Sat, 19-05-2012
Kingkilaban

Kingkilaban Edisi 2216

Pintonkeun di FB

HETTY KOES ENDANG; Naha Ngan Salaki Abdi Wungkul?

Hetty Koes Endang waktu nyaksian ngagubragna pones keur carogena anu dipidana dumasar kana tudingan kabaud kana kasus sogok suap katingal sedih. Dikurubut ku wartawan ngajawab pertanyaan parondok bae. Nu penting, naha atuh anu kudu jagrag teh salaki abdi wungkul? Pokna. Da tangtuna ge loba anu kabaud. Yusauf Amir Faisyal caroge Hetty oge teu jauh ti istrina dina ngedalkeun kasumpegna. Tapi kulak canggeum bagja awak, pones ditampi, da bebela ka diri pribadi mah enggeus cukup panjang lebar pokna teh.

Unggal sidang oge Hetty nyaksian,  satia nyarengan kajeun beda korsi. Jadi apaleun peresis kumaha jalanna persidangan. Yusuf Amir Faisyal anu ngadahup jeung Hetty geus welasan taun lilana katingal kalem, ngawalon pertanyaan-pertanyaan Jaksa, Hakim jeung Pembela oge kalem pisan. Kakuciwaan ngan ditepikeun ka wartawan, ngaraos teu adil, ngan dirina anu dijagragkeun, ari nu sejen anu bukti kabaud, henteu digomeng-gomeng, saur anggota DPR-RI manten, nu kaselir jadi Ketua Komisi V teh.

"Karasa pisan aya kateu adilan!" ceuk caroge Hetty anu sok disebat Si Abang ku Hetty.

Hetty Koes Endang penyanyi asal Bandung naratas karirna di dunya tarik sora ti keur di SD keneh. Ku ibuna, Ny. Karsiwulan sok ditutuyun didaptarkeun kana lomba-Lomba Nyanyi, unggal lomba, Hetty jadi juara bae, karirna terus nanjak dibawa ku sorana anu beresih, harus, tarik, halimpu... basa di Sabuga aya pagelaran  kolaborasi jeung Waljinah, Hetty ku sorana anu luhur tur beresih, ngalagukeun "Sangkuriang", hadirin jempe kakemat ku sora Hetty jeung ku daya tarik lirik eta lagu.... "Hung dupa mengalun, buka tabir purbakala, riwayat Priangan, ibu yang dirundung malang. Dipercinta oleh, putra Sangkuriang Sakti...." Jeung saterusna.
Hetty nu bakal dikantun ku "Abang" nu kudu ngalakonan hukuman  taun kurungan,. Pasrah..... ari tos kedah kumaha de4ui? Kitu gerendengna. (HRS)

YASA NATAKUSUMAH; Sangkuriang Mulang Ka Sarakan

Nguping wartos ti Pa Thalib Puspokusumo, sasurna Kolonel Yasa teh tos mulih deui ka sarakan Tatar Parahiyangan. Sakabeh asetna di Texas Amerika Serikat diical.
Pa Yasa anu ngababakan anyar di Texas ngagaleuh tanah lega di ditu jeung muara walungan gede dianggo usaha Wisata Bahari. Usahana maju turta kajojo pisan lantaran sipatna unik. Ku bangsa Indonesia anu ngumbara di Amerika, pangpangna pa Thalib anu kantos janten Konsul di Texas ditarelahna teh Sangkuriang, sabab Pa Yasa geus mampuh ngabendung walungan terus dianggo wisata bahari, jadi tempat lalayaran, jeung sukan-sukan. Sering ngadatangkeun rombongan kasenian ti Indonesia, pangpangna kasenian Sunda. Kolot budak kacida raresepeunana lalayaran, wisata baharina pada mikaresep. Jigana kakara Pa Yasa, pihak sewasta Indonesia anu  mampuh muka usaha mandiri di nagara Paman Sam anu sakitu jugalana, heug widang usahana uniuk, dalah di Amerika tacan aya anu muka usaha jiga kitu.

Keur mamajuna usaha, garwana ngantunkeun, ti dinya Pa Yasa rada ngungun lantaran garwana teh kacida mantuanana kana kamajuan usaha Bapa.
Usaha Bahari di Texas dibuka sabada Pa Yasa ngical aset usaha Bahari di Pulo Putri Kepuloan Seribu Jakarta. Sabada Bang Ali lengser tina kalungguhan Gupernur DKI Jakarta, Pa Yasa ngaraos seueur  ngalaman kapincangan, nya ahirna asetna diical, terus anjeunna ka Amerika sakulawarga, di Texas ngabendung walungan, peresis Sangkuriang nu ngabendung Citarum sanggakeuneun ka Dayang Sumbi. Pa Yasa, Kolonel Laut penerbang Sipil anu nyepeng brivet penerbang sipil ti  Amerika Serikat anu kacida dijurung ludeungna ku Bang Ali waktos jadi Gupernur Jakarta, pikeun muka wisata Bahari di Pulo Putri tea. Di Amerika oge jenengan Kolonel Yasa  jadi pamujian pamarentah, sagigireun  usahana sukses, Pa Yasa kaasup nu pangsatiana mayar pajeg. Ayeuna Sangkuriang geus mulih ka sarakan riung mungpulung deui jeung kadang kulawarga, teu palayeun deui ngabendung walungan da Citarum  oge kapan kapan geus dibarendung  ku Sangkuriang-Sangkuriang masa kinih (HRS)

NISFU CHASBULLAH; Kacida Sumujudna Ka Ibu

Ngawangkong jeung Kang Nisfu, kitu disarebutna  ku sobat-sobatna di pakumpulan Alumni HBS  matak pogot. Jejer wangkonganana memang unik nurutkeun kacamata awam mah, sual kani'matan ngalakonan olahraga "Terjun Payung" atawa Luncat Payung ceuk urang Sunda mah. Olahraga nangtang balai  anu mahal waragadna teh pikeun Kang Nisfu mah olahraga anu endah jeung kacida dipikacintana. Kajeun geus ngalaman dua kali tibeubeut, anu kaduakalina mah salirana tepi ka jiga payung lipet tapi waluya walagri deui.  Kersaning Alloh,  tapi hih da teu kapok, luncat deui luncat deui.

Ari Kang Nisfu kacida sumujudna ka ibu, lamun saur ibuna ulah terjun deui, pasti ngagugu, tapi hiji mangsa mah, dikersakeunana teh terjun deui. Tapi da kersaning Alloh Si Akang tibeubeut, malah salirana kabulen ku payung tepi ka ampir-ampiran teu kapanggih ku Tim Penyelamat. Opnameuna ge di RS.Rajawali Bandung, ayeuna masih mayeng ka Malaysia lalandongna teh, dicepeng oge ku ahli tulang sacara tradisional. can wantuneun deui luncat ayeuna mah Si Akang teh, tapi katingalna mah tos sehat wal afiat. Ngawangkong  jeung Peterjun senior, pupuhu  Persatuan Olahrafa Dirgantara Terjun Payung (FASI) di bumina sawatara waktu nu geus kaliwat, husus we ngawangkongkeun luncat payung, memang resep ngupingkeunana oge, sabab Kang Nisfu uninga peresis kana rasiah awang-awang anu lenglang tempat Putra Sang Armbi Raden Gatotgaca.ngalayang nalingakeun kaamanan nagara Pringgandani atawa Amartapura. Ayeuna dipake amengan ku para Gatotgaca FASI.

Cabang Olahraga Terjun Payung kaasdup anu keur bebenah diri, metakeun upaya keur  narik nu micintana jeung calon panongton.  Cabang olahraga Dirgantara,
Terjun Payung  mah tapi geus lila jadi perhatian masarakat, lantaran memang pantes ditongton, hiji pintonan unik anu teu loba jalma anu mampuh kajeun sarerea resep.

Saenyana henteu kudu cape teuing mikir kumaha carana  ngajual cabang olahraga dirgantara ieu supaya bisa dijadikeun  entertain keur masarakat, atawa bisa ngagandeng pesen seponsor dina aktivitasna.  Ari aktipitas terjun payung nu boga potensi multi purposes nyaeta "Demonstrasi Terjun Payung" saur Kang Nisfu Chasbulloh.

Taun 1970-1980 pangseringna digelar Demonstrasi Terjun Payung. Demo anu narik, di antarana, basa  demo dina  m ieling Agustusan di Kabupaten Bandung, waktu luncat direncanakeun, para peterjun (tadina mah penerjun) kudu laluncatan peresis adina waktu Bupati keur pidato. Nu demo puluhan peterjun laluncatan tina pesawat C-130. Tapi  dumadakan henteu aya saurang oge anu  peresis ragrag kana DZ, di tempat anu  geus ditangtukeun, ragragna teh di tempat sejen anu kosong.
Kajadian sarupa kitu teh  kaalaman  dua kali. Sakali deui mah waktu demo di setadion Bea Cukai,  ragragna teh para peterjun di tempat anu kosong di Kuningan. Para suporterna tinggorowok "Mirip euy!"  Kitu Kang Nisfu medar pangalaman.  Tapi eta mah lalakon nu geus kaliwat jeung moal kaalaman deui ayeuna mah,  Demo  ayeuna, jaman teknologi leuwih maju mah nurutkeun Kang Nisfu,  paling henteu kudu dilengkepan ku "Demo Plan", kemasan atraksi  nu narik lengkep jeung "time frame-na"  Brifing heula  sarta latihan/gladi demo,  MC sina ngeusian kakosongan (vacum),  ground to air communication" jeung sajabana.  Samemehna  diawalan heula ku "presentasi" demo ka sponsor/host, "negosiasi", waragad jeung nandatangan "kontrak demo" jeung sagalarupa terms katut kondisina. Ku jalan kitu, demo luncat payung nu geus direncanakeun teh  bakal nyugemakeun panongton jeung mangpaat keur seponsor/host, sabab misina kahontal, nguntungkeun oge keur palaksana demo. Tah kitu di antawisna. Mugi sing enggal damang Kang Nisfu, engke luncat payung,  heug lungsur di buruan MANGLE.

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula