Sat, 19-05-2012
Katurug Katutuh

Salaki Ngalambangsari, Budak Ditewak Pulisi

Pintonkeun di FB

Dasar hirup kudu ngalaman katideresa. Keur gering ripuh di rumah sakit, salaki ngadon sosonoan jeung awewe sejen. Basa kuring kakara balik ti rumah sakit ge, salaki teh susulumputan kawin deui. Sabuni-bunina nyumputkeun kagorengan, awal ahir bakal kapanggih, bakal kanyahoan boh ku tatangga, ku sobat-sobatna, boh ku kuring sorangan. Unggal poe remen pasea, lantaran kuring asa dibokong, dipaido. Kuring nolak dicandung, tibatan dicandung, leuwih hade menta diserahkeun.
 
Soal jodo jeung pati mah, teu bisa ditangtukeun ku manusa. Najan urang sono bogoh, gede keneh duriat, tapi ari ku Gusti dikersakeun pipisahan mah, teu bisa nolak atawa dihalangan deui. Urang kudu tetep ngalaman pipisahan. Kudu daek ngalaman hirup nyorangan deui.

Kudu pipisahan jeung salaki. Dasar kudu kitu lalakonna, geus ngawangun rumah tangga aya kana lima belas taunna, boga anak tilu, awewe dua lalaki hiji. Teu pupuguh bet make tuluy pipisahan. Teu puguh mimitina, salaki teh kapincut ku awewe sejen. Batur sapagaweanana. Padahal harita, kuring keur gering ripuh di rumah sakit, ditungguan ku si cikal. Kudu diopnameu aya kana samingguna.

Salaki mah ngalongokan ka rumah sakit teh, beurang wungkul. Ngalongok teh tara lila, sabab digawe. Peutingna mah, tara pisan ngalongokan, duka teuing indit ka mana. Sabab, ceuk si bungsu mah, ti saprak kuring gering, salaki tara balik ka imah.

Untungna teh, boga budak awewe panggedena geus hideng. Manehna nu unggal poe geten nungguan kuring di rumah sakit. Lamun teu aya si cikal mah, kuring nunggelis.

Balik kuring ti rumah sakit teh, salaki mah kalah ka beuki nyucud. Manehna jarang balik ka imah, lantaran geus kapincut ku awewe sejen. Malah ceuk beja mah, salaki teh geus kawin rerencepan jeung batur sagawena. Sabab, ari bebeja rek nyandung mah, bakal dicarek ku kuring. Lantaran kuringna ge teu suka, teu rido. Ti batan kuring dicandung, leuwih hade pipisahan. Geus tekad kuring, moal bisa dibebenjokeun atawa dihahalang deui. Rupana bae tibatan teu laksana maksudna, meureun salaki teh kawinna rerencepan. Nu penting mah, asal sah bae. Tapi ngaranna kawin, ngaranna nyumputkeun tarasi, lila-lila mah bauna teh bakal nyebar. Bakal kanyahoan, boh ku tatangga nu dareukeut, ku sobat-sobatna di kantor, boh ku kuring sorangan. Sabab, jalma mah teu sarua kabeh. Aya nu pro, aya oge nu teu pro, nu teu resepeun kana tingkah laku salaki kuring. Nya, ahirna  aya sobatna bebeja ka kuring.
 
Pipisahan

Najan katohyan geus kawin deui ge, salaki mah kalem we. Teu nyirikeun maneh. Teu cara kuring, gulinggasahan teu puguh. Sabab, hate ngarasa panas, lantaran geus dinyenyeri ku salaki. Geus midua hate. Teu cara baheula, masih lelengohan. Manehna teh, jangji rek satia, rek satuhu, moal rek midoa hate. Tapi buktina ayeuna, sanggeus kuring ngalaman gering di rumah sakit, manehna kalah ka kapincut ku awewe sejen. Kuring teh asa sibobodo, asa disapirakeun pisan.

Papaseaan mah, geus teu bisa dihalangan deui. Unggal poe teh, teu aya usumna. Ngan henteu ari nepi ka ibur salelembur mah. Kuring ge era ku batur, masih boga harga diri. Keun bae nu nyaho mah, ngan kuring jeung salaki, ditambah ku barudak nu nyaksian. Pamenta kuring mah ngan hiji, nu ngora kudu diserahkeun deui. Kudu dipegatkeun. Sabab, kuring embung dicandung.

Lantaran salaki embung nyerahkeun nu ngora, kuring embung dicandung. Jalan nu pangalusna mah, iwal ti kudu pipisahan. Najan kuring masih keneh gede duriat, boga kabeubeurat, tapi kapaksa kudu pipisahan.

Bener geuning, abong salaki geus kacekok ku nu ngora, teu daek nyerahkeun. Kalah ka kuring sorangan nu kudu ngolesed. Kudu pisah. Padahal ngawangun rumah tangga jeung manehna teh, lain sataun dua taun, tapi aya kana lima belas taunna. Geus boga anak tilu. Nurustunjung pisan.

Keun bae meureun, geus lain jodona jeung manehna. Kuring kudu pegat duriat di tengah jalan. Teu bisa nepi ka pakotret iteuk. Teu bisa nepi ka kolot. Ngan karunya mah ka barudak wungkul. Salaki mah ngeunah, pipisahan teh keupat, teu ridu ku budak. Sedengkeun kuring, kudu bisa ngurus budak satilu-tilu. Matak jangar kana uteuk. Leuheung lamun diberean duit ku salaki unggal bulan, ieu mah dilurjeunkeun. Teu dibere duit saperak-perak acan.

Ngabantu-bantu

Lantaran hirup teh, ayeuna mah sorangan, ngan sabeulah. Geus teu boga salaki deui. Kapaksa pikeun dahar sapopoe teh, kudu ihtiar sorangan. Sabab euweuh deui nu mangihtiarkeunana. Teu cara bareto, kuring teh cicing di imah, ngan nampaan duit ti salaki wungkul. Ayeuna mah kudu banting stir, kudu daek ihtiar sorangan.

Tadina mah, ku kuring ge asa teu kapikiran, ti mana bisa neangan duit keur dahar barudak sapopoena. Keur waragad sakolana. Piraku we barudak teh kudu kalaluar mah. Kusabab teu boga duit keur waragadna. Tapi Gusti Nu Maha Suci mah, maha adil, maha bijaksana ka umatna. Najan kuring teu kungsi ngalaman tamat  SMP. Teu ngaleuleungit, rejeki mah unggal poe teh mirilik bae. Asal daek ingkah ti imah, asal hampang birit, ulah sok gengsian.

Unggal poe kuring teh sok dititah bunta-bantu di warung nasi Ibu Mimin, dititah balanja ka pasar jeung masak. Beres masak, sok tuluy dititah ngaladangan nu mareuli. Nu ngaradon dahar di warung. Eta bae, indit ti imah isuk-isuk teh, cengkat-cengkat tabuh dalapan peuting. Digawena mah, memang nyalse, teu cara digawe di pabrik, ngan saukur ngaladangan nu barang beuli. Ngan sok ngarasa kesel we, nu tara biasa mah.

Budak teu Katalingakeun

Kusabab unggal poe tara cicing di imah. Babantu di rumah makan Ibu Mimin. Barudak nu tilu teh, teu bisa katalingakeun pisan. Komo budak lalaki nu bungsu mah, lamun ulin teh sok kamalinaan. Sakapeung mah, tara balik ka imah. Duka teuing sare di mana? Ku kuring ge kungsi dipapatahan, sangkan ulah kabawa ku sakaba-kaba. Jaman ayeuna tea, apan campur gaul barudak ngora teh, bebas pisan. Campur gaul jeung santri, meureunan bisa kabawakeun jadi alim, bisa jadi santri. Tapi lamun hirupna campur gaul jeung barudak baong, meureun bakal kabawakeun kana nginum-inuman keras, nyeuseup narkoba jeung sajabana.

Kolot mah tetep bae sok ngarasa hariwang. Tapi duka teuing barudak mah. Naha hatena sarua jeung kolot atawa moal? Najan tara katalingakeun, tapi kuring mah tetep ngadoa ka Gusti Nu Maha Suci, sangkan barudak ulah kabawa ku sakaba-kaba. Ulah pipilueun jeung barudak nu teu puguh.

Barudak awewe mah, duanana ge balageur. Unggal poe teh, tara daek ingkah ti imah. Lamun ulin, nyaho kana waktu. Tara daek reureujeungan jeung jalma teu paruruguh. Matak kayungyun puguh. Kuring ge ngarasa reueus. Ngan budak lalaki wungkul, nu rada badeur teh. Matak jengkel ka kolot. Kadangkala remen tara balik ka imah. Bebejana mah sok sare jeung babaturanana. Duka teuing bener henteuna mah. Kuring ge teu nyaho. Rumasa teu bisa nalingakeun. Sabab, awak ngan sabeulah. Teu boga pikeun pamuntangan.

Kuring ngarasa heran oge, basa aya pulisi duaan datang ka imah. Harita teh, tabuh dalapan peuting, kuring ge karek balik pisan ti warung. Masih ngareureuhkeun kacape keneh, diuk dina korsi. Kuring kacida ngajenghokna, basa bapa pulisi tea ngabejakeun, yen budak kuring nu lalaki dikerem di kantor pulisi. Lantaran kapanggih jeung sobat-sobatna babarengan keur nyareuseup ganja. Salian ti sok nyeuseup ganja teh, ku pulisi mah, budak kuring teh remen diincer bae, lantaran sok ngajualan pel ektasi, cenah.

Hade rek goreng ge, anak sorangan. Rumasa nu salah teh, lain budak sorangan, tapi kuring ge sarua, teu bisa ngadidikna. Rumasa teu bisa nalingakeun budak. Najan budak sok nyeuseup ganja jeung ngajualan pel ektasi, kuring mah tetep nyaah ka budak. Tetep hayang ngaluarkeun budak, ngarah bisa balik deui ka imah.

Kuring ge kungsi menta tulung ka popotongan. Ka bapana budak, tapi teu malire pisan. Sabodo teuing meureunan rek kitu rek kieu ge, geus teu aya urusan deui jeung manehna. Duh, nasib teh ku sue-sue pisan. Padahal budak mah, euweuh urutna. Pamajikan lamun diserahkeun teh aya urutna, sok disebut urut pamajikan atawa popotongan, tapi budak mah, moal bisa disebut urut budak. Tetep bae anak sorangan.

Keun bae, najan bapa maneh teu malire ge, kuring moal rek cicingeun kitu bae, rek satekah polah neangan waragadna, sangkan hidep bisa buru-buru kaluar  ti pangberokan hidep.*** (Sakumaha nu dicaritakeun ku Ibu Amih As ti Subang ka Wanem/02)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula