Sat, 19-05-2012
Nyingraykeun Lalangse Aheng

Akupuntur: Awak lenjang, Pameunteu Cahayaan

Pintonkeun di FB

Lamun geus dibebener awakna. Geus sehat taya kasakit deui, peredaran darahna lancar,  tinangtu pameunteu ge bakal katingalina bengras, cahayaan. Rek kumaha bisa katempo mencrang jeung cahayaan, lamun awakna teu waringkas. Tah, akupuntur teh, gunana pikeun nyehatkeun awak. Lamun awakna geus sehat, kari ngabebener pameunteuna. Ngaleungitkeun plek-plek hideung atawa kulit nu peot karijut. Carana, nya taya lian di akupuntur tea.***

Sabenerna pikeun kaom wanoja mah, mikangen rupa hade, pameunteu mencrang, cahayaan jeung awak lenjang tur sehat teh, lain ngan saukur lalambe. Bisa narik ati para kaom pria. Matak kagembang jeung kasengsrem.

Nu matak teu aneh, pikeun ngaropea pameunteu sangkan geulis, rupa-rupa tarekah dilakonan. Loba kaom wanoja nu ngahaja datang ka salon, ka pengobatan alternatip atawa ka tempat-tempat sejenna, hayang ngageulisan pemeunteu, sangkan tambah mencrang jeung cahayaan. Awak hayang lenjang sampulur.

Soal duit, soal waragad, teu jadi masalah. Nu penting bisa cek gur. Bisa bukti, ulah ngan saukur lalambe. Tah, tarekah kieu teh, pikeun kaom wanoja mah, geus jadi kabiasaan nu teu bisa ditinggalkeun deui.

Pikeun ngajaga kasehatan awak, pameunteu supaya mencrang cahayaan tea, teu kudu indit ka salon atawa ka pengobatan alternatip. Ditusuk jarum wae, atawa akupuntur. Ceuk  Drs. Salim Sjarif. MM. salah saurang akupunturis nu sok nguji akupuntur tingkat nasional mah, lamun ditusuk jarum, lain bae pameunteu bisa nambahan geulis, tapi awak oge bakal sehat tur sampulur. Pangna kitu teh, pokna deui, samemeh pameunteu diakupuntur, awak heula nu diutamakeun. Disehatkeun heula. Lamun dina jero awak urang geus dibebener, geus sehat, taya deui kasakit, tinangtu pameunteu ge bakal bengras, cahayaan.

Leuwih alus deui, ceuk Drs. Salim Sjarif MM mah, lamun di salon teh diayakeun akupuntur, ngarah bisa ngarawat awak luar jeung jero. Lain bae bisa awak sehat, tapi pameunteu ge bakal mencrang. Lamun salon dibarung jeung akupuntur, pokna teh, salon teh bakal tambah payu jeung kasohor pada ngajugjug ku kaom wanoja ti mamana.

"Kumargi diakupuntur teh, lain bae keur ngajaga kasehatan, tapi pameunteu nambihan cahayaan," ceuk Drs. Salim Sjarif MM.  

Akupuntur atawa tusuk jarum, lain bae keur ngubaran rupa-rupa kasakit kayaning asma, hipertensi, lumpuh, diabetis, mandul, sinusitis, gangguan pendengaran, migren, inpoten jeung sajabana. Bisa oge keur ngarawat beungeut geulis, di antarana bae pikeun nambahan beurat awak atawa ngurangan beurat awak, ngaleungitkeun flek hideung, jarawat,  ngurangan kantong mata, mulasara mata, jeung sajabana.

Drs. Salim Sjarif MM  teh kaasup anggota PAI ( Persatuan Akupuntur Indonesia) nu dipupuhuan ku BRM Tjokrodiningrat. Sanggeus lulus ujian, Salim Sjarif teh aktif oge dina organisasi Paksi (Persatuan Akupuntur Seluruh Indonesia), malah lain bae jadi pupuhuna, tapi remen oge nguji calon-calon akupunturis di kota Bandung.

Sina Cageur Heula

Akupuntur geus kasohor ti baheula keneh. Di urang ge, loba dokter nu bisa kana akupuntur sagala. Ngan di salon wungkul nu can aya akupuntur teh. Padahal, ceuk Drs. Salim Sjarif MM mah, kacida pentingna. Ngarah dina ngarepea pameunteu teh dibarung jeung nyehatkeun awakna. Kaunggulan dina akupuntur, lain bae ngan saukur keur nyehatkeun awak, tapi pikeun miara geulisna pameunteu.

"Kumargi sateuacan pameunteu digeulisan heula teh, kelainan nu aya dina awak urang kudu dibenerkeun heula. Rupa-rupa kasakit nu nyaliara dina jero awak urang, kudu dicageurkeun heula. Kusabab geulis teh, lain ngan saukur ditingali ti luarna wungkul, tapi katingali dina pisikna oge," ceuk Salim Sjarif mah.

Lamun geus dibebener awakna. Geus sehat taya kasakit deui, peredaran darahna lancar,  tinangtu pameunteu ge bakal katingalina bengras, cahayaan. Rek kumaha bisa katempo mencrang jeung cahayaan, lamun awakna teu waringkas. Tah, akupuntur teh, gunana pikeun nyehatkeun awak. Lamun awakna geus sehat, kari ngabebener pameunteuna. Ngaleungitkeun plek-plek hideung atawa kulit nu peot karijut. Carana, nya taya lian di akupuntur tea. 

Pikeun salon-salon kageulisan nu hayang keurseus akupuntur, keur ngalengkepan dina ngarawat pameunteu, Drs. Salim Sjarif MM nu remen nguji akupunturis tingkat nasional teh, mere kasempetan keur miluan keurseus akupuntur.

" Lamina keurseus akupuntur teh sataun, diajarna saminggu dua kali atanapi tilu kali," ceuk Drs. Salin Sjarif MM.

Lain bae keur salon kageulisan, pikeun masarakat nu hayang bisa akupuntur ge, bisa miluan keurseus ka Drs. Salim Sjarif MM. Ngarah urang boga kaahlian dina widang akupuntur, ngarah bisa usaha, macakal sorangan. Bisa muka pengobatan akupuntur.

Beda-beda

Pasen nu boga kasakit diabetis. Lamun tatamba ka dokter mah, dibere ubar, bisa cageur, ngan teu kungsi lila kumat deui. Tapi diakupuntur, nurutkeun pangalaman Salin Sjarif mah, bisa cageur saratus persen. Ngan dina nyageurkeunana teh, bisa cepet, bisa oge rada lila, gumantung ka pasenna. Sabab teu bisa ditangtukeun, pokna deui.

Keur ngubaran kasakit diabetis ieu, urang kudu nyaho saluran beulah mana nu kagangguna teh. Organ mana bae nu kaganggu. Naha organ limpana? Lamun kitu pankreasna kudu dinetralisir, kudu dibebener. Ditusuk ku jarum.

Nu boga kasakit diabetes, lain bae tina paktor turunan, tapi jalma biasa ge bisa keuna ku kasakit diabetis. Utamana mah jalma lintuh nu emosionalna tinggi. Teu meunang cape pisan, sabab bisa ngaganggu kana otot jeung ngaganggu kana limpa. Nu ngabalukarkeun  bakal timbul kasakit diabetis.

"Jalma lintuh teh  bisa babari kaserang kasakit diabetis. Lamun dina kondisi kacapean pisan, dimana kadar gula dina awak bakal naek. Tah, lamun teu bisa ngajagana, lambat laun bisa kaserang kasakit diabetis," pokna teh.

Pikeun ngubaran kasakit ieu teh, ku cara diterapi akupuntur ti mimiti nu saderhana, nepi ka nu sulit. Teu bisa sakaligus bisa cageur, tapi kudu rutin. Urangna kudu sabar.*** (wanem/02)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

cepi sopian ngomentaran:

pa salim, alamat praktek na dimana?