Sat, 19-05-2012
Pangalaman Para Mitra

Pangalaman Para Mitra Edisi 2225

Pintonkeun di FB

Tamaha Teu Tarapti

Ieu kajadian teh kaalaman can pati lila. Kira-kira sataun ka tukang kaalaman ku kuring. Dicaritakeun deuih teu sangkan jadi eunteung ulah kaalaman deui sabab ngarugikeun tur ngerakeun.

Unggal poe Kemis sabada ngantor kuring sok maen badminton di GOR sewaan. Itung-itung refresing supaya teu kaserang stess. Kaluar kesang bari poho kana hutang. Udaganana lain rek milu kejurnas komo deui milu Olimpiade mah. Ieu mah estuning hiburan murah meriah dibandingkeun jeung golf mah. Modalna cukup sarebu perak sakali maen, kajaba aya perjanjian memehna upama eleh kudu pangmayarkeun kokna.

Indit ka lapang biasa kana angkot, ongkosna cukup dua rebu. Kuring jarang kana motor sabab sok mindeng asup anginna, oge sangkan teu hariwang motor aya nu nyabet ku maling, jadi maenna jongjon. Biasana maen teh cukup ku tilu kali memeh magrib balik ka imah. Harita ge beres maen nuuskeun kesang heula bisi batur baueun. Sanggeus istirahat parabot dibenahan, sapatu, reket, anduk diasupkeun kana tas, tuluy mayar. Beres mayar rap dicalana panjang, tas dijingjing, leos ka luar terus megat angkot. Kabeneran aya angkot rada pinuh ku karyawan, aya hadena moal lila ngetem.

Geus deukeut ka imah, kuring ngodok pesak rek mayar. Waktuna ngodokkan pesak kuring reuwas campur bingung. Duit teh aya, karasa tapi dicokot hese. Singhoreng duit teh aya di jero pesak calana kolor. Ari kuring make calana panjang, sigana waktu babayar tadi poho teu dikana calana panjangkeun deui duit teh, kalah tuluy dipesakan kana kolor.

Duh kumaha carana ngaluarkeun duit? Ari rek morosotkeun calana dina angkot sieun pajarkeun ngalanggar UU Pornoaksi, ari teu mayar piraku pasti supir bendu. Tungtungna kuring menta turun lebah kebon nu rada suni. Turun tina angkot porosot muka calana panjang tuluy ngodok calana kolor, song duit ongkos dibikeun teu diitung heula keun bae rido. Kuring oge rido kudu leumpang deui ka imah da tadi kaliwat. Tamaha teu tarapti eta teh.

Yudi Hendrani
SMAN Warungkiara
Jl. Palabuhanratu KM 29
Sukabumi

Pangsiunan BNI

Tatamu undangan geus biasa sok silih kenalkeun. Tah dina waktu kuring ngaluuhan nikahkeun anakna sobat medok di Bandung, tamu anu gigireun ngajak ngobrol. Nya ngobrol ngaler-ngidul we. Ka ditu ka dieu bae, teu puguh jujutan. Ti mimiti ngobrolkeun urusan ekonomi nu mingkin sulit kanggo nu alit, kaayaan nagara kiwari nu matak butek kana pikiran, sareng matak butek sirah bulenang, masalah TKW nu meunang panyiksa ti dunungan awewe, sareng dipikahayang ku dunungan lalaki, nepi ka masalah pagawean.

Manehna nanya ka kuring; "Dupi salira masih keneh dines, atanapi tos pangsiun?"
"Tos pangsiun," jawab kuring.
"Pangsiun ti mana Pa?" manehna nanya deui.
"Ti BRI," cekeng teh bari memeres piring-piring alas, terus diteundeun di handapeun korsi.
"Abdi mah pangsiunan ti BNI," pokna teh.

Tayohna jalma anu diuk dina korsi hareupeun kuring ngabandungan tah kana gunem catur kuring jeung tamu gigireun tea teh. Da eta bae manehna ujug-ujug ngong we nyarita: "Upami kitu mah atuh sami sareng abdi. Da abdi ge pangsiunan ti BNI," cenah, bari ngelapan biwirna anu ramiping ku remeh.

"Ti BNI mana Pa?" tamu gigireun tea nanya.
"Sami sareng Bapa," cenah bari nunjuk ka nu nanya ku indung leungeun kalawan rengkuh.

Si bapa gigireun ngahuleng, myureng, kulit tarang karejut. Kawasna nginget-nginget babaturanana anu kungsi babarengan waktu dines.
Ningali kitu, pok manehna nyarita deui, "Rupina mung benten bagia we sareng Bapa teh!" cenah. "Abi mah ti BNI, Bagian Nungguan Ibu," pokna teh bari nyenghel.

"Sanes Bagian Ngurus Incu, Pa?" kuring ngaheureuyan.
"Aaah... paling ge Bagian Nyecewokan Incu! He... he... he...!" Nu diuk gigireun nempas bari ngaheheh.

Dudu Abdullah S
Jl. Terusan Permai 25
No. 4 - CCI
Bandung 40218

Tibra

Di lembur kuring mah, lamun dina usum hajat, lain hiji dua, malah sok mareng nepi ka lima atawa sapuluhna dina sapoe teh. Komo dina prime-time waktu utama lamun dina acara tivi mah jiga malem minggu. Atuh bapa jeung emih mulang na sok nepi ka tengah peuting. Ari teu kitu, kapan nu ngondang teh minangka langganan bapa di kios, nya itung-itung silaturahmi we.

Di lembur mah, ondangan teh raramena ari peuting ti bada magrib. Beda jeung di kota, jam duaan ge beres. Kuring tara hayang ngilu. Hoream kudu pasesedek, bayeungyang. Jaba sok rea pamuda nu carunihin, ngamangpaatkeun kasempatan keur pasesedek.

Ah, di imah we mending ge bari maca novel Harry Potter. Teu karasa geuning wanci nyerelek, pitunduheun datang nepi ka tibrana. Kuring kabawa ka alam impian. Rupa-rupa narembongan. Ti mimiti ulin jeung batur sa-SD, nepi ka kagiatan pramuka, barijil bae teu nyarambung. Sakapeung ngimpi endah, basa ulin ka Ciateur breh ka puter dina kaset ngimpi teh. Malah ngimpi anu cape pisan bari hah-heh-hoh, singhoreng ngimpi ngadorong angkutan pedesaan anu mogok. Basa didorong Angdes ngagorolong gebrus asup kana jurang bari brang-breng-brong mawa wawadahan kayaning katel, panci, boga panumpang anu meunang meuli ti pasar. Astagfirullah...

Kuring gigisik. Di luar sora mani seah, ibur ku tatangga anu tinggerendeng. Siga aya raramean atawa aya kajadian kapalingan, kahuruan, jste. Malah hansip Basid ge aya maturan kolot kuring. Barang panto dibuka, ana gerrr... wae tatangga sarurak bari sareuri.

"Tah geuning hudang!" ceuk hansip Basid ka kolot kuring.

Singhoreng tatangga singrariung geus aya dua jam, maturan kolot kuring anu teu bisa asup balik ti ondangan lantaran kakonci ku kuring. Panto digedor-gedor, dipurulukan keusik kana kenteng, digorowokan, teu ieuh hudang, kapan kuring sarena ge di kamar tukang.
Ari panto geus muka mah, riungan teh ahirna bubar. Kuring lulungu keneh, ah teu rea omong, berebet lumpat deuih ka enggon, nuluykeun hanca ngimpi anu kagebah.

Elin Marlina
Gg. Apel - Perumnas Melongasih
Cimahi Selatan

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Neng Iyay TS ngomentaran:

Tamaha tara tarapti. Ich manawi teh kuring bae nu sok kitu teh. Demi keamanan ari nyimpen dompet teh sok dina jero saku kolor da naek kendaraan umum. Harita teh de ka Bank de nyandak artos. Tos cape ngantri di payuneun counter. Bakat ku atoh ayeuna bagian kuring, barang teler naroskeun kartu ATM na kuring reuwas. bedul pan kartu ATM na aya dina dompet na saku color, kumah atuh? Piraku morosotkeun calana di payuneun counter, sakitu nu antri panjang keneh, moal enya tos cape-cape ngantri kedah bolay. Sok kedah kumaha abdi harita..? mangga pangemutankeun..!!

AZAT KOSIM ngomentaran:

Simkuring ngaraos bingah maos ieu rubrik, mugia anu sanesna tiasa langkung mundel(punten bilih lepat istilahna "mundel" ; euyeub kitu?) deui dina jalan cariosna. Hatur nuhun katampi ti Akang+Teteh. AZAT KOSIM, Sukajaya Tambaksari-Ciamis - email : azatkosim@yahoo.com