Mama Ustad, Abdi Lain Bangsat
Ku Ino Misno
1
MEMANG geus teu cocog, kampung geus gegek ku gedong sigrong, ari masjid sagede pelok keneh. Masjid baheula, wakap ti nu ngababakan, padu bisa dipake solat pikeun opat urangeun. Palesterna masih keneh ku tehel abu-abu, kusen-kusenna geus barobo. Saliwat mah potonganana teu jiga masjid. Jiga imah biasa, ngan pedah digemblangkeun sarta aya paimbaran. Teu make munara. Tempat wudu geus garempal tembok, bak geus lukutan kawas teu kaurus, caina tina sumur disedot ku kompa listrik. Caina herang mimitina wungkul, ari enggeus diendekkeun jadi semu koneng, padahal paimahan mah geus marake cai ledeng.
Warga teh kapan loba nu mampuh, tapi kawas nu teu engeuh, kawas tacan aya nu katodel hatena. Atawa kudu diketrok, bisi panto hate warga narutup keneh. Padahal kurang kumaha uar pangajak ti pihak DKM mah. Katua DKM, Mama Ustad Soleh, remen nepikeun pangajakna ka warga tur bari ngelingan ngaliwatan speker dina unggar hutbah Jumaahan atawa dina ceramah rutin saminggu sakali.
"Cenah hiji ciri umat nu embung tasakur kana nikmat, mangrupa rijki nu tos dipaparinkeun ka urang sadaya. Sing aringet, yen pikeun nu kupur nikmat, bakal ditibanan laknat ti Yang Maha Wenang ku mangrupa azab atawa musibah. Naha urang teu sarieun. Sodakohkeun, atawa inpakkeun, sabagian milik nu geus ditarima ku urang. Ulah cangcaya, ulah sieun matak sangsara, sabab Alloh bakal ngagentos amal urang manglipet-lipet. Hapunten abdi tos kumawantun ngagareuwahkeun. Mangga urang sami tatahar kanggo mayunan solat subuh berjamaah."
Sorana halon sarta antare, tina speker, teu lila sanggeus kadenge adan awal hawar-hawar ti masjid di kampung sejen nu rada anggang.
Saha nya? Kadengena mah sora Jang Ali, gerentes Mama Ustad Soleh bari tuluy indit ka masjid. Anjog ka masjid, ngaliwatan jandela kaca nelek-nelek nu keur sila tutug. Sup ka masjid. Eh geuning lain Jang Ali. Geuning Si Iman, jalma nu milu ngadon mondok di garduh deukeut masjid, geus aya meureun tilu bulan mah. Tapi da bageur, menta idin heula ka Katua Rukun Warga. Diidinan. Karunya cenah, itung-itung milu mantuan Hansip ngajaga kaamanan. Solatna wekel. Unggal berjamaah subuh, magrib jeung isa sok aya bae. Katitenan ku Mama Ustad Soleh. Unggal rebun geus indit, tara tinggaleun tolombong.
Iman rada ngagebeg torojol Mama Ustad teh.
"Assalamu'alaikum, Mama," cek Iman rengkuh, ngajak sasalaman, ngambung ramo Mama Ustad.
"Tadi teh sora maneh, Man?" cek Mama Ustad Soleh sanggeus ngawalon salam.
"Muhun Mama...," walon Iman ngageter, tayohna mah sieun digambreng.
"Geuning bisa. Na diajar ti mana?"
"Ti jarian, Mamah," walon Iman polos.
"Nu bener ari ditanya ku kolot teh ngajawabna."
"Leres Mama. Kapan dina wal asri oge, cenah upama teu bisa ngamangpaatkeun waktu, urang bakal aya dina karugian. Tah abdi teh Mama di dunya embung meunang karugian, di aherat oge sarua meunang karugian. Da nasib abdi mah batan sakieu ayana. Ruruntuk gelandangan..."
"Mama mah nanya, maneh diajar ti saha?" nalek deui, bari jeung dina jeroeun hate mah muji kana jawaban nu cikeneh diucapkeun.
"Muhun. Abdi diajar ti jarian, selang di pamiceunan runtah nungguan mobil nu ngakut runtah datang. Tina keretas beunang mulungan. Aya nu katarik. Kertas koran kenging mulung teh ku abdi disakuan, unggal dinten diapalkeun. Hayang katalar, Mama. Geus katalar pisan mah, hayang dicoba di dieu. Tapi sumpah, abdi moal wantun deui, Mama...," kawas kaselek.
"Lain kitu Man. Alus puguhan. Mama teu ngalarang. Ari harti wal asri beunang ti mana?"
"Sami, tina kertas soehan koran ti jarian. Kapan saur ajengan oge cenah jaman ayeuna mah elmu balatak di mana-mana. Di toko-toko buku, di sisi jalan, tepi ka di tempat nu dianggap pangkotorna, saurna asal urangna aya kadaek."
Mama Ustad Soleh jadi beuki kataji ku ucapan Ima.
"Ari asal ti mana, Man?"
"Ti pasisian. Ti leutik abdi tos dikantun maot ku indung bapa. Abdi diurus ku pun Emang, tapi geus ngarasa jelug mah, abdi indit nuturkeun indung suku. Karunya ka pun Emang, kaayanana balangsak. Abdi disakolakeun oge henteu tamat SMP. Sumerah kana nasib, abdi kudu daek ngahiji jeung para gelandangan. Tapi teu cocog jeung diri abdi. Tibatan abdi kababawa hirup teu puguh, mending meclengkeun diri. Nya ahirna abdi, milu nyiruruk di dieu. Kitu Mama Ustad."
Hate Mama Ustad ngarakacak oge ngadenge pangakuan Iman. Teu sangka, geuning manehna teh pahatu lalis. Sakolepat surat Al Ma'un ngaliwat kana hatena. Luyu jeung ngaranna, ieu jajaka teh ngabogaan iman nu pengkuh. Jajaka tawakal, cacak dina kaayaan hirup susah. Mama Ustad gogodeg, tuluy solat sunah. Si Iman mendeko deui, dikir.
Rengse wirid sabada solat subuh, Mama Ustad Soleh nalek ka Iman.
"Tadi adan teh kiroatna mani ngeunaheun," cek Mama Ustad muji.
"Ah... tebih keneh kana sae, Mama...," walon Iman asor.
"Puguhan hate teh asa digerihan."
"Jigana... nya eta pisan, ceurikna hate abdi."
Mama Ustad Soleh gogodeg dibarung imut.
"Bisa ngaji?" bari neuteup leleb.
"Insya Alloh, Mama. Dina alip-alipan bae mah abdi rada bisa. Nu tacan bisa teh, ngaji diri." Walon Iman polos.
Mama Ustad Soleh gogodeg deui, hatena beuki muji.
"Man, di dinya geus boga kapanggeran jiwa, kapengkuhan iman. Kade ulah tepi ka loncer nya?"
"Muhun Mama. Katampi pisan..." eureun heula, menerkeun kopeah, "Moal dibangun ieu masjid teh, Mama?"
"Nyeta, waragadna."
"Piraku Mama, kapan di dieu katingal jalmina araya."
"Enya ku kitu tea mah." Teu sangka Iman bakal nyarita kitu.
"Padahal, mun urang maot mah, calana kolor oge moal dibabawa, nya Mama?"
"He he he..." Mama Ustad keom.
Kekecapan Iman teh tepi ka kabawa balik. Luar biasa. Kekecapan jiga kitu mah sakuduna oge diucapkeun ku jalma berpendidikan, lain ku Si Iman. Batok hulu eusi madu. Ukur tina sosoehan kertas koran ti jarian bisa meunangkeun elmu. Tohaga pamadeganana. Aya kekecapan Si Iman nu leuwih tembres kana hate Mama Ustad Soleh. Basa nyarita sual masjid. Hartina Si Iman boga perhatian kana kaayaan masjid. Mun kabeh warga di dieu teh boga perhatian kawas Si Iman, masjid teh meureun bisa dipermanenkeun. Di dieu mah da kawas nu hare-hare.
Karasa aya nu nguniang dina diri Mama Ustad Soleh. Enya. Matak naon dipaksakeun masjid teh dibangun. Piraku bae ku usaha anu jejem mah pamaksudan teu laksana. Kudu ku usaha nu iklas. Moal boa, ieu teh minangka kalemahan diri kuring oge salaku katua DKM. Pikeun ngahontal hiji tujuan teh kapan lain ukur ku caritaan wungkul, tapi kudu dituluykeun ku ketak jeung lengkah sacara teknis, kaayaan dibarengan niat nu iklas.
Dina hiji poe mah, matak Mama Ustad Soleh ngahaja nepikeun pamaksudan. Uplek ngabadamikeun. Satuju pitan. Sarana ibadah teh saenyana mah kudu meunang prioritas utama, cenah cek Bapa Katua RW mani daria.
Kudu diayakeun rempug. Teu hese dilaksanakeun, prinsipna mah saratuju. Ngawangun masjid sacara swadaya mangrupa tanggung jawab babarengan. Atuh dina sawala teh aya sora nu rada sumbang? Ah. Biasa. Beda jalma beda karakter. Saupamana dina hasil sawala nu satuju henteu nepi ka satengahna nu hadir, pangwangunan mah kudu dituluykeun. Niat ngawangun masjid ulah tepi ka dibatalkeun.
Harepan boga masjid permanen bakal jadi kanyataan, geus enyay-enyayan. Warga nu dianggap tokoh ngahaja diangkar jadi rengrengan panitia. Malah aya sababaraha jalma nu sadia jadi donateur. Atuh geus kitu mah panitia pangwangunan masjid teh jadi sumanget. Gancang nyieun proposal pikeun menta bantuan ka wali kota. Sual gambar, teu hese, aya warga nu digawe di dinas tata kota bagian perencanaan, sadia manggambarkeun. Masjid permanen nu weweg tur artistik ambeh awet bisa keur wariskeuneun ka rundayan. Aya nu kurang satuju, teu kudu permanen da moal cukup ku waragad saeutik.
Seksi pendanaan ngahaja ngangkat warga nu boga kalungguhan di salahsahiji bank. Keur pelaksanaan proyekna ngangkat salahsaurang warga nu digawe di pemborong jugala. Ngawangunna teu make cara bongkar heula, tapi adegkeun heula, kakara wangunan heubeul dibongkar. Jadi nu anyar keur diwangun oge, wangunan nu heubeul masih bisa dipake kagiatan ibadah.
Warga nu enya-enya ngarojong mah hempak mantuan gawe, teu ngandelkeun teuing ka tukang jeung ka laden. Mani sarumanget. Ari dikeprik mah geuning gariak mantuan. Gotong-royong teh bisa diciptakeun deui, kituna teh bari jeung galumbira. Teu tinggaleun Mama Ustad Soleh oge salaku Katua Panitia Pangwangunan Masjid, nyingkilkeun kampret, ngalesotkeun sorban. Milu obyag. Pon kitu deui Bapa Ketua RW. Ibu-ibu PKK. Oge jadi kabawa gariak mantuan ngayakeun konsumsi, harideung ngatur jadwal, bagilir mere konsumsi, ti saha ngopina, ti saha bagian mere daharna. Kataji ku Pa Barnas, bari ngakutan ember eusi adukan teh, bet jiga taya kacape, bari hahaleuangan ngalagu sabilulungan, bubuhan manehna teh guru kesenian.
"Na kaudag kitu waragadna, nyieun masjid nu kacida tohaga ari nilik gambar mah, Mama Ustad?" warga nu kurang satuju guguluntuk.
"Urang keureuyeuh we, pamugi ku Alloh dikobul."
Embung tinggaleun, Iman oge sok ngahaja nyengsarkeun waktu milu mantuan. Panto hate loba nu ngadadak maruka. ***
2
PILAR beton geus arajeg weweg ningker wangunan masjid heubeul, engkena baris nyangga lante dua sakaligus jeung nyuhun kubah umpak munara gaya Turki, diadu manis jeung munara jangkung di kenca katuhu gigireun wangunan induk. Masjid teh bumi Alloh, piraku kudu kaluhuran ku imah-imah bertingkat nu suhunanana jiga ngarajul langit. Wangunan masjid kudu dipigawe luyu jeung bestek, taya adukan nu semenna dikurangan. Tapi moal kapalingan, da migawe ngaduk teh salilana disanghareupan Ketua Seksi Pelaksana, ngajega cara mandor. Engke upama geus jleg jadi teh, bakal agreng kacida. Wangunan masjid kolaborasi antara gaya Turki jeung tradisional Sunda jeung Sepanyol. Tangtu diteuteup ti deukeut bakal sieup, rada jauhna bakal endah. Keur jamaah warga kampung abong mun teu ngarasa reueus jeung reugreug mibanda tempat ibadah nu alus.
"Kira-kira bakal kauntup biayana?" cek salah saurang warga nu kurang satuju bari ngajebengkeun biwirna, "Teu hariwang mandeg di tengah jalan?"
"Teu kedah nyarios kawas nu sinis atuh Pa. Mngarepotkeun Bapa," hulag Jang Pendi rumaja nu aktip di masjid.
"Cek saha? Warga nu bakal diriweuhkeun, Jang." ditempas.
"Sawios atuh bet kawas nu neuteuli Bapa mah. Ieu mah kanggo nu iklas bae, sareng anu uninga harti ibadah. Masjid teh tetengger kaimanan sanes kabatilan," walon Jang Pendi.
Ari nu dilayanan mah katara kawas nu rada sewot, ulatna robah. Ngarasa kasigeung. Bongan usulanana harita dina riungan kungsi dipeupeuh ku panitia pelaksana. Ngarasa henteu koredas pikeun nepikeun kahayangna, jadi ngocoblak di luar. Nguar-nguar, ngucah-ngaceh ka nu sejen ka nu teu milu sawala, yen cenah panitia pangwangunan masjid teh teu narima pamanggih nu sejen. Keur naon diayakeun sawala cenah. Asa teu diajenan. Asa teu dihargaan di poreum. Warga nu teu satuju jeung kurang satuju jadi leungiteun hak usulna.
"Wantun mah didemo we atuh panitiana," teu sadar Jang Imron ngahatean, "Bilih percuma. Teu kedah dagang waos."
"Enya Pa, teu kaci kokotak di luar kotak mah. Arek bebeakan mah di poreum. Di poreum mah Pa, najan tepi kudu ngadu argumentasi tepi rengkeng urat beuheung, tarang panas, hate nyeak, teu beunang dibawa ka luar. Aya etikana," cek Widodo calon sarjana komunikasi, atuh ngadenge kitu teh asa kabintih ku budak leutik.
"Uwah... teu kudu ilmiah teuing Jang. Teori mah bisa muluk, buat apa kalau hayang sekedar jadi wacana sajah." Mentegeg.
"Hapunten Pa, sanes maksad ilmiah-ilmiahan. Upami sual pangwangunan dianggap sakadar wacana mah lepat, kapan pangwangunan tos dimimitian. Buktos fisikna tos rajeg kauninga," Widodo embung eleh.
"Tacan siihan geus wani seserenteng. Kolot mah kieu-kieu oge legok tapak genteng kadek. Budak kamari mah, ulah kokolot begog. Goreng tateh, tandana Jang Dodo oge teu boga etika nyarita jeung kolot," sorana jadi heuras, kawantu jalmana rada gede hulu.
"Ditampi Pa. Matur nuwun," walon Dodo teu ditempas deui bisi jadi papanjangan, geus kitu nu ngawakwak teh ngaleos. Ngelehan pikeun meunang cek gerentes hate Widodo.
Rupa-rupa sora teh tepi ka rengrengan panitia.
"Keun bae barudak, tong teuing dilayanan, bisi jadi matak. Arek kumaha bae ayana urang sanggakeun ka Mantenna. Bari jeung urang ulah rek peunggas harepan. Ieu teh cocoba. Ieu teh perjoangan. Jadi, urang ulah turun sumanget. Hayu ronjatkeun usaha. Nu ngarora biasana sok baroga ide nu aktual, nu cemerlang, prak peruhkeun. Kapan tos dijelaskeun, ngawangun masjid teh make waktu jangka panjang, moal bisa sakali jleg. Memang bener, waragadna bakal karasa beurat. Ngan urang kudu boga kayakinan, masjid nu dicita-citakeun bakal ngadeg, kalayan waktuna nu teu bisa ditangtukeun. Nu matak dipigawena oge sacara bertahap. Ti nu ngarora mah da keur ngaluprih keneh elmu, cukup ku sumbangan pemikiran oge. Rupa-rupa laporan boh ti saha bae nu sipatna negatip arek dijadikeun masukan, engke teh kari nyiar jalan ka luarna," cek Mama Ustad Soleh sabada magrib bari ngadagoan waktu isa.
"Kantenan Mama, sacara materi mah abdi oge tos ngahubungi sababaraha penerbit, nyuhunkeun sumbangan buku-buku anu bermuatan wawasan religi. Maksad teh, abdi salaki anggota rumaja masjid, kapayun, hoyong ngagaduhan perpustakaan," cek Pendi nu kapeto jadi Ketua Rumaja Masjid.
"Ideu nu sae pisan. Mama ngarasa bungah kacida."
"Generasi Islam dina alam paradigma bari memang kedah mempersiapkan diri kanggo menghadapi perubahan niley untuk lebih meningkatkan siar Islam. Generasi penerus jangan jalan di tempat. Bahaya. Eta hartinya merupakan kemunduran, ya Pa," cek Idrus rumaja urang Jakarta nu ngadon kuliah ka kota sejen.
"Memang harus begitu. Remaja harus berjiwa joang. Yang jujur kuliah agar kelak jadi insan kualitas dan madani," cek Mama Ustad Soleh.
"Maap Pa Ustad, saya masih sedang belajar bahasa daerah Sunda. Rasanya susah juga. Eu... tapi saya sangat tertarik dengan sastra dan budaya Sunda," Idrus nerangkeun.
"Bagus itu. Gali potensi mumpung masih muda, mama mah dulu ingin memiliki elmu teh hanya mengandalkan pesantren saja. Tidur di pondok. Si Iman tuh, mama mah sangat muji, keadaannya begitu, tapi cukup potensial. Piraku hidep sakabeh mah da kaluliah," cek Mama Ustad Soleh bari ngurilingkeun teuteupna ka sakabeh.
"Leres, Mama. Talentana lumayan. Ngaosna oge sae. Engke mah sina ngabantos ngawurukan barudak," cek Pendi nu geus apal pisan kana kamampuh Iman, padahal anyar datang mah dicuriga, bisi jalma teu puguh, sasab. Atawa jalma jahat neang panyumputan.
"Ku Mama keur diperhatikeun puguhan. Enya, ka hareup mah urang mangpaatkeun. Jujur. Daek terus terang. Daek ngaku urut gelandangan sagala. Keur leutik kungsi dipasantrenkeun, cenah. Ku mama oge geus kadenge ngajina, alus mahroj jeung tajwidna teh."
"Biasana mah sok pangpandeurina ka luar ti masjid teh," cek Oni bari gagaro sirah.
***
Wanci deukeut ka subuh Mama Ustad Soleh gehger, tepi ka solat oge karasa teu pati husu. Panto gudangna, geus melenge, koncina aya nu nyungkal. Piraku atuh nya, pan aya nu ngaronda. Gulungan kabel katut alat instalasi listrik raib. Saha atuh nya mangkelukna bet aya ku wani maling barang masjid. Keur atahiyat hate leutik bet teg teh ka Iman. Teu kadenge sorana dina speker. Asa teu tembong deuih, taya berjamaah. Boa-boa... enya Si Iman. Lamun enya tea teh. Beu!
"Buntungan geura kokodna kapanggih mah," cek Pa Idong sarengse wiridan," Tuman diantep mah."
"Ulah neangan jurig teu kadeuleu. Moal saha deui mangkelukna. Geuningan euweuh solat," sambung Pa Sarpin milu handeueul.
Hate Ustad Soleh jadi tambah yakin kana hate leutikna, sabab batur oge geuning sangkaanana sarua. Pasti ka Iman.
"Aya ku calutak. Bageur heula terus ngabekok kana beungeut," cek Mang Ahdi sarua milu geregeteun, "Dibabuk kapanggih mah."
"Tos... tos we heula. Ulah teuing terus diributkeun. Urang kudu meunang heula bukti. Urang paluruh heula ka kaamanan nu jaga peuting ieu. Piraku tepi ka kabongohan mah, lamun enya tea teh ku Si Iman tangtu bakal kanyahoan," cek Mama Ustad Soleh mepes.
"Nu gaduh niat jahat mah, sarebu akal, Mama. Nanging leres, urang kedah milari fakta heula. Ulah dugi ka main hakim sendiri," cek Pa Maman mani antare.
Wanci haneut moyan, Oman jeung Iding ditalengteng.
"Satengah opat abdi mulang teh manehna nembe lilir, Mama," walon Iding ditungtungan ku heuay mani rubak.
"Malih kinten tabuh dua konsinyir sareng abdi, anjeunna mah teras ka masjid heula basa abdi ka gardu deui teh," cek Oman hemeng.
"Nyeta subuh mah taya di masjid," cek Mama Ustad Soleh semu peura, "Kade nya upama engke datang deui, ulah digareuwahan."
