Sat, 19-05-2012
Hahaha

Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2225)

Pintonkeun di FB

Ngan Tilu Siki

RW: "Ari nu peuting ngaronda saha?"
Hansip Adun: "Abdi we sareng pun Omen hansipna mah, ditambihan weh ieu ku pun Odoy sareng Aday. Ari kitu aya naon Pa RW?"
RW: "Puguh nini Cinot leungit endog hayam."
Hansip Adun: "Euleuh-euleuh... karunya teuing. Sabaraha siki nu icalna?"
RW: "Sapuluh siki cenah mah."
Odoy: "Gede wadul tah nini-nini teh Pa RW. Sidik ngan aya tilu siki nya  Day?"
RW jeung Hansip: "Hah..."

Fendy Sy. Citrawarga - Bandung

Istri Pa Dodo

Nyi Wiwi: "Dupi ieu leres bumina Pa Dodo, direktur PT Heboh?"
Bu Dodo: "Leres!"
Nyi Wiwi: "Dupi ibu sahana?"
Bu Dodo: "Ibu teh istrina Pa Dodo. Ari nyai saha?"
Nyi Wiwi: "Sami abdi ge istri Pa Dodo."
Bu Dodo: "Hah?"
Nyi Wiwi: "Ulah waka bendu Bu. Sami abdi ge istrina Pa Dodo. Bentenna teh Pa Dodo caroge ibu mah direktur, pun lanceuk mah tukang cukur."

Fendy Sy. Citrawarga - Bandung

BLT 1

Ema: "Uluh-uluh ituh dina tipi!"
Abah: "Naon Ma, mani hariweusweus?"
Ema: "Itu aya nu keur dibagi BLT, katincak tuluy maot!"
Abah: "Matak singgetan BLT teh diganti ayeuna mah!"
Ema: "Jadi naon kitu?"
Abah: "Pan asalna mah Bantuan Langsung Tunai, ari ayeuna mah jadi Bantuan Langsung Tewas!"
Ema: "Si Abah sok gagabah ari nyarita teh! Bongkena teu kabagean, sok sentimen!"

Komalawati
Jl. Pasarlama Kp. Sumurbandung RT 02/09
Cililin - Kab. Bandang Barat

BLT 2

Di pasar Cililin, omset sapoena para padagang ngadak-ngadak ngajaul ka luhur, alatan geus dibagi BLT. Nurutkeun panalungtikan, omset nu baramaen tepi ka duaratus rewu sapoena, bari beresih teu dipotong nanaon. Hebat teu?

Komalawati
Jl. Pasarlama Kp. Sumurbandung RT 02/09
Cililin - Kab. Bandang Barat

Laksana

Nyi Iteung (keur kakandungan): "Akang, ieu geura budak dina jero beuteung mani motah pisan! ti tatadi usikna mani tarik-tarik wae."
Kabayan: "Heueuh, sukur we atuh, Nyi! berarti laksana kahayang Nyai teh."
Nyi Iteung: "Nya kumaha kitu?"
Kabayan: "Enya, apan ti bareto keneh Nyai boga cita-cita lamun boga budak hayang jadi artis penyanyi dangdut anu lincah, kawas Dewi Persik tea, lin?"

Agus B Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16
Ds. Neglasar - Kec.Cisompet
Kab Garut 44174

Hubungan Gelap

Aban: "Ceuk beja cenah barudak anu lahir di lemburna Si Toing mah kabeh oge hasil hubungan gelap! Asa piraku nya?"
Ubun: "Nya heueuh atuh, apan ka lemburna Si Toing mah nepi ka kiwari oge can asup PLN, nu matak ari peuting teh sok maroek! Komo sanggeus euweuh minyak tanah mah!"

Agus B Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16
Ds. Neglasar - Kec.Cisompet
Kab Garut 44174

Ngosom

Si Adut keur dahar, ditanya ku Si Toto: "Keur naon, Dut?"
Tembal Si Adut bari ngosom: "Kor dohor jong jongkol, monoh hoyong jongkol, To?"
Si Toto (kabawakeun): "Sodo to-ong jongkol moh, bo-o. mon dogong moh hoyong!"

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Usil

Jajaka: "Neng, eta lancingan kotor..."
Cawene: "Wios..."
Jajaka: "Neng, eta sendalna oge kotor..."
Cawene: "Wios..."
Jajaka: "Neng, eta bujal katingali..."
Cawene buru-buru nutup bujalna. Rumasaeun make baju nu matak katingali bujal. Eraeun ari disebutkeun mah. Komo mun disebutkeun bujalna dosol mah, tada teuing...

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Racun

"Mang, meser racun cacing..."
"Racun cacing? nu kumaha, nya? Aya ge racun tikus..."
"Eta, Mang, nu ngabasmi racun dina beuteung kuring..."
"Oh, obat cacing kituh..."

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Eureun

Kuring eureun gawe dina beus teh. Najan dibere beus weuteuh oge, embung. Bongan gawe na beus mah "geunah calik, teu geunah balik." Jiga nu heueuh, gawe ukur diuk. Ari balik humarurung. Awak asa pejet, ari buruh teu sabaraha. Dunungan we nu bucitreuk mah.

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Disuntik

Babaturan sakantor, Si Endin, gering, ka dokter, disuntik. Atuh di kantor pada ngaheureuyan.
"Eta teh gara-gara can ganti KTP," ceuk Teh Lilis.
"Ku naon kitu?" si Didin can ngartieun.
"Bongan masih keneh KTP nu baheula, masih belum kawin keneh, coba lamun geuwat ganti ku nu anyar, pasti moal disuntik. Bejakeun we... tos tiasa nyuntik ayeuna mah! Tingali KTP abdi, Sudah kawin!"

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411

Sinetron Jurig

Dina tipi mani mahabu pisan sinetron jurig, aneh kolot budak teh resepeun pisan nongtong nu karitu teh. Akibatna kumaha?
Peuting Jumaah, De Galih anak Mang Diding nu kakara opat  SD hayang ka cai, na atuh, barang muka panto WC aya "penampakan" tea.
"Kela...," De Galih kalahka colohok, kalahka nilikan eta "penampakan", "Ieu teh... Kunti, Wewe Gombel, Tuyul, Kolor Hejo, atawa naon nyah? Mamah... aya jurig!!!" tuluy lumpat ka jero deuih.

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411

Nu Bageur

Asa aya nu salah bae dina hirup teh, utamana masalah awewe, naha bet hese?
"Geus gawe lain ayeuna mah?" ceuk Si Nanang sobat kuring baheula.
"Enggeus," tembal teh, "Ngan nya kitu, hayang meunang awewe teh asa... hese pisan dewek mah."
"Naha bet hese? Pagawean geus aya, gajih lumayan, tingal geuwat neangan awewe nu bageur..." ceuk Si Nanang deuih.
Tah eta! Di dinya salahna kuring teh, da kuring mah hayang teh awewe nu bageur jeung geulis, terpelajar, sawios beunghar ge! Akibatna jadi hese!

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411

Alus Keneh Adina

"Kumaha Neng Dida teh, sigana nu ngebet pisan ka maneh mah," cekeng teh.
"Da teu bogoh dewek mah," tembah Si Iman.
"Da enya, alus keneh adina. Adina mah bodas, lucu, awakna ngeusi teu gendut teuing care Neng Dida," cekeng teh deuih. "SMA keneh deuih, kakara kelas dua."
"Sok atuh, kenalkeun ka dewek!" tembal Si Iman haripeut.
"Tapi... da lalaki adina Neng Dida mah, kajeun?"
"Nya ari euweuh- euweuh teuing mah, sigana... lumayan oge," tembal Si Iman bati ngaheruk.

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

encep miming ngomentaran:

heeheh

aditya kamana ngomentaran:

nu jdulna aluskeneh adina @ lucuuuuuuuu

Furkon ngomentaran:

Ngeunah seuri ubar stres....

tintari ngomentaran:

wahhhhhhhhhhh edunnn pisan

dikdik ahmad yunus ngomentaran:

hebatlah lajeungkeun hahahahahaha

Heri Sunarli ngomentaran:

oooh janten hahaha ayeunamah? pami teu lepatmah aya barakatak nya! sami mawon tapina da...raos gumujeng,nyeri kulit patuangan.

asep dodi ngomentaran:

ha..ha.. hi..hi.. hu..huy......asa jadi ngora deui...........................

rohmah ngomentaran:

hahahahahah,,,, leres2 ngahahahahahahha...

arif mulyadi ngomentaran:

hahahahahahahahahahahahahahahah hidup bojong gedang

edwin ngomentaran:

karaos mangpaatna.... bari jeung PERSIB eleh wae ceuk beja mah degradasi

hadi elha ngomentaran:

Leres pisan,janten pangbeberah kanggo manah.Kaleresan simkuring nembe ngiringan.Nepangkeun....!

aam amarullah ngomentaran:

upami simkuring hoyong ngiringan rubrik ieu kmh carana, aya honoran teu? he...he...he

Deni Herdiana ngomentaran:

asa janten landong kanu nuju sono ka tanah sunda. nuhun yeuh aya majalah mangle anu OL teras, nembe tiasa gabung. makluuuum Gaptek saur basa kerennanamah.

Deni Herdiana ngomentaran:

nya eta ari kahayang aya ari kabisa euweuh, ari hayang mah budaya sunda teh ulah dugikeun ka kalindih ku budaya batur.

Ade Kusnama ngomentaran:

Ha...ha...ha

yudi Rahmat ngomentaran:

meni lalucu nya..piss akh

atul ngomentaran:

..leres kang, landong sono ieu teh, pribados nembe ngiringan, najan tebih ge, hatur nuhun mangle,

Pendra Cipta ngomentaran:

Teuruskeun bae rubrik Ha...Ha...Ha...ieu da tijaman kuring inget enges aya. Ngan neupi kaayeuna kuring can bisa ngeusi acara di mangle, bisana maca wungkul tp garatis hehehe... Sukses Mangle online. Pendra Cipta

Arifin ngomentaran:

Komentar nu lain wae nya Alhamdulillah Mangle online aya deui lumayan pikeun ubar kangen ka Lembur, hatur nuhun pisan yeuh,.... salam ka sadayana ti Surabaya.

AZAT KOSIM ngomentaran:

Aduh naruhun pisan nu tos ngeusian ieu rubrik "Ha..ha..ha.." ka Kang Ena Rs ti Sidamulya Rancah, Salam yeuh ti abdi sobat nuju di SMP Tambaksari taun 1989 -- AZAT KOSIM PP- Email ; azatkosim@yahoo.com