Sat, 19-05-2012
Pangalaman Para Mitra

Siaran Ulang

Pintonkeun di FB

Siaran Ulang

Ieu kajadian teh geus lila, kira-kira 18 taun katukang. Ka babaturan anu geus ngadenge carita ieu omat ulah geruh anggap we panineungan.

Kajadiananana kieu, waktu kuring ditarima kuliah di PGSD (Pendidikan Guru Sekolah Dasar) angkatan kahiji UPI Bandung, harita mah IKIP keneh. Ilaharna mahasiswa baru wajib milu OPSPEK anu loba pisan kagiatanana, aturan inih-ituh. Beurat karasana harita mah tapi lamun inget ayeuna sok hayang seuri, heuheuy deudeuh... kenangan yang tidak bisa dilupakan.

Ari kuring jelemana loba kasieun matak sagala parentah aturan ti senior tara pisan dirempak da sieun tea, di antarana tabuh opat subuh kudu geus aya di kampus muru solat berjamaah. Atuh teu weudeu riweuh apan imah kuring teh di Cipatat, tabuh satengah tilu geus anjeucleu dina beus Sukabumi-Bandung, eureun di Terminal Kebon Kalapa, harita mah can aya terminal Leuwi Panjang, ti dinya  naek angkot jurusan Ledeng. Ari balik, tabuh satengah salapan peuting tampolana karek nepi ka imah, nyiapkeun jang poe isukan satengah tilu kencling deui indit kitu we salila saminggu teh. Aya kalana indit ka kampus teh can kararaban sangu saremeh-remeh acan, beuteung kekeblukan asup angin meureun.

Hiji waktu kagiatan teh tiap kelompok dikumpulkeun di unggal rohangan sakelompokna moal kurang ti saratus urang, dikumpulkeun di tengah rohangan kelas, pasesedek bari kudu cingogo.
"Tunduk, tutup telinga!" ceuk senior tina mikropon, atuh kuring sabatur-batur nutupan ceuli bari tarungkul.
"Mundur, merapat dinding!" parentahna deui, atuh paheula-heula mundur meped kana tembok, kitu jeung kitu we meunang sababaraha kali bari tetep cingogo teuing naon tah maksudna. Panungtungan kabeh mahasiswa dikumpulkeun deui di tengah-tengah rohangan kelas, ayeuna mah bisa diuk teu kudu nutupan ceuli jeung teu kudu tungkul.

"Diam!" ceuk senior ngagorowok deui nitah jempe. Jep sarerea jempe, dina kaayaan hening sunyi dan sepi, na... eta mah teu sonder permisi aya nu boborotbotan 'sambung menyambung menjadi satu'. Sanajan teu kadenge ku sararea orokaya kelompok kuring mah ngaderengeeun, teuing saha tah nu boga dosana mah, nu jelas mah deukeut ti kuring .
"Ada apa?" senior nanya.
"Ini ada yang buang gas, Kak?" aya nu haat ngajawab tadi ngirung da bari nutupan irung.
"Diam, tunduk!" cenah. Kuring yakin senior ge seuri matak nitah tunduk deui ge. Era atuh kanyahoan seuri mah, jaga imej ceuk budak ayeuna mah. Siga nu gehgeran wewelek bujur teh teu bisa diajak badami pisan, hayoh ngadon pipilueun ngaluarkeun angin sorana leuwih bentes ti nu tadi.
"Siaran Ulang!" aya nu nyelengkeung tukangeun pisan bari seuseurian. Aduh ieung... kudu di mana nyumputkeun beungeut, teu, teu wasa ngalieuk ka tukang nepi ka acara lekasan ge. Pokona mah wiwirang weh!

Teti
SDN 2 Sukarame
Kec. Cipatat, KBB
(salam sono ka alumni PGSD angkatan 1 Kampus Cibiru husuna kelas C)

Oprasi Bubuahan

Ieu  mah pangalaman kuring jeung babaturan basa keur jaman SMP. Harita keus usum bubuahan,  utamana pisitan. Ti beurang keneh, kuring, Yoyo, jeung Ahmad, geus nyieun rencana. Rek  ngoprasi buah pisitan nu Pa Darman engke bada isa. Enya, rek dicolong...
Bada isa kuring tiluan geus laleumpang muru kebon Pa Darman. Yoyo mawa batre leutik. Atuh teu ngatog teuing leumpang teh.
"Pokona mah kudu sarerea  naek. Nu teu naek moal  dibere!" cek  kuring.
"Siap, pira naek!" ceuk Yoyo.
"Heueuh. Cuang balap we naekna!" cek Ahmad.
Barang nepi ka handapeun tangkal pisitan nu Pa Darman, enya we balap naek teh. Paheula-heula hayang kahiji. Kabeneran kuring nu naek pangheulana teh. Nu kadua Ahmad. Nu katilu Yoyo.
Nu tiluan naekna  bareng. Tangkal pisitan nu kawilang leubeut ku buah teh kawilang luhur. Asrod, asrod, asrod. Barang nepi ka dahan ka hiji, tayohna  kuring nyekel  dahan  garing.
Peletok eta dahan teh potong. Kuring kacida reuwasna. Untung  we teu ragrag. Ngan orokaya kuring  jadi nyorosod ka handap. Ahmad nu aya di handapeun kuring  kapaut.
"Hek!" cenah. Kituna teh Ahmad ge jadi nyorosod bari tuluy ninggang Yoyo nu  naek handapeunana. Antukna sarerea nyorosod da kapaut ku kuring nu pangheulana naek. Tuluy patutumpuk handapeun tangkal pisitan.
Najan bari tingpuringis, teu burung saleuseurian.
Heuleut dua poe ti harita geus oprasi deui wae. Ari nu jadi sasaranana tangkal pisitan nu Haji Karyo. Harita mah nu pangheulana naek teh Yoyo.
Kaayaan poek mongkleng. Aya batre ge teu wani dicaangkeun da bisi  aya nu nganyahokeun. Basa Yoyo nepi ka luhur manehna pak-aduh.
"Aduh!" cenah.
"Aya naon, Yo?" cek  kuring.
"Ieu hulu tidagor kana dahan," tembalna.
Geus kitu Ahmad tuluy naek. Barang nepi ka luhur manehna oge pak-aduh.
"Aya naon, Mad?" cek kuring.
"Sarua urang ge tidagor hulu kana dahan," tembal Ahmad.
Giliran kuring nu naek. Basa rek nepi ka luhur kuring ngagoak. Leungeun  ngaranggeum cucuk salak. Horeng tangkal pisitan teh dicucuksalakan. Ameh euweuh nu maling maksudna mah.
"Na ari maneh  teu ngabejaan aya cucuk salak?" kuring gegelendeng.
"Ari tadi pak-aduh," cek Yoyo.
"Hheueuh pan tadi nyebut tidagor hulu!"
"Tuda dibejaan aya cucuk salakan mah rugi, euy. Urang beunang maneh henteu. Mantak nya diwadulan." cek Yoyo.
Horeng Ahmad ge boga pikiran nu sarua. Sangkan kuring ge keuna kana cucuk salak, manehna ngabohong.
Antukna mah kuring ge seuri. Kituna teh bari mimiti cacamuilan ngadaharan pisitan. Jiga kalong we. ***

Ena RS.
Sidamulya, Bj. Dedang, Rch 46387

Halaman Mangle Kosong


Isuk-isuk poe Senen tanggal 8 September 2008 harita teh boga niat rek ka Ciamis. Ti imah teh salse bae da lain acara penting ieuh, ongkoh bari "ngabeubeurang". Maksud teh rek nginjeum buku ngeunaan stroberi ka Perpustakaan Pemda. Kuring hayang nyaho cara ngabudidayakeun stroberi, sugan bae kapetik hasilna kalayan nyugemaken ari nyaho elmuna mah. Ongkoh bari mulangkeun buku nu minggu kamari, ngeunaan dongeng sasakala jeung antalogi puisi.
Barang srog ka perpustakaan nu keur milihan buku mani guyek. Kitu deui mahasiswa UNIGAL nu keur maraca buku rujukan katembong aruleng naker. Sanggeus mulangkeun buku ka petugas, kuring tumanya;
"Ari buku ngeunaan stroberi palih mana, Neng?"
"620, Pa" jawab petugas bari nuduhkeun buku ka beulah kaler.
Kuring ngarti,  620 teh kode buku masalah pertanian. Geus kitu mah neangan  lomari buku nu kodena 620. Matak lieur puguh ge sabab buku-buku teh ngentep beres pisan. Jadi boh judul buku boh jilidna teu kaciri mun teu dibukaan hiji-hiji. Ongkoh deui nu keur neangan buku halaman tatanen teh lain kuring bae, tapi aya kana opat lima urangna.
"Punten, Pa" ceuk  kuring seseledek.
"Mangga!" tembal Si Bapa bari ngageser saeutik.
Barang nyabut hiji, singhoreng ieu mah cara melak tomat. Geus kitu diasupkeun deui. Terus nyabut deui hiji, ieu mah cara budidaya ikan mas. Keur anteng milihan buku torojol petugas.
"Ieu Pa, buku budi daya stroberi mah. Nembe aya nu ngauihkeun!"
"Nuhun nya, Neng" ceuk kuring bari nampanan buku.
Geus kitu kuring lumpat ka ruangan perpustakaan anak, rek neangan buku kisah para nabi. Tapi teu manggih. Teu dihaja gorehel manggih buku "Petunjuk Mengarang Cerita Anak-anak" karangan Marcus A.S. cukup dua ge, cek pikir.
Sanggeus ditembongkeun ka petugas bari mayar uang administrasina, kuring ninggalkeun perpustakaan di jalan Galuh. Sanggeus ngahirupan motor ras inget rek meuli Mangle. Agen Mangle teh ayana di jalan Stasion.
"Mangle 2185, Bu"
"Aduh... tos seep, Pa" tembal Bu Haji.
"Seep, pan biasa na mah sok seueur keneh"
"Pedah sasih saom panginten, tamba kesel di bumi."
Handeueul lain lumayan. Memang kuring henteu ari ngalangan mah. Tapi kuring sok mindeng nulis barakatak. Memeh meuli  teh sok dibukaan heula, mun aya tulisan kuring kakara meuli.
"Tapi aya Pa nu halaman 11, 12 sareng 64, 65 kosong. Wios?" ceuk Bu Haji bari ngasongkeun Mangle ka kuring. Terus ditampanan. Enya bae halaman 11, 12, 64, 65 teh kosong molongpong, alias teu kacitak. Sugan nundutan komputer teh, cek kuring jero hate.
"Cobi ningal, Bu"
Mangle terus ditampanan. Nu pangheulana dibuka teh halaman barakatak. Di dinya aya tulisan kuring hiji. Dibaca weh, belenyeh seuri sorangan. Terus mundur. Enya bae halaman 64, 65 kosong. Geus kitu mukaan deui. dina halaman 42, kolom Anaking Jimat Awaking, aya dimuat incu kuring, Via Afiati Barkah, mani lucu!
"Sabaraha, Bu Haji, dumeh aya nu kosong halamanna?"
"Ah, biasa bae sapuluh"
Geus kitu mah creng wae diduitan. Sanajan aya halaman nu kosong ge, hate teh kaubaran dumeh aya humor kuring hiji jeung incu dimuat dina Mangle kameumeut urang Sunda kaasup kuring.

Ayo Yahya Heryanto
Rancah 46387 Ciamis

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula