Pameunteu Mencrang Salira Lenjang
Pameunteu Mencrang Salira Lenjang
Pameunteu palay janten mencrang sareng cahayaan? Kitu deui salira palay lingsig, lenjang, bari ngeusi? Kudu ka mana ngarumat pameunteu jeung awak, sangkan tetep bengras cahayaan jeung kurus, tapi ngeusi teh?Urut bae sareng sisit, sangkan lemak-lemakna kaluar.
***
Geus ilahar keur kaum wanoja mah, utamana pikeun rumaja jeung ibu-ibu nu ngora keneh, nu kakara boga anak hiji, pameunteu teh salawasna dipicileuk anteng mencrang, cahayaan, ngarah loba lalaki nu kairut. Kitu deui awak hayang lingsig bari ngeusi, ulah lintuh bayuhyuh, loba teuing lemak, teu puguh potonganana. Pameunteu ge, jarawatan deuih. Bingung bae. Langit onaman, leubeut ku bentang ge, matak waas jeung alus katingalina. Tapi ari beungeut loba jarawatan mah, matak sareukseuk bae.
Nu matak pikeun kaom rumaja mah, karek aya jarawat hiji napel dina pipi ge geus ribut, gulinggasahan, hayang buru-buru diubaran. Malah sok dipocel ku sorangan, nu antukna jarawat leungit, pipi borok.
Pikeun barudak SMA jaman ayeuna, awak teh geus beuki ngarekahan, lintuh teu puguh potonganana. Sabab unggal poe, remen dahar kadaharan nu loba ngandung lemak. Beuteung we ka mana-mana, katingali, ngabendeleh. Matak era paradah nu ningalikeunana.
Salah sahiji tempat ngarumat awak jeung pameunteu, nu kajojo ku barudak ngora jeung kaom ibu teh, di antarana Kristin Skin Body Care (KSBC). Dina sapoena, kurang leuwih aya kana lima puluh urangna, datang ka eta tempat. Pikeun ngarumat awak jeung pameunteu.
Basa ngahaja datang ka tempat praktek KSBC, barudak ngora, aya kana lima urangna ngabring, babarengan, rek ngarumat awakna, sangkan kurus, henteu lintuh loba lemak.
"Abdi mah, ka KSBC teh hoyong ngabegangan awak, ulah lintuh seueur lemakna," ceuk Neng Tini urang Jl. Moch. Toha Bandung.
Nurutkeun Neng Tini mah, datangna ka tempat KSBC teh, geus aya kana tilu kalina. Katilu kalina mah datangna teh henteu nyorangan, tapi babarengan jeung babarutranana aya kana lima urangna. Batur sakampusna, cenah. Nu sarua hayang ngabegangan awak. Ngarah ngabentuk jeung ngareusi.
"Alhamdulillah, karaos mangpaatna ari awak teu lintuh mah," ceuk Neng Tini deui.
Mimiti datang ka KSBC mah, awakna teh lintuh pisan. Teu puguh potonganana, ceuk Neng Tini deui. Tapi sanggeus diurut jeung diterapi di KSBC aya kana dua kalina, awak jadi ngabegangan.
Loba kaom ibu-ibu muda daratang ka KSBC hayang ngarumat pameunteu jeung awak, lain bae sangkan awak jadi kurus jeung pameunteu tetep seger, utamana mah, sangkan salaki di imah tetep geugeut, mikanyaah. Sangkan teu salingkuh jeung batur, pokna teh.
"Kumargi lamun di bumi teu ngaluis, awak teu dirumat, pun lanceuk teh engke moal betah di bumi, bakal salingkuh jeung batur di luar," ceuk Ibu Aisyah urang Jl. Kopo Bandung mah.
Ngarumat awak jeung pameunteu, lain hartina sangkan bisa ngirut kaom lalaki sejen. Nu penting mah, keur ngajaga kasehatan awak sorangan jeung ngarah salaki betah di imah, pokna deui bari gumujeung.
Naon KSBC teh?
KSBC ahli kana ngarumat pameunteu jeung ngarumat awak. Sangkan pameunteu cahayaan, kaluar aurana jeung awak nu tadina lintuh loba lemakna, jadi kurus jeung ngabentuk.
"Awak jadi kurus, sanes hartosna henteu sehat. Tapi kurus teh, supados ngabentuk, supados langsing, ngareusi," ceuk Kristin salaku pingpinan KSBC ngajentrekeun ka MANGLE basa ditepungan di tempat praktekna di Jl. Kacapiring No. 16 A.Yani Bandung anyar-anyar ieu.
Nurutkeun Kristin mah, nu daratang hayang ngarumat awak jeung pameunteu teh, lolobana barudak rumaja jeung kaom ibu muda nu kakara boga budak hiji. Biasana, ceuk Kristin mah, ibu-ibu nu anyar ngalahirkeun teh sok ngahaja datang diterapi ka KSBC, sangkan awakna henteu jadi ngalintuhan.
"Kumargi upami nu enggal ngalahirkeun mah, awak teh sok ngadadak janten ngabekahan, teu puguh potonganna," ceuk Kristin deui.
"Biasana upami tos diurut sakali didieu, sok teras janten langganan," pokna teh bari imut.
Totok Bodi
Pikeun ngarumat awak jeung pameunteu, carana teh dipijet. Diurut ti mimiti dampal suku nepi ka sirah. Lilana aya kana satengah jamna. Lamun ngurut di tukang pijet tradisional mah, urang kudu nangkuban, tuluy diurut ku tukang ngurutna. Tapi ngurut di KSBC mah, sejen deui, urang kudu nangkarak.
Ngurutna ge, teu asal ngurut bae. Tapi bener-bener disasar urat-uratna. Ti mimiti tina sirah nepi ka dampal suku. Ramo-ramo tukang ngurut teh, asup kana sela-sela daging nu loba lemakna. Tuluy disisit, dikaluarkeun.
Ngaranna oge totok body, beda pisan jeung pijet tradisional. Totok body ieu teh, di antarana pikeun ngalangsingkeun awak, kasehatan jeung kageulisan.
"Dina ngurut ge, ngadumaniskeun pijet tradisional, akupresur jeung tenaga dalam," ceuk Kristin.
Ceuk Kristin deui, lamun nu kakara dipijet mah, dipijetna teh bakal karasa nyeri, tapi sanggeus dipijet, bakal karasa ngeunah, harampang. Beda jeung dipijet ku tukang pijet biasa, waktu dipijet teu karasa nyeri, tapi sanggeusna karasa nyareri pisan.
Pikeun ngarumat awak supaya tetep langsing jeung pameunteu tetep seger cahayaan teh, sok ditambah oge ku ramuan-ramuan tradisional. Ramuan tina herbal nu taya epek sampingna. Nu ngahaja meunang nyieunan Shin She. Ramuan tradisional teh geus mangrupa kapsul, mangpaatna mah keur ngabakar lemak. Salian ti kitu ubar ieu ge, pikeun ngaleungitkeun flek-flek hideung dina pipi.
"Alhamdulillah, pasen teh ayeuna mah tambih seueur," ceuk Kristin mah.
Pasen-pasen teh, lain bae urang Bandung wungkul, tapi aya oge urang Jakarta, Bekasi, Garut, Tasikmalaya Semarang jeung ti mancanegara, ti Perancis. Malah kiwari, KSBC teh geus muka sababaraha cabang, di antarana bae di Jakarta aya lima cabang, di Bekasi jeung Garut.
"Upami terapisna mah, tetep bae ngahaja nyandak ti Bandung," pokna deui.
Tadina mah, muka KSBC teh pikeun pasen kaom wanoja ti golongan menengah ka handap, sangkan bisa ngarumat awak jeung pameunteu, nu murah meriah, nu hargana bisa kahontal. Tapi kiwari pasen nu daratang ka KSBC teh, loba oge ti golongan menengah ka luhur.
"Malihan ibu-ibu pejabat ti Jakarta ge, seueur nu janten langganan matuh," pokna deui.
Aya Pantanganna
Lamun geus diurut, geus di totok Body di KSBC, sangkan awak tetep kurus jeung pameunteu tetep mencrang, kudu bisa ngarumatna. Bisa nahan kana pantangan, di antarana bae ulah nginum cai es make soda. Sabab, nginum cai es teh, bisa ngabekukeun lemak. Kaduana ulah ngadahar mie instan, lantaran hese pisan larutna. Mie instan teh, bisa ngabalukarkeun beuteung kembang. Katiluna teu meunang ngadahar sambel nu lada. Sabab, ceuk Kristin mah, sambel nu lada teh bisa ngarangsang napsu makan.
"Pikeun ngurangan napsu makan teh, aya totokan oge dina bagean beuteung," ceuk Kristin mah.
Hayang Nulungan
Ngadegkeun pengobatan ieu teh, ceuk Kristin mah, hayang mere kasempetan jeung muka lolongkrang pagawean pikeun kaom wanoja nu ngaligeuh teu boga gawe. Sangkan boga pangasaban nu matuh jeung bisa ngaraharjakeun kulawargana.
"Lantaran panghasilan tina terapis teh, sabulanna bisa nepi ka Rp. 3 jutana," ceuk Kristin bari imut.
Ngan dina narimaan pagawe, teu asal kitu bae. Tapi ditilik heula tina bakat, karakter jeung kajujurannana. Ulah nepi ka sanggeus manehna dibere elmu pangaweruh, bisa ngala duit sorangan, manehna langsung kabur, pindah deui atawa kaluar ti pagawean.*** (Wanem/02)