Usaha Bangkar, Salaki Nyelewer
Teu nyangka salaki ngabudi ucing. Di imah cicing, pikayungyuneun, tapi lamun geus ka luar imah, kawas ucing garong. Teu kaop ningali nu hanyir-hanyir, kahayangna teh ngerekeb bae. Hayang nangkeupan atawa ngawin. Sabodo teuing pamajikan di imah mah. Tara dibalanjaan. Lamun kuring teu bisa nyiar duit sorangan mah, barudak bakal kalaparan.
Kawin teh geus aya kana tilu puluh taunna. Boga anak dua awewe wungkul. Si cikal ayeuna teh geus diwisuda. Lulus S-1 di paguron luhur negeri di kota Bandung. Ari si bungsu, karek tamat D-3. Alhamdulillah, sakitu ge barudak teh gede milikna. Bisa sarakola nepi ka junun. Sabab, lamun keur hirup sapopoe ngandelkeun pamare ti salaki mah, pimanaeun. Barudak teh, sakolana moal jalujur. Sabab rumasa duit pamere ti salaki mah, dialas pisan. Komo ayeuna mah, pausahaanana bangkar. Salaki teh unggal poe ngaligeuh teu boga gawe.
Unggal poe teh, cicing di imah bae, hayang diparaban ku pamajikan. Eta oge unggal poe remen indit ti imah, bebeja ka kuring mah rek nyiar duit, rek usaha, tapi balikna teh sok ngarahuh bae. Tara mawa duit saperak-perak acan. Matak bingung puguh. Lamun kuring teu bisa nyiar duit sorangan, bakal lapur. Bisa-bisa barudak di imah bakal kalaparan. Moal manggih barangdahar.
Alhamdulillah, kuring teh dikersakeun ku Gusti Nu Maha Suci, bisa neangan duit sorangan.Masing gajih leutik ge, unggal bulan mirilik. Teu sieun bangkar atawa di PHK kawas di gawe di pausahaan swasta. Kuring teh kaasup pagawe negeri. Ngajar di sakola menengah pertama nu aya di daerah Cimahi.
Bareto, basa kuring keur jaya-jayana. Salaki masih digawe jadi pemborong bangunan. Babari pisan ngala duit harita mah. Duit teh teu sirik ngayeula. Imah boga dua, mobil ge hiji sewang jeung salaki. Nasib jadi guru, duit teuy weleh metet bae dina tas. Sabab, kuring harita mah sok rajeun ngiridit-ngiriditkeun barang ka babaturan. Unggal bulan dipotong ku bendahara ti kantor, teu kudu hese-hese nagihan duit ka jalmana. Harita mah, bisa disebutkeun hirup teh, senang, taya kasusah.
Harita ge, basa salaki keur loba duitna, kuring sok neundeun curiga ka salaki teh. Lamun meunang kauntungan gede tina proyek, nu dibikeun ka kuring mah, ngan saeutik. Dialas pisan. Sawareh deui mah, duka teuing dikamanakeun. Duka teuing dipake nambahan modal, duka teuing dipake poya-poya jeung sobat-sobatna. Tapi ku lantaran harita mah, kuring ge bisa nyiar duit ti ditu ti dieu, tara pati eungeuh. Tara pati dipalire. Sabodo teuing bae. Nu penting kuring tara kaleungitan ku salaki, sabab unggal poe ge balik ka imah.
Sanggeus barudak gede, kuayana krisis moneter, usaha salaki teh mimiti goyah. Hese neangan proyek deui. Antukna mah, duit modal ge, ledis dipake keur operasional sapopoe. Bangkrut we. Dumadakan deuih, harita ge kuring sibuk pisan ngajar di sakola. Tara daek usaha sampingan deui. Ahirna unggal bulan ngan saukur ngandelkeun gajih wungkul. Tapi cukup we keur dahar sapopoe mah.
Salaki Nyelewer
Memang beja ti luar mah, geus rea. Pajarkeun teh, salaki boga deui pamajikan nu ngora, malah anakna ge geus gede. Kuring ge memang geus remen ngadenge beja kitu teh, tapi masih cangcaya keneh. Sabab can kanyahoan ku sorangan.
Ari ngaran karek beja mah, can pasti. Bisa engkena nyalahan, nu ahirna bakal rame pasea rongkah. Leuheung lamun bener, kumaha lamun ngan saukur isu wungkul, apan bisa cilaka. Rumah tangga nu keur runtut raut sauyunan ge, bakal goyah, bakal bengkah. Lamun salah saurang teu bisa ngelehan, hayang mawa karep sorangan, antukna bakal pipisahan. Ieu pisan nu teu dipiharep ku kuring teh. Sabab karunya ka barudak. Mudah-mudahan bae, beja ti batur teh, ngan saukur isu wungkul. Pagawean jalma pangangguran nu hayang ngaruntagkeun rumah tangga batur.
Kuring ge nyaho, salaki teh cicingeun. Lungguh, teu kawas batur. Nu matak kuring mah teu percaya saeutik ge salaki geus kawin deui teh. Sabab unggal peuting tara ingkah ti imah, ari lain beurang wungkul mah. Geus biasa lalaki indit-inditan ti beurang mah. Rek nyiar duit, sabab cicing di imah mah, moal bisa ngahasilkeun. Peuting mah, salaki teh tara indit-inditan, lamun teu aya kaperluan nu kacida penting mah.
Lamun kuring indit di gawe, salaki ge sok indit-inditan. Kaluar ti imah. Imah teh ti beurang mah, kosong, dikonci. Sabab barudak ge arindit sakola. Ngan peuting bae sok kumpul ngariung teh.
Kapanggih Pisan
Asa ngimpi puguh. Asa dibentar ku gelap tengah poe ereng-erengan teh, lain bobohongan. Teu nyangka saeutik ge, salaki nu cicingeun, lungguh, bet nyelewer ka awewe sejen. Matak era mah ku babaturan, nu harita babarengan balanja jeung kuring di pasar swalayan. Sobat pisan nu nganyahoankeun.Ningali salaki leumpang bari ngaleng awewe sejen.
"Bu Risma? Itu teh sanes Pa Andi!" ceuk Bu Komariah bari noel ka kuring.
"Mana?" pok teh.
Kuring mah rumasa tara luak-lieuk. Komo ningalian jalma nu leumpang pakaleng-kaleng mah. Era paradah ningalina ge. Tapi harita mah, dumadakan bet hayang nempo. Sabab cenah, rupana teh kawas salaki kuring.
"Tuh, nu nuju ngaleng istri," ceuk Bu Andi bari nunjuk lalaki nu keur ngaleng awewe.
Basa dilieuk teh. Hate ngadadak ratug tutunggulan. Bener, teu nyalahan. Nu ngaleng awewe teh, geuningan salaki. Teu nyalahan sobat teh. Bebeja ka kuring mah, rek indit-inditan teh nyiar duit, nyiar gawe. Sihoreng geuningan bet reureujeungan jeung awewe sejen. Paingan nyebutkeun ka kuring mah tara boga duit bae, meureunan duit teh dipake poya-poya bae jeung awewe sejen. Pamajikan di imah mah, diantep, lantaran bisa nyiar duit sorangan.
"Kumaha lamun ku urang dituturkeun ti pandeuri," ceuk kuring ngomong deui ka Bu Komariah.
"Mangga."
Kabeneran Bu Komariah mawa motor. Basa salaki naek kana beca teh, ku kuring dituturkeun ti tukangeunana. Reug, beca teh eureun di salah sahiji imah. Jut, salaki jeung awewe teh tarurun bari mawa babawaan. Sup, arasup ka imah.
"Kumaha bade teras ka bumina bae?" Bu Komariah nanya ka kuring.
"Moal ayeuna, engke deui bae. Ayeuna mah urang ka sakola deui we," tembal teh.
Kuring lain teu hayang langsung ngontrog ka imahna. Nyarekan ka salaki jeung ka awewena, tapi era ku babaturan. Piraku bae soal rumah tangga sorangan, sobat pipiluan nguruskeun. Kawas nu teu bisa nguruskeun sorangan bae.
Basa kuring balik ka imah, salaki can datang keneh. Datang ka imah teh, kira-kira tabuh salapan peuting. Bebeja ka kuring mah, ka imah babaturanana heula, aya bisnis leuleutikan, cenah.
"Rerencangan istri atawa pameget?" ceuk kuring nanya ka salaki bari hate mah keuheul ngemu amarah.
"Nya, pameget atuh," tembalna teu kireum-kireum.
"Nu leres?" ceuk kuring deui.
"Daek sumpah!" tembalna teh.
"Ulah sok waka susumpahan, bisi engkena malines ka diri sorangan," tembal teh.
"Keur naon akang ngabohong," pokna teh bari ngaleos ka dapur.
Kuring ge harita mah, teu wani papanjangan. Keun bae, cukup sakitu keur pemanasan mah. Isuk atawa pageto, lamun manehna ngales bae, ku kuring rek dihongkeun. Rek diontrog ka imah awewena.
Boga nu Ngora
Kuring mah teu hayang papaseaan rongkah jeung salaki. Era ku batur jeung sobat-sobat di kantor. Disidem bae ku sorangan. Masing nyaho salaki babarengan jeung awewe sejen ge, tara ngagedur napsu pisan. Sok nyabar-nyabar maneh. Buru-buru sadar. Inget ka Gusti Nu Maha Suci. Boa ieu teh, hiji godaan, hiji ujian keur diri kuring dina ngambah kahirupan rumah tangga. Satukangeun kitu, kuring ge hayang nyaho nu sabenerna. Ti iraha salaki sok reureujeungan jeung awewe sejen teh. Ku kuring dipaluruh kalawan ati-ati pisan.
"Abdi nikah sareng Pa Andi teh tos aya kana lima belas taunna," ceuk hiji wanoja nu ayeuna keur pahareup-hareup jeung kuring bari tungkul.
"Malihan abdi teh parantos gaduh putra pameget, ayeuna yuswana teh sabelas taun," pokna deui.
Geuningan geus lila kawinna teh. Ti saprak salaki masih boga pausahaan keneh. Remen meunang proyek. Harita mah usahana teh keur nedeng, keur jaya-jayana. Paingan duit ladang tina proyek bangunan teh tara dibikeun kabeh ka kuring, lantaran boga deui pamajikan nu ngora.
Teu nyangka saeutik ge, salaki teh miboga kalakuan ngabudi ucing. Di hareupeun kuring, lungguh, kayungyun, taya picarekeun pisan. Tapi lamun geus kaluar ti imah, siga nu kaluar digedogan bae. Kawas ucing garong. Teu kaop ningali nu hanyir-hanyir, hayang ngerekeb, hayang ngahakan. Teu kaop boga duit gede, lain dibikeun ka pamajikan. Ieu mah anggur dipake keur meuli-meuli ka awewe. Keur mahugi kabogoh. Malah nepi ka nyandung sagala. Pikasebelen pisan.
Tadina mah kuring ge teu nyaho. Panyana teh bageur we, sabab katingalina mah cicingeun. Lungguh, taya ulat pikasebelen pamajikan. Sihoreng simanahoreng, di imah mah ngan saukur nyandiwara. Cicing, pikayungyuneun teh, ngarah teu kaciri ku pamajikan. Ngarah teu disangka jalma curaling, gede bohong.
Pipisahan
Memang pipisahan teh, karasa beurat pisan. Tapi ieu teh mangrupa hiji-hijina jalan nu paling hade pikeun kuring. Kuring ge karunya ka pamajikanana nu ngora, lantaran salaki teu boga gawe, manehna ge kapaksa kudu nyiar duit sorangan. Digawe di pabrik, cenah. Indit isuk-isuk balik sore. Lamun bagean beurang, indit tabuh dua, balik tabuh dua belas peuting. Kitu oge lamun bagean peuting mah, indit teh tabuh salapan peuting, balik tabuh tujuh isuk-isuk. Demi budak, cenah. Lamun manehna teu bisa nyiar duit sorangan, budak bakal kalaparan. Sabab, salaki mah, geus tara bisa mere duit deui. Lantaran ngaligeuh teu boga gawe.
Basa kanyahoan di swalayan keur barangbeuli teh, harita manehna digawe bagean peuting. Karek gajihan pisan. Ngahaja babarengan jeung salaki teh, tas meuli kadaharan ka swalayan.
Kuring jeung manehna teh sarua awewe, hate mah teu merean dicandung. Nu matak ti batan kuring dicandung, leuwih hade menta diserahkeun. Keun bae salaki mah, sina ka pamajikan nu ngora. Sina ngurus budakna nu leutik keneh. Kuring mah boga anak dua, geus dewasa. Teu kudu diberean deui ku kolot, sabab manehna ge geus bisa ngurus dirina sorangan.
Kuring sorangan mah, teu kudu dipikahariwang, sabab boga gawe nu matuh. Gajih ngocor unggal bulan. Ku kuring salaki teh dijurungkeun, dititah ngahiji jeung nu ngora. Keun kuring mah, rek cicing bae jeung barudak. Masing hirup ayeuna kari sabeulah. Lantaran pipisahan jeung salaki. Imah jeung mobil beak, tapi hate ngarasa tingtrim. Masing kiwari ngontrak imah, hirup teh asa tenang.*** (Sakumaha nu dicaritakeun ku Ibu Risma ka wanem ti Cimahi/02)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaRinda Liana ngomentaran:
subhanalloh. kagerisAmbu Ajie ngomentaran:
Sing sabar nya Bu....eta hungkul kecap nu tiasa ku urang dicepeng dina mayunan mangrupi sanes kanten pasoalan hirup