SMK Perwari Tasik Ngukir Prestasi di Malaysia
Tilu Angkatan Milu Praktek Kerja Industri, Pangusaha Loba nu Katajieun
Sakola Menengah Kejuruan (SMK) anu kiwari keur terus dimekarkeun di Indonesia memang ngajangjikeun tanaga siap pake jeung siap gawe. Sumawonna lamun pareng para alumnina ngalaman praktek gawe di nagara deungeun. Saperti siswa-siswa SMK Perwari Tasikmalaya anu milu praktek kerja industri di Malaysia, tiap angkatan genep bulan, sanajan ngan genep bulan tapi tetela loba pisan kaweruh jeung luang pangalaman anu kaserepna ku barudak Tasik. Dina tempona marulang ka sarakan lian ti rebo ku elmu panemu, boga cengcelengan pasrahkeuneun ka kolotna, da di ditu lian ti diseblok elmu teh, dibere uang saku sagala rupa.
***
"Tilu dugi ka opat juta mah keur anu bisa ngeureut neundeun jeung getol nyengcelengan, dina tempona marulang deui ka lembur boga setorkeuneun ka kolotna. Atawa kurang leuwih 250 ringgit," saur Ibu Hajah Yayu Rahayu, Kepala SMK Perwari Tasikmalaya basa ditepungan di sakolaanana jalan SKP Gunung Pongpok Lerngkongsari Kacamatan Tawang Tasikmalaya kamari ieu. Nganjang ka SMK Perwari Tasik teh dibarengan ku salahsaurang Ketua Perwari Jabar Neti Sumiati Hasandinata SH jeung Bu Nani, bendaharana dina raraga ngabageakeun pangurus Perwari Tasikmalaya anu kakara marulang Kongres ACWW di Johor Malaysia jeung marulangna deui para pasarta Praktek Kerja Industri di Malaysia.
Para siswa anu diiangkeunana wanoja jeung jajaka. Pendidikanana lumangsung ketat, disiplin keras. Eta we kajeun telat ukur memenitan oge potong gajih hukumanana. Henteu matak leutik hate, malah barudak beuki garetol ngalaksanakeun pancenna, ancaman potong gajih jadi pamecut sumanget. Kitu saur Ibu Rahayu.
Mimitina mah barudak memang ngarumas di nagara deungeun, tapi lila-lila mah jadi baretaheun. Babakuna angkatan kahiji rada marudah, da ditempatkeunana di pasisian nu jauh ka tempat hiburan atawa tempat karamean. Nu milu angkatan ka mah, Rini Nur Aini, Dita Ayuningsih jeung Eva, di Meeting Point Genting Highland tempat praktekna. Lumangsung ti tanggal 31 Oktober tepi ka 30 April 2007. Angkatan ka II mah Januari 2007- Juni 2007 dipiluan ku Atik Paridati, Dewi Sawitri, Dini Rostiani, Lina Nurhidayah jeung Muhamad Iqbal Tawakal. Tempat praktekna di Kedah Corner Central Market, KL Delight Central Market, CCTP Kuala Lumpur, Station Kopitian Corner jeung R.U.A Thai Corner. Angkatan ka 3, ti 3 Juli 2007 - Desember 2007. Dipiluan ku Rajib Ruhiyat, Haifa Machmudah Zein, Ina Marlina jeung Zakki Fauzi.
Ari tempat praktek kerjana Rajib di Station Kopitian Kajang. Haifa di Tesco Kualalumpur, Ina sarua jeung Rajib di Station Kopitian Kajang, Zakki sarua jeung Haifa di Tesco Kualalumpur. Angkatan IV Juni tepi ka Nopember 2008 ngan saurang nu miluna, Mochamad Rendi OR, praktekna di Careffour Endah Parade Sri Petaning Selangor KL. Angkatan V Desember 2008- Mei 2009 dipiluan ku duaan, Rani Rahmani jeung Rangga Nurbani Nugraha Dewi, praktekna di D'Santa Caf‚ Malaka Mail Ayer Kerrah Malaka. Dipilih ti antara pamilon anu jadi The Best Student nyaeta Muhamad Iqbal Tawakal pamilon angkatan ka 2 jeung Zakki angkatan ka III.
Jadi Pamujian
Barudak Indonesia jadi pamujian, cegeur bageur bener tur palinter jeung salinger, resep masak jeung kreatip. Ku kituna jadi kapake, loba pangusaha anu katajieun hayang nyambat barudak Tasik keur jadi pagawena. Malah aya pausahaan anu ngahaja maruka cabang nyadiakeun lapangan kerja barudak urang. Kitu nurutkeun Ibu Yayu anu toweksa ka murid-murtidna anu didatangkeun ka nagara jiran sacara langsung make jambatan rempug gawe pendidikan internasional. Sipatna lain TKI-TKW tapi gawe bareng pendidikan, hususna gawe praktek industri
Masih nurutkeun Ibu Yayu Rahayu, salila ieu SMK Perwari Tasikmalaya geus milu ngawangun kacerdasan bangsa nu ditunjang ku pendidikan saluyu jeung upaya ningkatkeun kaparigelan dina widang Jasa Boga, Busana Butik, jeung Patisery.
Ku sarana anu aya, pikeun nunjang upaya ngahontal tahapan kompetensi pasarta didik dina enggoning nyumponan sarat standar pendidikan nasional jeung internasional saluyu jeung pameredih aplikasi PPO 19 SNP jeung UU No.14 guru jeung dosen, tepi ka bisa nyumponan standar palayanan anu museur kana ajen inajen.
Upaya anu dimekarkeun keur nyumponan harepan ngahontal kompetensi, di antarana gawe bareng dina widang pembinaan jeung pengembangan pola pembelajaran ngalimpudan PHRI, Dewan Pendidikan Kota Tasikmalaya, BMPS, Kadin, APJI Hotel Mahkota Graha, Hotel Mandalawangi, Hotel Mangkubumi, Konpeksi Ana Collection, Konfeksi Anita Collection, Koperasi PB Melati Soreang Bandung.
Konfeksi sarana anu nunjang pembelajaran, kacida perelueunana ku kompetensi guru nu jadi fasilitator tepi ka bisa ngawangun jeung ningkatkeun kompetensi dasar pasarta didik.
Potensi Ekternal
Komite Sekolah anu ngarangkep jadi pangurus Yayasan aktip dina enggoning nunjang upaya ningkatkeun kualitas pendidikan di SMK Perwari Tasikmalaya. Kitu deui Pemda dina hal ieu, Dinas Pendidikan Kota salawasna ngarojong kana kagiatan-kagiatan anu dilaksanakeun ku SMK Perwari saur Ibu Kepala SMK Perwari Hajjah Yayu Rahayu leuwih jauh. Lian ti kitu, SMK Perwari Tasik geus ngayakeun rempug gawe jeung kota Tasik sorangan atawa luar kota, saperti jeung Bandung, Pangandaran, Jakarta malah jeung Malaysia, gawe bareng Praktek Kerja Industri tea.
Ari program-programna anu nonjol, Program Kaahlian Tata Boga/Restoran/ Jasa Boga/Patiseri. SMK Perwari Tasik boga Kolompok Wirausaha anu iraha bae bisa narima pesenan kayaning snacck box, Nasi box, kueh-kueh jajanan pasar, katering jeung nu sejen-sejenna deui. Gawe bareng jeung Dharma Wanita dina urusan pesenan-pesenan geus lumangsung hade. Ampir unggal aya acara-acara nu sipatna kanagaraan, maresen katuanganana pasti ka SMK Perwari. Saterusna ngeusian stand pameran/basar di antarana dina raraga Tasik Festival, katedaan daerah.
Kungsi jadi juara kahiji Stand panghadena Pasar Ramadhan taun 2007. Unggal Ramadhan mroduksi kueh-kueh kering jeung parsel. Unggal aya pasanggiri masakan tara absen. Lima taun noron jadi juara kahiji LKS Kota Tasik nu saterusna tandang ka LKS tingkat Propinsi. Juara kahiji katedaan non beas sa Jabar nu digelar ku Dharma Wanita. Juara III Lomba katedan daerah Jabar nu digelar ku TP-PKK Jabar taun 2005. Juara III Lomba LKS sa Jabar diwakilan ku Asma Amania Hakim taun 2009.
Tuluy Program Tata Busana, narima pesenan keur tanda mata, milu pameran/basar, milu lomba-lomba pinton anggon, kungsi jadi juara II Lomba Kabaya keur rumaja.
Saenyana matak pikabitaeun, nya ieu anu baheula dicita-citakeun ku Dewi Sartika teh ngan beda dina ngalarapkeun istilah wungkul. Nu disebut Kautamaan Istri teh sagala rupa elmu pangaweruh anu wajib dipibanda ku para wanoja, boh kaolahan boh busana jeung sajabana. Ayeuna cita-cita Sartika geus jauh kahontal ku generasi penerusna. Malah loba onjoyna. Jasa Ibu Yayu Rahayu sapara kanca di SMK Perwari Tasik kawilang ageungna, salila ieu geus nyitakan wanoja perceka anu parigel singer jeung rancage rea kabida. Onjoyna SMK Perwari Tasik, barudak lalaki jeung wanoja diatik didik babarengan sangkan baroga kaahlian jeung pangabisa bekel engke dimana ancrub ka masarakat.
Jeungna deui, pikeun ngadongkang Malaysia teh teu gampang. Ku sabab tarap pendidikan internasional, saratna kudu gawe bareng jeung anu geus internasional turta boga MOU. Ahirna SMK Perwari Tasikmalaya rempug gawena jeung SMK 9 Bandung anu geus boga MOU. Eta teh taun 2004. Taun 2007 Ibu Hj. Yayu Rahayu diistrenan jadi Kepala SMK Perwari Tasikmalaya tug tepi ka ayeuna. Dina kapamingpinanana SMK Perwari Tasikmalaya mekar tur melesat maju.
Jadi, tepi ka ayeuna mah gawe bareng we heula jeung SMK 9 saur Bu Yayu. Memang bisa langsung nyangreudkeun gawe bareng jeung pihak Malaysia, ngan pikeun tepi ka dinya teh aya proses anu kudu disorang. SMK Perwari Tasik memang geus gilig engke mah arek langsung gawe barengna jeung pihak Malaysia. Kitu saur Ibu Yayu Rahayu anu dina taun 2004 kungsi kaselir jadi Wakil Sek.Hubin.
Basa MANGLE ditampi ku Ibu Yayu jeung rengrengan pangurus Yayasan anu sejenna, di dapur SMK dua siswi keur jongjon olah. Barudak tos palinter wirausaha da seueur pesenan ti luar, boh kueh-kueh boh nasi box saur Ibu Yayu. Diharepkeun saterusna, sangkan bisa nyaruakeun persepsi, pamikiran, upaya, lengkah-lengkah jeung koordinasi geusan bisa ningkatkeun ajen SMK Perwari Tasikmalaya dina enggoning ngarojong program pembinaan SMK, Dirjen Manajemen Pendidikan Dasar dan Menengah Departemen Pendidikan Nasional nu jadi salahsahijina ti nu sakitu lobana upaya dina widang pendidikan, sangkan di forum internasional pendidikan Indonesia sajajar jeung nagara-nagara sejenna di dunya. Jadi geus sawadina lamun urang mere kontribusi nu aya hartina keur kamekaran SMK Perwari Kota Tasikmalaya. Kitu saur Kepala SMK Perwari Tasik Ibu Hajjah Yayu Rahayu S.Pd.
Naha sok aya titipan kamelang ka barudak anu praktek gawe di Malaysia? Ditaros kitu Ibu-ibu teh kalah ka maresem bari silih teuteup. Kantos sakali saur Bu Yayu teh, teu nyangka sacongo rambut, Pa Bupati jol nyauran "Tuh di Ajudan!" saurna teh. Alhamdulillah, jadi pangjurung sumanget, saurna, bari ngangken isin ku pupuhu daerah anu tangtuna loba anu ngarewong.
Ibu Deuis istri Sekda Kota Tasikmalaya nu jadi Pupuhu GOP TKI Tasikmalaya oge ngiring mesem leleb....Nya upama Pamarentah Daerah ngiring ngemutan teh kacida we hadena, jeung jigana moal sabaraha nu mangrupa proyek kamelang mekelan anu rek tolabul elmu mah. Da SMK Perwari mah tara nyadar-nyodor proposal bejana nu tepi ka MANGLE mah. Waragad ngulik elmu di nagara deungeun ditanggung ku kolot barudak we. Upama di ditu dibere uang saku teh meureun minangka gagantina duit kolot, nu matak arapik barudak teh, rikrik gemi, palinter ngeureut neundeun.
Ku lantaran bulan Mei kamari kabeneran Perwari milu jadi pamilon Konferensi ACWW, Perwari Tasik oge ngirim utusan sakalian jeung mapagkeun barudak anu tamat Praktek Kerja. Konferensi lumangsung di Johor. Perwari Tasik meunang peunteun. Lian ti para siswana nyongcolang tepi ka aya anu jadi The Best Student, peroduksi katedanana oge araneh. Nu kalandep ku kulawarga di ditu, di antarana manisan gedang nu garing diruka-reka ngajadi kembang jeung sajabana. Tepi ka Geureuha Sultan Pahang mah mesen, mundut dikintun langsung ka Pahang. Di Malaysia mah disebutna teh kalua, saenyana di urang oge sarua kalua, jiga kalua cangkang jeruk, kalua baligo jeung sajabana, gedang ge dikalua, ngan bedana ieu mah make gula bodas.
Sajeroning kitu, kaum wanoja Malaysia, dina sawatara widang memang geus leuwih jauh majuna jeung wanoja urang. Nu disebut tokoh wanoja jelas leuwih loba di Indonesia, kaasup di Sunda. Ku lantaran kitu teu acan loba biografi wanoja Malaysia anu nyongcolang. Ku kituna dina raraga Konperensi ACWW di Johor, para wanoja Malaysia mupakat pikeun medalkeun buku biografi.
Disebutna Proyek Wanita Cemerlang, atawa wanita pinilih Malaysia. Dianjurkeun ngawanohkeun perjuangan para wanoja Koperasi Jaya Murni Wanita Berhad lian ti ngagambarkeun kamajuan nu geus bisa kahontal ku wanoja-wanoja di nagara Jiran nu mashur ieu.
Cadanganana (1) Wanoja anu geus mere sumbangsih luar biasa kana widangna masing-masing. (2) Wanoja anu kamashur di tingkat kabangsaan atawa antar bangsa. (3) Wanoja anu geus dileler layang pangajen atawa sarupaning bintang-bintang ti Karajaan atawa ti badan-badan. (4) Wanoja anu geus naratas widang-widang anyar kayaning dina widang usaha, sains anyar jeung sajabana.
Memang geus aya 13 buku biografi Seorang Tokoh nu medal, ngawanohkeun Tun Dr.Siti Hasmah, Tun Sri Aishah Ghani, Ibu Enjah, Ibu Mithali, Hajjah Wan Mas, Ibu Mithali kadua, Tun Fatimah Haji Hasyim, Tan Sari Zaleha Ismail, Khadijah Sidek, Dato Hendon, Hajjah Zubaedah Sahid, Azah AZIZ, Nik Safiah Karim, Pyan F.R Bhupalan, Tan Sri Rafidah.
Aya oge biografi kumpulan tokoh Wanoja, kahiji Pertiwi, biografi Wanita Malaysia 1983, Biografi Tokoh Wanita Malasyia (2004). Nu kadua, Buku Mutiara Hati Negara (Tun Dr. Siti Hasmah & Datin Seri Hendon). *** (HRS)