Tue, 22-05-2012
Rumpaka

Rupa Anyar Mangle Online

Pintonkeun di FB

Puji sinareng syukur urang haturkeun ka Allah SWT nu parantos maparin kasempetan ka Majalah Mangle tug dugika tiasa medal di internet. Teu kinten bingah nu teu aya papadana, tim Majalah Mangle tiasa ngarencangan para Mitra sadaya di dunia maya.

Ngawitan dinten ieu (10/01/2011), website Mangle Online ngayakeun parobahan nu kawilang lobana dina hal rupa atanapi tampilan website-na. Sanesna ti kitu, oge dina hal navigasi.Hal ieu dilakukeun dina raraga masihan proses nu gampil kanggo para Mitra.

Dina halaman Tepas, ayeuna dipidangkeun sadaya rubrik tina edisi pang anyarna dina Mangle Online. Di bagean sisi palih katuhu, aya artikel tina edisi nu anyar nu ditampilkeun kalayan acak. Tujuanna nyaeta supados para Mitra tiasa maca ringkesan tina artikel eta.

Di bagean handap, dipidangkeun 5 artikel tina sababarah rubrik nu kawilang seuseur nu mikaresep. Diurutkeun ti edisi nu pang anyarna teras mundur ka edisi nu samemehna.

Mugi-mugi naon nu parantos ditarekahan ku Tim Mangle Online tiasa ningkatkeun kasugemaan para Mitra dina enggoning maca sareng ngajajah sadaya eusi website ieu.

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Wawan Gr ngomentaran:

Ti keur jaman budak keneh simkuring resep psn ka mangle teh, sa enggeusna di gawe sok rajin ngalangganan.. ngan hanjakal teu lila da loperna tutup, cenahna mah bangkrut. Untung aya lanceuk nu masih ngalangganan, nya sakalieun ulin sok menta wae nu urut aya 2 atawa 3 mangle ku kuring dibawa. Lantaran jauh tempatna ( Bogor - Bekasi ) jadi teu tiap edisi kabaca. Hiji waktu..teu ngahaja eta ge, iseng we utak atik neangan naon we nu make basa sunda...nya gorehel manggih mangle online, mani bungah amarwata suta, teu bisa digambarkeunlah kabungah simkuring teh... Mugi mangle online janten pangbeberah manah oge janten pangjagi kabudayaan sunda ulah dugi ka leungiteun sumawona reksak mah... Hatur nuhun pangbageana...

Ejang Hermawan ngomentaran:

sukaning indriya gapuraning rahayu (ciciren Nyai medal) terus manggung, Nyi! mulus rahayu salamina :)

Maulana Lana ngomentaran:

Hiji waktu kuring nyetel radio, kaleresan aya acara kasenian sunda, meni bingah pisan da puguh jauh ti lembur. teu lila eta radio teh ganti jalur, acara sunda ngadadak leungit, cenah mah ganti pamingpin. puguh we sim kuring teh leungiteun pisan. Cek babaturan coba we atuh buka situs mangle. euleuh-euleuh... bingah amar watasuta, bingah kagir-giri.... sigana kieu rasana maot hirup deui teh.....hehehehehe...

andang s. argayuda ngomentaran:

sono bogoh tibareto...., kagembang ku anu tandang. kiwari mucunghul dina on line. Asa bungangang hate.. asa tepung deui jeung kabogoh. terus jaya MANGLE... .

andang s. argayuda ngomentaran:

kedahnamah nyi Mangle teh di majalah online oge majang gambar anu matak reueus jeng resep anu ngabukana. oge tiasa medarkeun bahasan - bahasan ngeunaan kasundaan.

yuli dewi puspitasari ngomentaran:

upami rubeik nu anyarna mana..

AAN KURNIASIH ngomentaran:

Tikapungkur hoyong ngintun naskah ka nyi mangle,teacan kaparengkeun mugia kuayana mangle on line abdi hoyong nyobian ngintun naskah mamanawian aya jodona,hatur nuhun nyi mangle.

Yustiani ngomentaran:

Salam bagea kasadayana, wah mangle masih aya nya, kapungkur abah sok langganan, resep ka mangle alit teh sareng barakatak Aden Endul upami teu lepat mah sareng carita pawayanganna, carita aheng oge sae, sareng carponna, abdi kelahiran 1985 tapi seneng ka majalah mangle, mugia mangle aya salalawasna, aaaamiiin....punten bade nyumbang saran, carita pawayanganna ayakeun deui atuh, wios bersambung oge..hatur nuhun sateuacanna

Dadi suradi ngomentaran:

Alhmdlaah,,, ayeuna ntos aya majalah manglé online...

Tubagus Erwin Fetriady Wijaya Kusumah ngomentaran:

allhamdullilah parantos 40 tahun langganan majalah Mangle

Enni Arief van Moorsel ngomentaran:

Alhamdulillah, ka pendak yeuh ku simkuring majalah Mangle Online link ti Facebook. Cimata jadi ngeclak. Aya kan 26 taun rurumpah di Belanda. Tos langkung ti 20 taun teu maos majalah Mangle. Duuuuh....raraosan asa ngimpen mendak Mangle. Hatur nuhuuuuuun.....salam baktos mugia simkuring diaku ku sadayana.

Latif Saéful Islam ngomentaran:

Bagea ti simkuring...

dang hei ngomentaran:

katajen ku majalah mangle tiasa jumeneng tug dugi ka kiwari, mugia sing panjang yuswa tur tiasa ngaronjatkeun kwalitas eusi tur tiasa ngawakilan rahayat jawa barat umumnya. amin!

Erwan Sapari ngomentaran:

sampurasun..bagea dulur...kalintang bingahna sim kuring tiasa ulubiung jabung tumalapung di ieu ruang, anu teu aya sanes rengrengan mangle tiasa ngawangun mangle online....harepan sim kuring mugia ieu ruang janten wadah kanggo silaturahim urang, utamina dina ngaronjatkeun inajen basa sunda....cag

juragansoma ngomentaran:

sampurasun kasadayana, simkuring bade ulubiung yeuh, emut jaman tahun 60 han simkuring sok di panggaleuhkeun majalah mangle ku pun bapa, tapi ayeuna gening tiasa online nya reu eus sim kuringmH barayA

lilis jumanah hadaliah ngomentaran:

Reueus ku hadirna Mangle Online. Tawis Nyi Mangle henteu tingaleun jaman, oge ilubiung di dunia maya malar barudak anu kapincut ku internet teu lebeng-lebeng teuing mopohokeun kana basa Sunda anu dipikareueus ku urang Jawa Barat. Mugia Nyi Mangle oge tiasa nungtun eta barudak supaya wawuheun kana ajaran agama sinareng tata titi adab urang Sunda.

Asep Haris ngomentaran:

ass...hapunten nembe tiasa ulubiumg.salam baktoskanggo sadayana.mugia apanjang apunjung khusuna kanggo Mangle....

Rohmat ngomentaran:

upami nu kapengker tiasa dipidangkeun teu? hoyong ngaos silalatu digunung salak.

tuti nurhasanah ngomentaran:

alhamdulillah, ayeuna tiasa baca mangle online

esutisna ngomentaran:

ass.. bagja lah pokonamah tiasa patepang deui sareng magle komo ayeuna tiasa on line :), bade tumarosdimana milarian mangle edisi cetak? sugan baraya sadaya tiasa masihan info ka sim kuring, hatur nuhun. wassalam esutisna

cecep herlambang ngomentaran:

geuningan edisi na teu robih? nu kamari wae...

Agus Syarip Hidayat ngomentaran:

Sae pisan, kalintang ngabantosna, hatur nuhun.....

endang gunawan ngomentaran:

Tos lami pisan teu patepang, asa bungah pisan tepang deui sareng mangle , maklum abdi di jogja.

dendi johandi ngomentaran:

ngiring bingah,,,kmh upami tiap edisina aya og na mangle online

asep rohmat ngomentaran:

mani asa kakantun warta... nembe tiasa ayna nepangan ny mangle.. ieu g tepang d google mani sono teh

yhayank aiiu ngomentaran:

bagus

ki semar ngomentaran:

mugi2 nyi mangle ditangtayungan ku Gusti Allah swt. amin

ki semar ngomentaran:

Aslm wr. wb. aki teh kacida kasengsem ku carita nyambung dina mangle tahun 60-an "nyi sutirah" karangan bapak Tjandrahajat. Bade tumaros naha eta carnyam parantos dibukukeun ? Upami parantos, dimana aki tiasa mendakan. atuh upami teu acan mugi2 rumpaka keresa ngamuat dina mangle online. Hatur nuhun. Wassalam

dedi herdiana ngomentaran:

mdh2n mangle rancage teras,,,, siphh,,,,!!!

gunawan sapuraga ngomentaran:

pang jurung doa ti simkuring kanggo mangle online mugi sing aya kamajengan,mugi langkung majeng deui kapayuna tiasa sajajar sareng majalah majalah anu tos mendunia

dian herdiana ngomentaran:

mudah-mudahan mangle tiasa update tiap terbitan

Qunyuk Rawun ngomentaran:

Kataji ku "tampilan" mangle online. Lungguh, sederhana tur geulis, siga mojang rumaja nu keur midang. Rada panasaran ku tipografi 'mangle", asa memper kana "hanacaraka" tibatan "kaganga".

mang Utun ngomentaran:

hatur nuhun ka mangle, on line, susuganan we basa sunda teh mendunia!

Daffa Al-Bhani Sujana ngomentaran:

kunaon mangle teh geuning teu update

wiwin winayawati ngomentaran:

haturan ka mangle bade tumaros kamana up date artikel nu enggal na? tos sosonggetan ngantos medal mangle on line teh htrnhn

Ujang Emka ngomentaran:

deuh emut jaman SD.. waktos pun bapa sok ngalanggan Mangle... Deeeng.. ayeuna mah.. Cicing dipuseur dayeuh, hese... untung aya Mangle onlen.. heu3

'yuda Yudiana ngomentaran:

Salam pangwanoh kasadayana..

'yuda Yudiana ngomentaran:

Salam pangwanoh uae ksadayana..

Usep Garmana Razaq ngomentaran:

Mugia Mangle Online teras medar di dunia maya,kanggo ningali pedaran-pedaran enggal ngeunaan eusi sareng kreasi-kreasi urang sunda,komo deui sim kuring kaetang tebih,jadi rada kirang anu ngagaduhan Majalah Mangle. Tur padahal hoyong pisan ngiring ngeusian sareng maos eusi pedaran-pedaran anu langkung lengkep.

Usep Garmana Razaq ngomentaran:

Kapungkur basa keur budak keneh,ayeuna tos nincak yuswa 41,sok mindeng mukaan Majalah Mangle sanajan teu ngalanggan. Sakapeung sok titatangga atawa ti guru keur masih keneh SD. Mung ayeuna kaetang langki Majalah Mangle di wewengkon pakidulan Cimerak-Ciamis-Jawa Barat. Ayana oge di jalmi-jalmi tertentu anu masih keneh resep nyukcruk kana budaya sunda,kitu oge jalmi-jalmi kolot baheula anu masih keneh resep maca. Ku ayana Mangle Online,pribados ngaraos bingah,mudah-mudahan tiasa nimbrung kanggo ngeusian wacana atanapi geretes hate ti urang pakidulan.

Eni Kunaenih ngomentaran:

Alhamdulillah ..... wios telat sim kuring pendak deui sareng nyi Mangle model online....kapungkur 35 warsih nu kalangkung pun bapa gaduh bendel nyi Mangle ......kiwari asa kaubaran kasono teh.....nuhun nyi Mangle.

Cemoy Caramoy ngomentaran:

Jisim kuring ngaraos bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri tiasa riung mungpulung sareng dulur-dulur saday dina Mangle Online. Alhamdulillah, hatur sewu nuhun laksa keti kabingahan ka google anu parantos nepangkeun jisim kuring sareng Mangle Online.

Heri Sunarli ngomentaran:

Tah geuningan! asa ditonjok congcot meni kaleresan pisan,kapendak oge ku google! Wilujeng ah ti sim kuring...nya'an reueus pisan milarian tos lami dugu ka bosen.

Edwin Meylana ngomentaran:

Sim kuring salaha saurang nu kaasup panganyarna nganyahokeun kana ayana Mangle Online.kacinda reueusna ieu hate sabada maca Nyi Mangle.Deuh geuning majalah urang sunda ge teu eleh ku nu ti luar nagara.Prung ah padungdung tarung ngamumule basa jeung budaya sunda.

Asep sudrajat ngomentaran:

Aeh...pendak deui geuning sareng bebene nu tos lawas tilawas teutiasa ditepangan.duh..asa kagunturan madu kaururugan menyan putih,bingah pisan akang teh nyi mangle.emansapasi tea panginten ayeuna nyi mangle tos aya di dunya maya

imas suarsih. S.Pd. ngomentaran:

alhamdulilah geuning tos medar mangle online. mugia langkung majeng ah.....salamina

asep dodi ngomentaran:

pokona mah bungah...abdi mah tiasa mendakkan Mangle Online teh,....pokokna mah reu'eus we....

Rasidin St. Saidi ngomentaran:

assalamualaikum.. asa kalintang payus tur langkung pantes saupami cover Mangle online direka deui minimal sapertos majalah biasa. nuhun...!

Rasidin St. Saidi ngomentaran:

Ngiring bingah.. majalah tikawit simkuring tiasa maca...pleng...lami teu pendak jalaran ku hiji sinareng sanes hal,komo lami di luar daerah. Rasa sono teh ayeuna kaubaran ku pendakna Mangle online...jaya terus Mangle..! Haturnuhun...!

dase sukarna ngomentaran:

Puji sukur ka Nu Agung , abah ayeuna mah tiasa ngaos Mangle. Kadangkala abah mah sadinten jeput teh tara ingkah ka mamana. Hatur nuhun Mangle, abah saregep pisan macaan majalah kadeudeuh. Ari hoyong ngintunan naskah kumaha nya?

kosasih ngomentaran:

aduh hatur nuhu pisan mangle, sim abdi tos tias login sareng mangle , janten pami kieu mah ayeuna gampil maos mangle tos teu aya hahalang deui, caket, memet sesah hilapna

asep saputra ngomentaran:

hatur nuhun, tos tiasa di registrasi, mugia mangle tiasa berkembang

Osid Sulaeman ngomentaran:

Alhamdulillah, Nyi Mangle tos kalintang majengna ku tiasa online. Antawis mintra sareng rumpaka tos teu aya jarak, insya Allooh sim kuring oge hoyong ngiring ngadeudeul sareng ngaramekeun turta ngamumule, sangkan Nyi Mangle langgeng .... aamiin.

herry mochammad ma'mun setiawan ngomentaran:

Alhamdulliah, sim kuring ngaraos reueus tur bagja, wirehing parantos pependak sareng Nyi Mangle di dunya maya, anu sakitu geulis kawanati-wanti estuning lain popolesan. prung ah ulah eleh kunu lian ki sunda oge masih aya dikieuna, ulah risi ulah gimir. wilujeng.

cecep ganda ruhimat ngomentaran:

numutkeun pamendak sim kuring, Mangle tiasa disebat indikator apresiasi budaya sunda, naha? Mangle salah sahiji media anu luwes ngigelan jaman (simkuring maos Mangle ti kawit sakola di SD keneh, hehe), ngabuktikeun kasundaan bisa surup kana kamajuan teknologi, ku kituna ngiring bingah, wilujeng..

dedeng mulyana ngomentaran:

asa jaman kapungkur ngobrol ku basa sunda teh. mugia rubrik ieu sing majeng teras.

R. Yusron Fauzi ngomentaran:

Ngiring bingah atuh pami Nyi Mangle tos tiasa ngigelan zaman ku kersana tampil di dunia maya. Haturnuhun!

ade himamudin ngomentaran:

sanes tuturut munding kana komentar anu sanes, pribados ngaraos bingah ku ayana Mangle online, diaos pasosore ba`da Ashar karaosna asa endah. hatur nuhun Mangle online.

mamad ngomentaran:

Asa reu'eus mang mamad mah, pedah tiasa maca Mangle online. Hartosna Nyi Mangle parantos nyumponan kahayang urang sunda nu keur laliar jauh ti lemburna. samperti nu karandapan ku sim kuring (mang mamad) nu mangkuk di Gorontalo. Wilujeng ah...

INDING GUSMAYADI ngomentaran:

Alhamdulillah kabuka deui, basa awal Januari 2011 kamari teh sababaraha kali bade muka Mangle online teh teu aya wae. Nembe ayeuna muka deui... Langkung sae lah..

mang tahya ngomentaran:

Genah-merenah-tumaninah. Nambah betah.

edok wardani ngomentaran:

alhamdulillah...sim abdi nu nju ngumbara di nagara deungeun,,,asa kaubaran sono ka lembur ,saparantos maos mangle online,,,,

tono hartono ngomentaran:

duka kunaon bet hoyong maos mangle, iseng2 ameungan ka ki googling..naroskeun mangle aeh kapeundak linkna, alhamdulillah tiasa maos deui ..har bet leuwih afdol maos cetakanna -nya..benteun kitu raraosanmah? btw mugi2 mangle online jaya terus.

teteh usi ngomentaran:

nya alhamdulillah pisan.. geuning ku ayana mangle online.. asa be di lembur nyalira pami maos eusi caritana... :D

yanuar ghiffary ngomentaran:

alhamdulilah.. ieuh.. geningan medar mngle online,, sim kuring mah sok ngemut k almarhum aki pami ninggal mangle teh da anjeuna pami sim kuring mudik lebaran ka subang (lembur) sok katinggal d kamar teh nuju macaan majalah mangle,, mugia sukses kanggo mangle,, meh budaya sunda tiaasa eksis di indonesia.. amin.. carita misterina tambihan., hhe :D

Taufik Arrahman Wiradinata ngomentaran:

Namung kumaha upami bade ngiring share teu tiasa / teu aya tagna ? Punten !

Atep Muhtaram ngomentaran:

..langkung sae, hatur nuhun, mugi mangle online tambih dipikacinta ku urang-urang sunda anu dimana wae ayana....amien.

abun hidayat ngomentaran:

alhamdulillah, geuning parantos medar mangle online anu langkung munel. Parandene kitu, anu lawas upami tiasa mah ulah dihapus, kayaning : karikatur aden endul jst... nuhun ah...

asep darso ngomentaran:

alhamdulillah gening ku ayana mangle on line asa tumaninah. nj dimana wae oge asa deukeut jeung aya. pami ngadagoan majalahna sok rada sesah sakapeng mah. hatur nuhun mangle on line asa lewih deukeut rek sosonoan teh...he..he....