Tue, 22-05-2012
Carkrim

Babaung Ajag (15)

Pintonkeun di FB

Ku Dede Syafrudin

Ma Encum jeung Bi Risa tingrarenjag, tuluy tinglalieuk ka lebah datangna sora.
"Aeh geuning Neng Arum.... Bade balanja naon, Neng?" ceuk Ma Encum, bari mencrong nu anyar datang.
"Biasa we, Ma, bade  meser sopeun," tembal Neng Arum.
"Sabaraha bungkus Neng?"
"Sabungkus we, Ma. Sabaraha?"
"Genep ratus, Neng."
"Naon mangkukna oge ngan lima ratus."
"Baku Si Eneng mah ari geus nawar teh. Nya mangga bae. Sareng naon deui atuh?"
"Ari ieu ceker sabaraha?" Neng Arum nyaritana bari milihan ceker hayam anu dibungkusan ku pelastik.
"Dua satengah."
"Nya Si Ema mah, sok ditaekkeun wae ka abdi mah...!"
"Hih, Ema mah tara naek-naekkeun harga. Ti baheula ge sakitu."
"Dua rebu we nya?"
"Mangga. Tapi sopeunna dua bungkus atuh."
"Atuh sami we janten tilu rebueun!"
"Supados raos we dituangna. Da ceker teh sabungkusna ge seueur, tangtos bae sopeunna oge kedah seueur."
"Bisa Si Ema mah ngolona teh!" Neng Arum baeud.
Ma Encum keom.
"Tuh nya abdi ge jadi kaingetan. Tadi teh bade meser minyak kalapa saparapat," ceuk Bi Risa
"Tuda Bi Risa mah bade balanja teh kalah teras ngagosip," Neng Arum ngareret ka Bi Risa.
"Sanes ngagosip ieu mah, Neng. Tapi ngomongkeun batur," tembal Bi Risa.
"Je ngkol we, Ma. Saparapat. Sambeleunana we...," pokna deui, ka Ma Encum.
"Ngagosipkeun naon sih?" ceuk Neng Arum.
"Eu..., ieu..., Nyi Dedeh...," tembal Bi Risa.
"Gusti...! Ku teungteuingeun, nu tos maot oge masih keneh digosipkeun...!" Neng Arum molohok.
"Lain ngagosipkeun anu tos maot, Neng," Ma Encum noel leungeun Neng Arum.
"Tapi ngagosipkeun anu hirupna," pokna deui.
"Ngagosipkeun anu hirupna kumaha?" Neng Arum kerung.
"Kapan Eneng oge uninga, Nyi Dedeh teh maot nelasan maneh dina kaayaan keur kakandungan...," ayeuna mah Bi Risa anu nyarita teh.
"Enya, eta mah abdi oge terang. Teras naon hubunganana sareng ngagosipkeun nu hirup?"
"Hih ari Eneng, sok pura-pura bodo!" Ma Encum noel deui leungeun Neng Arum.
"Tong boro jalmi, ucing getara ujug-ujug reuneuh lamun teu aya nu ngagawean mah. Eta Eneng ge, kapan dugi ka bareuh patuangan kitu teh alatan digawean ku nu jadi salaki, lin?" pokna deui.
Neng Arum buluham-belehem. Laju ngusapan beuteungna anu keur kakandungan tilu bulan.
"Amit-amit kituh Eneng!" ceuk Bi Risa.
"Naha make amit-amit sagala da abdi mah boga salaki!" Neng Arum ngadelek ka Bi Risa.
"Sanes ka Eneng, tapi ka utun-inji. Kapan Eneng teh keur kakandungan, upama mireng atawa ningal nu goreng kedah nyebut amit-amit bari ngusapan beuteung, sangkan jaga henteu katurut ku jabang bayi! Tah dongeng naon anu tumiba ka Nyi Dedeh oge kalebet hal anu goreng, jadi Eneng kedah nyebat amit-amit!" Bi Risa nyaritana bari pepeta.
"Oh kitu...," Neng Arum unggut-unggutan.
"Amit-amit...," ceuk Neng Arum deui, ditungtungan ku ngusapan beuteungna.
"Na ku saha kitu Ceu Dedeh teh kakandunganana?" pokna deui.
"Ceuk batur mah, cenah ku Jang Asruh," Ma Encum nyaritana semu ngaharewos deui.
"Kapan cenah tadi ku Mang Iding?" ceuk Bi Risa, sarua semu ngaharewos.
"Enya. Ceuk beja nu lian deui, nu boga hadasna teh Mang Iding," Ma Encum geuwat nembalan.
"Euleuh...," Neng Arum gogodeg.
"Padahal ceuk abdi mah, tibatan luluasan kitu mending menta tanggung jawab ka Kang Asruh atawa ka Mang Iding," Neng Arum gogodeg keneh.
"Nyaeta, matak Nyi Dedeh luluasan oge meureun maranehna teh teu daek tanggung jawab...!" Bi Risa jebi.
"Dasar lalaki mah kawas ucing garong! Manggih beurit kerewek ditewak. Manggih gepuk kedewek digegel. Aya asin getara disesakeun!" Ma Encum kekerot.
"Keur mah ongkoh Nyi Dedehna gelenye deuih. Itu-ieu dilayanan," Bi Risa Mairan.
"Enya. Da mun teu dilayanan mah lalaki ge moal pati wanieun," Neng Arum milu nyarita.
"Ssst!" ujug-ujug bae Ma Encum ngantelkeun curuk kana biwirna, laju mere isarah ku matana nu nandakeun aya nu anyar datang ka warungna.
Bi Risa jeung Neng Arum harita keneh langsung ngabetem.
"Aya roko Samsu, Ma?" ceuk nu anyar datang.
"Aya," tembal Ma Encum.
Bi Risa jeung Ma Encum nyarisi. Maranehna geus apal yen nu boga eta sora teh Kang Asruh. Tuluy duanana tirareret ka Kang Asruh. Katembong ku maranehna roman Kang Asruh anu kusut. Buukna awut-awutan teu disisiran, beungeut pias, mata beureum bangun anu kurang sare.
Kwasna bae Kang Asruh ngarasa yen dirina keur diperhatikeun ku Bi Risa jeung Neng Arum. Laju manehna ngalieuk ka lebah Bi Risa jeung Neng Arum....
"Aya naon ningalikeun wae kuring?" ujug-ujug bae Kang Asruh nyengor, matana katembong beuki beureum.
Atuh tangtu bae Bi Risa jeung Neng Arum teh ngarenjag lantaran teu nyangka bakal disengor ku Kang Asruh.
"Eu..., eu..., teu aya nanaon...," Neng Arum nembalan bari ngadegdeg, beungeutna ngadadak sepa.
"Ku naon ari Jang Asruh, bet ujug-ujug sungar-sengor kitu?" Bi Risa mah sorana leuwih tatag.
"Lain ku naon-ku naon, eta mata di dinya bangun nu sinis ka kuring! Nyaho kuring ge, pasti di dinya duaan sarua jeung urang kampung ieu nu lianna, nganggap kuring geus jadi marga lantaran maotna Dedeh. Nganggap kuring nu ngalantarankeun Dedeh kakandungan!" sora Kang Asruh angger keneh nyeuneu.
"Har...?" Bi Risa molohok.
"Yeuh, di dinya duaan kudu nyaho, oge  Ma Encum, najan kuring mindeng pulang anting ka imah Dedeh tapi kuring mah tara milampah pagawean anu diluar bates. Kuring lain lalaki anu teu tanggung jawab, lamun Dedeh kakandungan ku pagawean kuring tangtu kuring bakal tanggung jawab. Tapi da kuring mah teu rumasa. Kapan nu mindeng nganjang ka imah Dedeh teh lain kuring wungkul! Yeuh bisi hayang nyaraho, saenyana anu pangmindengna nganjang ka imah Dedeh mah Mang Iding. Tangtu manehna anu geus milampah kalakuan nirca ka Dedeh teh. Manehna anu kudu tanggung jawab...," Kang Asruh ngomongna bari renghap-ranjug, bangun anu tas leumpang nanjak.
"Beu, sing sadar Jang Asruh...," Ma Encum milu nyarita.
"Ti tatadi ge kuring mah sadar, teu ngimpi teu ngalindur. Teu kasurupan-kasurupan acan!" Kang Asruh nepakan dadana sorangan.
"Istigpar anggur mah...," sora Ma Encum leuleuy.
"Nu kuduna istigpar mah lain kuring, tapi Si Iding!" Kang Asruh beuki nyeuneu.
"Geuning...?" Neng Arum sorana meh teu kadenge.
"Lantaran Si Iding teh lain bae geus milampah nirca, tapi oge geus ngalantarankeun hiji jalma leungiteun nyawa. Ku kalakuanana Dedeh jadi luluasan maehan maneh. Si Iding anu kudu dihukum jeung dijejeleh ku jalma rea teh, lain kuring!" Kang Asruh ceuceuleuweungan dibarung ku pepeta.
Ma Encum balem. Teu nyarita deui.
"Ayeuna keneh kuring rek balitungan jeung Si Iding. Rek maksa Si Iding sangkan ngaku ka balarea yen saenyana manehna anu kudu tanggung jawab kana maotna Dedeh teh!" sanggeus ngomong, ngan kencling bae Kang Asruh indit ninggalkeun warung Ma Encum. Poho yen manehna teh rek meuli roko.
Bi Risa, Neng Arum, jeung Ma Encum timbang ngembang kadu bae. Neng Arum ngeleper, reuwas kareureuhnakeun. Sanggeus Kang Asruh teu katembong, ngan kedeprek bae Neng Arum ngedeprek.*(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula