Tue, 22-05-2012
Carita Nyambung

Galuring Gending (11)

Pintonkeun di FB

Ku Tatang

11.

NGODOK liang buntu. Kitu mungguh ceuk itungan mah, sajeroning kuring mapay raratan ngeunaan indung teh. Heueuh, kudu ka saha deui tatanya, tuda. Kapan ari mapaykeunana ka Apa atawa ka Mimih mah ku Si Akang dipahing pisan-tur alesanana pikahartieun.

Ahirna mah pleng katunda lila, aya taunna. Ari dina hiji waktu, kuring manggih beja yen di lembur peuntas aya pangsiunan pesuruh sakola anu kungsi jadi bawahan aki kuring. Eta beja katarimana lain tina hasil tatanya, tapi estu kabeneran pisan; ujug-ujug muncul dina obrolan. Harita kuring keur kukulamprengan ka SD, tempat bareto sakola. Pangangguran obral-obrol jeung Mang Hamim, pesuruh di dinya, dumeh geus wawuh. Kitu wae ukur subat-sabet kana perkara arenteng. Ari dina ahirna bet bras nyaritakeun salah saurang dulurna anu baretona sarua papada pesuruh sakola. Cenah mah kapilanceuk Mang Hamim, "Emang ge tiasa didamel di dieu teh sasat dijeujeuhkeun ku pun lanceuk. Jadi, Emang teh kapapancenan neraskeun hanca manehna," pokna.

Ku kuring terus dipapay jeung dijalanan, sugan wae aya katerangan anu keur dipikabutuh, sok sanajan sejeroning tatanya teh teu nembongkeun maneh yen keur maluruh raratan aki sorangan. Ahirna mah informasi ngeunaan eta pangsiunan pesuruh teh rada lengkep. Lain wae padumukanana, tapi deuih kaahlianana.
"Taroskeun wae Abah Suhadi, anu sok ngadamelan heurap," cenah.

Anu matak, isukna kuring ngahajakeun indit ka lembur peuntas, arek nepungan Abah Suhadi tea. Ngahaja indit ti imah teh bari ngelek bedil opat satengah.
"Keur teu usum atuh, Enji, rek ngintip walik ayeuna mah," saur Apa, basa kuring rek ngaleos.
"Tambi kesel we  ieu mah, Pa," tembal kuring, ngarah teu kapapanjangan.

Karek ge ingkah ti buruan, anak Ceu Cacih nu nomer tilu ngaderegdeg nuturkeun.
"Mang Enji, milu abdi ...."

Ih, aya-aya wae gogoda teh. Dasar bebenjit!
"Montong, lah! Maneh mah sok ngajak balik ari dina keur kakagokna," tembal kuring.

Katembong rada merengut. Untung kuring manggih akal.
"Pa Aki bieu nanyakeun maneh. Cenah rek diajakan lalajo mengbal di lapang kacamatan."

Manehna ngahuleng. Da jeung enyana, mun Apa nongton mengbal, pasti sok jeung Si Eta.
"Yeuh ku Amang dibere keur jajan engke di lapang," bari ngasongkeun lima ratusan salambar.
"Engke teh PS Kencana ngalawan Putra Pelangi, nya?" pokna, sanggeus nyabet duit.
"Heueuh. Pastina ge rame, geura!"

Lumayan rada jauh lembur peuntas teh, da perenahna ampir di wates desa. Tamba lengoh teuing, dumeh kasebutna ngengelek bedil, kuring nyimpang heula ka kebon. Kabeneran aya manuk uncal keur cindeten. Jepret dicentang dadana. Keur gegerepekan laju dipeuncit ku peso tikel. Ditalian we  sukuna, sina guwang-gawing maturan pohpor bedil.

Barang jol ka nu dijugjug, jelema anu rek ditepungan kasampak keur ngadaweung dina bangbarung. Enya we  geus kolot pisan; ngomongna ge geus rada rero, ngan untungna teh torekna karek sabeulah. Gek we  kuring diuk dina papangge.

"Ngahaja abdi nepangan teh, Bah," omong kuring; ngahaja deuih teu nerangkeun heula identitas, "bade pesen heurap. Saurna, heurap damelan Abah teh kasohor bangenan kana kancra di walungan," cekeng teh, kawas nu enya resep ngalintar; padahal mah boro-boro; sakalieun ngarungkup di balong ge, ku kecrik ukuran sadeupa, naha da tara ieuh baleg meberna. Pangteu-bisana kuring mah kana urusan ngala lauk teh; rek nguseup rek nyusug, dalah ari ngurek ge tara beubeunangan. Leuheung keneh kana bebedil; lain wae ukur sabangsaning manuk, dalah kana sato gede oge sok rada bangenan.

"Beu atuh, jaman mana Abah sok ngadamelan heurap mah. Eta mah jaman kapungkur atuh, Encep," tembalna, bangun anu semu handeudeul. "Ayeuna mah tos lawas pisan tara pirajeunan ngajeujeut, da panonna tos kirang awas. Naha ti saha Encep uninga?"
"Ti Mang Hamim."
"Kapungkur mah leres, Encep, sok aya nu ngahaja pesen heurap ka Abah. Duka teh teuing ari bangenan henteuna mah. Ngajeujeut soteh etang-etang tambi kesel, tamba ngalangeu teuing dina bangbarung. Muhun, tuda kana naon deui kagiatan ti saentosna pangsiun teh. Bade pucal-pacul di kebon, tos suda tanagana, tuda. Ari ngadamel heurap mah pan teu peryogi ageung tanaga, asal kiat ku cangkeulna."
"Tos lami pangsiun teh, Bah?" kuring nanya, itung-itung muka pijalaneun.
"Duka tos sabaraha likur taun. Abah pangsiun, nya diteraskeun ku pun adi; muhun Hamim tea," tembalna.
"Entragan saha wae waktos Abah dines keneh teh?"
"Wah, saha atuh, nya? Seuseueurna mah tos ngarantun. Geura anu Abah emut keneh ... Pa Dudung, Bu Julaeha, Pa Kasmiri, Bu Karomah, Pa ..., Pa saha teh anu ari ka sakolana sok kana sapedah kumbang ...? Alah, naha aya ku poho-poho teuing .... Tah, emut ayeuna mah, Pa Dasuki. Komo tos lawas pisan eta mah maotna ge."
"Jaman saha ari mantri guruna harita teh, Bah?"
"Jaman Pa Dudung, teras digentos ku Ibu Karomah," tembalna. "Tapi ..., ke, ke ..., sateu acan ku Ibu Karomah teh kantos dicepeng ku Pa Sugondo. Tah, ka eta mah

Abah teh teu terang kumaha terasna. Ngan ari ceuk wartos mah tos maot. Sanes di dieu maotna ge; di Pulo Buru."
"Dupi anu saentragan sareng Abah, anu ayeuna jumeneng keneh, kantun saha wae?" kuring mimiti ngarasa yakin yen ti Bah Suhadi bakal aya raratan anu terus bisa dikembangkeun. Geuning bieu ge geus nyabit-nyabit ngaran aki kuring najan bangun anu semu asa-asa.
"Wah, saha atuh, nya .... Anu saemut mah tos ngarantun," tembalna bari terus kerung, bangun anu keur mikir. "Oh, aya keneh ketang, anu jumeneng keneh teh; Ibu Rodiah, mung ayeuna linggihna di Bandung."
"Urang dieu Bu Rodiah teh?" kuring gasik nanya; angkanan teh sugan wae kapapay alamatna.
"Sanes, Encep. Anjeunna mah urang Rajapolah. Sumpingna ka dieu teh ngadon ngumbara, dumeh ditugaskeun ngawulang."

Kuring rada hanjelu. Boro tadina mah rek dipapaykeun ka dulur atawa barayana.
"Dupi carogena?"
"Teu kagunan caroge, dugi ka pangsiunna oge. Anu mawi, ti saparantosna liren ngawulang teh, teras ngiring ka raina. Sauma mah di Bandungna teh kagungan percitakan buku."

Wangkongan jeung Bah Suhadi jadi kaganggu, sabab aya awewe norojol ti jero imah. "Cep Enji, naha calik teh mani dina papangge? Di dieu atuh, di lebet, ngarah aya amparan!"

Terus terang, kuring rada kaget, naha bet apaleun kana ngaran kuring.
"Eta deuih atuh, Abah, aya tamu teh mani ukur diangken dina bangbarung! Ka lebet, Encep!" serewel naker, bangun anu geus wanoh pisan.
Pangangguran rada disidik-sidik .... Oh enya, inget atuh ka awewe ieu mah, anu sok mawaan dagangan ka pasar desa. Paingan atuh apaleun ka kuring.
Bah Suhadi rungah-ringeuh,
"Abah, ieu teh putra Pa Kuwu, anu bungsu," pokna, nerangkeun.
"Har, baruk ieu teh putra Pa Kuwu?" omong Si Abah, bangun anu kaget.
"Enya, Abah; putrana anu bungsu," pokna, nerangkeun deui, bangun anu hayang ngayakinkeun. "Punten wae, Encep, keur nembean teh sumping ka dieu, ku pun bapa ukur ditampi di luar. Ari Abah mah panginten teu terangeun."
"Ah, sawios atuh ..., Euceu," tembal kuring. Rada kagok rek nyebutna ka anak Si Abah teh. Disebut "Bibi" bisi pajar ngarendahkeun, ari rek "Ibu" asa tacan pantes.
Tah, ti sanggeusna Si Euceu milu nyanghareupan kuring, bep wae Abah Suhadi henteu nyarita. Saban ku kuring ditanya, jawabanana teh parondok pisan. Malah mimindengna mah cukup ku nyebut "teu terang" atawa "tos hilap deui Abah teh". Padahal, keur tacan "kaganggu" ku anakna mah ngobrolna teh lancar. Ngan sanggeus apaleun yen kuring teh anak Apa, manehna bangun anu ati-ati pisan. Kuring boga kesan yen Bah Suhadi horeameun mere katerangan anu patali jeung aki kuring-bangun ngahaja aya anu ditutup-tutup. Malah leuwih jauhna mah Si Abah teh bangun anu sieun.

***

Kudu ka saha deui kuring neangan katerangan? Ras ka Ibu Rodiah anu ceuk Bah Suhadi jumeneng keneh. Tapi, di mana ayeuna alamat anu jelasna? Jeung mun tea mah padumukanana bisa kapanggih, naha bakal daekeun medar lalakon anu patali jeung aki katut indung kuring kalawan bruk-brak? Geuning dina kabuktianana saban anu ditepungan ku kuring tara aya anu daekeun mere katerangan satarabasna,

Rada lila ditimbang-timbangna, naha mending teangan atawa entong. Tapi dina ahirna mah kuring rek nyoba-nyoba nyokot pilihan kahiji. Mending panggihan, ceuk pamikir teh, pikeun nyacapkeun kapanasaran. Hanas engkena bakal kenehðkeneh teu daekeun mere katerangan, meureun hasil anu kahontal tina rupa-rupa tarekah teh ngan semet dinya. Ku kuring oge geus karampa, naon pangna taya nu daekeun wakca mun kuring maluruh lalakon aki jeung indung. Jigana teh faktor Apa anu jadi hahalangna, Bangunna teh sarerea ngaragangan ka lebah dinya.

Najan bari dikukuntit ku rasa pesimis, kuring nyoba-nyoba neangan alamat Bu Rodiah. Beu, hese pisan nyusudna oge; kudu dipapay mangbulan-bulan. Hiji-hijina anu dipake pituduh teh ukur percitakan buku boga adina tea. Tatanya ka ditu, ka dieu, saha wae urang Sunda anu muka usaha dina widang eta. Untungna teh teu loba, da geuning umumna anu baroga percitakan mah mun lain urang Padang, biasana Cina atawa Arab.

Barang mimiti gok, kuring henteu naragal tatanya, tapi malibir heula kana perkara sejen, anu babakuna mah hayang silaturahmi. Dina kabuktianana, kapesimisan kuring gancang kasieuhkeun, sabab Si Ibu ujug-ujug ngabageakeun ku pertanyaan:
"Ieu teh putuna Pa Sugondo?" pokna, sanggeus kuring nikukur, nerangkeun diri sorangan.
Karek ku sakitu oge geus teg wae yen pribumi bakal mere harepan. Geuning eta buktina langsung nyebutkeun ngaran aki kuring.
"Encep mah tangtos henteu kantos kawulang, da Ibuna kabujeng dialihkeun," pokna deui; bentes keneh, bari jeung kuringna teu kudu nyarita tarik. "Dupi Neng Narti di mana ayeuna linggihna?"
"Anu mawi, abdi teh teu terang," kuring gasik ngawalonan. Tah geuning, ceuk hate, pribumi bangun teu kagokeun teu sing lebah tingalisankeun ngaran indung kuring ge. Kuring tatan-tatan rek mengkolkeun jejer obrolan.
"Naha di Sumatera keneh linggihna teh, kitu?"
"Rupina, Ibu."
"Naha atuh nya, Neng Narti teh mani ampleng-amplengan kitu."
"Duka atuh, Ibu, abdi teu terang pisan, naon margina dugi ka pun biang janten kitu; bangun anu tos ngahihilapkeun abdi. Padahal abdina mah hoyong pisan tepang. Henteu acan dijugjug soteh wireh teu acan kapendak raratanana we."
"Tuang rama tara dodongeng?"
"Teu acan kantos," tembal teh alon.

Bu Rodiah ngahuleng heula, bangun anu keur nimbangðnimbang atawa ngumpulkeun ingetan enggoning ngedalkeun hiji carita penting. Ku kuring ngahaja teu digamahan, bisi ngarasa kakagokan dina rek pokna. Nya ahirna mah teu burung betus, najan ungkara basana kacida dirautanana; kalimah anu dikedalkeunana remen dimimitian heula ku kecap "rupina", tepi ka kesanna teh ngambang. Pon kitu, najan kekecapanana henteu ampeg, turta; bisa jadi; teu sagemblengna bruk-brak, tapi ku kuring bisa katangkep maksudna.

Mun tea mah rek dicindekkeun, indung teh saenyana kanyenyerian ku Apa, dumeh asa dibobodo. Peristiwana dimimitian ti saditahanna aki, lantaran kabaud kana gerakan kuminis. Anu jadi bapa jeung lanceuk ditahan, bari imah beak dibaledogan. Kahirupan indung anu karek nincak umur wewelasan; karek tamat SKP, cenah; ngadadak limbung, ti saprak kulawargana nandangan tunggara.

Dina kaayaan kitu, Apa ngasongkeun leungeun, kalawan dibungkus ku kekecapan hayang nulungan. Ari indung, heueuh, meureun teu boga pikir rangkepan, teu asak nimbang-nimbangna, bubuhan tacan enya-enya sawawa. Dina ahirna indung nyumponan pamenta Apa, kalawan hiji udagan: aki bisa terehðtereh bebas. Apa memang geus jangji, rek usaha satekah polah sangkan status jeung kahirupan aki mulang deui sabihari. Tapi dina kabuktianana mah bet loba pisan barebedanana. Anu pangheulana jadi pasualan nyaeta Mimih ngadat, dumeh didua jeung anak tatangga, tepi ka ahirna laporan ka komandan. Atuh ana geus tembus ka atasanana mah, Apa teu teu bisa kukumaha, da terus dipentog ti ditu, ti dieu. Boro-boro ngabebaskeun aki, atawa sakurang-kurangna bisa ngurangan status tahananana, nu sidik mah Apa sorangan beunang ku sanksi ti kesatuanana. Aki dipindahkeun ka Bandung, terus dibuang ka Pulo Buru.

Tangtu wae indung kuciwa naker. Hanas geus bebeakan, sagala rupa dikorbankeun, ari pek hasilna bet jauh tina anu geus dipasinikeun. Sawatara poe ti sabrolna kuring ka alam dunya, indung minggat ngajak nini, anu tug tepi ka kiwari taya beja-caritana.
"Jadi Encep mah dicandakna ku Mimih teh ti orok beureum keneh," ceuk Bu Rodiah.

Naon anu jadi pangjurungna tepikeun ka Mimih daek ngurus kuring ti umur anu kacida matak ngahesekeunana? Bisa jadi alesanana teh sual kamanusaan; da ari kuringna mah kapan teu tuah, teu dosa; teu nganyerikeun sasaha. Atawa bisa jadi Mimih ge rumasa boga andil kasalahan, tepi ka ahirna indung minggat ninggalkeun orok anu karek puput puseur. Enya, ceuk sareatna, cacak lamun Mimih teu mangadu ka komandan kesatuan mah, dongengna bakal beda deui. Saha anu nyaho Apa mampuh terus nyieun tarekah, tepi ka caina herang laukna beunang.
"Lebar ku geulisna ka Neng Narti teh," pokna.

Ku kuring henteu kakoreh, naon anu dimaksud "lebar" ku Bu Rodiah. Naha lebar pedah terus minggat? Atawa lebar pedah daek dikawin ku Apa anu geseh umurna oge aya kana tilu likur taunna, tur dina pamustunganana teu ngabuahkeun hasil nanaon, sangkilang geus ditebus ku pangorbanan anu luar biasa?

***

(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula