Kingkilaban Edisi 2225
DEUIS KURNIASIH: Istri Pejabat, PNS Anu Rancage
Lengkepna mah jenenganna teh Hajjah Deuis Kurniasih MPd. Istrina DR.Ir.H.Endang Suhendar,MS, Sekda Kota Tasikmalaya. Salirana camperenik alit. Kelebet istri anu parigel singer turta rancage kana pancen-pancen gawe. Kasibukan jeung waktuna karampas ku kagiatan-kagiatan organisasi. Ti ngawitan jadi Ketua DWP, terus Ketua GOP-TKI, Ketua Perwosi, Wakil Jetua III Tim Penggerak PKK, Panasehat GOW, Bendahara KONI Kota Tasikmalaya. Kacipta kumaha pakepuk sibukna sadidinten enggoning ngalakonan rupa-rupa pancen kawajiban organisasi anu sakitu numpukna. Tapi hampang we bangunna teh dilakonannana ku Ibu Deuis mah, da pokna ge, sayaktosna henteu dipigawe ku sorangan, kapan kerja Tim, rempug gawe rereongan rengrengan pangurus organisasi. Kawajiban hiji pupuhu organisasi kudu jadi pemersatu jeung ngajurung ludeung katut sumanget ka mitra-mitra saorganisasi. Lian ti kitu, lantaran memang cinta kana widang garapan, cinta kana organisasi anu diheuyeukna.
Kusabab pamianganana ti dunya atikan, mingpin GOP TKI ngaguluyur. Kalungguhan PNS-na Pengawas SD, nu kagungan 10 sakola binaan anu sapapanjangna kudu ditalingakeun. Ngawangkong salse jeung MANGLE di Tasik.
Hajah Deuis sareng carogena. DR.Ir. H.Endang Suhendar MS sami-sami teureuh Singaparna, kota kacamatan nu sohor beuleum ulenna. Tadina mah carogena pejabat Kabupaten ti ngawitan jadi Kepala Dinas Pertanian, Perkebunan, Bappeda tepi ka Assda 2. Ti saprak Ngadeg pamarentahan Kota,Ir.Endang pancen di Staf tepi ka ahirna kaselir jadi Sekda tug tepi ka ayeuna. Atuh ayeuna mah Bu Deuis oge tambah pancen kawajiban, sabab istri Sekda dipentes kudu ngagendeng kang caroge ngukir karir di pamarentahan.
Waktu lumangsung Pilihan Ketua Darma Wanita, Ibu Deuis Kurniasih nu teu weleh asih ka sasama, pangpangna pisan ka anak didik, kapilih jadi Ketua dina Munas taun 2004, da ayeuna mah Ketua Darma Wanita teh henteu spontan diepeng ku istri Bupati tapi dipilih sacara demokrasi.Atuh Ibu guru anu reancage teh tambah pancen jadi ibu para istri PNS.Tapi saurna ka MANGLE, Desember 2009 bakal lumangsung deui Munas anu bakal milih ketua anyar. Pancenna mingpin GOP TKI Tasikmalaya saluyu jeung misi pendidikan. Sabulan sakali saurna sok aya riungan jerung para panyalanggara TK, Dinas Pendidikan, IGTKI, GOP TKI ngabarempugkeun ngalaksanakeun program-program.
Tepi ka ayeuna GOP TKI Tasikmalaya nyatet prestasi hade.GOP TKI Tasikmalaya kungsi ngarebut juara kaopat Paduan Suara GOP TKI sa Jawa Barat. Kacipta ngolecerna Ibu Sekda Tasikmalaya sadidintenna, kumaha tah ngabagi waktuna bu? Waduh ari disawang ti anggangna mah kuma tea kolecer, tapi tetela saurna, di rorompok beres roes barudak kaatik kadidik pangpangna atikan agama darigama anu nguatan iman katut ahlakna. Barudak kagendeng kagondeng berkah bantuan kang caroge anu teu weleh ngajurung laku. Kitu deui kagiatan luareun bumi, pangpangna ngageroh rupa-rupa organisasi teu burung beres. Ngabina 10 sakola dilakonan hampang-himping perbawa sumanget pangabaktina anu gembleng. Kulawarga Sakinah Mawadah Warohmah kasampeur, jadi ibu organisasi kahontal kadongkang, berkah kakuatan niatna ibadah tea. Kitu di antarana wangkongan sabengbatan sareng Ibu Deuis Kurniasih nu ka DR.Ir.Endang Suhendar MS ngabaktikeun tilu putra, cikalna Yusticia Anggraeni,S.Sos tos babakti di Bank Jabar, Kadua Armi Anggara kuliah keneh di Unpad, Si bungsu Rama Anggara di SMA keneh. Wangkongan ditutup di buruan gedong DPRD Kota dipirig Hujan miripis. Dibelaan huhujanan demi MANGLE ta mah Bu Deuis anu memang geulis. (HRS)
PROFESOR SETIAWAN SABANA: Hikmah jeung Musibah Tina Media Anyar
Dina kagiatan Dies Emas 50 taun Institut Teknologi Bandung, tanggal 15-20 Juni 2009 baris diayakeun Konferensi Internasional "Energy and The Environment: Reinvention for Developing Countries" anu widang kajian riset jeung pamekaranana ngawengku biotechnoloy, sustainable energy, information technology, regional development & infrastructure, sarta fine art & design.
Tah aya anu narik dina konferensi anu lumangsung lima poe di Aula Timur Kampus ITB Jl. Ganesa 10 Bandung. Lian ti bakal diluuhan ku 1.000-1.500 urang pamilon anu ngawengku 140 pemakalah internasional (Malaysia, Jepang, Saudi, Thailand, Gambia, USA, India, Pakistan, Nigeria, Taipe, Taiwan, jeung Philipina) sarta pemakalah ti sakuliah nusantara, nyaeta ku ayana "Fine Art& Design" anu ngabahas Hikmah jeung Musibah tina Media anyar (modern) anu digarap ku Pusat Penelitian Seni Rupa dan Disain (Tgl 19-20 Juni). Tah anu narik teh naon hubunganana kasenian jeung Energi?
"Is kapan seni teh energi (tanaga/sumanget) kaendahan dina jero kahirupan. Malih sain tehnolohi ge aya di sahandapeunana," kitu saur Profesor Setiawan Sabana anu kabagean jadi Seksi Sibuk..
Leuwih jauh ieu Kapala Pusat Penelitian Seni Rupa dan Disain ITB ngeceskeun, dina jaman kiwari media anyar, media visual kayaning HP, PC, notebook, facebook, kamera digital, televisi, kacida mangaruhanana kana hirup kumbuh sapopoe bari nyiptakeun dampak negatif-positif, hikmah jeung musibahna, malah sakabeh aspek kahirupan sacara fisiologis, psikologis, filosofis, sosial, ekonomi, politik, kultural ka beh kaeundeukeun. Contona lamun kaparengan urang poho teu mawa HP dampak psikologisna urang jadi kaweur-teu PD(percaya diri), saolah kahirupan ge eureun. Ngirim ondangan kiwari cukup ku SMS jeung e-mail. Ku kitu teh kantor pos teu payu. Make Laptop kudu aya kembang Lidah Mertua pikeun ngalindeukeun radiasina.
Tah saur Profesor Setiawan, di dunya akademik, riset (panalungtikan) anu aya hubunganana jeung penomena eta beuki kuat. Dina konferensi internasional Seni Rupa& disain ieu ge bakal diarahkeun kana kajian pergeseran budaya visual anu sifatna tradisonal ka arah kontemporer (modern). Kitu saur Profesor anu departemenna kungsi nalungtik 'warna lokal kasundaan', "papan lapis tina awi" jeung "palapah salak Manonjaya jadi bahan bangunan jeung meubel".*** (ASEP GP)
PROFESOR GANJAR KURNIA; Rektor Anu Nyeniman
Lamun jalma boga Getih Seni atawa resep kana seni geus tangtu moal bisa dihalang-halang deui, saperti Prof.Dr.Ir. Ganjar Kurnia, karesepna kana kasenian geus pada maralumeun deui jeung teu kateug pedah ku geus jeneng rektor Unpad, dina sela-sela kariweuhan pancenna, masih keneh bisa nyieun sajak anu harade, naskah drama, jadi sutradara, lalajo teater, musik, jeung sajabana.
Anu pikalucueun mah basa aya acara "Car Free Day" (Poean Bebas Kandaraan) di jalan Diponegoro Bandung sawatara waktu anu geus kaliwat.Kapan jalan teh ditutup pikeun mobil jeung motor, iwal ti kareta mesin (sapedah) jeung anu laleumpang.Tah hareupeun Stan Kaenian Unpad idena, anu para nayagana keur meumeujeuhna ngageder ngahibur anu lalar liwat jeung anu sesepedahan.Jigana mah kabitaeun tah juragan Rektor teh hoyong nunggang sapedah, ngan hanjakal sapedahna teu aya, kabeneran harita aya tukang becak keur mangkalan di hareupeun Cisangkuy. Da eta mah, sanggeus permisi, teu antaparah deui ngan cat gorolong wae dipajukeun, keur kitu dipegat ku PR-III dokter Trias Nugrahadie, cle we naek kana beca laju diboseh ku Ganjar Kurnia ngurilingan jalan.'Euleuh...euleuh eta pa Rektor Ngabeca..ituh deuih panumpangna Pembantu Rektor III, beu ku kersaaan nyah.heu..heu..".Cek karyawan Unpad bari tingarakey, lucu meureun ninggal rengkak paripolah pamingpinna. "kapan Car Free Day tea atuh euy." Saur Profesor ganjar bari anteng ngaboseh.
Aya deui. Kapan ti tanggal 9 - 11 Juni di Unpad Puseur teh aya acara "Unpad Job Expo 2009" anu diiluan ku 25 pausahaan. Ari tempat kagiatanana mah di Aula Unpad.Tah maleman tanggal 11 na para pamil;on jeung tatamu teh "dijamu" dina acara "Gathering Dinner Welcome to Unpad The friendly Campus for the Company ".Jamuan Makan Malam teh ku rektor dihaja digelar di buruan rektorat, dina jajalaneun mobil, peuting harita mah pinuh ku meja taplak bodas dicaangan ku lampu Cempor bari direuah-reuah ku PSM Unpad jeung Keroncong Gita Persada&Bluemonth.Waduh romantis pisan asa suasana Tempo Doeloe anu ditempatkeun dinadarmaga balong air mancur. Dina Pamungkas Rektor ge Nyanyi Indonesia Pusaka.*** (ASEP GP)