Sat, 19-05-2012
Carita Pondok

Kareta nu Mawa Bapa

Pintonkeun di FB

Ku Sarmini

Urat-urat gelap ranteng dina mega hideung. Cahyana sakolebat nyaangkeun alam, lir cahya blitz tina kamera poto. Guludug nyusul tepus. Tatangkalan badag di sapanjang sisi jalan kareta kawas raksasa nu ngageubig-geubig sangkan dangdaunan dina awakna maluguran. Saharita hujan turun. Matak rehe lembur katut statsion leutik di gigireunana. Pantesna mah disebut minangka pangeureunan kareta. Lain statsion. Pedah leutik jeung taya hahalang dina peron. Jadi mun pareng hujan, sakur panumpang nu turun unggah tina kareta kudu tuturubun ka area korsi tunggu jeung loket.

Taya hahalang antara statsion jeung lembur, padahal ukur sababaraha meter tina erel ngajajar buruan imah jeung warung-warung. Jadi sasarina statsion teh sok rame ku warga nu ngadon daragang di emper-emper, riungan tukang ngamen dina korsi tunggu nu ngadon arocon bari babagi hasil ngamen poe eta, di warung-warung sok aya bae panumpang ti dayeuh nu kapeutingan.

Harita mah rehe combrek. Padahal tereh datang kareta ekonomi panungtungan. Tapi teu katingal calon panumpang nu ngulampreng atawa ngiuhan boh di emper-emper, boh dina korsi tunggu di jero statsion. Hujan gede pililaeun matak ngalamun nu tarunggu warung. Nu daragang di emper-emper ti sareupna mula geus meresan dadasarna, tuturubun meuntas peron jeung erel, tuluy leungit diteureuy gundukan wareng jeung gang-gang leutik.

Ti dinya mucunghul hiji awewe tengah tuwuh dipapayung. Sababaraha lila ngajajanteng di hareupeun biwir gang. Rurat-reret bari kerung. Gurat kamelang mani atra dina pasemonna. Kawas nu baluweng, lalaunan leumpang bari angger rurat-reret. Meuntas erel, meuntas peron, asup kana area korsi tunggu, tuluy kana lawang kaluar ti statsion.

Di sisi jalan raya, awewe tengah tuwuh geus ngajajanteng deui bae. Rurat-reret deui bari kerung. Sakur tempat-tempat nu teu katingal ku sareretan disidik-sidik. Beca-beca nu ngajajar, kotak wartel nu pareum lampuna, warung tenda pecel lele, tukang sangu goreng reujeung rodana nu ngetem deukeut pos ronda. Di dinya katingal sababaraha urang ngariung nananggeuy kartu. Salah sahijina cengkat, tuluy muka gulungan wide nutupkeun lawang pos ronda nu ngagemblang.
Hawar-hawar kapireng tangara ti pintu kareta beulah kulon. Mobil-mobil jeung motor katingal areureun di hareupeun erel. Klakson kareta ngajerit ti kajauhan, ngaweuhan. Lampuna nyebrot nyaangkeun statsion, nyaangkeun tong sampah nu ngajanggelek dina peron, singhoreng aya budak leutik nu sindeku di dinya.
Budak teh jibreg ku cihujan. Ujug-ujug cengkat barang mirengeuh aya kareta ti kajauhan. Sanggeus nyusut cihujan nu maseuhan beungeutna, leungeunna tuluy nulak cangkeng. Panonna nu buleud neuteup seukeut kana kareta di kajauhan, mubus titik-titik cai nu mangrupa rebuan jarum nu ngagurilap kasebrot lampu kareta. Antukna nyenghir lantaran serab, nembongkeun huntuna nu tonggos tur galede. Carehamna ngabagel teuas balas kekerot. Ambekanana renghap ranjug. Teu asa-asa, jleng tina peron kana erel. Tuluy neuteup seukeut deui kana kareta nu jauh keneh...

Awewe tengah tuwuh meuntas. Teu sabaraha lila, wide nu nutupan lawang pos ronda disingkabkeun.
"Aeh, Ceu Mimin?" RT Engkus ngarenjag.
"Teu ningal Si Karim, Kang?"
"Henteu. Na ka mana kitu?"
"Hih, keur neangan puguh ge. Cik sugan nu lainna atuh?"
Jang Yayan jeung Kang Anung tukang sangu goreng nu keur nananggeuy kartu silih pelong sakedapan. Tuluy gideug ka Ceu Mimin.
"Na ka mana atuh budak teh?" Ceu Mimin ngarasula.
"Biasana sanes sok di statsion?" RT Engkus malik nanya.

Ceu Mimin ngareret deui ka statsion. Teuteupna lewang.
RT Engkus rikat dijeket. Sanggeus mukakeun payung, kalacat tina pos ronda.
"Hayu atuh, Ceu. Wang teangan!"

Jang Yayan jeung Kang Anung tukang sangu goreng cengkat, tapi kalah pungak-pinguk.
"Na teu aya deui pajengna, Yan?" ceuk Kang Anung.
"Nyeta, Kang. Ngan eta hiji-hijina."
"Keun baelah, maraneh mah caricing bae di pos, bisi aya nanaon!" tembal RT Engkus bari ngungkug nuturkeun Ceu Mimin.

Teu kungsi sabaraha lila, ti pipir pos bijil hiji lalaki tengah tuwuh diharudung sarung.
"Ti mana atuh, Kang Ujang?" Jang Yayan nyelengkeung. "Make jeung nyumput sagala."
"Gandeng kehed!" malik muncereng. "Lain nyumput dewek mah. Hayang kiih!" Tuluy kukulutus, "Nyanyahoanan siah, kana urusan kolot milu komentar."
"Sanes kitu, Kang..."
"Naon atuh? Da ku aing mah teu kadeuleu si ungkluk rek ka dieu!"
"Abdi mah nyarioskeun gapleh." Disalenggorkeun. "Maksad teh kartu abdi nuju sae, manawi teh Akang nyumput tina pieleheun."

Dirasa asup akal omongan Jang Yayan, nu sesentak ngececes. Ngadon nyokot kartu hanceganana nu ditangkubkeun. "Sok lah, tuluykeun deui!"
Ambek nyedek tanaga midek. Jang Yayan nyokotan deui kartu-kartuna najan pasemon teu bisa nyumputkeun kakeuheul.
Kareta ngajerit deui basa ngaliwat ka statsion. Ngajelenger tarik matak sawan budak. Ditema ku ngaguruhna roda-roda waja.

"Moal ngiring milarian, Kang?" Kang Anung nyusul tepus.

Saenyana pananya eta henteu dikedalkeun ku sora nu tarik kawas patalekan. Sakumaha nu dipilampah ku penegak hukum ka terdakwa. Tapi karasana bet leuwih nyugak batan pameredih.

Kartu nu geus ditanggeuy ku Kang Ujang dibacacarkeun jeung gundukan kartu sejenna.
Kang Ujang menerkeun posisi diukna, ngageser ka tukang, nyarande kana tihang pos ronda. Laju neuteup ka arah statsion, tapi sawanganana lain ditojokeun kana bungkeuleukna wangunan-wangunan nu ngentep di dinya. Tapi kana lalakon nu kungsi kasorang mangsa ka tukang.

Nempo Kang Ujang kitu, Kang Anung ngarasa salempang. Kaduhung geus ngedalkeun pananya. Antukna Pos ronda jadi jempling. Nu kadenge ngan rongheap tilu jalma dibarung paralakna cihujan nu meh raat dina kenteng.

"Jig baelah rek nareangan mah kaituh!" ceuk Kang Ujang bari cengkat. "Aing mah rek mantog!" tuluy ngaleos.
Budak nu nangtung dina erel lir nu keur nangtang pati ujug-ujug dongko mulung batu. Gajleng deui kana peron.
Patugas piket statsion gura-giru kaluar ti kantorna. Niup piriwit satarikna barang ningal kalakuan eta budak dina erel. Ngarasa sora piriwitna kurang tarik, patugas piket ngagorowok. Tuluy lumpat nyampeurkeun budak. Tapi eta budak api lain. Teu ngarasa sieun ku patugas nu lulumpatan nyampeurkeun manehna. Batu nu geus dikeukeuweuk satakerna dibaledogkeun kana kareta barang ngaliwat di hareupeunana.

"Kareta kurang ajaaaarrrr...!" budak teh ngagorowok satakerna. Tepika dongko bakat ku hayang ngedalkeun sakabeh napsu kapegung nu rongkah ngaduruk jajantungna.
"Kareta bangsaaaaat...!" bari lulumpatan dina peron hayang nandingan gancangna laju kareta. "Ka manakeun bapa aing siah!"

Patugas piket mingkin tipaparetot lumpatna. Budak nu keur lumpat dijeuwang.
Ceu Mimin jeung RT Engkus gura-giru asup ka statsion. Tayohna geus kapireng gorowok budak ti luar keneh. Barang breh nu silih jeuwang-patugas piket ngajeuwang budak, budak tipepereket hayang keneh maledogan kareta ku batu-RT Engkus rikat lumpat muru nu duaan.

Ceu Mimin katingal baluweng. Memang hese ngabedakeun antara cihujan, kesang, atawa cimata dina damisna. Tapi sorot panonna atra mancerkeun rasa tunggara. Awahing ku reuwas jeung baluas, antukna Ceu Mimin kalah ngajajanteng meh teu usik siga arca. Teu karasaeun payung murag tina leungeunna. Bet ngolembar. Dina pipikiranana ujug-ujug kokolebatan kajadian-kajadian mangsa ka tukang. Mangrupa sempalan adegan-adegan basa mimiti panggih jeung bapana Si Karim, bobogohan, kawin, rumah tangga nepika lahir Si Karim. Kaasup basa Si Karim nananyakeun bapana.

"Bapa mah teu aya, Ujang." Pokna halon bari ngusapan embun-embunan budakna.
"Ka mana...?" nyusul tepus.

Nu ditanya teu langsung nembalan. Kalah neuteup ka jauhna. Kana jalur-jalur kareta nu nampeu tina jandela imahna, kana kareta nu pareng ngaliwat.
"Tuh, bapa mah kana kareta...geus angkat jauuuuh pisan..."
"Iraha uihna...?"
"Jang, atos ulah ngarep-ngarep si bapa. Kapanan aya Ema nu nyaah ka Ujang..."
"Ema mah da lain bapa..."

Ceu Mimin ujug-ujug ngudupruk. Pikiranana dibawa deui ka mangsa nu leuwih jauh ti harita. Masih nongtoreng ceurikna budak basa mimiti kaluar tina rahimna. Bungah nu taya papadana. Teu diengkekeun deui, nulis surat ka bapana budak nu keur ngalalana ka Mancanagara. Jadi TKI. Saminggu-dua minggu, taya balesan. Ngarasa panasaran bisi surat teu nepi, tuluy nulis deui, dikirimkeun deui. Saminggu-dua minggu, angger taya balesan. Nulis deui, dikirim deui, kitu jeung kitu. Nepi ka mangbulan-bulan. Padahal, surat teh geus tara dibales saprak ngirim iber sual kakandungan. Ti harita oge geus tara narima wesel. Geus diteleponan ka tempat gawena, tapi tara kungsi ngobrol jeung jinisna. Neangan inpormasi ka kantor penyalur taya masalah pokna teh. Nu diteangan sehat walafiat di tempat gawena. Geus ngumaha ka mitoha, nini-akina budak. Tapi tara meunang jawaban nu matak nyugemakeun. Tara panjang catur, ukur nitah nungguan jeung nungguan da engke oge aya kalana mulang. Kitu pokna teh.

Diganggayong ku pangharepan. Disiksa ku karempan. Mangbulan-bulan. Mangtaun-taun. Nepi ka hiji waktu nu diarep-arep mere iber. Salambar surat nu matak ratug macana. Pinuh ku hurup kapital jeung tanda seru. Jaba ditulis ku mangsi beureum. Tetela, salaki nu dianti-anti nampik Si Karim minangka anakna. Pangrasana geus lila indit memeh Ceu Mimin kakandungan. Eta surat kahiji sanggeus mangtaun-taun. Nu kaduana teu lila ti harita; surat talak.
Horeng inditna salakina ka mancanagara geuning minangka tungtung rumah tanggana. Tepi ka teu ngarep-ngarep deui. Padahal geus mulang, tapi teu hayang patanya atawa ngajelaskeun nu saenya-enyana.

Di sesa-sesa kasadaranana, Ceu Mimin masih keneh bisa ngarasakeun awakna dituyun ka imahna. Tuluy poho, teu inget di bumi alam. Barang lilir Si Karim geus aya di gigireunana, neuteup leleb. Tuluy budak teh diusapan sirahna. Emh, mingkin gede Karim teh. Mingkin siga bapana. ***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

deti ngomentaran:

wah kang atep mah teu maca nya, pan kang ujang teh bapak na si karim.. atanapi kag atep bapak na si karim teh? hihihihi

Atep Muhtaram ngomentaran:

...hatur nuhun..sae, ngagambarkeun kaayaan statsion waktos hujan meni asa didinya, tonggos?..pami teu lepat mah aya sunda-na tah, ..ari si kang ujang anu nyumput tea naona si ceu mimin?...tapi sae, sae...nuhun.