Katumbiri Edisi 2225
Budi Pekerti Pakarang Ampuh Keur Campur Gaul
Sakola-sakola ti tingkat dasar nepi ka tingkat menengah nu aya dina iuh-iuh Yayasan Pendidikan Dasar dan Menengah (YPDM) Pasundan Jabar-Banten salawasna sapuk sapamadegan, titen tur gedur sumanget ngarojong kana kamekaran dunya atikan saluyu jeung program pamarentah. Salin ti eta deui sakola Pasundan ge dina ngamalirkeun widang atikan, ngabogaan ciri mandiri nu napak kana visi-misi Paguyuban Pasundan. Ngawangun insan-insan anu 'Pengkuh Agamana, Luhung Elmuna tur Jembar Budayana' geusan nyitak kader-kader anu ngabogaan wawasan, wewesen jeung wawanen. Beh dieu, unit-unit garapan anu aya dina papayung Paguyuban Pasundan salawasna ngagedurkeun pamarekan jeung pihak-pihak sejen bari dipageuhan ku beungkeutan tali silaturahmi.
Hal eta ditetelakeun Ketua Yayasan Pendidikan Dasar dan Menengah (YPDM) Pasundan R.H. Tata Gautama Suryawan ka MANGLE sawatara waktu ka tukang di kantorna Jalan Sumatera 41 Bandung.
Nurutkeun Kang Haji Tata (lalandian dalitna), ukuran kasuksesan dina atikan teu cukup bisa diukur karana kapinteranana. Tapi misti dibarung ku pangartina kana eusina bari deui kudu bisa jeung diamalkeunana dina hirup sapopoe. "Lebah dieu pereluna atikan budi pekerti minangka pakarang ampuh dina campur gaul sapopoe tur jadi obor keur kahirupan dina raraga ngalakonan kahirupan." Pokna.
Tah lebah dieu, saur Kang Haji, ngawangun watek jeung karakter barudak misti diimbangan ku atikan formil jeung non formil. Sangkan barudak maher tur parigel dina widang atikan formil sakumaha anu tembres anu direngkolkeun dina kurikulum, oge deui barudak misti diwewegan tur dibekelan ku kapunjulan-kapunjulan widang non formilna deuih. Naon pangna antara atikan formil jeung non formil misti imbang? "Apan, teu sakumna barudak palinter dina widang paelmuan anu formil, tapi deui apan teu kurang kurang barudak anu malaher dina widang-widang sejenna anu baris jadi bekel jeung pibekeleun hirup dina kahirupan," Kang Haji Tata deui-deui nandeskeun.
Daya Pangirut
Punjulna hiji lembaga atikan tangtu teu bisa 'diklaim', diaku beunang sosoranganan. Tapi, mangrupa hasil gawe babarengan ti sakumna pihak pangurus nu aya di jero anu ngokolakeun eta lembaga. Leutik gedena mah saestuna napak tina sareundeuk saigel hasil ngokolakeun babarengan. "Tah lebah dieu misti jembar," saur ieu tokoh anu teu weleh titen kana kamekaran dunya atikan. Upama aya hiji sinergitas jeung kasapukan babarengan, saurna deui, teu mustahil eta lembaga atikan baris jadi daya pangirut nu henteu ngan kawatesanan ti pihak-pihak nu aya di internal wungkul tapi deui mangrupa beungkeutan pangrojong ti pihak luar.
Ngamalirkeun widang atikan, Kang Haji Tata deui-deui nandeskeun, misti dibarengan ku tinimbangan-tinimbangan anu jinek. Hartina perelu dibarengan ku ajen-inajen geusan ngawujudkeun barudak anu 'nyatri, nyakola tur nyunda'.
Hiji kapercayaan dina raraga nanjeurkeun pencitraan minangka modal utama enggoning nganteur tur nyiptakeun kanyaah jeung kahoyong masarakat. "Tah lebah Akang miharep ka sakumna pangurus sakola-sakola Pasundan hususna, dina ngokolakeun eta lembaga atikan masing katara jeung karasa mangpaatna ku balarea. Gedurkeun sumanget gawe, mekarkeun pamarekan jeung pihak sejen turta pageuhan beungkeutan silaturahmi anu silih asah, silih asih tur silih asuh," saur Kang Haji Tata Gautama Suryawan mungkas wangkongan.
MAN 2 Sumedang Onjoy Prestasi, Sakola Nerapkeun Wajib Tahajud
Madrasah Aliyah Negeri 2 Sumedang taun ajaran 2009/2010 geus tatan-tatan pikeun muka pendaptaran murid anyar. Dina taun ka taun, MAN 2 Sumedang, murid anyarna terus nambahan. Sanajan di Sumedang loba sakola-sakola nu leuwih unggul, tapi MAN 2 Sumedang gede hate murid anyarna bakal loba, sabab boga ciri has Islam nu mandiri. Kitu numutkeun Drs. Ma'mun Khoer basa tepung di sakola.
MAN 2 Sumedang, boga opat jurusan, Ilmu Alam, Ilmu Sosial, Bahasa jeung Agama. Tina segi fasilitas, kampus MAN 2 Sumedang boga fasilitas nu memadai, lokasi anu kondusif keur kagiatan belajat mengajar, jung di tunjang ku tenaga pengajar anu kompeten. Keur murid anyar nu aktif, tong hariwang tong salempang, di MAN 2 Sumedang oge aya ekstrakurikuler jeung diajar pikeun mekarkeun ajen sejenna, saperti paskibra, pramuka, PMR, elektro, tata boga, kerajinan tangan, drumband, kesenian, nasyid (tsamrah), olah raga (bola poli, sepak bola jeung tenis meja).
Keur murid nu boga prestasi bisa meunang kasempetan beasiswa ti ITB, UIN, IPB, ITS, UGM, jeung UNAIR. Jadi moal bingung kudu ka mana engke lamun rek nuluykeun. Buktina ayeuna oge salah saurang murid MAN 2 Sumedang geus aya nu meunang beasiswa ka UIN Jakarta ti Fakultas Kedokteran. Geus puguh MAN 2 Sumedang, lulusan taun ayeuna oge loba nu meunang beasiswa kalawan bisa kuliah di UIN SGD Bandung.
MAN 2 Sumedang, pinunjul tina sagala widang. Kungsi aya salah saurang siswa nu jadi juara Hafidz Al Qur'an tingkat internasional, yasana Mutmainah. Dina taun 2007, juara nasyid tingkat provinsi Jabar. Dina cabang Paskibra, murid MAN 2 Sumedang oge tiap taun asup Paskibraka Kabupaten Sumedang.
Beda jeung sakola-sakola sejenna, MAN 2 Sumedang nerapkeun disiplin, lain wae ka para siswana, tapi oge keur para pengajar, staf TU, kaasup kapala sakolana. Ciri disiplin, di MAN 2 Sumedang, diterapkeun bobot poin palanggaran 100 poin. Keur siswa anu ngalanggar tata tertib sakola bakal meunang sangsi dina poin palanggaran. Upama aya salah saurang siswa nu ngalanggar nepi ka 100 poin, bakal dikaluarkeun ti sakola. Bobot 100 poin oge bakal jadi prasarat dina nangtukeun naek henteuna atawa lulus henteuna eta siswa.
"Tangtuna sanes mung ukur nerapkeun displin ka para siswana wungkul, tapi oge berlaku pikeun sadaya pangajar, TU, kalebet diri pribadi, " saur Drs.Ma'mun Khoer, Kapala Sakola MAN 2 Sumedang netelakeun.
Nu jadi kareueus sejen, MAN 2 Sumedang mideng pinunjul dina widang kaagamaan. Sabab, geus jadi ciri nu mandiri, nu ngaranna Madrasah Aliyah, pastina diajarna gabungan antara kapentingan duniawi jeung kapentingan ukhrowi. Murid henteu wungkul boga kapinteran nalar tapi oge kudu masagi dina amal kasolehanana, boh di kulawarga oge lingkunganana. Ku kituna, pikeun narekahanana, murid-murid MAN 2 Sumedang nerapkeun kawajiban, nyaeta solat tahajud sabulan sakali jeung solat lohor berjamaah. *** (Nuning/RH)
Batik Tasik Butuh Modal
Dina upayana ngawanohkeun jeung ningkatkeun ajen batik Tasikmalaya, Paguyuban Pangrajin Batik Tasikmalaya BARAYA nu dilola ku Ketua: Ateng Haeruman & Yadi Mustofa, Sekretaris: Ecky Soeriawidjaya jeung Bendahara: Usep, Saptu nu anyar kaliwat di Ciroyom Kac. Indihiang Kota Tasikmalaya ngayakeun pameran Gelar Produksi Batik Tulis jeung Cap has Tasikmalaya anu dirojong ku 20 pengrajin jeung padagang batik satempat.
Upaya ningkatkeun ajen seni jeung jumlah produksi, moal leupas tina perkara modal. Ngeunaan hal ieu, pihak paguyuban miharep perkara permodalan dilola ku pola Syaria'ah Islam dina wangunan Mudharabah tur Musyarakat sangkan kauntungan tina hasil usaha barokah. Hal ieu netelakeun yen Paguyuban Pangrajin Batik baraya ilubiung ngawujudkeun visi Kota Tasikmalaya nyaeta karaharjaan nu dipiguran ku iman jeung takwa. Tegesna bantuan modal teh ulah nepi ka jadi bangbaluh keur pangrajin.
Mudharabah nyaeta akad gawe bareng antara LKS (Lembaga Keuangan Syri'ah) jeung nasabah nu mibanda kaahlian atawa kaparigelan keur ngalola hiji usaha anu produktif tur halal. Kauntunganana dibagikeun babarengan dumasar nisbah nu disaluyuan. Transaksi model kieu teh nyaratkeun wakil shahibul maal dina manajemen proyek, ku sabab kitu mudharib ditungtut tanggung jawab jeung kaati-atiannana.
Sedengkeun musyawarah nyaeta akad gawebareng LKS jeung nasabah di mana masing-masing pihak nyetorkeun modal dina jumlah nu sarua atawa beda saluyu jeung kamupakatan. Kauntungannana dibagihasilkeun dumasar nisbah hasil kamupakatan. Mudharabah jeung musyarakah teh perjangjian kapercayaan anu nungtut luhungna tingkat kajujuran jeung ngestokeun kaadilan.
Numutkeun Ateng Haeruman, lian ti modal, masalah penting sejenna nyaeta perkara pamasaran. "Sim kuring miharep batik Tasik mulang deui kana puncak kajayaan jadi salah sahiji simbul Kota Tasikmalaya, saperti bordir jeung hasil karajinan sejenna". Udagannana ieu tetela dirojong ku Walikota Tasikmalaya H. Syarif Hidayat nu geus ngajak kabeh karyawan-karyawan unggal Jumaah marake baju batik atawa koko has Tasik. Sawatara kitu, Wali Kota H. Dede Sudrajat mepelingan malar para pangrajin ningkatkeun kualitas jeung motekar nyiptakeun corak batikna nu mandiri has Tasik.
Para pangurus Paguyuban Baraya miharep bimbingan jeung pangrojong ti Dinas Pariwisata sangkan Gelar Batik Has Tasik teh dijadikeun salah sahiji pangirut wisata balanja. Keur ngalengkepannana, pihakna miharep malar barudak jeung rumaja di sabudeureun sentral batikna dilatih kasenian tradisional Sunda.** (Uun Juharyanti AS)