Sat, 19-05-2012
Pangalaman Para Mitra

Pangalaman Para Mitra Edisi 2222

Pintonkeun di FB

Rurugan Mengbal

Ari nu rek di caritakeun ku kuring di dieu, nya eta pangalaman kuring harita basa usum rurugan mengbal dina raraga milangkala kamerdekaan RI nu kadua welas. Dina waktu ngarurug ka unggal kampung, kuring mah tara ieu kabagean jadi pamaen inti. Ari sababna nyaeta pedah kuring leutik keneh. Ongkoh waruga oge waruga bawana. Kore. Kari-kari apan aya nu leuwih gede batan kuring sanajan kabadaganana teh ngan saukur keur nyingsieunan musuh wungkul; da ari kabisana mah teu sabaraha. Tapi eta oge sok rajeun maen ngaganti pamaen anu geus loyo atawa nu sukuna  pateuh. Puguh da sanajan boga pangawakan leutik oge ari maen tik-tak atawa ngocek bal mah kuring teh teu jore-jore teuing; asa pangkampiumna bae da disebutna oge Si Cabe Rawit. Tapi eta oge henteu ari salincah Piece Timisella atawa Hengki Timisella pamaen kasawelasan PERSIB bareto, sanajan ari pangawakan meh sarua jeung kuring.

Kacaritakaeun kuring sabalad-balad ngarurug ka hiji kampung di Cigebot. Ceuk rarasaan mah kasawelasan ti kampung kuring teh asa pangalusna, asa pangjagona da sok remen jadi juara; tapi harita mah asa lain ti nu biasana. Geura weh basa keur maen, teu kaharti ku Mang Usup basa nyepak bal sakitu tarikna, heug pas pisan lempeng jeung gul musuh. Ha... da eta mah kalah nyempong ka belah kencaeun gul. Kang Udi nu biasana jadi senterpur mun nampa bal tina sepak kornal bari diheden teh tara ieuh aya nu misleuk. Tapi harita mah unggal-unggal ngaheden, bal teh sok keuna wae kana punduk. Atuh lapur teu hiji-hiji acan nu asup. Kitu deui Mang Engkus anu kasohor si jago najong bal volly, eta oge kalolobaanana mah kalah ngayun kanjut. Teu kasepak hiji-hiji acan. Kang Dana nu sepakanana kasohor sepakan guludug jeung pangwani-wanina barung, harita mah nyepak  nu ngan sa-alung baju. Heueuh, sajauh-jauhna baju dialungkeun atuh paling jauh oge ngan sapuluh meter. Nyepakna mecel ngan keuna kana tuur bae; nu matak teu kaharti ku akal. Mang Sudarman tukang ngagebekeun musuh bari ngabalicet jeung pangtarik-tarikna lumpat, harita mah kalah kapeclengkeun. Lumpatna ge kawas mobil beakeun bengsin, rundag-randeg teu puguh. Nu sejenna nya kitu keneh. Nu tadina tukang gagabred jeung titimbris oge harita mah kalah nyalingkir. Geura bae Mang Ade, algojo patengahan tukang nyepak bal 12 pas; berekah harita mah tina 4 kali 12 pas teh teu hiji-hiji acan nu asup. Tuda unggal disepak balna ngan ngapung ka luhureun gul bae. Nu matak tatadi oge... teu kaharti!

Dina waktu jeda satengah maen, ari nu kasemahan teh nyuguhan kadaharan rupa-rupa. Aya papais sampeu, cai enteh haneut, gula kawung, cidawegan jeung seupan cau. Puguh wae mani ngaharimel da puguh tas cape tea. Basa maen nu kaduana kuring dipasang jadi tukang ngeupan bal. Ari sugan teh tas reureuh jeung ngopi mah balad kuring rek leuwih sumanget jeung leuwih bedas. Tapi ieu mah geuning kalah sabalikna. Marales. Mimitina Mang Sudarman lapor ka kuring. "Lo, geuning Emang mah teu bisa lumpat!"

"Ku naon, Mang?" ceuk kuring bari ngareret ka Mang Darman nu luut-leet ku kesang.
"Ieu Emang ngadon... nyelegeng teu puguh...," ceuk Mang Darman bari ngadekem nu di handap. Kuring ngareret kana kolor Emang.
"Kumaha pang jadi kitu Mang...?" ceuk kuring bari ngoperkeun bal ka Kang Udi. "Nyaeta Emang oge teu apal... ngan tadi Emang tas nginum cikalapa jeung dahar papais...," ceuk Mang Darman bari nyepak bal operan ti Kang Udi.
"Boa-boa Mang...?" ceuk kuring bari lumpat ninggalkeun Mang Darman nu kabingungan.

Barang Kang Udi nampa bal, langsung bae disepak satakerna bari terus lumpat rek muru dibere eupan deui. Tapi kakara ge sabaraha lengkah, ngan reg wae Kang Udi teh eureun bari nyekelan calana kolorna. Horeng tali kolorna pegat. Atuh kapaksa ditilepankeun terus digulungkeun kawas nu make sarung. Lain deui jeung Mang Ade; eta mah tos barung teh ingkud-ingkudan bari nyengir nahan kanyeri. Sigana kabintih ku musuh bincurangna buncunur mencenot hideung. Mang Engkus nya kitu keneh; ngudag balna oge kawas nu kaleked pisan. horeng manehna oge ngadak-ngadak nyeri beuteung. Paingan atuh lumpatna oge bari rundag-randeg, sakapeung nulak cangkeng, sakapeung deui bari nyekelan beuteung. Jadi rek bisa lumpat kumaha ari bari nyekelan beuteung mah. Masih keneh untung Mang Engkus mah, orokaya Mang Sudarman, lumpatna teh bari ngabeken nu dihandap da teu leler-leler jegengna.

Geus we harita mah rurugan teh kacow pisan. Elehna oge mani 7 - 1. Eta oge cenah ngasupkeun hiji teh hadiah ti musuh.

"Lumayan keur piiteukeun balik nu daringkut...!" ceuk bobotoh musuh bari eak-eakan, tingsaruit, tingalajrag jeung tinggorowok kawas nu mupuas pisan. Balad kuring teu lemek teu nyarek kawas bueuk meunang mabuk. Kabeh pada ngabetem.

Isukna ear di lembur majar kasawelasan kuring eleh gara-gara tas disuguhan kadaharan nu geus dijampean. Malah aya nu nyaritakeun dina palebah tihang gulna oge dipelakan tek-tek sagala rupa. Paingan atuh Mang Darman nu kawentar jago balap sa-desa, ngadadak teu bisa lumpat da jeceng bae; Mang Engkus nu tadina bedas ngadadak mules beuteung, Kang Udi nu nyepakna tara misleuk harita mah ngan ngabulasut bae. Tapi eta oge Wallohualam.

Endang M. Suhandanie
Kom. Perumahan
Pemda I/No.62 Entrop
Jayapura.

Teu Tulus Miang

Pangalaman ieu teh kajadianana mah sawatara waktu ka tukang. Kuring kadua ki lanceuk rek ka Surabaya. Tiket jeung kaperluan administrasi sagalana geus disiapkeun ti kamarina. Kari prungna bae ka bandara.

Harita sanggeusna meunang boarding pas, laju muru rohangan tunggu nu aya di umpak kadua di bandara Husen. Ti dinya katingali kapal Merpati nu baris ka Surabaya teh geus ngajugrug di lapangan parkir kapal.

Jam genep isuk-isuk leuwih lima menit jadwal ngapungna teh. Teu lila dibewarakeun yen kapal teh di "delay" heula salami sajam. Bener we salila sajam nungguan kakara aya deui pangumuman yen kapal teh jadi ngapung jam tujuhan leuwih sababaraha menit.

Cunduk kana waktuna, gura-giru sakabeh panumpang muru "Merpati", tertib dina arasup ka kabin kapal teh. Kuring jeung lanceuk meunang korsi anu nyanghareup kana jandela. Memang geus kabiasaan kuring ari rek tumpak kapal mabur teh sok menta korsi anu deukeut jandela, ambeh laluasa ningali pamandangan di jomantara.

Saperti biasa, sanggeusna para panumpang tarapti diuk di tempat sewang-sewangan, karasa kapal teh ngageleser maju ka landasan pacu. Sabada pramugari rengse mintonkeun cara-cara nganggo pelampung, kapal teh reg eureun, rek siap-siap ngapung.

Kuring mah ari tumpak kapal mabur teh sok rada kukurayeun, sieun ku itu ku ieu. Sok loba anu dipikiran, kumaha engke ari aya naon-naon pas keur ngapung. Komo keur kuring mah nu hobi maca novel, geus sababaraha novel nu geus dibaca kabehanana nyaritakeun kajadian sabab musababna kapal mabur ragrag. Di antarana aya ku sabab nu sapele pisan cenah. Sekrupna palsu, jadi roda logor henteu pas, cenah mah, jadi weh si kapal teh ragrag. Bener henteuna mah duka, ngarana ge novel atuh.

Ku kituna kuring alhamdulillah tara poho maca doa perjalanan, wirid sabisa-bisa. Can ge rengse wiridna, ari ngong teh bewara ti pramugari yen kapal teh teu jadi ngapung cenah, lantaran jangjang kapal ruksak jadi engkena teh kapal moal bisa turun deui. Ku sabab eta para panumpang dititah turun deui, sina nungguan di rohangan tunggu, kapal rek diomean heula. Sajam dua jam, dugi ka opat jam nungguan, ari di lieuk ka lapang parkir teh, itu geuning koper-koper teh kalah ka dikaluarkeun deui ti jero kapal. Wah teu jadi mangkat yeuh... para panumpang sawareh aya nu patingkulutus, kuciwa, meureun ngaburu waktu ka Surabaya teh.

Ari kuring reuwas kareureuhnakeun, untung... masih di darat keneh kanyahoan jangjang kapal rusak, kumaha ari geus aya di luhur keur ngapung? Meureun engke teh si kapal hihiberan wae dugi ka beak bahan bakarna lantaran teu bisa turun tea, emhhh... palias teuing.

Dwi Harini
BTN Pusdikajen Lembang Bandung

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula