Kukupu
Ku Aulia
Rarat-reret ka sabudeureun tempat kuring nangtung. Katenjo hejo ngemploh. Angin ngagelebug neumbrag awak, koleang, kepluk murag, tibeubeut ka tempat... naon ieu teh, kawas daun raksasa! Oyag-oyagan laju ngoleang deui katebak angin. Samemeh murag tibeubeut deui, teu karasa kuring hiber. Nyaan, hiber!
Selengseng seungit kekembangan. Beureum, koneng, bodas, kayas..., duh, jeung asa galede kitu ieu teh. Ieu geura kembang malati nu sasarina ukur dicekel ku curuk jeung indung leungeun, ayeuna bet bisa dieunteupan. Nyaan, dieunteupan ku kuring!
"Hey Ya, lebah dinya mah geus koredas, saat maduna!" kawas sora Enang, batur kuring sapagawean. Kuring neangan jirimna, suwung, aya ge kukupu hideung meles, gugupay.
Kuring luak-lieuk. Itu geura Wati, Tina jeung Yadi ge tinggeleber kawas kukupu. Wati semu bulao garis-garis biru, Tina hejo ngagedod pulas koneng baruleud dina jangjangna, ari Yadi mah, hi hi hi... coklat tutung meh teu katingali beungeutna ge.
"Hayu ka beh ditu, leuwih loba kekembangan nu wareuteuh keneh maduna," ngagarupayan kuring ku jangjangna. Lalucu.
Ret ka awak sorangan. Gebeg. Beureum ati saawak-awak. Geuning sarua kuring ge kukupu. Hi hi hi... kuring ge kukupu.
"Hayu atuh ari kitu mah, ka mana nyah?" kuring nuturkeun nu sejen.
"Tah di dieu. Pek sawaregna!" Yadi neuleumkeun sirahna kana kembang eros. Rada lila, barang cengkat lamedong ku madu. Teu beda kawas budak leutik nu ngadahar coklat, purang-perong na pipina.
Wati mah jeung Tina tingcikikik suka bungah gogonjakan tina hiji kembang hiber deui eunteup luhureun kembang sejenna. Kitu deui Enang, sakitu awakna jangkung gede teu ieuh matak muguran ka kekembangan nu dieunteupanana.
Ti wetan saheng sora jangjang tinggeleber. Rombongan kukupu sejen daratang. Sarua suka-bungah galumbira nyeuseup madu tina kekembangan. Sasalaman silih kenalkeun jeung batur-batur kuring, teu ieuh sisirikan komo parebut kembang mah. Nu puguh mah nambahan batur sabangsaning kukupu.
"Naaa... ari maneh teu boga tetempoan kitu!" Yadi ngagorowok basa Enang ngahiuk neumbrag ti kenca. Rob kabeh ngaronyok ka lebah dinya. Enang pada nyanggap, tuluy digolerkeun luhureun kembang sapatu. Kitu deui Yadi pada nyanggap samemeh awakna murag ninggang kalakay. Nyaan geuning bangsa kukupu mah boga rasa solidaritas yang tinggi.
"Duh, asa lalendeng kieu ieu teh," Enang nungkup sirahna ku dua leungeun... aeh, jangjangna.
"Na tas ti mana kitu Tadi?" kuring neuteup Enang. Enang nunjuk ka katuhu.
"Puguh atuh lendeng, eta mah kembang kucubung, sadul!" Yadi nyeuleukeuteuk seuri diturutan ku nu sejen. Enang nu ngalungsar luhureun kembang sapatu ukur keom bari mencetan tarangna.
"Di dinya mah teu pinter-pinter!" Tina eunteup gigireunana, "Pan geus dibejaan kembang kucubung mah teu meunang diseuseup."
Kusiwel Wati ngaluarkeun keretas catetan kekembangan naon wae nu teu meunang diseuseup.
"Tah ieu bisi poho ieu daptarna."
"Ah teu katempo, loba keneh bentang na kongkolak panon," tembal Enang.
Barakatak kabeh seuri deui.
"Yeuh Nang, tong sagawayah atuh, abong rupa alus tur seungit, da teu kabeh kembang bisa diseuseup," Yadi nangtung luhureun kembang matahari bari pepeta teu beda ti hotib dina mimbar, hi hi hi....
"Rea kekembangan nu seungit tapi pait," ceuk Wati, "Aya nu alus, jaba gede jeung rubak, tapi bauna kawas bugang..."
"Raflesia!" sisinarieun Tina calakan, pedah keur jadi kukupu meureun.
"Aya oge nu nemen, keur goreng teh bau deuih..."
"Kembang tikotok!" kabeh rampak ngajawab. Asa maen tebak kata ieu teh. Babarakatakan deui bari tinggeleber ngurilingan Enang. Duh, mani endah rupaning kukupu tinggeleber pulasna warna-warni jeung rupa-rupa wangunna ge. Aya nu jangjangna kawas angka 3, aya nu masagi, aya nu buleud, aya oge nu segitilu. Asa dina pilem kartun.
"Baheula asa kungsi lin nyeuseup kucubung?" kuring nelek-nelek beungeut kukupu hideng meles nu keur sepa.
Nu diteuteup nyerengeh.
"Ah di dinya mah kecanduan meureun, dasar!" ceuk kukupu koneng ngalelewe. Mun teu salah aranna teh Nita. Kukupu ti lembur tatangga. Kukupu nu herang mencrang. Euweuh we sugan mah di lembur kuring kukupu model kitu mah. Awakna nu koneng saheab garis-garis soklat. Mun geus meberkeun jangjangna nu koneng enya euweuh nu teukasima. Tuda hiberna kawas nu ngawirahma jeung hiliwirna angin. Luak-leokna matak helok nu nempo. Teu kitu kumaha da cenah anak ronggeng. Ngan hanjakal teh... elodan.
Ih, kalah ka ngomongkeun batur!
"Hampura Neng Nita...!" kuring ngagorowok... na jero hate. Da sanajan ceuceuleuweungan ge moal kadengeeun ku jinisna nu geus hiber deui teuing ka mana dituturkeun ku batur-baturna.
Jempling deui, tinggal kuring, Yadi, Tina, Wati jeung Enang nu masih keneh ngajongkeng luhureun kembang sapatu. Tina ucang-ucang dina kembang eros nu beureum. Wati mah ngajanteng gigireun Yadi luhureun kembang matahari tea. Ari kuring gegeleberan ka ditu-ka ditu. Reueus ku jangjang. Asa ngimpi bisa hiber kawas kieu.
"Cicing atuh Ya, bulak-balik bae kawas istrikaan!" Wati ngagebes.
"Horeng di nagara kukupu ge aya istrikaan nyah?" kuring eunteup luhureun kebang eros.
"Nya puguh we atuh, pan bisi hayang salin baju, aeh salin jangjang. Piraku onaman make nu kusut mah, ngerakeun!" Tina mangnembalankeun.
Kuring unggut-unggutan.
"Aya istrikaan..., atuh aya listrikna, kipas angin, tv, kulkas jeung imahna," kuring mencrong ka Tina.
"Enya. Apan imah Si Wati mah tuh dina caringin itu. Teuing da mahiwal manehna mah, matak naon neangan panyicingan teh entong nu geueuman kitu, loba jurigan di dinya mah," Tina ngabirigidig, oyag-oyagan jangjangna. Lucu.
"Yeuh listrik di nagara urang mah meunang nge-cass tina cika-cika, lain PLN kawas di nagara manusa," Yadi ngajentrekeun, "Jadi teu kudu pusing neangan duit keur mayar listrik."
Kuring neuteup ka jauhna. Hejo ngemploh satungtung deuleu dipapaes ku kekembangan nu warna-warni tur seungitna nyambuang angin-anginan.
"Nyaan genah keneh jadi kukupu nya. Dahar haratis kari daekna da kembang pabalatak, teu kudu pusing mikiran harga beas nu ajol-ajolan."
"Enya," Enang nguniang hudang, "Teu kudu pusing neangan keur mayar kontrakan. Loba keur tempat panyicingan, di mana be daekna..."
"Dasar jelema, aeh, kukupu luntang-lantung!" kabeh pada ngadaregulkeun sirahna.
"Ari geus cageur mah hayu atuh Nang," Yadi hiber luhureun Enang. Dituturkeun ku Wati jeung Tina.
"Rek ka marana nyah!" kuring mencrong ka nu tiluan.
"Ceuk beja cenah di Ciwangi aya hiji kembang nu seungitna kabina-bina. Eta kembang teh ngabogaan madu anu matak kareueut. Sakeclak ge cenah moal poho amisna saumur hirup," ceuk Yadi norowelang.
"Ah kembang nanahaon?"
"Kateuing!"
"Matak ge hayu urang ka ditu meungpeung beurang keneh, meh balikna teu kapoekan di jalan," Wati ngenyang leungeun, aeh, jangjang kuring.
Duh, lain lalampahan deukeut ka Ciwangi teh. wegah saenyana mah, tapi di dieu ge sangeuk sosoranganan. Nya kapaksa we hiber meberkeun jangjang nuturkeun nu sejen.
"Buru atuh Ya, mani boyot ilaing mah," Tina ngagorowok ti hareup. Enya ge awakna lintuh bayuhyuh, tarik hiberna Tina mah, tereh nyusul Yadi nu laju dina 125 km/jam.
Kudu leuwih luhur hiber teh ambeh tetempoan teu kahalangan ku jukut nu jarangkung jaba sareukeut mun keuna kana panon teh.
Keur jongjon hiber, ceuleungkeung teh Enang...
"Jaring... jaring... kade jaring!"
Matak tagiwur, jantung nu pangboyotna beuki empot-empotan basa jaring ngukuntit tukangeun pisan.
Bres! Akhh.... Kuring beunang. Rek hiber deui hese, jangjang katuhu ngait kana jaring. Ragamang leungeun manusa nyerek awak kuring tuluy diasupkeun kana kantong palastik hideung. Poek jeung eungap teu bisa eungapan.
"Tulung... tuluuung!" kuring gogorowokan.
Gebru tibeubeut. Nyah beunta. Beungeut katuruban sarung paranti simbut, laju diudar. Hhhh... longsong, bisa engapan deui.
Kuniang hudang, gek sisi ranjang. Aduh, awak nyeri urut labuh tina kasur bieu. Ret kana jam nu naplok dina tembok kamar, jam tilu kurang lima menit. Kalabasan sare pabeubeurang teh lila teuing. Sare ti satengah satu. Naon bieu teh, ngimpi kukupu? Belenyeh seuri sorangan. Cikeneh kuring jeung batur-batur kuring jadi kukupu. Jung nangtung ngadon ngalangeu dina jandela nyerangkeun Si Cikal nu keur ulin di buruan. Kukupu, enya asa geus lila teu ningali kukupu. Ka marana ari kukupu? Araya keneh kitu? Atawa geus mimiti ngurangan pedah euweuh deui tempat keur pangeunteupanana. Tempat nu hejo ngemploh nu pinuh ku rupaning kekembangan. Enya, di mana teuing ayeuna aya tempat kawas na impian ari lain di Afrika mah. Di dieu, di lembur kuring, sawah ge ayeuna geus ngajanggelek jadi perumahan elit. Padahal baheula mah mangsa keur leutik sawah eta teh tempat kuring ngala tutut. Bebelesekan na leutak nu pacampur tikebo. Tutut meunang ngala teh dikeueuman sapeuting, tuluy isukna diasakan bungbu koneng ku Mamah. Emh, ni'mat ngecrokan tutut nu cenah tinggi kadar proteinna. Arin mah budak kuring, boro-boro beuki tutut, teu nyahoeun rupa-rupana acan. Karesepna teh ningan kana kwityaw, pizza, fried chicken, dunkin donuts jeung rupa-rupa kadaharan sejenna nu asalna ti nagara deungeun. Lian ti matak ngahudang panyakit kusabab tinggi kolesterol teh, oge matak jembleh kana loket.
Emh... mun enya teh geus kasedekkeun ku jaman, karunya teuing kukupu. Da jeung enyana ketah, boro-boro keur pangeuntreupan kukupu pan keur mengbal ge ayeuna mah geus taya laha, cukup di rohangan gor, futsal tea arana teh. Teu cara baheula, bari ngangon embe, domba, munding atawa sapi, barudak lulumpatan luhureun jukut. Sanajan ukur digawangan ku bata beureum kenca katuhuna tapi karasa olahragana. Nyaan ngesangna.
Teu cara ayeuna meng bal teh cukup di jero rohangan jaba di-AC an deuih. Lain sehat, tungtungna kalah malik asup angin.
"Mah... Mamah," Arin, Si Cikal nu kakara nincak dalapan taun, lulumpatan muru jandela.
"Aya naon bageur?" sirah kuring ngelol kaluar jandela anu blung-blong teu make teralis.
"Mamah tingal, Teteh kenging kukupu," budak ngacungkeun leungeun katuhuna, "Bade dilebetkeun kana keler nya?"
Kukupu? Kuring neuteup ka eta kukupu, bet siga Si Enang basa nyeuseup kucubung tea. Beungeutna pias. Emhh deudeuh teuing tayohna mah kukupu nu nyasab.
"Teu kenging Teh," kuring rada nyentak.
Budak malik mencrong, "Ku naon? Pan sae tiasa ditingal tina keler."
"Pami Teteh aya nu newak teras dilebetkeun kana keler, ke Mamah kumaha? Sok leupaskeun bisi mamahna milarian."
Budak teu waka nurut, kalah beuki mencrong ka kuring.
"Ari kukupu gaduheun mamah kitu?"
Kuring unggeuk. Leungeun ngarongkong kaluar. Dicokot kukupu teh lalaunan tina leungeun budak, lalaunan, bisi regas jangjangna, tuluy dileupaskeun. Kukupu hiber tuluy eunteup na kusen jandela kawas nu ngahajakeun ngadeukeutan kuring. Ari diteuteup teh, belenyeh imut bari ngagupayan laju hiber ka jomantara. ***
(Haturan rerencangan Tata Laksana
SMK Prabu Sakti 2 Purwakarta)