Alun-alun Maut Haur
Ku Rais Purwacarita
Ti isuk ngelun, reres solat subuh, manehna geus ngelak ngahaleuang, nuturkeun wirahma kacapi nu dikoetan ku ramo-ramona nu geus pareot. Di juru jalan, sisieun patung Bandung Lautan Api, Tegalega, geus maranti manehna bebenah megatan jalan nu keur jaroging muteran jalan-jalan tinimbang teu aya gawe di imah mah.
Cimulang cipangayaman
Cimanuk mah marigi deui
Rek mulang kamemelangan
Sok sieun teu balik deui.
Angger sisindiran nu eta, geus puluhan taun dihaleuangkeun ku manehna teh. Geus apal cangkem sabab teu kungsi diruah-raeh malar bisa asup kana seni anu gaul. Sorana semu peura bari rada haroshos ngaheos. Malum kasurung ku umur nu geus tunggang gunung. Kapan ceuk Ema ge, manehna lahir waktu alun-alun Tegalega, nu cenah urut tangsi tentara Walanda, digranat ku Toha, urang Ciwidey. Balungbang urut bituna gudang senjata teh kiwari robah jadi Taman Tegalega nu jadi pangulinan urang kota, paranti jalan-jalan isuk-isuk sakumna urang Bandung nu resep olahraga. Di beh juru wetan, deukeut balong pangojayan, saban isuk sok aya pasar kaget, nu dagangna rereana mah bangsa Cina, da eta meureun nu jogingna ge kapan rereana mah bangsa oeh-oeh tukang usaha, jalma beunghar nu ngahaja nyegerkeun awakna di ieu tempat.
Nu matak teu aneh, mun di dieu mah rejeki teh teu pati mucekil kawas di tempat sejen. Meureun kaom oeh nu keur lulumpatan teh teu pati ngarti kana harti jentrengna kacapi, atawa lagu nu dihaleuangkeun ku manehna. Teu apal meureun yen eta teh lagu sinyur atawa kulu-kulu. Da memang bororaah deungeun-deungeun, dalah urang Sundana pisan ge rereanana mah geus teu apaleun kana sisindiran atawa paparikan teh. Komo ari kudu apal kana lagu gamelan salendro mah jajauheun.
Komo deui, da meh saban juru alun-alun, teu kaop aya tempat negla bari rada linih, angger sok dipake senam ku nu ngadon olahraga di dinya. Make sound system nu sorana patarik-tarik. Bari sakapeung mah diganda cocorowokan mere komando ku nu ngalatih senamna. Atuh sora kacapi teh mindeng kasilep ku jrang-jrengna sora musik senah nu matak eundeur. Geus sababaraha kali pindah nyingkahan nu tatabeuhan, tapi lantaran tempat sejen mah leuwih tiiseun carang aya nu ngaliwat, antukna, balik deui ka dinya, ka tempat nu sumawur jeung sora nu teu sawirahma jeung sora kacapina.
Beda jeung waktu manehna masih "manggung" di alun-alun. Nu datang ka dinya teh kapan eces rek jalan-jalan bari ngabrangbrangkeun tineung. Sakapeung sok bari jojodoan, leumpangna pakaleng-kaleng. Ngeukeupan dunya nu cenah ukur nu maranehna duaan. Nu rek lalajo tea, nu rek ngawadang di KFC tea atawa nu rek balanja sakadar nyugemakeun hate bebene. Kabeh nembrak di alun-alun Bandung. Atuh, ngadeng jentrengna sora kacapi, gelikna sora suling Kang Idam, gaharna haleuang pasesaan baheula, jadi pangjejeg kaluginaan nu ulin ka alun-alun. Jadi aweuhan panineungan keur kabeh nu keur nyacapkeun endahna hirup dina mangsa lugina.
Tapi, kiwari, sanggeus masjid agung nyingkahkeun karamean gedong palaguna. Sanggeus pamarentah ngabeberik nu dagang di emperan. Alun-alun jadi combrek leungiteun dangiangna salaku puseur dayeuh. Jalma-jalma nu biasana ngabayuan hirupna, ayeuna geus tara aya nu lalar liwat ka lebah dinya. Teuing ka mana leosna Bandung nu kawentar alun-alunna. Teuing ka mana genah tumaninahna Bandung keur rayat leutik model manehna. Alun-alun ninggalkeun manehna nu geus jangji rek jinek ngajemprak di palataran alun-alun nu geus welasan taun jadi panyambung nyawa dirina katut senina.
Tapi, da manehna mah geus jangji rek satia, saati jeung kacapi nu geus puluhan taun ngabayuan hirupna. Manehna mah moal incah balilahan pikeun migeugeut kacapina. Ngusapan jeung noelan kawat-kawat nu geus meh paregat. Itung-itung noelan panineungan jeung sawangan mangsa ka tukang. Urang dieu mah moal apaleun meureun, yen awewe nu ngacapi di juru alun-alun, nu baheula mah sok dipirig ku gelikna sora suling Kang Idam, salakina. Eta teh kapan urut sinden nu baheula mah keur sakabupaten panganjrekan manehna, geus papada apal kana sorana nu cenah ngabangbung hideung.
Daweung menak ti Pajajaran
Bangbung hideung
Gandruuung...
Lebah dinya punjulna sora nu dipibanda ku manehna waktu keur meumeujeuhna sohor jadi sinden hiji dalang nu geus kagurinda. Teu kuwu teu upas, mun menta lagu ka manehna teh pasti lagu Bangbung hideung heula. Sanajan enya ge ari nu geus kapiheulaan dipenta mah, nu lalajo ge aya sok menta lagu Kembang Gadung, Ekek Paeh, atawa Sariak Layung, lagu-lagu nu panjang embatan mah geus jadi kaistimewaan manehna. Eta we mun geus matek embatan gandrung atawa jangkung nu panjang ngalanglaung, nu lalajo teh meuni surak mangambal-ambal. Bari teu weleh susuitan. Komo mun geus tilu goong sora embatanana can pegat mah, carecet nu nalian duit teh tingbelewer ka luhureun panggung, minangka panyecep jeung panyawer.
Jenteng kacapi, gelik sulingna, ramo-ramona nu marucuk eurih, noelan kawat kacapi. Nu lalajo seah nyedek ka hareup. Bangbung Hideung geus oyag cenah. Waktu haleuang dimimitian, ger nu surak, jep jempe taya nu nyoara. Ngadedengekeun sora emasna. Irungna beukah, hatena guligah. Ieu aing sinden beken. Sinden nu kocap kageulisanana. Sinden nu sorana bisa nyihir rebuan jalma. Ieu aing ngalinjing tanpa tanding di panggung ukur nu aing.
Ekek paeh
Dina awi
Dituruban ki bangbara
Lagu Ekek Paeh naek kana Kapati-pati, nu lalajo lir nu kawisaya ku sorana. Ku melas melisna. Nyerepkeun hiji-hiji ungkara dina Kapati-pati nu jadi udagan kayakinan manusa mangsa eta. Cenah manehna teh katitisan sukma atma Upit Sarimanah nu kawentar daweung maungna. Atawa luar-leor sorana teh kapan jebles Titim Fatimah nu kawentar ngorayna. Gelik jeung geureuleungna sok dipapandekeun ka Si Geureuleung ti Cicambay nu kawentar entog mulangna. Jadi cenah manehna teh sinden nu lengkep.
Tapi, duka kumaha. Ladang manggung buruh nembang nu kaasup pangmahalna mungguh mangsa eta, nu kaasup taya poe nu towong taya bulan nu teu kacumponan ku panggung, banda ladang buburuh teh bet teu aya nyangsangna. Imah teu robah ukur kitu jeung kitu bae. Sumawonna eusi imah, ti mimiti diajar nembang tug tepi ka sohorna, angger we lomari nu eta, buffet nu eta. Ngan aya nambah teh saeutik meureun, balong tukangeun imah, nu Mang Arkadi geus kabeuli. Ditambah boga kuda renggong jeung gedoganana. Ladang nembang teh jigana ukur beak keur ngurus kuda jeung muruhan nu ngaritna. Lumayan, ari ka nu rada jauh nu teu kasaba ku mobil mah, manehna sok kana kuda muru panggung teh. dibarengan ku Mang Idam tukang kendangna nu ayeuna jadi salakina.
Tapi jaman memang leumpang meakkeun taun demi taun. Ngalengkahan tatapan jaman seni jeung jalma nu ngabayuanana. Seni moal bisa hirup mun masarakat nu mayarna, nu ngahirupanana, geus nyingkah ti asal diukna. Jadi, waktu masarakat geus robah nuturkeun obahna jaman nu dedet ku kapentingan batin manusana, atuh seni ge ngagoler, nyangsaya teu walakaya. Kaasup manehna nu kumawula miara jeung ngahirupan seni nu jadi panyarandean hirupna. Seni tayub geus lila surup, wayang golek ngagoler teu usik teu malik. Kiliningan ukur nyangsang dina lamunan. Gedong seni kahirupan manehna tinggal bangkarak sabada dirakrak paneka jaman. Manehna ge pon kitu deui, jiga imah kaleled caah tsunami, ilang ombak tinggal manehna ngabanusan taya batur, cuang-cieung nyeungceurikan diri sakujur.
Leuheung Si Onah, geulisna teh bisa meunangkeun insinyur nu jadi anemer, leuheung Ceuk Itok urang Leuwisaat, ngadon dikawin ku Babah. Ari manehna, ukur ngabelaan cinta, ngamumule kaendahan, pruk kawin ka Kang Idam teh ditepungkeun ku seni nu kungsi mere kaendahan ka manehna. Reres eta, tukang kendang geus teu payu da Kang Idam mah lain jelema nu rayunga. Narah kudu pipilueun ngadangdut atawa ngorgan jiga babaturanana nu pindah pileumpangan. Manehna angger we tukuh kana pamadegan yen seni tradisi teh nu kungsi ngahirup huripkeun manehna. Nu dicipta ku pujangga nu geus ngawariskeun karya linuhungna. Narah manehna mah ari kudu ngarakrak wirahma alatan jaman geus teu sanggup ngabayuan senina mah. Rejeki mah lain dibere ku jaman, cenah basana teh. rejeki mah babagian. Ti dituna geus dicangkedongan sewang-sewangan.
Tapi geuning, tukuh kana pamadegan teh kudu dipilampah ku kasangsaraan. Ngadon ngamen di juru alun-alun. Megatan kanyaah jeung katineung jalma-jalma nu ngaliwat hareupeun alun-alun. Salila welasan taun manehna ngajentreng ngahaleuang di dinya. Lumayan, aya keneh nu haat mantuan ngabayuan hirupna nu geus gilig rek mulasara seni karuhun. Sanajan manehna ge yakin, yen nu barang bere sasen sabenggol kana kobokan nu ngahaja nangalang hareupeun kacapi teh, can tangtu merena teh lantaran maranehna teh mangrupa jalma nu haat ka seni Sunda. Jiga manehna ayeuna.
"Tinimbang kudu rucah ngadon ngagalentoran kasenian bangsa deungeun komo bari jeung ngarakrak rumpaka katut rasa urang Sunda, Akang mah suka keneh jiga kieu. Keun bae da urang mah musafir. Patekadan urang mah iwal ti kudu angger bisa dahar tina kacapi sangkan urang bisa angger kuat ngacapi. Sangkan bangsa urang teu leungiteun kacapi," kitu ceuk Kang Idam basa dina waktu manehna kungsi ngarasula dumeh hirup ukur jadi tukang ngamen.
Cai mulang cai maling
Cai ngocor ka astana
Bingung mulang bingung balik
Bingung mopohokeunana
Angger laguna mah nu eta-eta keneh. Tapi ayeuna mah karasana teh beuki seuseuitan nurihan hatena. Enya, jaman geus ngahukum jalma-jalma nu teu daek ngarobah dirina. Manehna nunggelis taya batur. Katunggara karasa nyaliara dina sora-sorana nu peura bari semu haroshos. Geus teu aya embatan jangkung nu ngelewung ngalanglaung, geus teu aya lagu kapati-pati nu bisa ngajempekeun nu lalajo. Napas geus karasa mondokan, bororaah dipake embatan, dalah hayang sora rada bentes ge hese pisan. Ramona nu baheula marucuk eurih sakapeung mah sok diteuteup lain lantaran kaciri meotan, tapi lantaran kuku-kukuna tembong harideung jeung garote.
Kang Idam nu biasana aya gigireun mirig kacapi ku sulingna geus lila teu aya. Maot bari angger tigin kana jangjina hayang hirup jeung paeh teh tina seni nu geus jadi kayakinan hirupna. Alun-alun maut haur, hinisna seresetan. Lain kaendahan nu dipaut tina alam dunya nu negrak taya aling-aling. Tapi hirup katut hurip manehna.
Sarikaya kembang laja
Kembang bonteng ti astana
Kaniaya nu tunggara
Nu awon mah kieu rasana.
Baheula mah sindir kieu teh sok jadi bungbu kaendahan mangsa babarengan sapanggung manggung jeung Kang Idam. Mun baeud ka Kang Idam, cukup ku ngawih lagu kulu-kulu bem atawa kulu-kulu barang. Mun Kang Idam rek pundung, geuwat disindiran ku cai mulang cai maling. Bait-bait lagu pamungkas bieu, sok jadi sindir nu jadi mamanis rumahtanggana. Beda jeung kiwari, kabeh ungkara lagu nu dianggit baheula, bet karasana teh kalah ka nambah kingkin prihatin. Kalah ka ngalegaan rasa sungkawa. Bangbung hideung kalah ka ngalelece manehna nu baheula jadi kembang carita, kiwari ngajemprak taya daya. Nandean sapesereun sabenggoleun, sugan aya keur hirup, poe ieu. Alun-alun geus surup di dayeuh nu beuki koleas. Alun-alun maut haur, hinisna karasa nyereset nyebitan kulitna.
***
Rangkay Giri Hanjuang 2008