Sat, 19-05-2012
Nyingraykeun Lalangse Aheng

Ngubaran Nu Gering Pikir Jeung Diguna-guna Batur

Pintonkeun di FB

Aya urat sarap nu kecepet, vertigo atawa stress, tatamba kamamana teu cageur bae. Urang aya nu ngaguna-guna batur, nepi ka dagang ti pasar ge teu payu bae. Cobaan geura tatamba ka Ny.Yuyun Sriyunendah Spd. Lamun rek tatamba kudu sore, ngarah bisa nyalse atawa bisa oge diangkir ka bumi.

Boga kasakit urat sarap nu kecepet, vertigo atawa kasakit lemah sahwat, memang rada susah ngubaranna. Tatamba ka jalma sagawayah mah, lain kasakitna cageur, tapi kalah bakal tambah parna. Kudu ka saha atuh tatambana? Tah, ahli ngubaran nu kitu mah, nyaeta Ny.Yuyun Sriyunendah Spd urang Komplek Margahayu Kencana (Marken) blok C.6 No. 8, Kopo, Margahayu Kabupaten Bandung.
Di imahna ge sok nampaan pasen, utamana mah ti luar kota, ngan waktuna bae nu rada susah teh, ku sabab sapopoena digawe salaku penilik SD Kutawaringin, Kacamatan Soreang Kabupaten Bandung. Lamun rek tatamba ka Ny.Yuyun mah samemehna kudu ngontak heula boh ka imah, boh kana HP-na. Ngarah urang bisa patepung langsung jeung manehna. Sabab unggal poe ge loba nu ngangkir, balik ti sakola teh sok ngider ngurilingan ka imah pasen.
"Di rorompok oge sok aya bae pasen nu tatamba, tapi samemehna ngontak heula, supados abdina henteu nuju mimiosan," ceuk Ny. Yuyun Sriyunendah Spd  mah.
Moal aya nu nyangka saeutik ge, ibu penilik sakola dasar, miboga kaahlian nu kawilang langka pisan. Boga bakat tutulung ka batur, bisa ngubaran sagala rupa kasakit, boh kasakit lahir boh kasakit batin.
Ceuk Ny.Yuyun Sriyunendah mah, ngawisaya jalma nu dipikacua ku urang, dina jaman kiwari mah geus canggih pisan. Si jalma teh teu kudu sina paeh sapada harita, tapi sok dikiriman atawa dibere panyakit nu hese diubaranna. Diantarana bae kasakit maag nu hese piubareunna atawa kasakit sarap.
"Tah, kanggo ngaditeksi kasakit nu kitu teh, mediana nganggo endog hayam kampung," ceuk Ny.Yuyun Sriyunendah medarkeun pangalamanna ka MANGLE.
Lamun kasakit teh meunang jijieunan manusa nu jail kaniaya, dina beuteung atawa sukuna nu diusapan ku endog tea, bakal ngagaleng hejo. Nu kitu mah babari diubaranna. Kitu deui upama kasakit lain beunang jijieunan manusa, kasakit medis, ku Ny. Yuyun direfleksi heula ku dua curukna. Harita keneh bakal bisa ngarasakeun hasilna. Kasakitna bakal ngurangan. Lamun kasakitna rada parna, kudu dua  atawa tilu kali direfleksina teh.
"Curuk abdi mah aya nu nyebutkeun kawas silet, malah aya oge nu nyebutkeun kawas beusi. Gumantung kana kasakitna bae," ceuk Ny. Yuyun ngajentrekeun.
Ngubaran pasen nu boga kasakit urat sarap kecepet, carana ku direfleksi. Diurut ku dua curukna nu geus mahir kana memener urat sarap. Karasana ku pasen tangtu bae bakal rada nyeri, sabab urat nu kecepet kudu dibebener deui, sangkan cicing dina tempatna. Nyerina ge ngan sakeudeung. Teu kudu dipake hariwang, nu penting mah kasakit bisa gancang cageur deui.
Kitu oge dina cara ngubaran lalaki nu boga kasakit lemah sahwat, samemeh diubaran teh pasen sok ditanya heula. Lir ibarat salah saurang psikolog keur ngaterapi pasenna. Lantaran dina prak-prakanna ngubaran pasen teh, Ny. Yuyun mah, ampir sarua jeung spikolog bae. Ieu teh, ku sabab kasang tukangna dina widang atikan.
Pasen teh sok dibere wejangan heula, naon bae nu jadi bangbaluhna, sabab lemah sahwat ge, ceuk Ny. Yuyun mah, bisa oge balukar tina stress, loba teuing pagawean ti kantor atawa balukar kalakuan pamajikan nu teu sahate. Sanggeus nyaho kana bangbaluhna, tuluy dibere bongbolongan pikeun ngungkulanna. Sabab, ceuk Ny.Yuyun mah, kasakit lemah sahwat teh, lain bae tina kasakit medis, tapi bisa oge balukar tina kasakit batin. Cara ngubaranna, lain"penisna" nu direfleksi, tapi ngan saukur dipijet tina udelna wungkul.
"Insya Alloh, nu kagungan kasakit lemah sahwat teh, tiasa damang sabihari-bihari deui," ceuk Ny. Yuyun Sriyunendah mah.

Teu Ngalaman Guguru Heula
Bisana kana ngubaran kasakit lahir atawa kasakit batin teh, ceuk Ny. Yuyun Sriyunendah mah, teu ngalaman guguru heula. Estu ngan saukur bisa sorangan. Bisa teu pupuguh. Nya ku manehna sok dipraktekkeun ka sobat-sobat jeung tatanggana nu dareukeut.
Kitu oge basa aya budak tatangga beungeutna kaseblok ku cai panas. Indungna teh datang lulumpatan bari rawah-riwih ceurik menta diubaran ka Ny. Yuyun Sriyunendah. Ku manehna diubaran.
"Ku abdi teh ngan saukur dicepengan rarayna nu kaseblok ku cai panas, bari ngadoa ka Gusti Nu Maha Suci, supaya murangkalih di damangkeun," ceuk Ny. Yuyun medarkeun pangalamanna. Teu kungsi sapoe ti harita, budak cageur. Beungeutna ge henteu ruksak. Teu aya tapak-tapakna acan, urut kaseblok ku cai panas, ceuk Ny. Yuyun mah.
Anyar-anyar ieu, kadatangan pasen budak leutik dibawa ku indungna. Kasakitna teh, henteu bisa konsentrasi kana belajar. Remen malaweng teu puguh, kawas aya alam sorangan. Budakna teh taya kasieun pisan. Dicarek ku kolot, lain ngagugu, tapi sabalikna, sok ngalawan.
"Alhamdulillah, saparantosna disareatan mah, budak teh tiasa damang sabihara-bohari deui," ceuk Ny.Yuyun Sriyunendah mah.
Pasen nu rada parah, urang Cimahi, pokna teh. Manehna geus katipu ku salah saurang paranormal nu bisa ngalipet tikelkeun duit. Beak duitna teh aya kana Rp. 500 jutana. Panto kamar, teu wani muka, sieun duit nu rek digandakeun henteu jadi ngalipet. Ahirna, manehna bingung. Nya, menta tulung ka Ny. Yuyun pikeun muka kamar nu dieusian duit jeung perhiasan.
"Basa panto kamarna dibuka teh, katingali ku abdi aya jin dua ngabelegedeg. Ngan teu kungsi lila tuluy ngiles," ceuk Ny. Yuyun medarkeun pangalamanna.
Koper jeung kotak nu ceuk paranormal mah, bakal dieusian ku duit, basa dibuka teh ngan saukur kertas koran wungkul. Kitu deui kotak perhiasan, nu tadina dieusian ku perhiasan emas jeung berlian, kalah ka dieusian ku bata beureum.
"Pasen abdi teh katipu, artos aya kana lima ratus jutana diringkid ku dukun tukang nipu," pokna deui.
Ceuk Ny. Yuyun Sruyunendah mah, dukun nu bisa ngalipet tikelkeun duit teh, wadul wungkul. Ngabobodo. Ngan saukur panipuan. Sabab, di alam jin mah, teu aya bank. Teu aya duit saperti di alam dunya. Nu aya ngan saukur dangdaunan.
"Urang ulah beunang pisan dibobodo, lantaran dukun kitu mah, rek nipu wungkul," cenah.
 
Turunan Ti Uyutna
Bisana ngubaran teh ti keur umur tilu taun keneh, ceuk Ny.Yuyun Sriyunendah mah. Nurun ti uyutna urang Kampung Mahmud. Ti keur umur tilu taun keneh teh, lamun keur ulin diburuan sok ngomong sorangan, kawas aya jalma nu ngajak ngobrol bae. Rarasaanna teh aya nini-nini ngajakan ngobrol.
Sanggeus jadi guru sakola dasar sok remen dipraktekkeun. Lamun di sakola aya murid ngadadak kasurupan teu pupuguh, ku manehna sok gancang ditulungan. Kitu oge lamun di jalan raya aya kacilakaan lalu lintas, manehna sok gancang cakah cikih nulungan.
"Malihanan upami aya rerencangan karerepetan oge, sok nyuhunkeun bongbolongan ka abdi," pokna teh.
Nu daratang tatamba ka Ny.Yuyun lain bae kaom wanoja, loba oge para pejabat. Ngan henteu bae disebutkeun ngaran hiji-hijina mah. Ieu mah rusiah pribadi, pokna teh.
Lolobana nu tatamba mah, kasakit stress, kasakit batin. Lantaran salakina nyelewer ka awewe sejen. Dina cara ngungkulanna teh, ku cara dibere wejangan. Dibere pencerahan. Ku jalan hatena dibukakeun.
Bilih para mitra MANGLE panasaran mah, tiasa dicatet alamatna nyaeta di Komplek Margahayu Kencana (Marken) blok C.6 No. 8 Jl. Kopo, Margahayu Kabupaten Bandung. Telepon (022) 5417301 sareng HP. 08122081004. (Wanem)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula