Ngagederkeun Sawala ti UPI Teras ka UNPAD
Para mitra,
Sapertos nu kantos didugikeun dina rubrik Lawang Saketeng sababaraha sasih kapengker, MANGLE ngajak ka media massa Sunda sanesna, GALURA, CUPU MANIK sareng SUNDA MIDANG, ngayakeun sawala ngabahas carpon nu dimuat dina media bieu. Alhamdulillah, ajakan kitu teh kenging panampi nu sae ti media massa Sunda.Kitu deui Fakultas Pendidikan Bahasa&Sastra UPI oge bingah pisan basa diajak ngiring kana kagiatan bieu teh,malihan sanggem janten pribumina. Nya sapuk, saban 3-4 sasih sakali, opat media massa Sunda kasebat bieu ngayakeun sawala sastra Sunda tempatna di aula Jurusan Basa Daerah, UPI Bandung. Nu parantos lumangsung kamari, sawala dijejeran ku Usep Romli HM, sastrawan, sareng Teddy Muhtadin, dosen sastra UNPAD. Salajengna sasih Agustus payun, nu bade ngajejeran teh,Dr.Ruhaliah, dosen sastra UPI sareng Hawe Setiawan, redaktur majalah CUPU MANIK.Kanggo sasih Desember, numutkeun rencana mah, sawala dijejeran ku Atep Kurnia,wartawan CUPU MANIK sareng Prof. Yacob Sumardjo, guru gesar STSI.Topikna perkawis kagiatan tarjamahan dina sastra Sunda sareng sastra Indonesia.Insya Allah, ka payunna redaktur ti GALURA, SUNDA MIDANG, MANGLE kitu deui para dosen sastra bade diajak ngajejeran sawala.
Para mitra,
Tina kagiatan sawala dipiharep tumuwuh apresiasi nu sae kana karya sastra Sunda kitu deui kacintaan kana basa Sunda. Kukituna, sawala bieu teh kagiatanana diayakeun di paguron luhur sangkan kaom generasi ngora, hususna dosen sareng para mahasiswa, kitu deui masarakat umum tiasa ngiring aub. Naha sawala teh bade diwatesanan di UPI wungkul? Euleuh, tangtos moal kitu, kagiatanana bade diayakeun oge di paguron luhur sanesna. Tah, sabada kamari ieu MANGLE badanten sareng Prof.Dr. Nina Lubis, guru besar sejarah UNPAD , anjeunna sumanget pisan ngajak MANGLE ngayakeun sawala perkawis kabudayaan Sunda dina ambahan nu langkung lega.Upamina wae nu disawalakeun teh,lian ti basa sareng sastra, ngangkat oge masalah sajarah, kasenian, antropologi sareng masalah-masalah sosial umumna.Tangtos wae pangajak Ibu Nina bieu teu kinten matak bingahna, hartosna MANGLE kenging kapercantenan ti paguron luhur. Nya, sapuk kalayan gawe bareng antawis Pusat Studi Kebudayaan Sunda Fakultas Sastra UNPAD, Masarakat Sejarawan Indonesia(MSI) Cabang Jawa Barat sareng MANGLE, saban sasih bade ngayakeun sawala perkawis kasundaan nu ngawengku basa, sastra, kasenian, sajarah, antropologi, filsafat sareng masalah-masalah sosial umumna. Hartosna siap nyawalakeun kabudayaan sareng paradaban Sunda dina ambahan nu salega-legana. Sawala terbuka kanggo umum. Atuh, MANGLE parantos kenging kapercantenan ngamuat makalah nu dibahas dina sawala bieu.
Iraha, derna?Mugi-mugi, sasih Agustus payun oge parantos ngageder.
Para mitra,
Sabada ngayakeun sawala di UPI sareng UNPAD, mugi-mugi tiasa diayakeun oge
di paguron luhur sanesna. Salajengna, MANGLE oge nuju tatahar ngayakeun sawala perkawis pangwangunan di Bandung, Garut, Sumedang, Subang sareng kabupaten sanesna.Prung, ah!
Katgam, Prof.Dr. Nina Lubis, guru besar sejarah UNPAD. Ngajak nyawalakeun kabudayaan Sunda dina ambahan nu langkung lega.