Sat, 19-05-2012
Tamu

Hj. Ati Lex Laksamana, Ketua GOP TKI Jabar

Pintonkeun di FB

Ngawanohkeun Wisata Kuliner
Ka Para Tamu GOP TKI ti Kalimantan

Teu keresa diebreng-ebreng dina mass media, jiga selebriti bae ah! Ibu Hajjah Ati Lex Laksamana, istri Sekda Propinsi Jawa Barat nu kaselir jadi Ketua GOP TKI Jabar, dikenal ampuh timpuh. Program hirup basajan dipetakeun pikeun conto ka balarea. Henteu seueur nyarios ari henteu penting-penting teuing mah. Lian ti Ketua GOP TKI, Ibu Lex oge kapeto jadi Ketua Dharma Wanita Jabar. Putrana dua, cikalna Tantra keur ngadukdukan S2 di salahsahiji paguron luhur di Bandung. Si bungsu mojang alit Tirsa, Dokter Gigi.
***

Ibu Ati Lex Laksamana teureuh Indramayu daerah warisan Wiralodra jeung Nyai Emas Gandasari anu gagah tur sakti. Ibu Lex katetesan lemah lembut jeung rasa wedi asihna ka sasama. Sakur kagiatan anu hade teu weleh dirojong ngajurung laku. GOP TKI Jabar dina kapamingpinanana bisa ngahontal prestasi hade.
Kamari ieu, waktu MANGLE ngagelar Pasanggiri karya tulis jeung pidato, GOP TKI ku Ibu Lex dijurung kudu babantu, di antarana mantuan waragadna. Kana kagiatan-kagiatan seni budaya teu weleh ngarojong jeung ngajurung laku. Sumawonna kagiatan wanoja.
Minggu kamari GOP TKI Jabar katatamuan ku rombongan pangurus GOP TKI Sa Kalimantan Selatan. Tatamu diajakan wisata kuliner jeung balanja produk-produk daerah ku Ibu Lex saparakanca. Teu kakantun tuang siang jeung lodeh, pais lauk, lalab sambel jeung katedaan Sunda nu sanesna. Sorabi, tempe tahu, combro jeung sajabana, pasti kalebet peuyeum Bandung. Urang Kalimantan paboro-boro balanja nu aneh-aneh ti dayeuh Bandung.

GOP TKI Jawa Barat
Cageur bageur bener pinter tur singer,eta tatapakan dunya atikan anu lain ditujukeun keur urang Sunda wungkul, tapi keur umat sajagat. Bisa oge disebut palsapah pendidikan pikeun lajuning lakuna generasi nu ngagem ahlak mulya, cerdas, demokratis tur tanggung jawab gembleng. Embrio intelektual bangsa, anu pamianganana tina institusi pendidikan awal, ti "usia dini" (0-6 taun).
GOP TKI kacida eungeuhna kana kawijakan atikan TK jeung Pra-TK pikeun barudak usia dini dina enggoning tatahar keur lajuning lakuna ka jenjang pendidikan formal.
Nurutkeun Ketua GOP TKI Jabar Ibu Ati Lex Laksamana ka MANGLE, GOP TKI (Gabungan Organisasi Penyelenggara Taman Kanak-kanak Indonesia, 5 April taun 1957, taun ieu mieling tepung taunna anu ka 52. GOP TKI teh wadah pakumpulan-pakumpulan anu ngokolakeun atikan Taman Kanak-kanak.
Patekadanana geus buleud geusan ngawujudkeun cita-cita ningkatkeun atikan Taman Kanak-kanak keur barudak samemeh nincak pendidikan anu leuwih formal (SD).
Garapan GOP TKI Jawa Barat, pikeun mantuan jeung ngembangkeun atikan Pra Sakola. Ari kapangurusanana sacara struktural ngadeg di tingkat pusat tepi ka tingkat kacamatan. Di Pusat ku 15 yayasan, di Jawa Barat 12 yayasan anu ngagabung jadi anggota GOP TKI. Pancen utamana, ngamekarkeun jeung ningkatkeun kualitas pendidikan di Taman Kanak-kanak kaasup sarana jeung prasarana pendidikanana. Tapi numutkeun Bu Ati Laksamana, tepi ka kiwari tacan bisa sagemblengna ngarojong jeung ngamekarkeun atikan Taman Kanak-kanak, pangpangna keur usia dini. Ari sababna, kapasitas organisasi henteu saimbang jeung kuantitas sakola-sakola TK di masarakat.
Lian ti kitu, masih saur Ibu Lex Laksamana, GOP TKI ngamotivasi sangkan para guru TK bisa ningkatkeun kapasitas jeung kapabilitas ku rupa-rupa kagiatan anu sipatna kognitip saperti ngayakeun seminar, lokakarya, saresehan, palatihan jeung sajabana. Ieu kudu dilaksanakeun sacara mandiri, oge jadi gawe bareng Trikomponen
(GOPTKI-IGTKI-PGRI) jeung Dinas Pendidikan Jawa Barat. Luyu jeung tujuan pendidikan Nasional "Nyerdaskeun anak bangsa" ku jalan ningkatkeun dedikasi jeung ngawangun watek kapribadian bangsa anu ngagem ahlak mulya, iman turta takwa ka Alloh SWT, sehat jasmani rohanina, luhung elmuna jembar pangabisana, kreatip, bisa hirup mandiri, saterusna bakal jadi warganagara anu demokratis jeung tanggung jawab.
Ku sabab kitu, dina enggoning ngahontal eta udagan, aya sababaraha pamahaman anu perelu disaluyuan ku sarerea ngeunaan atikan di TK, di antarana; Pendidikan TK mangrupa bagian tina atikan keur "anak usia dini" atawa barudak pra sakola. UU No. 20 taun 2003 ngeunaan sistim pendidikan nasional netelakeun yen anu dimaksud pendidikan anak usia dini teh nyaeta atikan keur barudak umur 0-6 taun, di tingkat internasional mah 0-9 taun. Hal ieu kaunggel dina pasal 28. Pendidikan anu lumangsung samemeh pendidikan dasar ieu, mangrupa atikan ku cara mere rangsangan pikeun mantuan pertumbuhan jeung kamekaran jasmani katut rohani barudak enggoning tatahar nyanghareupan atikan tingkat lanjutan (SD).
Pendidikan Anak Usia Dini, masih nurutkeun Ibu Lex, dikokolakeun dina tilu jalur pendidikan, formal, non formal jeung informal. Pendidikan Anak Usia Dini (PAUD). Formal, nyaeta TK jeung RA (Raudhatul Athfal), Direktorat PAUD boga pancen pikeun ngokolakeun jalur Non Formal; Taman Penitipan Anak, Play Group, nyaeta barudak pra TK (2-4 taun) Sok sanajan pendidikan TK teu kasup kana kategori Wajib Belajar, tapi garapanna mah penting. Ku kituna anggaranana oge kudu dianggarkeun anu daria, sanajan ayeuna anggaran leuwih ditujukeun keur program wajib belajar 9 taun SD/MI, SMP/MTs. TK mah tacan meunang anggaran anu nyukupan.
Ku lantaran kitu, dipiharep GOP-TKI bisa ngabebenah sorangan, ngembangkeun rancangan gawe (Networking) keur nguatan TK hususna dina nyanghareupan globalisasi sangkan bisa ngararancang kurikulum anu disaluyukeun jeung pangabutuh masarakat, nyaeta kurikulum nu dumasar kana potensi jeung kamampuh barudak.

Masalah nu Disanghareupan
Naha boga masalah? Puguh we seueur. Nurutkeun Ibu Lex Laksamana, loba TK anu teu nyumponan katangtuan nu diatur ku pamarentah dumasar kana PP No. 19 taun 2005 "Standar Nasional Pendidikan". Di antarana loba TK anu wawangunan sakolana teu nyumponan standar (bestek), kitu deui sarana anu nunjangna, prasarana jeung fasilitas pangajaranana can luyu jeung anu dipikabutuh.
Terus kapangurusan lembaga anu ngokolakeun TK (yayasan-yayasan) loba anu kurang luang pangalaman. Kitu deui para guruna, loba anu kurang profesional dina widangna, kurang dedikasi, boh ditingal tina kasang tukang pendidikanana boh pangalaman ngajarna jeung sajabana, cindekna loba kakuranganana. Paktor karaharjaan guru TK nangtukeun oge kana kapasitas ngajar. Hal ieu nurutkeun Ibu Lex kudu diperjuangkeun keur ka hareupna.

Calistung Kaliru
Supaya henteu duplikasi di antara pendidikan TK jeung Pra TK anu non formal, luyuna mah kudu dikokolakeun ku hiji Direktorat, sanajan aya watesan garapan, tapi tetep we aya pangaruhna anu nimbulkeun urusan jeung garapanana jalan sewang-sewangan atawa tumpang-tindih. Non Formal diurus ku Direktorat PAUD, ari TK ku Direktorat TK/SD, hartina silih lengkepan jeung silih rojong. Tugas jeung kawenanganana kudu jelas sabab dina implementasina di lapangan ku ayana PAUD teh masih karasa kontroversialna. Kudu dibeberes.
Ketak pamarentah pikeun ngaronjatkeun "angka partisipasi jenjang pendidikan TK", kudu dibaladah pikeun ngadegkeun minimal hiji TK Negeri di unggal kacamatan, bari terus ngupayakeun ayana TK padesaan ku cara ngamangpaatkeun infrastruktur SD anu geus aya (Program TK Satu Atap). Saterusna ningkatkeun bantuan block grand pikeun ngajurung mekarna TK-TK alternatip.
Kakaliruan dina ngadidik barudak di TK nyaeta "BACA-NULIS-NGITUNG" (Calisatung) jeung ujian ahir. Masalah ieu muncul, konsekwensi tina pendidikan TK lantaran kalolobaanana TK diadegkeun/dikokolakeun ku pihak swasta (yayasan), anu teu pati pahameun kana urusan elmu administrasi & Elmu Pendidikan hususna pikeun TK. Lian ti kitu, anu nangtukeun kawijakan di TK sok njadi wewenang yayasan.
Hal sejenna nu dilantarankeun salah ngalarapkeun kurikulum di antarana, loba SD anu nangtukeun kawijakan kaleuleuwihi, ku ngayakeun testing panarimaan murid anyar, di antarana lulusan TK make sarat Calistung. Kurang pahamna pihak yayasan enggoning ngokolakeun TK ngeunaan hakekat pendidikan usia dini (PAUD). Persepsi masarakat, ngarasa reueus lamun anakna kaluar ti TK geus bisa maca-nulis jeung ngitung.
Kumaha ayeuna upaya GOP TKI keur ngungkulanana? Nurutkeun Wakil Ketua GOP TKI DPD Jabar, DR. Hj. Ibu Euis Karwati MPd, GOP-TKI ngusulkeun ka pamarentah sangkan gancang ngaluarkeun surat edaran supaya SD dina narima murid anyar, kelas 1 teu kudu ngayakeun tes Calistung. Terus ngayakeun layanan artikulasi keur murid SD kelas 1 dina minggu awal transisi murid anyar asup SD, mere kasempetan pikeun nyaluyukeun tina suasana TK ka SD supaya ngarasa betah jeung teu ujug-ujug dibere pangajaran akademik (adaptasi). Dina prakna diajar jam pangajaran kelas 1 ditambah jeung upayakeun nempatkeun guru senior di kelas 1 jeung kelas 2. *** (Euis K/hrs)

Katgam :
1. Ibu Ati Lex Laksamana nuju biantara dina seminar.
2. Rakernas GOP TKI.
3.
4.
5.
 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula