Gambar Manuk-Manuk
Ku Eris Risnandar
Warga lembur ngarugrugkeun bale desa. Di lembur jadi loba jalma nu datang marake saragem. Tangtunganana daredeg. Marawa bedil. Ari nyaritana mah pikeun "memulihkan keadaan".
Unggal nenjo jalma daredeg make saragem datang ka lembur teh warga lembur mah sok nineung ka mangsa-mangsa nalika ka lembur loba jalma, nu sarua daredeg tur marake saragem, ngarobah kabiasaan hirup maranehna. Eta jalma-jalma daredeg tur marake saragem teh loba nyieunan saung tempat pamiceunan nu di handapeunana geus digali lombang. Warga lembur daek teu daek kudu miceun di dinya ngaleungitkeun kabiasaan ngali lombang di kebon. Kabiasaan anyar nu teu panjang umurna. Geus baralik mah jalma-jalma nu daredeg tur marake saragem ninggalkeun lembur eta kabiasaan anyar teh padaninggalkeun. Baralik deui ka kebon marawa kored. Mulangkeun kabiasaan dolbon, modol di kebon.
Mana komo basa aya budak tigebrus kana lombang di saung paranti miceun nalika ulin ucing sumput. Kajadian nu ngalantarankeun warga lembur samiuk sapuk ngarugrugkeun saung pamiceunan jeung ngurug lombang-lombangna. Aya ketang hiji dua saung pamiceunan nu teu dirugrugkeun eta ge pedah we sok dijieun pangrereban Si Minah. Jalma kurang saeundan alatan ditinggalkeun kawin ku salakina. Kari-kari anak-anakna, nu jumlahna salapan, nungtutan naringgalkeun. Teu kaparaban. "Piraku we barudak daraek ngulampreng ka dinya." Kitu pamikir warga lembur harita. Nya datangna jalma-jalma daredeg tur marake saragem ka lembur teh
"Paling ge moal jauh rek nyarieunan deui saung pamiceunan komo bari diimplik-implikan ku kekecapan rek 'memulihkan keadaan' mah...," ceuk Aki Muhtadin.
Sawangan bet melengkung bekas nyalahan.
Pikeun warga lembur nu ngarugrugkeun bale desa, nu dianggap milu atawa sailon, datangna jalma-jalma dedeg nu marake saragem ka lembur teh lir hiliwir angin berewit, angin tuhur nutup kujur, mawa carita naraka (tina Langit Ceudeum-na Sayudi). "Memulihkan keadaan" teh horeng merlukeun tumbal pangorbanan nu hargana kaitung mahal keur urang lembur mah. "Memulihkan keadaan" teh geuning hanaang ku getih korban. Maranehna dibuburak. Dibedilan. Nu bisa nyalametkeun maneh mah terus nyarumput di leuweung. Teu daraekeun baralik deui ka lembur. Nu nyesa di lembur tur bisa dibuktikeun kalawan data-data nu akurat yen teu kalibet perkara ngarugrugkeun bale desa terus dilatih kaparigelan ngagunakeun gagaman. Atuh urang lembur nu biasa manggul pacul teh jadi katempo gagah, najan rada aneh oge saenyana mah, ana ngulampreng manggul bedil. Abong nu kakara nyarekel bedil teu sirikna unggal usik dibekaskeun. Kana buah, kaleng nu diteundeun dijieun target, jeung sagala rupa nu sakirana pantes narima panasna pelor. Lembur jadi aman ari lain tiiseun mah pibasaeunana. Tiiseun ku sora-sora jalma tapi rame ku dereded bedil ngutahkeun pelor.
"Nuju ngantosan Abah," ceuk eta budak, unggal indungna nitah asup ka imah, kituna teh tonggoy teu malire saeutik-eutik acan. Bapana memang kaasup jalma nu dibuburak ti lembur. Indungna teu nyaritakeun kajadian nu sabenerna. Pamikirna "Budak keneh can cukup diumur ke we geus gede sabatae". Indungna ngabohong ku nyebutkeun bapa budak keur nyaba ka dayeuh.
"Ke ari ulin nyandak oleh-oleh geura," ngabebenjokeun.
"Nyandak patlot gambar atuh...," kadenge ogo. Indungna seuri mawur.
Pikeun mapalerkeun kasono budak ka bapana, indungna mangmeulikeun patlot gambar jeung buku gambarna sakalian. Basa eta budak nanyakeun ti mana eta patlot jeung buku gambar, indung eta budak nyebutkeun, "Pangirim Abah ti dayeuh!"
"Geuning teu katingal nu ngirimna...."
Indung eta budak teu kapapanjangan. Buru-buru ka dapur rek olah-olah sugan ku kitu bisa ngabangbalerkeun. Teu ngabibisani unggal budak nyebut ngaran bapana, sok nyeblak. Tingsereset ngabeset hate. Na kongkolak, bapa budak teh dibagongkeun. Kukurubutan ka nu bala, pada moro. Pada ngarecah. Budak teh inten nu ngabeungkeut tihang rumah tangga. Budak teh inten nu salawasna ngantengkeun kasono ka bapana. Dina beungeut budak ngelemeng bapana. Ngalelewean. "Omat Ma, ka budak mah ulah ngabohong...."
Indung eta budak rumasa geus salah. Ngabohong teu tarapti ku nyebutkeun "tukang pos". Padahal budak teh meh unggal usik ulin di pakarangan nungguan bapana balik angkaribung rebo ku babawaan. Teu sirikna unggal reket pager dilieuk.
"Sugan teh Abah...." Puguh-puguh angin ngajak ocon ngulinkeun geter kasono.
Ulin dibaturan recetna sora manuk di luhureun tangkal. Ku kitu teh sok poho di waktu. Nguyek. Paling ka imah teh semet nyokot sakeupeul remeh keur ngawuran manuk. Eta budak sok ajrag-ajragan mun nenjo manuk parebut remeh. Lila-lila mah eta budak jadi nyobat jeung manuk-manuk nu aya dina tangkal-tangkal sabudeureun pakarangan. Malah asa beuki loba wae manuk-manuk teh, sigana mah manuk-manuk teh ngabejaan batur-baturna nu sejen, ana panggih mangsa ngejetkeun jangjang ngambah jomantara, yen di eta pakarangan sok aya nu haat ngawuran remeh. Ana maraban teh ayeuna mah teu kudu diawuran tapi cukup ku dikeupeul dina dampal leungeunna atuh manuk-manukna oge bangun nu ngarti. Reuteum na leungeunna. Matukan remeh. Dampal leungeun karasa getek. Eta budak cicirihilan. Leungeun nu sabeulah dipake ngusapan. Pakarangan teh jadi dunya nu bisa mapalerkeun kasono ka bapana. Atuh indungna deuih tara gurah-geureuh mun nenjo budak pulang-anting ka dapur ngedukan sangu. Sok nyarek soteh "ulah mindeng teuing ulin di buruan!"
Kitu oge pedah eta unggal usik sok gandeng ku sora-sora bedil ngadereded. Inggis aya pelor nyasab ka pakarangan. Kainggis nu antukna mah mawa parobahan gede kana kahirupan eta budak.
Eta budak ayeuna mah semet bisa mindahkeun karesepna ulin jeung manuk-manuk teh kana buku gambar. Diajar nyengker kasono ka manuk-manuk nu geus jadi sobat dina hirupna. Manuk-manuk nu geus ngajadikeun yen hirup loba batur teh ngeunah. Resep. Ngagambar pakarangan nu ditingker sakurilingna ku tatangkalan. Ngagambar rewuan manuk-manuk. Malah saliwat mah tangkal-tangkal teh bangun nu taya daunan. Di tengah-tengah pakarangan ngajanteng eta budak. Awakna meh-mehan teu katembong, reuteum ku manuk-manuk. Semet sirahna we. Di luhureunana patinggeleber manuk-manuk.
Unggal kaca buku gambar teh pinuh digambaran manuk-manuk. Eta budak bangun ku reueus kana hasil ngagambarna. Kareueus nu teu cukup ku meunang pamuji ti indungna. Eta budak banget ku hayang meunang pamuji ti bapana. "Ah, Abah tuda teu uih-uih...", gerentes eta budak bari lalangkarakan nyidik-nyidik gambar manuk-manuk. Kasono teh teu eureun semet dinya. Kasono nu mungguh bandel pikeun ukuran budak.
Eta budak inget ka sobat-sobatna di pakarangan. Manuk-manuk. Kasono nu teu bisa ditahan ku panyarek "bisi aya pelor nyasab". Eta budak teu wawuh jeung nu ngaranna pelor. Eta budak ngan semet wawuh jeung manuk-manuk. Manuk nu kudu milu reueus kana pagaweanana. Eta budak hayang ngadenge pamuji manuk-manuk kana hasil ngagambarna. Ah, pamuji manuk-manuk teh tangtu, kana leungeunna, matukan remeh. Kasono nu singhoreng kudu adu hareupan jeung tohagana wates panghalang.
"Bumi teh geuning dikonci wae, Mah..." Paneuteup eta budak melong kosong ka indungna nu ngagoloyoh ka kamar. Leungeunna nyoretan panto ku patlot gambar. Ngagambar manuk-manuk.
***
jatinangor, 20 Juli 2004
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulayulinda purnama ngomentaran:
sami kirang ngartosayi nurwandi ngomentaran:
teu ngartos abdimah, naon maksadna carpon ieu teh mangle?