Sat, 19-05-2012
Carita Pondok

Kapaur

Pintonkeun di FB

Ku Nur

Di dapur Emah keur pak-pik-pek barangasakan, ari Si Dede sigana keur ngosrek sasapu di buruan, da kapireng sorana. Wararegah rek babantu teh, nu puguh mah awak karasa leuleus, lungse. Kahayang mah terus ngagoler dina enggon, ngan Bi Kiah geus lengo deui-lengo deui tina lawang kamar, majar kuring kudu buru-buru dangdan sabab sakeudeung deui tamu bakal datang. Ah, abong Emah, kawas jaman Siti Nurbaya wae make hayang ngajodokeun kuring ka lalaki nu karak apal ngaranna wungkul. Eta ge apal ceuk Emah we basa ku kuring diselek-selek saha jalmana nu rek diamprokkeun ka kuring teh, tur poe ieu jangji rek ka dieu jeung kolotna. Rek silaturahmi. Nyaho rupana mah henteu. Teuing siga saha. Leuheung basa mun siga Roy Martin atawa paling henteu mirip Jeremi Tomas. Palias lain ketang, lain sieun manehna teu gandang pang ti kamari hate marudah teh, da kuring ge teu sing mirip Maryam Belina. Ngan aya hiji hal... kapaur! Paur alahbatan maut hinis.
"Neng Ira, enggal ka payun saur Ibu ge!" geus gerewek deui, Bi Kiah, bari ngalengo ti lawang kamar nu memang pantona teu dikonci.
"Ke we atuh Bi, can beres kituh!" cekeng keuheul. Teu nganyahokeun pisan ka nu teu parurun teh tuda.
"Sing sae dangdosna Neng, ngarah itu katajieun!" cenah, samemeh ngaleos.

Lalaunan suku dilengkahkeun muru eunteung. Breh beungeut kuring. Pias. Kurang sare sigana mah. Puguh sore teh teu daek sare, sagala kapikir. Daek reup teh kasubuhnakeun kitu ge teu lila da kaburu kagareuwahkeun ku nu popolah jeung beberes. Emah ieuh, pilakadar rek katatamuan ku tiluan riweuhna nataku. Ceg leungeun ngarawel wedak, Ledak... ledak. Padu rata. Asal teu kaciri pias teuing. Sewuk nyisiran. Rap make tiung nu ti tatadi ngagoler luhureun meja rias, meunang ngalicin Bi Kiah. Beres nyisiran... huleng deui. Teu pupuguh hate tingseredet. Keukeuh, aya kapaur nu pohara. Kapaur nu disababkeun ku hiji kajadian nu ukur kuring wungkul nu nyaho. Kadua Si ituna meureun. Kitu ge mun uteuk jeung parasaanana jalan. Tapi ketang keur ukuran jalma model manehna mah nu jelema soteh sesebutana wungkul, boa geus teu ingeteun bari hitut-hitut acan. Boa lain kuring wungkul nu kungsi jadi korbanna oge. Boa loba. Ngan sarua, teu wani betus model kuring.

Asa aya nu ngagolak jeroeun dada. Karisi jeung karempan pagalo jeung kakeuheul anu pohara. Hayang ngambek, ngan kudu ngambek ka saha. Ka manehna? Boa di mana ayana. Jaba teu apal ngaran-ngaranna acan. Nu inget ukur karang sagede kacang hejo deukeut irungna jeung buukna weh nu galing gimbal. Kareret saliwat, kacaangan lampu lima watt samemeh ngabalieur miceun beungeut tuluy teu inget di bumi alam. Aya deui ketang nu inget, gumuruh napasna nu handaruan pacampur bau alkohol. Matak murel.

"Ira, sanes enggal atuh?" aya sora, tukangeun. Direret, tetela Emah. Panonna neuteup ceuleumeut.
"Sakedap, Mah" cekeng. Jung nangtung. Ngatur napas heula nu ngahanju perbawa emosi nu ngagolak jero dada.
"Aya naon?" Emah siga nu surti yen kuring keur tugenah.
"Teu ku nanaon" tembal teh halon. Luk tungkul, nyumputkeun semu. Ragamang panangan Emah kana taktak.
"Ulah salah sangka Ir, Emah mah lain rek maksa Ira sangkan daek ka Wisnu. Ieu mah susuganan boh Ira boh Wisnu aya karep pedah sarua geus pada manjing rumah tangga, matak ditepungkeun heula oge. Atuh henteu wae, nya teu nanaon. Ulah matak megatkeun silaturahmi"
"Ngartos Ira ge, Mah. Eh, saha atuh ari Wisnu teh nu saleresna?" nyobaan deui ngolongan, keur ngumpulkeun data da kamari mah can lengkep.
"Ih, pan kamari ku Emah dicarioskeun. Ari Wisnu teh putrana Pa Bisri. Ari Pa Bisri teh sobat medokna Apa waktos masih jumeneng keneh. Sobat sakulah sakolih waktu jeneng tentara. Ayeuna aranjeunna teh matuh di Cikuya, tatangga desa urang."
"Ari Wisnuna, bageur henteu Mah?"
"Jih, pasti we atuh bageurna mah, pan kolotna ge sakitu bageurna. Baheula ge jaman keur werit nya aranjeunna nu sok mantu-mantu resiko dapur bubuhan aranjeunna mah lega pakayana teu ngandelkeun gajih tentara wungkul" Emah katembong beuki sumanget. Promosi ti dituna mah. Tuda enya, barang dagangan ge moal payu teu dipromosikeun heula mah.
"Sing sepuhna bageur ge teu acan kantenan putranba mah, pan seueur geuning putra Kiai nu buraong ge," rada ngaheureuyan. Tamba rengkeng teuing.
"Ari Ira geuning sakitu bageurna. Pedah naon cing? Pedah Emah jeung Apa bageur tateh"
"Ih, mani GR Emah mah," teu wudu bisa seuri.
"Sok lah rapihkeun heula dangdosna, ke mun tamuna sumping ku Emah dicalukan deui," siga nu sieun kapapanjangan, leos deui kaluar ti kamar.
"Mun enya Wisnu bageur, daek kitu kuring dipihukum? Naha siap nyanghareupan hiji kajadian nu salila opat taun dipikahariwang? Leuh... mun nepi ka kajadian manehna apaleun kaayaan kuring nu sabenerna, tuluy nuding kuring nu lain-lain, tuluy ngambek nepi ka ngajak pegat, pisakumahaeun teuing wirangna. Leuheung kuring bisa ieuh ngejat. Matak naon balik deui ka Bandung. Palebah Emah, naha kuateun nyangga wiwirang nu sakitu poharana? Da keukeuh geuning, kasucian diri teh keur hiji wanoja mah mangrupa mustika nu kacida gede haregana. Di mana mustika eta leungit atawa aya nu ngarebut, leungit oge harega diri jeung kahormatan. Jeungna deui, keukeuh di jaman nu geus singsarwa modern ge kangaranan lalaki mah angger miharep hiji awewe nu masih keneh suci nu sok kapanggih dina malem pangantenan.

Teu saeutik kabejakeun, rumah tangga umurna ukur sapoe dua poe alatan salaki teu narima waktu nyaho yen pamajikan nu dipicintana geus teu suci deui. Geus kapiheulaan ku batur. Sakapeung palebah dieu sok ngarasa teu adil. Mun nu codekana pihak awewe, pihak lalaki oge masarakat teu sirikna ngadongdolek, nganggap awewe nanahaon bari teu saeutik nu tuluy ngucilkeun. Tapi mun nu codekana lalaki, pihak awewe ditungtut kudu pasrah tumarima. Padahal teu saeutik awewe nu leungit kahormatan teh alatan kapaksa atawa dipaksa disagigireun nu memang karepka sorangan. Ari lalaki onaman, samata-mata kasalahanana nu teu bisa nyengker hawa napsu. Asa can kabejakeun aya awewe merkosa onaman. Ngan meureun bedana, lalaki mah rek sabaraha kali wae ngalakukeun pagawean nirca sarupa kitu teu kaciri tapakna.

Kuring teu sanggup mun kudu kaasup awewe nu ngalaman rumah tangga sapoe. Matak ti bareto ge, lain teu aya lalaki nu miharep tur ngajak rumah tangga, lain teu sadar kana umur nu mingkin ngolotan, ngan rek ngalengkah leuwih jauh teh kana gerbang rumah tangga tea, inggis ku bisi! Paur... paur katohyan yen kuring geus teu suci deui. Sanajan leungitna kasucian teh lain kahayang, sok komo milu ngarasakeun kasugemaan mah. Nu puguh mah...cua!

Kungsi aya kereteg, rek lahlahan rumah tangga. Engke mun salaki nyahoeun kaayaan kuring terus nanyakeun, rek dijawab sajujur-jujurna yen kuring mah ukur korban karujadan jaman ayeuna. Korban perkosaan. Opat taun ka tukang. Tapi naha manehna baris percayaeun? Di sagigireun taya nu bisa dijadikeun saksi, saeutik gedena kuring apal adat lalaki. Egois. Geus pasti moal percayaeuna teh. Pasti nuding kuring awewe murahan. Awewe nu daek ngobral kahormatan dirina. Teu, teu hayang nyeri the nu kadua kalina. Nyeri hate nu bareto ge, nu opat taun ka tukang, diembohan geuleuh jeung ceuceub, nepi ka ayeuna aya keneh. Mun seuneu mah, hurung ngabebela keneh. Ka saha deui, ari lain ka lalaki nu geus wani-wani maling mustika nu ku kuring kacida dipusti-pustina. Mun kongang ngumbar amarah heg diparengkeun papanggih jeung mangkelukna, hauang nyarekan beak karep. Hayang nyebor awakna ku bengsin tuluy dialungkeun korek api meunang nyekeskeun. Hayang nempo manehna adug lajer kapanasan. Bongan bareto manehna teu paduli basa kuring adug lajer sagala ditojer bari ampun-ampunan hayang dibebaskeun. Kajeun teuing dijabel perhiasan nu dipake harita batan kudu dijabel kahormatan. Tapi manehna teu mirosea. Anggur beuki maceuh. Kitu deui babaturanana, nyerangkeun bari nyeungseurikeun. Kawas keur lalajo pilem haratis. Kasebeleun.

Teu nyangka bakal ngalaman kajadian sarupa kitu. Harita teh kuring keur kuliah di Bandung. Mangsa liburan semester, ngahaja balik ka lembur hayang riung mungpulung jeung kolot. Tepi ka desa teh kapeutingan da puguh ti Bandungna ge ampir jam dua. Atuh luput geus euweuh ojeg hiji-hiji acan. Kapaksa ngeureuyeuh leumpang, jaba jarak ti desa ka imah teh lumayan jauh.

Keur tonggoy leumpang, pasarandog jeung dua urang pamuda. Keur marabok sigana mah da katembong leumpang patinggaleong. Kuring nyisi. Hate mah mimiti tagiwur. Inget ka berita-berita kriminal nu sok kasaksen dina telepisi. Sigana takdir kuring lain ngan wungkul kudu nyaksian tindak kriminal na telepisi, tapi oge kudu ngalaman jadi korbanna. Nu pangjangkungna, ngahalangan jalan. Kerewek kana pigeulang leungeun kuring. Rek ngagorowok pisan, nu saurang deui siga nu surti, rikat ngudar anduk leutik nu meulit na beuheungna, tuluy dipake ngabakutet baham kuring. Awak kuring satengah disered, dibawa ka hiji imah anu ka dieuna kuring apal eta teh imah kosong. Kajadian satuluyna hese nyaritakeunana, nu jelas; amarah, kaceuceub jeung kageuleuh geus jadi milik kuring sorangan. Teu wasa mun kudu betus ka indung. Pisakumahaeun teuing tagiwurna manahna. Teu hayang deuih lapor ka nu berwajib. Kuriak manjangkeun wiwirang wungkul. Dina kapanggihna nu boga dosana, hukumanana ukur dipenjara sataun dua taun. Komo mun bogaeun duit mah, bisa bebas pisan. Malah bisa neangan mangsa deui. Ngeunaheun teuing! Matak mending cicing.

Sagala katugenah dibawa deui ka Bandung. ditamplokeun kana suhud diajar. Hayang mopohokeun kajadian nu geus karandapan. Teu ieuh hayang malire urusan sejen. Komo urusan lalaki mah. Asa ijid keneh!

Ayeuna ge mun Emah teu ngahuit wae mah, majar hayang geura boga incu, teu hayang teuing nyubat nyabit masalah rumah tangga. Malah mun bisa mah hayang salalawasna nyorangan. Ngan hanjakal, kangaranan manusa, piraku salalawasna lalagasan. Meureun ngalawan sunatulloh ngaranna. Tapi, naha sanggup mun kuring kudu rumah tangga bari jeung kanu ngaran lalaki geus teu boga rasa katarik deui. Pangpangna... naha sanggup nyanghareupan malem pangantenan nu cenah nangtukeun pisan kana kabagjaan hirup ka dituna. ***

Sada aya nu leumpang di patengahan. Pasti Emah rek neang deui. Buru-buru kaluar. Rek lahaola wae, kumaha engke teuing. Demi Emah... sugan wae dipaparin kagampangan dina sagala urusan. Teu nyalahan, Emah mapagkeun bari panangana ranggah. Paromanna bear marahmay.

"Yap geulis, tamuna tos sumping. Kasep pisan Cep Wisnu teh Ir, pastilah Ira kataji geura," cenah. Kuring ukur bisa seuri leutik. Hate mingkin nyereset. Beuki paur.

Boa enya eta jodo kuring. Rek kumaha nyanghareupanana. Naha kudu wakca ti ayeuna, ngarah itu teu ngarasa dibobodo. Kajeun hate kuring wungkul nu raheut. Tapi Emah?

Bray panto nu ngahubungkeun patengahan jeung tepas dibuka ku Emah. Breh teh saurang lalaki tengah tuwuh, digondeng ku awewe nu umurna moal pati jauh ti umur Emah. Beh kencaeun awewe eta, saurang jajaka rikat nangtung. Unggeuk bari seuri. Rengkuh pisan. Teup, dua panon paadu teuteup. Heab aya nu panas jeroeun dada. Terus ngabebela kawas durukan manggih bengsin. Jangkungna, buukna galingna jeung harangna moal poho. Moal kasamaran najan geus ngaliwatan waktu nu lain sakeudeung. Opat taun. Moal... moal poho ka jelema nu geus maling mustika sakitu mahalna. Tepi ka iraha wae oge. ***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

banx thoyib ngomentaran:

punten sateuacana, ending carita nu samodel "kapaur", "mang jatma" jsb. ceuk kuring mah geus bari. Ti taun 70-an tepikeun ka kiwari ending carita mangle model kitu teh geus teu kaitung.

dedi kusnandar ngomentaran:

... ieu teh alatan kahirupan ayeuna teu diatur ku aturan anu sampurna .. nyaeta Islam. .... numatak ... hayu urang balik deui kana Islam anu sagemlengna ....nyaeta ku ngajauhan sekuler ... anu misahkeun agama jeung kahirupan .... turunan sekuler nyaeta kapitalis dina widang ekonomi...demokrasi dina widang politik ... hedonisme ... anu nganggap sarwa wajar jeung permissiv .... hayu urang balik deui ka Islam ... tinggalkeun ... sekuler ...