Amalan Calon Pangeusi Sawarga
Ku Mahmud Yunus
Dawuhan Alloh SWT dina QS. Al-Anbiya [21]: 35: "Saban-saban jiwa baris ngarandapan maot". Kitu deui manusa, isuk atawa geto pasti tinemu jeng maot. Moal aya nu hirup salawasna. Waktuna? Taya nu nyaho. Dirusiahkeun. Ngan nu pasti ditetelakeun ku Alloh SWT dina QS Al-A'rof [7]: 34: "Jeung pikeun saban-saban umat oge aya ajalna. Nya upama (geus) datang ajalna, maranehna moal bisa menta dipundurkeun sakeudeung oge jeung moal bisa menta dipajukeun". Kitu deui dina QS Al-Waqi'ah [56]: 60 Alloh SWT nandeskeun: "Nya Kami nu geus mastikeun pati ka maraneh, jeung Kami moal bisa dihalang-halang deui". Jadi, daek teu daek atawa suka teu suka maot teh ngadodoho ka urang. Umur urang sajatina unggal poe ge ngurangan. Lain nambahan. Upamana, jatah umur urang teh dipatok 60 taun. Umur urang ayeuna (20 Mei 2009) jangkep 59 taun. Kari itung sesana. Hasilna, jatah umur urang teh tepi ka April 2010.
Saestuna, maot teh lain ahir perjalanan hirup manusa. Justru, ngarupakeun awal tina hirup jeung kahirupan nu abadi. Di alam langgeng (baka). Ari nu kudu dijadikeun perhatian ku urang nya eta hirup urang di alam kalanggengan teh sapinuhna ditangtukeun di alam dunya. Singgetna, mun di dunyana kagolongkeun jalma iman jeung sok migawe amal soleh nya di aheratna baris ditetepkeun jadi pangeusi Sawarga (QS Al-Baqoroh [2]: 25).
Sabalikna, mun di dunyana kagolongkeun jalma kufur jeung ngabohongkeun ayat-ayat Alloh SWT tanwande maranehna baris digebruskeun ka Naraka turta langgeng di dinyana (QS Al-Baqoroh [2]: 39). Alatan kitu, sawadina urang sarerea nyiapkeun bekel sacukupna keur kahirupan di alam baka. Dumasar kana pidawuh Rosululloh SAW aya sawatara amalan nu bakal nganteurkeun urang ka Sawarga di antarana bae:
1. Nyiar elmu pangaweruh
Nyiar alias tolab elmu pangaweruh teh hukumna wajib keur sakumna umat Islam. Taya bedana antara muslim jeung muslimah. Oge taya bedana antara kolot jeung budak. Lantaran sakumaha pidawuh Rosululloh SAW, nyiar elmu teh lumangsung saumur hirup. Sepanjang hayat dikandung badan. Minal mahdi ilal lahdi. Cindekna, saha bae nu ngahaja ngamomorekeun waktu (teu dimangpaatkeun keur diajar) baris cilaka. Hususna diajar elmu-elmu kaagamaan (Islam). Nurutkeun pandangan Al-Ghozaly elmu nu perelu disiar teh nya eta Al-Quran jeung tafsirna, hadis, fiqih, bahasa, jste. Sedengkeun ceuk Ibnu Kholdun mah nu diperelukeun teh: (1) elmu lisan ngawengku Elmu Lughoh, Elmu Nahwu, Elmu Bayan, jste. (2) elmu naqly saperti Elmu Tafsir, Elmu Hadis, Elmu Ushul Fiqh, jste. (3) elmu aqly kayaning Elmu Mantiq atawa Logika, Elmu Alam atawa Sains, Elmu Katuhanan atawa Teologi, jste. Perelu ditandeskeun, nu diwajibkeun di dieu teh tolab elmuna. Lain hasilna. Ngan memang aya katerangan kieu: Jalma nu ngamalkeun hiji perkara teu jeung elmuna, (tangtu) amalna baris ditolak. Sabab, praktek nu teu didasarkeun kana teori tangtu teu bisa dipertanggungjawabkeun. Upamana bae, samemeh prak ngalaksanakeun solat; sing yakin heula yen urang geus ngarti kana prak-prakanana.
Dumasar kana hadits nu diriwayatkeun ku Muslim ti Abu Hurairoh RA, Rosululloh SAW ngadawuh: Man salaka thoriiqon yaltamisu fiihi ' ilman, sahhalalloohu lahu bihi thoriiqon ilal jannati. Hartosna: "Sing saha jalma nu naratas jalan keur (kapentingan) nyiar elmu pangaweruh, Alloh baris ngagampangkeun pikeun manehna jalan ka Sawarga".
2. Nyampurnakeun wudu bari ditungtungan ku ngado'a
Para ulama fiqih netepkeun yen wudu ngarupakeun salasahiji syareat Islam nu teu bisa disapirakeun. Sabab, wudu ngarupakeun kawajiban nu disyareatkeun langsung dina Al-Quran (QS Al-Mai'dah [5]: 6). Kadudukan wudu kacida pentingna. Dumasar kana HR. Bukhori, Muslim, Abu Dawud jeung Turmudzi ti Abu Hurairoh r.a, Rosululloh SAW ngadawuh: "Alloh teu nampi solat salasaurang ti aranjeun satungtung manehna boga hadats, sahingga manehna wudu". Hartina, wudu teh ngarupakeun salasahiji sarat sahna solat. Mun wuduna teu sah, nya solatna ge teu sah. Balukarna solatna ditolak.
Nyampurnakeun wudu (komo dina kaayaan tiris pisan) diajenan luar biasa. Sakumaha ditetelakeun dina HR. Muslim ti Umar bin Khottob RA, Rosululloh SAW ngadawuh: "Saha bae nu nyampurnakeun wuduna tuluy maca kalimah; 'Asyhadu an laa ilahaaha illalooh wahdahu la syariika lahu, wa asyhadu anna Muhammadan 'abduhu wa rosuuluh', pikeun maranehna baris dibukakeun panto-panto Sawarga nu dalapan jeung maranehna bisa asup ngaliwatan panto nu mana bae". Kari milih.
3.Ngajawab adzan kalawan ihlas
Ngajawab kalimat-kalimat adzan kalawan tulus ihlas (lain karna hayang pangalem ti papada manusa jeung lain karna kapaksa) nu disoarakeun atawa dikumandangkeun ku muadzin (nu adzan) baris meunang ganjaran ti Gusti nu Maha Agung. Katerangan ieu didasarkeun kana HR Muslim ti Umar bin Khottob r.a., saur anjeunna Rosululloh SAW ngajelaskeun: "Nalika muadzin ngucapkeun kalimat; 'Alloohu Akbar, Alloohu Akbar' tuluy salasahiji ti antara maraneh ngajawab, 'Alloohu Akbar, Alloohu Akbar'. Nalika muadzin ngucapkeun 'Asyhadu an laa ilaaha illallooh', tuluy manehna ngucapkeun 'Asyhadu an laa ilaaha illallooh'. Satuluyna nalika muadzin ngucapkeun 'Asyhadu anna Muhammadar Rosuulullooh', manehna oge ngucapkeun 'Asyhadu anna Muhammadar Rosuulullooh'. Nalika muadzin ngucapkeun 'Hayya 'alash sholaah', manehna ngajawab 'Laa haula wala quwwata illa billaah'. Satuluyna deui nalika muadzin ngucapkeun 'Hayya 'alal falaah', manehna ngucapkeun 'Laa haula wala quwwata illa billaah'. Jeung nalika muadzin ngucapkeun 'Alloohu akbar, alloohu akbar' manehna ngucapkeun 'Laa ilaaha illallooh' kalawan ihlas karna Alloh manehna baris abus ka Sawarga".
4. Ngadegkeun solat lima waktu
Dumasar kana HR. Ahmad, Abu Dawud jeung Nasa'i ti 'Ubadah bin Shomit r.a, Rosululloh SAW kantos ngadawuh: "Aya lima waktu solat nu diwajibkeun ka hamba-hamba-Na. Saha bae nu ngalaksanakeun eta solat kalawan daria (teu nganggap enteng), mangka ngarupakeun kawajiban Alloh ngasupkeun maranehna ka Sawarga". Tegesna, Alloh SWT ngajamin yen jalma nu merhatikeun solat fardu kalawan daria baris jadi pangeusi Sawarga.
5. Ngadawamkeun solat sunat
Disarandekeun kana HR. Muslim nu asalna ti Ummu Habibah, Rosululloh SAW nguningakeun ka umatna: "Di antara calon ahli Sawarga teh nya eta nu sok mindeng ngalaksanakeun solat sunat (tathowwu') dua belas rokaat jero sapoe sapeuting". Malah dina hadis ieu ditetelakeun: "Maranehna baris disadiakeun imah di Sawarga".
6. Sumujud ka Alloh SWT
Sedengkeun nurutkeun HR. Muslim nu asalna ti Tsauban r.a., Rosululloh SAW nandeskeun di antara calon pangeusi Sawarga teh nya eta nu sok remen sujud ka Alloh SWT. Saur Kangjeng Rosul: "Satiap kali sujud, Alloh baris ngangkat darajatna jeung mupus dosana eta jalma". Kajaba dosa syirik (QS An-Nisa [4]: 48).
7. Ngawangun masjid
Didasarkeun kana HR. Muttafaq 'Alaih ti Usman bin Affan r.a., Rosululloh SAW ngadawuh: "Saha bae nu ngawangun masjid kalawan miharep karidoan Alloh SWT, (jaga di aherat) baris disadiakeun imah di Sawarga". Ngawangun masjid teh kacida pentingna keur syi'ar Islam. Ngawangunna mah, ku cara rereongan oge bisa. Nu kabiruyungan boga harta, nya ku hartana. Nu pareng boga pangabisa atawa kaahlian, nya ku pangabisana atawa ku kaahlianana. Nu kabarengan boga tanaga, nya ku tanagana jste. Jadi, teu kudu meleg-meleg sagala ti sorangan.
8. Nyampurnakeun haji jeung umroh
Amalan sejenna deui nu bisa nganteurkeun nu migawena ka Sawarga teh nya eta nyampurnakeun haji jeung/atawa umroh luyu jeung tungtunan nu samistina. Numutkeun HR. Muttafaqun 'Alaih ti Abu Hurairoh r.a, Rosululloh SAW ngadawuh: "Ti umroh ka umroh sejenna, ngarupakeun kiparat atawa panglebur dosa nu dilampahkeun di antara umroh nu dua tea". Dumasar kana hadis ieu, upamana bae salira kantos ngalaksanakeun umroh nu munggaran taun 1999. Taun 2009 diparengkeun umroh deui, tah mun aya dosa nu dipilampah ku salira antara taun 1999 tepi ka 2009 teh dilebur ku ganjaran umroh. Satuluyna Rosululloh SAW ngajelaskeun: "Jeung saestuna teu aya ganjaran nu pantes dilelerkeun ka haji mabrur iwal ti Sawarga".
Urang wangsulan deui, nu didugikeun bieu teh sapalihna amalan-amalan calon pangeusi Sawarga. Pamungkas, hayu urang sasarengan ngeureuyeuh ngamalkeun amalan-amalan kasebat luyu sareng kamampuhan sewang-sewangan. Amin.
***