Kingkilaban Edisi 2213
Prof. Dr. Mochtar Kusumaatmadja; Milangkala KA 80
17 Februari 2009, Menteri Luar Negeri manten Prof. Dr. Mochtar Kusumaatmadja yuswana jangkep 80 taun. Rebo tanggal 18 Maret Departemen Luar Negeri patareman jeung Fakultas Hukum Unpad ngayakeun Annual Lecture ngahormat sareng mieling milangkala anu ka 80 taun tokoh diplomat Prof. Dr. Mochtar Kusumaatmadja di Graha Sanusi Hardjadinata Jl. Dipati Ukur 35 Bandung.
Acara ngahaja digelar, nurutkeun Menteri Luar Negeri Dr. N. Hassan Wirajuda kitu deui saur Rektor Ganjar Kurnia, husus pikeun kanggo ngahormat Rektor Unpad manten Sang Panaratas konsepsi Wawasan Nusantara salah sawios cendekiawan jeung nagarawan anu kritis tur objektif. Salami jeneng Menteri Luar Negeri ti taun 1978-1988 Prof. Mochtar tos nyambuangkeun eksistensi Deplu dina pelaksanaan pulitik luar negri pikeun ngagugah perhatian jeung simpati masarakat internasional ka Indonesia. Mangsa harita Deplu Republik Indonesia ge aktip milu aub merjoangkeun karepeh rapihan dunya. Pakar hukum internasional jeung praktisi hukum, Profesor Mochtar tos seueur maparin kontribusi nu luhur ajenna kana kamekaran Elmu Hukum Internasional di urang. Lengkah Pa Mochtar dina nu jadi pakar hukum laut, ti kawit anjeunna jadi anggota delegasi Indonesia dina Konferensi Hukum Laut PBB anu ka-1 jeung ka-2 di Jenewa taun 1958 jeung 1960; oge nalika anjeunna jadi pingpinan Ketua Delegasi Indonesia dina Konferensi Hukum laut PBB anu ka-3 anu medalkeun pangakuan kana konsepsi nagara kapuloan anu saterusna jadi bagean tina konvensi Hukum Laut PBB taun 1982.
"Sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun ka Pa Menteri Hassan sareng Rektor Unpad kana pangajenna, mugia lengkah pun bapa salami ieu, janten pangrojong sareng ngamotivasi generasi ngora supados janten jalmi-jalmi anu aya gunana pikeun bangsa sareng nagarana" Kitu biantara Rachmat Askari Kusumaatmadja, wawakil ti kulawarga. ASEP GP.
MENLU Dr. HASSAN WIRAJUDA; Pa Mochtar Dosen Hassan Di UI.
"Pa Mochtar, panginten Bapa mah tos lali deui, kapan abdi teh kantos janten Mahasiswa (didosenan) bapa, nalika diwulang "Hukum Internasional" ku bapa di Universitas Indonesia (UI) taun 1969." Saur Menteri Luar Negeri Dr. N. Hassan Wirajuda nyoreang alam ka tukang, basa janten keynote speaker dina Annual Lecture "Pendidikan Hukum Internasional: Prospek dan Tantangan" dina acara Annual Lecture Menghormati dan Memperingati 80 Taun Tokoh Diplomasi Prof. DR. Mochtar Kusumaatmadja di Graha Sanusi Hardjadinata Unpad Bandung sawatara waktu nu geus kaliwat.
Ieu Rektor Manten jeung Guru Besar Fakultas Hukum Unpad teh, hiji tokoh guru sareng kacida dipikareueusna ku Menlu Hassan. Reueus ku pamikiranana saurna teh katurug-turug anjeunna teh diplomat ulung, kawantu medal tina rahim akademisi, kantos janten dosen, atuh naluri ngatik-ngadidikna teh kacandak dugi ka cepeng kalungguhan Mentreri Luar Negri oge, nya Pa Mochtar pisan anu naratas program kaderisasi luar negri di Deplu. "Tah dugi ka sim kuring tiasa ngalanglangbuana nyuprih elmu di 6 universitas mancanagara malih dugi ka janten menterina pisan, nya salah sawiosna hasil ngatik-ngadidik anjeunna." Kitu saur Menteri Hassan Wirayuda.
Ngahormat Profesor Mochtar, saur menteri, lain ngan saukur ngawilujengkeun dina milangkalana anu ka 80, tapi oge bari mikawanoh lengkah sareng ketakna neraskeun tapak lacakna. Coba wae ku diplomasina anu "ulung" ngeunaan hukum laut (12 Mil garis basisir), hasilna lain ngan saukur mertahankeun lemah cai urang tapi oge bisa nambahan 6,2 juta Km pasagi jadi milik bumi Pertiwi.
Tapi sagigireun eta Menlu Hassan Wirajuda ge prihatin saurna teh. Sabab saha deui anu bakal neraskeun tapak lacak Pa Mochtar Kusumaatmadja. Saha deui anu mokuskeun studina kana Hukum Laut internasional jaman kiwari? Lamun aya anu saperti Pa Mochtar we sapuluh urang, nagara urang bakal reugreug. Ku kituna Menteri umajak ka para mahasiswa sangkan dimana lulus, daptar we jadi calon diplomat ka Deplu, dijamin beresih transparan taya KKN, saratna ulah bosenan sareng kedah pasih basa asing. Sareng lamun di DPR aya kuota 30% wanoja tah di Deplu ge 48-52% anu katampina kaum hawa. Kitu saurna.*** (ASEP GP)
KAMAL ALAMSYAH; Reformasi Birokrasi, Harepan, jeung Tangtangan
Reformasi birokrasi di Indonesia datangna henteu semet diawalan ti tingkat handap, tapi mangrupa hiji harepan ti handap (nyaeta masarakat) ka tingkat luhur (pingpinan).
Ku naon tingkat luhur (pingpinan) dina birokrasi Indonesia kiwari nu mangrupa bagian nu kudu direform ti haeula? Intina, yen reformasi birokrasi Indonesia nyaeta ti mimiti pingpinan (pupuhu). Kasadaran, obsesi, komitmen pereluna reformasi kacida dipiharep datangna ti luhur, ti pingpingnan, samemeh arinyana didongsok, dijurung malah diteken ti handap.
Kitu di antara paderan orasi ilmiah Prof. Dr. Drs. H. Kamal Alamsyah, M.Si., basa tanggal 14 Maret 2009 dikukuhkeun jadi Guru Besar Bidang Ilmu Administrasi Negara Jurusan Ilmu Administrasi Negara Fakultas Sosial dan Ilmu Politik Universitas Pasundan (UNPAS) Bandung.
Numutkeun ieu Guru Besar nu lahir di Garut 47 taun ka tukang, birokrasi minangka alat, wadah atawa mesin pamarentahan misti jadi bagian tina tata pamarentahan anyar nu disebut 'governance'. Ku kituna, brokrasi ge kudu mangrupa governance birokrasi nu henteu ukur mawa aspirasi tunggal, kitu deui keur dirina sorangan (pamarentah wungkul), tapi kudu jadi hiji beungkeutan kawijakan, kaputusan, peraturan nu sagemblengna tina kasapukan babarengan 'stakeholder' dina pamarentahan.
"Birokrasi bakal ngawujud saluyu jeung nu dipiharep, upama domain pulitik mimiti dikurangan atawa diculkeun. Sarta domain kapentingan masarakat/publik leuwih dikahareupkeun. Muga-muga!" kitu ditetelakeun ku Apih, lalandihan dalitna di lingkungan Pasundan mah.
Ieu caroge Hj. Kurniati Kamal, SIP.M.Si, sarta Bapa ti 3 putra: Lisnanda Alam Perdana (mahasiswa Teknik Geologi ITB), Livani Putridwini Kamal (Mahasiswi Fakultas Ekonomi UKM) sarta Lisvania Putigarini Kamal (siswa SMA Negeri 14 Bandung) teh aktip tur nyangking sababaraha kalungguhan. Di antarana Tenaga Administrasi di Unpas (19821993), Tenaga Pangajar Kopertis Wil. IV Jabar Banten Dpk. Jurusan Ilmu Administrasi Negara FISIP Unpas (ti 1993 nepi ka ayeuna), Tenaga Pengajar di Program Magister Ilmu Administrasi Pascasarjana Unpas (ti 2003 nepi ka ayeuna), Tenaga Pengajar Program Doktor Ilmu Sosial BKU Ilmu Administrasi Publik Pascasarjana Unpas (ti 2007 nepi ka ayeuna), Sekretaris Program Doktor Ilmu Sosial BKU Ilmu Administrasi Publik Pascasarjana Unpas (ti 2007 nepi ka ayeuna), Tanaga Pengajar Tidak Tetap Program Pascasarjana STIA Priatim Tasikmalaya (ti 2004 nepi ka ayeuna), Tenaga Pengajar Tidak Tetap Program Pascasarjana STIA Sebelas April Sumedang (ti 2006 nepi ka ayeuna), Penguji Tidak Tetap Program Magister dan Doktor Ilmu Administrasi Negara Pascasarjana Unpad (ti 2003 nepi ka ayeuna), sarta Penguji Tidak Tetap Program Doktor Ilmu Sosial Pascasarjana UNAIR Surabaya (ti 2006 nepi ka ayeuna).
Ieu Guru Besar nu kungsi dideudeul piagem panghargaan pangabdian 25 taun ti Rektor Unpas taun 2007, sarta piagem tanda kehormatan Satya Lencana Karya Satya 10 taun ti Presiden RI (1 Agustus 2008). Oge aktip di organisasi Tim Assesor Sertifikasi Dosen, 2008; Tim Editor Jurnal Ilmiah Governance Lemlit Unpad; Tim Leader Penataan dan Bimbingan Teknik Bidang Kepegawaian di Kota Banda Aceh Kerjasama BRR jeung Pulau Nias; Tim Penilai Jabatan Fungsional di Badan Diklat Propinsi Jawa Barat, jst.
"Sim kuring kalintang bingah amarwata suta katut ngahaturkeun sewu nuhun laksaketikabingahan ka sakumna kadang wargi nu teu kendat ageung perhatosanana sareng pangrojongna. Mugia Alloh SWT. Salawasna maparin mangpirang taufik hidayah-Na ka urang sadaya. Amin," Prof. Dr. Drs. H. Kamal Alamsyah, M.Si, mungkas wangkongan.
***