Nu Perlu tur Bisa Dilakukeun
Ku Karno Kartadibrata
Masarakat jeung paradaban Sunda kumaha nu ku urang dipiharep teh?Pasaratan naon wae nu kudu kapimilik supaya udagan bieu bisa kahontal?Kumaha strategina jeung kumaha tahapan-tahapan nu bakal disorang pikeun anjog kana udagan bieu? Pertelaan, jawaban-jawaban, nu sanajan salawasna moal bisa anggeus (final), kana pasualan saperti kitu, tangtu wae kudu dijelaskeun sarta ditepikeun ,ku sakumna kaom elite Sunda dina sarwa widang (ekonomi, sosial, budaya jst.) ka balarea. Pertelaan bieu, paling henteu, bakal nyadarkeun masarakat Sunda kana kaayaan nu keur karandapan ku maranehna sarta
satuluyna dipiharep usik ngahontal udaganana.
Tangtu wae nu dipikabutuh ku masarakat Sunda lain saukur pertelaan, upamana wae hasil panalungtikan lembaga pengkajian atawa pamikiran-pamikiran nu diadurenyomkeun dina seminar wungkul, tapi pohara perluna oge lengkah-lengkah nyata ngadobrak hahalang nu ngabeungbeuratan saban ngayakeun kagiatan pikeun ngomean kahirupan. Upamana wae, gerakan nyata ngahejo- lembokkeun kota, ngaherangkeun cai walungan, ngaberantas korupsi, ngumpulkeun dana pikeun dokdak ngadegkeun pabukon di saban kacamatan jeung sajabana.
Basa.
Basa Sunda tangtu wae perlu maju, bisa dipake gaul salega-legana.Tah, para ahli basa kudu ngajelaskeun pasaratan naon, ciri-ciri kumaha, ukuran naon nu bisa dipake pikeun bisa netepkeun kahirupan basa Sunda bisa disebut maju teh?Naha basa Sunda bisa disebut maju mun saukur bisa dipake dina kahirupan kulawarga wungkul, saperti bisa dipake keur balanja cengek ka pasar jeung nanyaan calon panganten?Atawa perlu ngaronjat nepi bisa dipake pikeun medar konsep-konsep elmu pangaweruh? Upama basa Sunda kudu mampuh dipake dina widang elmu pangaweruh, naha kudu mampuh dipake dina sakumna widang elmu pangaweruh, kaasup elmu murni saperti pisika jeung matematika?
Satuluyna, kumaha carana, strategina, pikeun ngahontal kahirupan basa Sunda nu dipiharep, nu dianggap kahirupan basa Sunda nu kasebut maju, "mapan", "established"?
Lembaga basa saperti Balai Bahasa, kitu deui Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) tangtu wae perlu ngarumuskeun hal-hal kasebut bieu sarta satuluyna dokdak ngalarapkeunana di masarakat.
Ekonomi.
Sosiologi kabudayaan dipiharep bisa ngajelaskeun kumaha patalina prestasi kabudayaan nu dihasilkeun ku masarakat jeung kahirupan ekonomi masarakat bieu. Upamana, naha bisa prestasi kabudayaan nu nyongcolang lahir tina kahirupan masarakat nu malarat, miskin jeung remen katiban konflik? Kumaha kaayaan masarakat Yunani rewuan taun katukang, nepi ka bisa ngahasilkeun karya filsafat nu diaku kapunjulanana nepi ka kiwari?Kumaha kaayaan masarakat Sunda ratusan taun katukang, nepi ka bisa ngahasilkeun karya luhung saperti wayang, pantun jeung tembang? Upama jelas "basis material " nu kuat mampuh ngahasilkeun prestasi kultural, kabudayaan, nu luhur, nya geus teu bisa ditawar-tawar deui atuh, masarakat Sunda oge kudu anjog kana kahirupan ekonomi nu dipiharep. Kahirupan, tatanan ekonomi masarakat Sunda kumaha nu ku urang dijadikeun udagan teh?
Ti mimiti Bappenas di pamarentah tingkat pusat nepi ka Bapeda di tingkat kabupaten jeung kota tangtu geus nyusun visi ekonomi nu mertelakeun udagan kahirupan ekonomi nu dipiharep.Tah, geus sakuduna atuh konsep jeung program ekonomi nu ditataharkeun ku Bapeda nu satuluyna dilarapkeun ku saban Kantor Dinas, ditembrakkeun ka masarakat supaya sakumna masarakat milu aub (partisipasi). Lebah dieu, organisasi saperti DAMAS, LSM di saban kabupaten jeung kota geus sakuduna babarengan jeung pamarentah enggoning ngamajukeun kahirupan ekonomi di daerahna. Pohara perluna paguron luhur bareng jeung LSM di saban kabupaten jeung kota ngabahas pangwangunan ekonomi di daerah sarta satuluyna babarengan ngalarapkeunana. Hanjakal arang langka kadenge Pamarentah Kabupaten Tasik, Ciamis, Banjar, Garut, Sumedang, Subang jeung daerah sejenna ngajak masarakat ngabahas babarengan ngamajukeun kahirupan ekonomi di daerahna.
Kapamingpinan.
Jelas, ngamajukeun masarakat jeung paradaban Sunda sacara gembleng (komprehensip) merlukeun kapamingpinan nu kuat sarta epektip.Ngan kapamingpinan kitu nu mampuh ngajalankeun roda pamarentahan nepi ka bisa nedunan pangabutuh masarakatna.
Tapi, naha kapamingpinan kitu bakal lahir ti masarakat nu pasip?Jelas, ngan masarakat nu "terdidik" sarta kritis nu bakal ngahasilkeun pamingpin nu dinamis.
Ana kitu, masarakat jeung paradaban Sunda saperti kitu nu jadi pangjugjugan urang sarerea teh.