.

Sue nepungan Behrman di padumukannana nu kaangseu segak buah berri jeung dicaangan ku cahaya anu surem. Di lebah juru aya canvas dina kuda-kuda paranti ngalukis nu keur nganti salila dua puluh lima taun dipulaskeunnana hiji garis nu bakal ngamimitian karya luhungna.

Manehna nyaritakeun sakabeh hayalan Johnsy, nu ngahariwangkeun manehna, saestuna pisan, kaayaanana nu ngoleang jeung regas kawas daun, ngapung ngawang-ngawang, nalika manehna ngaleupaskeun pamuntangan ka dunya nu beuki teu walakaya.

Si kolot Behrman, bari matana nu beureum ngaburileng, ngajorowok moyok tuluy nyacampah hayalan cileupeung kawas kitu.

"Naha!" manehna ngajorowok. "Naha jalma-jalma di dunya bakal kalojor ku sabab daun anggur nu maruragan, ngerakeun? Kuring can kungsi ngadenge nu sarupa kieu. Euweuh. Kuring moal daek ngagaya keur maneh jadi model kuli pertambangan nu belegug, naha anjeun ngantep kana eusi polona? Ah, pikiran anu heureut, Neng Johnsy."
"Manehna keur gering parna jeung teu walakaya" ceuk Sue.
"Jeung demam geus nyababkeun pikiranana jadi abnormal jeung pinuh ku hayalan anu aneh. Alusna mah, Pa Behrman, lamun anjeun teu daek ngagaya keur kuring, teu nanaon. Tapi kuring boga pikiran yen anjeun hiji kolot nu pikasieuneun - jeung kolot nu someah pisan."
"Anjeun geus sawawa!" gorowok Behrman.
"Ceuk saha kuring teu daek ngagaya jadi model lukisan? Tuluykeun. Kuring bakal datang marengan anjeun. Dina satengah jam kuring rek nyoba ngalukis jeung moal ngabejakeun yen kuring teu siap pikeun mere poseu. Gusti! Ieu lain tempat nu hade pikeun Neng Johnsy nu keur api-api gering. Hiji mangsa kuring bakal ngalukis hiji karya nu agung, tuluy urang kabeh bakal arindit jauh. Gusti! Heueuh."

Johnsy keur sare basa maranehna naraek ka tingkat luhur. Sue metot ka tempat nu iuh nepi ka deukeut jandela, tuluy mere isarat ka Behrman supaya ka rohang sejen. Ti dinya maranehna nalingakeun ka luar jandela nempo ngarambatna tangkal anggur bari rada hariwang. Saterusna sajongjongan mah maranehna silih teuteup bari ngabaretem.

Teger, hujan nu tiis geus miripis, awor jeung salju. Behrman, make kameja pulas paulna, tuluy diuk ngagaya jadi kuli tambang ngajengjen dangah jiga batu karang.

Isukannana nalika Sue hudang tina sarena, manehna manggihan Johnsy geus hudang, panonna neuteup gambar nu hejo.

"Pangkaluhurkeun, kuring hayang ningal!" manehna nitah, bari ngaharewos lungse, ku Sue digugu.

Tapi, naha! Sanggeus sapeupeuting katinggang hujan jeung katembrag angin gede, didinya najan nonjol nyanghareupan tembok bata, salambar daun masih keneh aya ngarambat. Manehna anu pamungkas dina tangkal anggur eta. Najan kitu katingal hejo kolot deukeut catangna, tapi sisi-sisina nu lalencop warnana geus mimiti koneng jeung buruk, manehna ngagantung kalawan teuneung dina dahan nu ngan ukur hirup dua puluh feet tina taneuh.

"Eta nu pamungkas." Ceuk Johnsy. "Panyangka kuring manehna tangtu bakal ragrag sapeupeuting. Kuring ngadenge heorna eta angin. Bakal muguran poe eta, jeung bakal paeh saharita keneh.
"Deudeuh teuing." ceuk Sue, bari ngagelehkeun beungeutna kana bantal. "Mun ceuk pikiran kuring mah, lamun anjeun teu mikiran diri sorangan. Naon nu bakal dipilampah ku anjeun?"
tapi Johnsy teu ngajawab. Hal nu paling pikakeueungeun nalika tatahar keur neruskeun lalampahan misteriusna. Hayalan katembong geus bener-bener nguasaan dirina, hiji hiji tali nu meungkeut sosobatan jeung dunya lalesotan.

Poe beuki langlayeuseun, tug nepi ka reup sore maranehna bisa ningali eta daun tetep ngarambat sorangan dina dahanna nyanghareup kana tembok. Saterusna, teu katahan angin peuting ngahiuk ti beulah kaler, hujan tuluy ngagebret nembragan jandela tuluy caina nyorolok mapay talang Imah Walanda nu depek.

Nalika geus rada bray-brayan caang Johnsy, keukeuh peuteukeuh. Marentahkeun supaya dipindahkeun ka lebah deukeut jandela anu iuh. Tangkal nu ngarambat masih keneh tetep di dinya.

Johnsy salila-lila neuteup merhatikeun. Terus manehna ngageroan Sue, nu harita keur ngajait kaldu hayam tina luhur tungku gas.

"Kuring lain budak awewe anu bageur, Sudie." Ceuk Johnsy.
"Hiji hal geus nyababkeun daun pamungkas cicing pageuh dina tempatna keur ningalikeun kumaha telengesna kuring, kuring asa dosa pedah ngarasa hayang maot. Pek ayeuna anjeun mangmawakeun cikaldu, make susu saeutik jeung sacewil daging di jeron. Tuluy, pangnyokotkeun eunteung heula, kuring rek meresan bantal, tuluy rek diuk bari nempo anjeun masak."

Sajam ti harita manehna nyarita:

"Sudie, hiji poe kuring nyanghareupkeun ngalukis Teluk Naples."

Sore eta Dokter datang, jeung Sue boga alesan pikeun indit ninggalkeun eta gang.

Tetep kudu gede harepan" ceuk dokter, bari nyepeng Sue nu leuleus, bari ngayun-ngayun leungeunna.

"Ku rawatan anjeun nu alus, anjeun geus hasil. Ayeuna kuring kudu ningali kasus sejen di rohang handap. Ngaranna Behrman, cenah mah seniman, kuring percaya, sarua kasawat Pneumonia. Manehna geus kolot, lalaki nu lemah jeung katarangna parna pisan. Euweuh harepan keur manehna mah, tapi geus di ka rumahsakitkeun poe ieu sangkan teu ngahariwangkeun."

Poe isukna dokter nyarita ka Sue. "Maehna geus lepas tina bahaya, Anjeun meunang. Dahareun pinuh gizi jeung rawatan nu hade jadi ubar nu matih ayeuna mah."

Sore eta Sue nyampeurkeun Johnsy nu keur nyarande na ranjang, nu keur sugema ngarajut salendang syal wool waena paul, tuluy ngalingkungkeun sabeulah leungeunna, kana tumpukan bantal.

"Kuring rek nyaritakeun hiji carita ka anjeun, beurit bodas." Ceuk manehna.
"Pa Behrman maot poe harita alatan Pneumonia di rumah sakit. Manehna ngan gering dua poe. Portir manggihan layonna rebun-rebun pisan di rohang handap euweuh nu nulungan kasakitna. Papakean jeung sapatuna jibreg jeung lecis alatan kabulen es. Maranehna teu bisa ngabayangkeun peuting nu pikakeueungeun jiga harita, manggihan hiji lantera, hurung keneh, aya taraje nu digugusur tina tempatna, sababaraha kwas pabalatak, aya warna hejo jeung koneng nu geus dicampur dina paletna, tempo geura kaluar jandela, deudeuh, di daun pamungkas nu tumuwuh ngarambat dina tembok eta. Naha anjeun teu hayang nyaho kunaon teu oyag-oyagan atawa gadag kaanginan nalika angin ngahiuk tarik? Ah, deudueh, eta teh Karya luhungna Behrman manehna ngalukis peuting eta nalika daun pamungkas muguran."

****

Judul asli "The Last Leaf", ditarjamahkeun ku M. Arsya

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula