Serat Sareupna
Ku: Godi Suwarna
saampar laut burahay
ngangkleung-ngangkleung gumplukan mega kancana
taya nu leuwih ngempur ti dinya, iwal imut nu ngagulubur
nungtun kalbu nyukcruk lacak nu marangkak 'na kikisik
basa angin ngalelerkeun surak lambak, namperkeun guruh sagara
di basisir nu gumilap dikelir lilingsir wanci
saampar gambar sareupna
kumalangkang dina sapasang sosoca sabot patarema rema
panonpoe sareup-reupeun, layungna sumedeng hurung
jeung sagara gumebyar maratan kalbu, sumirat tina paneuteup
seah lambak ukur gending mirig jangjang angen-angen kumalayang
di basisir nu marahmay nyingraykeun rurub kaliwung
saampar gelar kakelar
mangsa layung lalaunan keur awor jeung pulas peuting
saulas cahya gandola ngaguliweng di sagara, lir katineung
nu rek langgeng nganteur ringkang nyorang peteng leuweung karang
barang pirang-pirang warna ngarampih ka puseur kalbu
humariring di basisir nganti gebray kingkilaban
(07)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaKang Asep ngomentaran:
adduhhh kang bahasana ni anteb.... kabita hayang bisa nulis siga kitucepi safruddin ngomentaran:
Duh bahasana meni jero tur nyerep pisan,keurmah abdi tikapungkur resep kana karya2 godi suwarna katurug2 kiwari jaman internet aya jalan komo meuntas...cepi safruddin ngomentaran:
Duh bahasana meni jero tur nyerep pisan,keurmah abdi tikapungkur resep kana karya2 godi suwarna katurug2 kiwari jaman internet aya jalan komo meuntas...Yayan Sahindi ngomentaran:
Aduh,janten emut ka guru bahasa sunda abdi waktos smp kapungkur ibu enong suhapsah,sajak2 godi suwarna anu kacida berkesanna dina emutan abdi kumaha ibu,masih keneh ngawulang tanapi parantos pangsiun..?mang tahya ngomentaran:
"Ladang ngalamun, nimbulkeun runtuyan kecap anu sok disebut puisi tea. Behna mah angger we dagang..! Da langka anu meuli mah angger we jadi stess ka jinisna" ceuk bah Minta jiga nu sinis. Ongkohna oge jadi riweuh sorangan..?