Golongan nu Dipikacinta Allah Swt.
Ku Arif Nur Hakim
Manusa salaku hamba Alloh SWT, mibanda rupa-rupa pasipatan, boh sipat awon atanapi sipat sae. Tina sakitu seueurna sipat anu ngancik dina diri manusa, anu pangdipikacintana ku Alloh teh nyaeta sipat 'Taqwa', sakumaha anu kaunggel dina Alquran surat Alhujrot (49) ayat 13, "...Inna akromakum 'indallohi atqookum..." (Saestuna anu pangmulyana di antara maraneh di sagedengeun Alloh teh nyaeta anu pangtakwana).
Kitu deui, numutkeun Syaikh Al-Akbar Muhyidin Ibn 'Arabi, salah saurang tokoh sufi, "Allah teh mikacinta mahlukna nu ngabogaan sifat saperti Mantenna". Dina elmu Psikologi Modern, urang pada uninga, yen hiji jalma ilaharna leuwih mikaresep jeung mikabogoh jalma nu mibanda sifat meh sarua jeung dirina. Ku kituna, teu kudu hemeng, lamun Alloh oge mikacinta mahluk-Na nu mibanda sifat saperti sifat Alloh.
Saha atuh golongan jalma nu dipikacinta Allah alatan kriteria di luhur teh? Kahiji, al-Muhsinin, nyaeta jalma-jalma nu migawe kahadean. Ihsan teh salah sahiji sifat Allah. Allah, Dzat nu leuwih loba mere kahadean ka Mahluk-Na. Hal ieu tetela kaunggel dina surat Al-Insan ayat 2 : Inna kholaknal insan minnutfatin amtsajin nablatihi fajaalnahu sami'an basyiroon. Nu hartosna: "Saestuna Kami geus ngajadikeun manusa tina nutfah nu pacampur, tuluy ku Kami diuji nya eta Kami ngajadikeun manehna bisa ngadenge jeung nenjo."
Nabi Musa As kantos ngelingan Qorun sangkan kersa ngalaksaanakeun kahadean tur ngaluarkeun tina sabagean harta bandana. Musa sasauran kieu: "Prak geura lakukeun kahadean saperti Allah geus mere kahadean ka anjeun?"
Dielingan kitu teh, Qorun lain ieu sadar. Malah maalik ngajawan ku jawaban nu matak pikanyeriaeun. "Kaula boga harta aalatan elmu pangaweruh kaula," pokna. Qorun sombong, adigung asa aing, poho ka Gusti Nu Mahasuci, nu parantos maparin rijki ka manehna. Teu aneh lamun ahirna Alloh ngalelepkeun Qorun ka dasar laut.
Kadua, al-Tawwabin, nya eta jalma-jalma anu sok tarobat. Tawwab teh hiji sifat Allah Swt. Dina do'a : Innaka antat tawwabur rahiim, nu hartosna "Saestuna Anjeun, ya Alloh anu Mahatobat jeung nu Mahaasih." Kitu deui Allah mikacinta jalma tobat, saperti kaunggel dina surat Al-Baqarah ayat 222: Innalloha yuhibbut tawwabina wa yuhibbul mutathahhirin, "Saestuna Allah mikacinta jalma-jalma anu tarobat jeung anu berseka."
Tawwab asal kecapna tina taba-yatubu-taubatan, hartosna balik. Jadi, tawwab teh jalma nu balik deui kana jalan Allah Swt. Jalma nu tobat ka Alloh ngandung hartos jalma nu balik deui kana jalan Allah sabada muieun dosa jeung ksalaahan.
Allah teh jembar pangampura, ku kitun sarebu kali manusa ninggalkeun Alloh, sarebu kali Allah nyalukan eta manusa sangkan eling ka Mantenna. Allah moal bosen-bosen narima tobat hamba-Na. Ku kituna lantaran sarua sifat tawwab eta, Allah mikacinta jalma-jalma anu tarobat pikeun balik deui kana jalan Mantenna.
Katilu, al-Mutathahhirin, jalma-jalma nu beresih diri. Dina hal ieu Al-Qur'an nerangkeun aya dua jalma nu kaasup golongan sok meresihan, nyaeta al-Mutathahhirin, jalma nu sok beberesih diri, teras al-Muta'ahhirin, jalma anu sok beberesih pikeun batur. Ka unggel dina surat At-Taubah ayat 108 nu hartosna : "Poma maneh ulah ngadegkeun (solat) di dinya salawasna, sabab geus aya masjid anu diadegkeun kalawan dasar takwa ti anggalna, eta leuwih pantes dipake (solat) ku maneh, di jerona aya sawatara jalma anu resep beberesih jeung Allah mikacinta jalma-jalma nu berseka."
Patali sareng al-Mutathahhirin tea, aya carita sufi, nu caritana kieu: Hiji mangsa, aya bangsat asup ka hiji desa. Lantaran bingung teu boga tempat, bangsat indit ka pasantren. Kiyai nu ngabogaan pasantren teh caritana ngagaduhan putra lumpuh. Sangkan Kiyai ngidinan mondok di pasantren, si bangsat ngakukeun rek nyantri di eta pasantren.
Tengah peuting, basa santri-santri sejen keur solat, manehna mah gancang kaluar ngajalankeun tugasna, ngabangsat tea. Isuk-isukna balik deui ka pasantren. Tapi basa ningali putra Kiyai anu lumpuh keur lulumpatan, si bangsat teh hemeng, terus nanyakeun ka Kiyai. "Anak kuring memang lumpuh ti bareto. Ngan basa anjeun datang ka ieu tempat terus wudu, kuring nyokot sabagean cai wudu anjeun terus dipake ngamandikeun budak'" saur Kyai.
Si bangsat teh ngorejat, hatenya leah. Eta kajadian teh ngageuing hatena sangkan gura-giru tobat. Harita keneh manehna tobat, balik deui kana jalan bener. Dina eta carita, aya hal nu tiasa dipetik, yen sanajan bangsat teu suci, tapi cai wuduna bisa meresihan batur.
Kaopat, al-Muttaqin, jalma-jalma anu takwa. Takwa hartina taat. Lamun jalma taat, teu kapaksa tangtu sagala pagawean sejenna oge bakal dipikaresep ku batur. Takwa sacara istilah ngalaksanakeun sagala parentah-Na jeung ninggalkeun sagala nu dicegah-Na, ieu ngandung harti nu jero. Ku kituna, lamun hiji jalma geus tarakwa bakal bagja dunya aherat. Kaunggel dina al-Qur'an surat al-Araf ayat 96 : Lamun pangeusi eta nagri ariman sarta takwa, tanwande Kami maparin kurnia ka maranehna ku rupa-rupa berkah ti langit jeung ti bumi, tapi maraneh ngabarohongkeun. Nya Kami nibankeun siksaan ka maranehna alatan saniskara nu geus diusahakeun ku maranehna.
Kudu kumaha atuh sangkan urang tetep takwa? Ngucapkeun takwa memang babari pisan, tapi ngalaksanakeunana teu gampang. Naon sababna? Lantaran manusa geus biasa ninggalkeun bebeneran, teu bisa ngabedakeun mana nu bener mana nu salah, nu bener jadi salah nu salah jadi bener. Terus rek takwa kumaha, lamun urang masih resep kana perkara nu dicaram ku Allah SWT. Matak bener pisan, lamun ayeuna bangsa urang terus-terusan katiban siksaan, boh lahir boh batin, sabab urang hakekatna geus ninggalkeun takwa jeung iman ka Allah.
Kalima, as-Shabirin, jalma-jalma nu salabar. As-Shabirin asma Alloh tina al-Shabur, hartina Mahasabar. Allah mikacinta jalma nu salabar, jalma nu karandapan ku cocoba, tapi manehna bisa nahan sarta teu menta tulung ka sasaha iwal ka Gusti Nu Mahasuci wungkul. Rasululllah Saw ngadawuh : "Teu aya jalma anu sabar nalika kasorang kanyeri, iwal menta tulung ka Allah".
Allah Swt kantos muji para nabi, kusabab aranjeunna kaasup al-Shabirin, nepi ka dipasihan gelar Ulul Azhmi. Saur ahli Sufi, "Can disebut jalma nu sajati, jalma nu teu sabar narima ujian ti Allah."
Patali sareng sabar, Al-Syilbi, salah saurang guru sufi dijebloskeun ka panjara alatan dipitnah geus nyebarkeun ajaran sesat. Hiji waktu, santri-santrina ngalongok. "Saha aranjeun teh?" ceuk Al-Syilbi.
"Abdi sadaya murid anjeun..." ceuk para santri.
Al-Syilbi terus nyokot batu. Teu lila dibaledogkeun ka para santrina nu harita terus lalumpatan.
Ningali kitu, Al-Syilbi nyarita, "Maraneh lain jalma anu sajati, sabab saukur dibaledog ku batu aranjeun kalah lalumpatan, ngajauhan kuring. Lamun aranjeun enya bener nyaah, naha make kudu lalulmpatan, anggur mah tarima eta batu nu dibaledogkeun teh ku kabungah lantaran batu eta datangna ti kakasih aranjeun.
Ku kituna jalma sabar, nalika ditimpa musibah, moal ngarasula ngalahkeun Allah, tapi estu narimakeun bari terus ngado'a, saperti do'ana Nabi Ayyub As, sakumaha kaunggel dina surat Al-Anbiya ayat 83 : Inni massaniadduru wa anta arhamar roohimiin", hartosna, "Sayaktosna abdi teh katiban balai sareng Gusti teh Nu Maha-Asih ti antawis nu asih."
Kagenep, al-Mutawakklin, jalma-jalma nu pasrah mung ka Alloh. Pidawuh Allah Swt: Inna loha yuhibbul mutawakkilin, "Saenyana Allah micinta jalma-jalma anu tawekal."
Asbabun Nuzul ayat di luhur patali sareng kajadian perang Uhud. Dina perang Uhud kaum muslimin dipasihan ujian, eleh dina peperangan. Ku kituna seueur sahabat anu lalumpatan ninggalkeun medan perang. Malah sababaraha sahabat aya nu kalabur jauh pisan, nepi ka keur bisa balik deui teh kudu nepuh waktu kana tilu bulanna.
Nalika balik deui ka Madinah, maranehanana ngarasa era, lantaran geus ninggalkeun medan perang. Kitu deui ngarasa sieun bisi Rasulullah Saw bendu. Tapi Rosululloh malah ngabageakeun maranehanana ku sikep ramah nu pinuh ku kanyaah. Kajadian ieu turun surat Al-Imran ayat 159 nu hartosna : "Ku (perbawa) rahmat ti Alloh, maneh jadi leuleus jeujeur liat tali ka maranehna, cacakan upama maneh goreng laku lampah jeung teuas hate mah, tanwande maranehna baris paburisat nyalingkir ti sakurilingeun maneh. Ku sabab eta pek hampura kasalahanana jeung pangmentakeun hampura ka Alloh pikeun maranehna, geura ajak musawarah dina perkara (kadunyaan), sarta lamun hate maneh geus gilig, prak geura tawakal ka Alloh. Saenyana Alloh micinta jalma-jalma tawekal".
Katujuh, al-Muqsitin, jalma-jalma nu nanjeurkeun kaadilan. Rasulullah geus mere conto, kumaha najeurkeun kaadilan, boh ka jalma leutik boh ka jalma kafir. Rasulullah kenging gelar rahmatal lil 'alamin, diutus nyampurnakeun ahlak, estuning pikeun umatna sangkan ningali Rasulullah najeurkeun kaadilan dina kahirupan.
Tapi kumaha manusa kiwari? Ruksakna bangsa alatan ahlakna ancur. Ahlak bisa ancur lantaran hukum teu dipalire. Lain hukum nu salah, tapi nu ngajalankeunana. Geus teu aneh urang ningali kajadian-kajadian nu bengis, ngarogahala, korupsi, nganiyaya. Lantaran manusa nu najeurkeun kaadilan geus hese diteanganana. Ku kituna al-Qur'an nandeskeun sangkan manusa nanjeurkeun hukum pikeun kaadilan. "Jeung upama maneh nangtukeun hukum ka maranehna, prak tangtukeun hukumna di antara maranehna kalawan adil. Saenyana Allah micinta jalma-jalma anu ngajalankeun kaadilan".
Tah kumargi kitu, sangkan urang kalebet golongan nu dipikacinta ku Allah, urang kedah teras latihan sangkan tiasa tur biasa ngalarapkeun sifat-sifat di luhur. Mudah-mudahan urang sadayana kalebet golongan nu dipikacinta Alloh. Amien.