Galuring Gending (10)
"Aki maneh teh, Enji, maotna di Pulo Buru," ceuk Kang Girang, waktu kuring keur ngumpulkeun katerangan pikeun mapay raratan kulawarga ti pihak indung.
Pulo Buru? Mindeng ngadenge kecap eta mah atuh, ceuk hate. Lain ngan tina pelajaran geografi wungkul, tapi deuih tina sejarah perjuangan bangsa. Kuring geus apal, kumaha ari status Pulo Buru mun dipatalikeun jeung tarekah pamarentah enggoning numpes papahaman kuminis di lemah cai. Tapi, sumpahna ge, kuring teu apal yen aki kaasup salah saurang pangeusina, malah maotna ge di dinya pisan. Ari sugan matuhna Aki di tanah sabrang teh lain di Pulo Buru. Kitu deui dina angkeuhan kuring mah ukur indit kumaha ilaharna nu ngumbara, lain jadi jalma buangan.
Pulo Buru? Naha enya ieu teh? Ah, pastina ge enya. Kuring langsung percaya. Lain wae pedah eta katerangan jolna ti Si Akang, anu omonganana bisa dipercaya, tapi deuih ayana sesebutan yen kuring incu PKI dianggap milu nguatan. Enya atuh ari kitu mah, ceuk hate.
"Tapi peupeujeuh ulah loba omong, Enji; komo ka Apa mah! Lain ku nanaon, bisi matak teu hade balukarna, sabab dongeng ngeunaan riwayat kahirupan maneh teh ku Apa dirusiahkeun pisan. Mun kanyahoan bocorna ti Akang, geus moal ka saha deui Apa benduna," ceuk Si Akang.
Kuring ukur males ku unggeuk. Enya, da ku kuring oge geus kasawang tepi ka lebah dinyana. Jigana wae Apa teh palay megatkeun kuring tina akar reujeung dapuran kulawarga ti pihak indung. Kuring ulah tepi ka apal: saha ari indung, aki, katut babarayaan lianna luareun ti kulawadet Apa. Tapi, naha anu dipake alesanana teh pedah aki kabaud kana gerakan kuminis wungkul, atawa aya deui faktor sejenna?
"Ari aki abdi teh urang mana, Kang?"
"Kateuing atuh. Ngan nu sidik, datangna ka dieu teh minangka jalma ngumbara. Ari ceuk beja mah bibit buitna ti Jawa. Tapi, teuing ti lebah mana persisna. Ceuk sakaol, urang Solo. Aya deui beja pajarkeun wedalan Blitar. Kungsi deuih kaemperðemper, cenah asalna ti Blora. Ah, teuing mana nu bener. Ngan nu sidik mah di dieuna teu kadang warga," tembal Si Akang.
"Jeung Akang kungsi tepung?"
"Saha? Aki maneh? Wah, henteu. Teu kungsi. Ulah waka jeung aki maneh, jeung indung maneh oge Akang mah tacan kungsi jonghok. Heueuh, kapan harita mah Akangna oge keur budak keneh. Eta wae basa kajadian babarontakan PKI di Jakarta teh, anu disebut Gerakan 30 September tea, Akang mah karek kelas dua SD. Katurug-turug ari Akang mah teu saimah jeung Apa, kapan."
"Tapi, aki abdi teh tadina matuh di desa urang, nya?"
"Heueuh. Malah imahna teh teu jauh ti bale desa. Anu ayeuna dipake imah Parman, lah."
Dipake imah Kang Parman? Lain ari Kang Parman mah nyieun imahna teh dina lahan kagungan Apa? Enya, kapan eta mah tanah nu Apa. Kaitung ublug-ablag sakitu mah, jaba deuih nampeu ka jalan kacamatan. Memeh Apa jeneng kuwu oge, lahan anu ka kalerna mah geus diadegan wawangunan puskesmas. Ka dieunakeun, anu ka beulah kidulna, dipake imah Kang Parman tea. Sainget kuring, basa keur tacan diadegan mah, eta lahan ngoblog teh pangulinan barudak.
"Naha bet jadi dipake imah Kang Parman, nya?"
"Ih, nya teuing atuh. Kudu ka Apa nanyakeunana," tembal Si Akang. "Eh, ulah ketang! Ulah ditanyakeun, bisi engkena kumaha onam!" omongna deui. "Geus wae ku maneh ulah diungkit-ungkit, Enji! Mana kitu ge geus jadi takdir ti Gusti Nu Maha Suci yen eta tanah lain milik maneh. Geus wae tong diinget-inget. Urang mah mending ngadunga, supaya dipasihan gentosna."
"Ih, Akang, abdi mah nanyakeun soteh lain ku sabab hayang ngapimilik. Hengkop teh teuing, dina enyana ge eta lahan kudu jadi hak abdi. Ngan ieu mah baning ku panasaran, anu matak talete teh," tembal kuring. Da jeung enyana atuh, kuring mah teu mikir-mikir tepi ka lebah dinya; moal karooh!
"Tapi, peupeujeuh maneh ulah nyarita ka Apa, nya?" pokna, bangun anu masih keneh cangcaya.
"Moal, Kang," kuring gancang ngayakinkeun ki lanceuk. "Ceuk abdi ge, ukur hayang nyacapkeun kapanasaran wungkul. Jeung wani soteh abdi tatanya, ukur ka Akang."
"Kajeun atuh ari kitu mah. Satadina mah melang Akang teh, bisi engke maneh di imah sakacuam-caem; da geus pasti moal pihadeeun balukarna. Komo lamun tepi ka kaemperðemper yen lalakon kahirupan maneh teh sungapanana ti Akang."
"Ari aki abdi teh baretona jadi naon? Cik, sugan apal."
"Ari ceuk beja mah mantri guru. Mun teu salah, ngaranna teh Pa Sugondo. Mantri guru teh mun dina pajamanan ayeuna mah disebutna kapala sakola. Heueuh, Akang ge ukur ceuk batur. Waktu ditugaskeun ka desa urang, nya bumen-bumenna teh di dinya, dina lahan anu ayeuna diimahan ku Parman tea."
"Kapala SD di desa urang, Kang?"
"Heueuh. Naha di mana deui atuh? SD urut bareto maneh sakola. Lain maneh wungkul, da Cacih, Parman, Idah, Nunung, jeung Obing ge di dinya sarakolana teh. Ngan Akang anu henteu sakola ka dinya teh, sabab ti dieu mah jauh leumpangna."
Ana kitu, ceuk hate, mun tea mah aki teu kabaud kana PKI, meureun basa kuring sakola di dinya teh bakal dikapalaan ku anjeunna. Tapi ketang, boa akina ge geus pangsiun dina jaman kuring mah.
"Jadi, baretona mah geus aya imah atuh nya, di dinya teh," omong kuring sanggeus lila ngahuleng.
"Heueuh, Akang ge kungsi nyaho ari kana imahna mah, ngan harita teh geus lila kosong, malah geus burakrakan. Cenah mah sabab dibaraledogan ku rahayat, dina jaman riributan ngaganyang PKI. Lur wae diantep geus kitu mah, tepi ka ancurna pisan. Inget keneh Akang ge, imahna teh potongan duduk jandela."
Enya, inget ayeuna mah, ceuk kuring dina hate, sanggeusna Si Akang nyarita kitu. Paingan bareto ari keur ulin di dinya sok manggihan urut pondasi, ari asalna diadegan imah mah.
"Lamun ditilik tina urusan paroid mah, eta tanah teh kuduna ragrag ka indung maneh di antarana. Terus, anu digadangkeun baris narima waris teh nya maneh pisan. Tapi, teuing kumaha asbabun nujulna atuh, eta tanah ahirna jadi cekelan Apa. Naha kungsi ngaliwatan jual-beuli heula, atawa aya pakayidan sejen; Akang teu nyaho," omong Si Akang deui.
Keun lah ari urusan warisna mah, ceuk hate. Hanas ayeuna geus dipake puskesmas jeung diadegan imah ku Kang Parman, ah, hengkop wae. Moal rek digugat, moal rek menta ganti.
"Ari indung abdi bogaeun dulur eta teh, Kang?"
"Wah, teu pati apal kana urusan etana mah," tembalna. "Tapi, mun teu salah mah bogaeun lanceuk, nyaeta anu sarua dibuang ka Pulo Buru, lantaran di dieuna jadi kekentong Pamuda Rayat. Tapi ketang, Akang ge ukur ceuk beja. Batan Akang mah jigana leuwih apaleun keneh Parman, bubuhan baretona natangga. Ah ketang, peupeujeuh ulah ditanyakeun ka Parman, bisi pajarkeun maneh rek ngabangkit-bangkit."
"Moal, Kang. Abdi moal rek natanyakeun ka Kang Parman. Dina arekna oge abdi nyusud katerangan, sajaba ti ka Akang teh, paling oge tatanyana ka anu lian," omong kuring.
"Tapi, ari ceuk pamanggih Akang mah, asa teu kudu terus disusud katerangan ngeunaan indung maneh teh."
"Naha?" kuring rikat megat kalimah.
"Bisi engkena maneh jadi nyeri hate," tembalna. "Ari ceuk Akang mah, geus wae maneh sing bener sakola, sing tepi ka jucungna. Pek ku maneh tembongkeun ka Apa jeung ka lanceuk-lanceuk maneh yen maneh teh mampuh jadi jelema bener, bari jeung boga ngaran deuih. Maneh kudu boga prestasi, ngarah diarambeuan batur. Eta cenah urusan jeung nu jadi indung, ah, da awal-ahir oge ku Gusti Alloh bakal ditepungkeun ieuh. Mun teu di dunya, ari di aherat mah pasti bakalna. Nu penting mah asal urangna nincak dina jalan agama," ngarandeg heula. "Naha ari Akang kurang kumaha, kitu? Kapan jeung indung teh tepungna ukur sakeudeung; inget-inget poho, lah. Komo Nunung mah teu nyahoeun pisan ka rupa indung. Heueuh, kawas maneh we kitu. Ngan bedana teh ari indung Akang mah geus jinek kuburanana, sedeng indung maneh ceuk beja mah masih keneh aya dikieuna."
Kuring ngahuleng salila-lila, sanggeus ngadenge omongan ki lanceuk kitu. Manehna oge sarua jempe; kawas anu keur mere lolongkrang ka kuring pikeun namperkeun caritaanana.
"Cik, sugan Akang nyaho, naon pangna indung abdi ngantep pisan ka abdi; mani teu kungsi neang sakali-kali acan, mani teu kungsi ngirim surat sacewir-cewir acan?" kuring nanya deui.
"Teu nyaho tah, mun ditanya tepi ka lebah dinya mah," tembalna pondok.
"Ari abdi mah banget ku panasaran, naha indung teh kawas anu ngabuang maneh. Terus deuih, ka abdi mah kawas nu geus teu diinget-inget acan. Pek we geura, dina umur abdi geus rek ngaliwat wewelasan, indung lep-les teu kungsi ngirim beja ka dieu. Aya eta ge ari katerangan mah, sapotong-sapotong, anu tepina ka abdi ngaliwatan heula batur. Cenah indung abdi teh matuhna di Medan. Cenah geus boga deui salaki, malah geus boga budak. Cindekna abdi teh boga adi teu sabapa. Hanjakal eta katerangan teh teu eces. Cacak mun geus jinek, tur geus kanyahoan di mana dumukna, pasti ku abdi bakal disusul. Teu boga maksud nanaon, iwal ti banget ku hayang panggih."
"Heueuh, ngarti Akang ge; sok sanajan mun tea mah panggihna ayeuna-ayeuna, tacan tangtu salawasna bakal pihadeeun pikeun maneh sorangan," pokna. "Akang ge lain teu hayang mere katerangan anu lengkep, tapi kumaha deui tuda kanyaho Akang ukur sakitu-kituna. Tangtu maneh ge maphum, sabab Akang mah jeung indung maneh teh teu kungsi pisan tepung. Sakur anu cikeneh ditepikeun ka maneh oge, kapan ukur ceuk beja."
"Mun Apa, apaleun moal kana alamat indung abdi ayeuna?"
"Kawasna teh moal, Enji. Jeung dina apaleunana oge ka maneh mah moal ieuh dibejakeun ceuk taksiran Akang mah. Jadi, mun maneh mapaykeunana ka Apa mah bakal cumah. Jeung, saha nu nyaho, batan dijawab mah, maneh kalah dicarekan. Lah atuh, maneh ge tangtu geus apal kana pamake Apa. Bet Akang oge, anu teu kungsi saimah jeung anjeunna, geus nyaho pisan kana tabeatna anu babari pisan naek darah. Anu matak, Akang mah teu weleh ngaragangan. Heueuh, najan tabeat Apa kawas kitu ge, tetep we anjeunna teh bapa urang anu wajib dihormat jeung diajenan," omongna.
Kuring teu mairan. Anu matak, pok deui manehna neruskeun:
"Ari ceuk Akang mah, geus wae maneh teh ulah loba pikiran; anggursi sakola masing suhud. Pek tembongkeun ka kolot urang, meungpeung Apana jumeneng keneh-yen maneh mampuh nyieun prestasi, teu eleh ku lanceuk-lanceuk maneh. Saenyana maneh mah bisa disebut untung keneh, ku Apa dipikanyaah. Kitu deui ku Mimih, enya ge ukur indung tere, kapan sarua dipikanyaah. Tah, eta teh kawelas-asihan Gusti anu kudu ditarimakeun ku rasa sukur; kanyaah ti Pangeran turunna ngaliwatan Mimih."
"Ih atuh, Akang, hayang we abdi teh panggih jeung nu jadi indung. Hanas indung teu kungsi ngurus-ngamemenan, keun wae eta mah. Mana kitu ge milik abdi meureun kudu kitu," cekeng teh.
"Heueuh, Akang ge ngarti kana urusan eta mah. Tapi, ku maneh kudu ditimbang-timbang deui mangpaat jeung madorotna. Ari Akang mah satadina salempang, mun maneh mapay raratanana ayeuna-ayeuna, bisi leuwih loba madorotna. Tapi sugan wae ka hareupna mah aya parobahan, atawa Pangeran mukakeun jalan. Enya, da ari keur Gusti Alloh mah naon hesena nepungkeun maneh jeung indung maneh teh. Ngan meureun ayeuna mah tacan tepi kana waktuna we," ngarenghap heula. "Urang mah teu kudu silih salahkeun, teu kudu silih teumbleuhkeun. Kapan cenah ari hirup mah darma wawayangan wae, anu usik-malikna reujeung hirup-huripna henteu bisa ceuk sakahayang urang sorangan. Pek wae geura pikir, naha meunang hayang kitu maneh jadi Panji, atawa Akang jadi Tahmid? Lain, pan? Sugan urang teh kungsi ngasongkeun rekes ka Pangeran yen hayang jadi anak Si A atawa anak Si B; kapan teu kitu, lin? Nyaho-nyaho urang teh geus aya we. Akang ge jadi anak Apa teh lain kahayang sorangan. Cacak mun bisa nawar mah, Akang teu hayang jadi anak tentara anu lahirna ka alam dunya ti hiji awewe boyonganana."
"Teu ngarti abdi mah, Kang. Naon nu dimaksud boyongan ku Akang teh?" kuring megat kalimah.
"Pasti moal ngarti, sabab maneh mah tacan nyaho kumaha lalakonna," tembalna. "Kieu atuh, Enji, mun ngarah dicaritakeun mah: indung Akang teh kapan anak kekentong DI."
Sumpahna ge, kuring kacida reuwasna barang ngadenge kekecapan Si Akang kitu teh!
"Ayeuna dicaritakeun soteh, ukur ka maneh, tur maksudna lain rek nguar-nguar kagorengan, ngan sugan wae ku maneh bisa dijieun eunteung," ngarenghap heula, bangun keur ngawahan. "Baheula, taun 50-an, kitu ceuk dongeng anu kungsi katarima ku Akang, Apa mancen tugas ti nagara pikeun nyanghareupan jeung ngancurkeun kakuatan DI di wewengkon sabudeureun ieu gunung."
"Nu sok disebut gorombolan tea DI teh, Kang? Pan kitu lamun Apa ngadongengkeun ragotna perang ge, jaman abdi keur leutik," omong kuring.
"Akang mah moal nyebut kitu. Geus wae DI, lah! Kitu deui Akang moal rek pipilueun jeung ngomentaran kana urusan pamadeganana, sabab Akang mah teu ngajamanan. Teuing kumaha dongeng jeung kajadianana, ngan wae ahirna indung Akang dikawin ku Apa; cenah mah harita teh keur jadi boyongan. Ti sanggeusna dikawin, nya terus disingkurkeun di dieu, tepi ka boga anak, nyatana Akang jeung Nunung. Hanjakal indung teh teu panjang umur. Sanggeus ngalahirkeun Nunung, indung Akang maot, ninggalkeun orok beureum. Basa ditinggalkeun ku indung teh, umur Akang kira-kira tilu taunan. Ahirna Akang jeung Nunung diurus di dieu. Tapi basa rek asup sakola, Nunung mah ku Apa terus dibawa ka landeuh; ari Akang ku aki anu ngurus ti lelembut teh henteu dibikeun."
"Ke, ke, ari anu ngurus Akang di dieu teh aki jeung nini?" kuring nanya.
"Is, lain. Maksud Akang, lain aki jeung nini pituin."
"Har, naha saha atuh anu saenyana?"
"Ukur aki ti gigir, ngan pedah anjeunna teu kagungan putra. Jadi, ayana Akang di dieu teh minangka tutunggul anu neruskeun anjeunna."
"Ari aki Akang pituin, mana atuh?"
"Duka teuing di mana atuh, Enji. Ngan ku taksiran mah maot di gunung. Boa maotna ge alatan pelor anu kaluar tina kucubung bedil Apa," tembalna.
Kuring ngahuleng salila-lila. Geuning kitu nyatana dongeng ngeunaan kahirupan Si Akang teh.
"Tah kitu lalakon hirup Akang teh, Enji. Bisa jadi antara lalakon Akang jeung nu karandapan ku maneh teh loba sasaruanana. Ngan ari pikeun Akang mah, ieu gurat hirup anu geus ditangtoskeun ku Anjeunna teh, ah, rek ditarima we. Akang moal rek nyalahkeun sasaha. Ka Apa teu ngewa, ka Mimih nya kitu keneh. Hanas eta, Akang langka riung mungpulung jeung dulur, ari ceuk rarasaan sorangan mah lain sabab kajurung ku kakeuheul, tapi lantaran padumukan anu pajauh. Mun Akang remen idek liher di bumi Apa, saha atuh anu bakal tanggung jawab kana urusan di dieu; kapan sidik taya deui jelema, iwal sa-Akang-akangna."
Sanggeus dipikir-pikir, heueuh, caritaan Si Akang teh loba benerna. Ulah silih salahkeun, ulah silih teumbleuhkeun.
Ti sanggeus ngobrol harita, kuring remen ngimpi tepung jeung indung. *** (hanca)