Saperti biasa bada asar Iman kakara mulang, taya rueuk-rueuk boga dosa. Neundeun tolombong di pipir garduh, ari pek teh di kantor geus ditungguan ku Mama Ustad Soleh jeung Minta patugas kaamanan.
"Ka dieu Man!" sora Mama Ustad rada teugeug.
Iman nyampeurkeun. Sup ka kantor RW. Sakeudeung oge Iman rada aneh neuteup raray Mama Ustad Soleh bet cakueum.
"Tadi maneh teu solat subuh. Ku naon?" tanya Mama Ustad Soleh.
"Solat, Mama. Di rerencangan. Aya nu ngajak naekeun barang kana treuk ngakut rongsokan, kedah iang enjing-enjing. Lumayan lah. Nu matak abdi indit satacanna subuh..." walon Iman dipotong.
"Bener? Ulah diajar bohong." Iman teu wani males paneuteup Mama Ustad Soleh, dina ulat Iman jiga aya nu diteangan.
"Leres Mama. Abdi ngabohong naon?"
"Barang listrik jeung instalasi euweuh, pantona aya nu nyokel."
Iman ngagebeg. Sora Mama Ustad Soleh asa ngageleger. Kaharti ayeuna mah ku manehna. Iman teu bisa engab.
"Lamun enya ku Iman sok geura bawa deui ka dieu," sora Mama Ustad semu neken.
"Astagfirulloh... ampun paralun Mama. Lamun abdi geus kumawani ngalakukeun hal nu teu hade, ti danget ayeuna tepi ka tutup umur ibadah abdi jeung tobat abdi sing ulah ditarima ku Alloh," walon Iman ngadadak tatag. Jep. Sajongjongan jempe.
"Bener?" Minta jadi milu nanya.
"Mangga ayeuna abdi borogod, serahkeun ka pulisi," kituna teh bari ngasongkeun ka dua leungeunna, "Keun da Alloh nu langkung uninga mah kana naon-naon nu geus dilakukeun ku jalma."
Keur kitu kadenge aya sora ngagulutrak. Mang Jeje ngeureunkeun roda pas hareupeun panto kantor, eusina gulungan kabel jeung alat instalasi listrik.
"Assalamu'alaikum, Mama Ustad. Kaleresan. Nguping wartos teras ka dieu ngagurudug. Rusuh." Cek Mang Jeje nahan cape.
"Wa'alaikum salam. Aya naon euy Je?" Minta nu nanya ti heula.
"Eu ieu Mama, jigana barang masjid nu ical teh," tembal Jeje.
Mama Ustad Soleh rikat cengkat, nempo eusi roda.
"Enya bener Je. Kumaha bet tepi ka bisa dianteurkeun ka dieu?" tanya Mama Ustad Soleh jadi marahmay deui.
"Kieu Mama. Pan abdi mah tukang meuli barang rongsokan. Ari tadi beurang abdi mulang ti lapak, geus didagoan ku Si Koko. Nya nitah mangjualkeun barang ieu.
Untung abdi tadi bari ngaliwat ngadenge gudang kabobolan. Nya ku abdi teh dibohongan we manehna teh. paling bisa dijual poe isukan cekeng teh. Nu matak ku abdi ieu barang dibawa ka dieu. Mangga atuh nyanggakeun, kanggo ka dituna mah abdi embung milu riweuh," cek Jejen mani norostos.
Iman ngadadak molongpong. Mama Ustad Soleh gogodeg. Hatena ngarasa dosa geus goreng sangka ka batur.
"Sok Minta bawa tah ka gudang. Benerkeun deui pantona. Nuhun atuh nya Jen. Mun henteu teh batur nu jadi korban dituduh," ret ka Iman, "Hampura nya Man," ngasongkeun leungeun ka Iman. Patareman mani pageuh, tuluy ramona diambung. Buuk Iman diusap.
"Abdi sanes bangsat, Mama," sora Iman meh teu kedal. Rambisak, nahan piceurikeun nu nyelek. ***
3
SUMBANGAN wangunan pangwangunan masjid ti Gubernur katarima, moal cumpon keur ngalaksanakeun pangwangunan tahap dua. Pangaruh hahargaan nu terus nerekel, krisis ekonomi papanjangan, atuh sumbangan ti warga per erte. Keun bae sakatepina. Pangwangunan tahap ka dua mah luyu jeung jadwal urang laksanakeun bae. Der!
Ngan nu jadi pasualan teh, masjid heubeul teu bisa ditarekahan. Kudu dibongkar. Kapan keur pemasangan begisting lante dua teh perlu ditunjang ku esteger. Jadi upama teu dibongkar, pagawean moal bisa dilaksanakeun. Kumaha atuh pikeun ibadah berjamaah?
Kungsi diriungkeun heula, sugan bisa diatur dina pelaksanaanana. Tapi manggih jalan buntu. Pamustunganana angger masjid kudu dibongkar. Keur samentara ibadah berjamaah arek di mana atuh?
"Kapan aya gedung badminton," cek Pa Romli seksi pangwangunan.
Bray. Asa dibere jalan.
"Tapi, kumaha nu badminton, kapan tempat teh geus rutin dibayar bulanan," cek Pa Sugiri seksi pendanaan. Ongkoh, da manehna oge sok make. Ari teu dipake nepak teh awak sok karasa nyareri. Jeung nu dipikarempan teh bisi pangwangunan mandeg tepi ka tahap dua heula.
Geus kitu mah, kabeh malikir deui. Tapi urang dicoba we diperedih. Piraku teu bisa diatur.
Pa Alsuki nu boga badminton diperedih, disedek dipenta kawijaksanaanana, diolo ku lima urang ti rengrengan panitia. Ampir teu mikeun. Bingung.
Mama Ustad Soleh manggih cara.
"Kumaha upami kieu. Hapunten tapi sanes abdi bade ngatur. Nanging ieu mah kedah iklas karana Alloh. Kumaha upami jadwal latihan badminton kanggo sementawis waktosna aya nu digeser. Kapan kanggo solat duhur sareng asar mah sawios di bumi masing-masing. Atuh ari kanggo solat subuh mah, tangtos taya nu latihan. Nu nyongcay waktos teh mung kanggo solat magrib sareng isa wungkul..."
"Tah tah..muhun leres, Mama. Euh...," potong Bapa Ketua RW, bari terus jiga nu mikir heula. Pok deui, "Ti magrib ka isa cekap nyuhunkeun waktos sajam satengah paling lami?"
"Tiasa... tiasa Pa Erwe," walon Mama Ustad Soleh.
"Tah... kumaha Pa Alsuki?" cek Ketua Rukun Warga.
Jigana Pa Alsuki embung ripuh mikir deui, ahirna mah nyanggupan. Pikeun diajar ngaji barudak mah, saheulaanan dipindahkeun ka bumina Mama Ustad Soleh. Ngan pikeun pangajian rutin kapaksa dieureunkeun heula. Isukna, masjid heubeul langsung dirakrak. Katempo Iman nu panggiakna. Hatena lenglang. Urut dituduh maling geus sirna dina pikiranana. Teu geuneuk maleukmeuk. Bongkaran tembok dipake ngurug. Bongkaran kayu, taya nu bisa kapake deui, diakut make roda, dibikeun ka Pa Ided nu boga pabrik tempe. Keun engke digantian ku tempe, keur mauran deungeunna dahar nu digarawe unggal poe. Ari kenteng, loba nu dihaja sina murag, pareupeus. Jigana geus moal aya nu butuheun pikeun warga satempat mah.
Satengah poe teh rata. Ngemplong. Tinggal pilar nu angger ajeg. Palaksanaan lancar, ngan nu jadi pikiraneun teh pasualan waragad ngahankeutkeun tahap kadua geus ipis. Munara kubah waragadna gede, migawena bangga. Masang rangka betonna oge leukleuk. Dina ngecorna henteu jiga ngecor pilar atawa lante. Nyieun bekistingna oge teu bisa dianggap gampang.
"Atuh urang ngajaring amal di jalan raya," cek Mang Jamhari.
"Teu pantes Mang. Manasina keur ngawangun masjid leutik di pasisian, pantes ngasongkeun jaring rejeki ka unggal supir. Gengsi atuh, nyieun masjid tohaga, tur ieu lembur teh geus jadi sayang menak. Leuh ararisin teuing. Tembong baruntut kasiran teh nu jaregud. Padahal nyumbang keur pangwangunan masjid mah ulah kumed, cap jahe."
Iraha arek anggeusna atuh masjid teh? kalah dipake ulin barudak. Picilakaeun. Ucing-ucingan tingterekel ka lante dua, malah aya nu wani naek punclut munara kubah. Dicaram ku anu deukeut ka masjid, tapi da ngaranna oge budak, tara diwaro. Bisi cilaka cenah. Bisi menta wadal. Kungsi aya nu usul, kumaha upama dikebeng heula ku pager seng gelombang. Jadi bener ceuk nu tingkecewis nu teu satuju, bakal mandeg. Tapi da henteu kitu, pangwangunan masjid tahap katilu bakal dipaju. Geus meunang deui bantuan ti Walikota, teu gede, keur pasangan bata wungkul oge moal pimahieun. Mending sabar dikumpulkeun heula jeung sumbangan rereongan ti warga. Unggal riungan ibu-ibu PKK. Disodoran kencleng. Aya inisiatip nu kapuji, kalayan mupakat ibu-ibu nyesakeun duit balanja, asupkeun ka kencleng dapur unggal poe. Beas sacanggeum dikumpulkeun dina kaleng susu. Sederhana carana, tapi lumayan hasilna. Nunda kencleng di saban warung.
Kumpulkeun we heula. Parat ngaliwatan sataun, pangwangunan masjid jiga nu dilurjeunkeun. Balas kapanasan kahujanan loba bagian beton lukutan. Matak prihatin. Tepi ka jalma pantar Iman oge milu sedih. Nalangsa teu bisa adan. Nalangsa teu bisa ngageuing memeh subuh. Nalangsa teu bisa adan. Tengah peuting. Mangkaning geus kapake ku Mama Ustad Soleh. Teu ngarasa pedah geus meunang pamuji. Da sual ibadah mah lain keur pupujieun, bisi jadi ria ujub takabur. Moal aya nu nyaho ka jalma pantar Iman, mun manehna sok remen mikiran. Milu gereget, hayang nempo masjid geus jadina. Iman kungsi boga pikiran, lamun aing diparengkeun beunghar, arek rerencepan dikeureuyeuh deui ku waragad sorangan. Rijki ti Alloh nu katarima, hakekatna kaasih ka mahluk ciptaanana. Ku urang dipulangkeun deui ka Alloh ngaliwatan pangwangunan masjid, tandana urang geus tasakur, bakal jadi amal ibadah nu pasti jaga bakal kabawa ka pangbalikan nu langgeng. Bakal jadi lawang pamuka ka sawarga. Bagja temenan.
Ti arek jung indit, Iman bet kaancikan rasa seunggah. Indit teh jiga kapaksa, lengkahna teu sumanget. Atuh tepi ka tempat pembuangan sampah sementara teh, bangun teu parurun, alum ngungun. Meunang botol, pleng urut wadah obat, kakara sabaraha siki.
"Ku naon Man jiga nu lesu kitu?" tanya Bi Siti bari ngasupkeun botol pelastik urut wadah cai mineral kana karanjang gede nu nangkod dina tonggongna, "Nginum obat atuh. Yeuh kuring boga obat plu sasiki."
"Teu ku nanaon, Bi," walon Iman bari gek dina tunggul. Mending ider kampung bae kitu? Ah, geus beurang kieu mah geus taya pulungeun, sok paisuk-isuk.
Tungtungna lila ngajentul. Ngalamun henteu. Teu malire batur. Tonggong mimiti haneut kasorot panon poe.
Cocolek beusi dikoreh-korehkeun, runtah triplek kasuaykeun. Di handapna aya karung waring dibeungkeut tali rapia. Iman bet ngadadak katarik hayang muka. Tungtung rapia teh didudut, bray dibuka. Sajongjonan Iman molohok neuteup eusi karung rada lila. Leungeun rada ngageter, kitu deui jajantungna ngadadak ratug. Naha teu salah deuleu kitu? Iman luak-lieuk. Mikir sakeudeung, tagiwur hatena. Ulah diributkeun ah. Atuh tungtung karung teh gancang ditalian deui. Bisi aya nu nangenan, Iman culang-cileung deui. Karung teh gancang diasupkeun kana tolombong. Kudu kumaha atuh ieu teh nya? Naha aing teh ngimpi kitu? Atawa eupan wadal? Atawa aya nu ngahaja miceun? Ah piraku, jalma teu waras meureun?
Eusi karung teh, duit!
Jung nangtung, tolombong dikelek. Teu malire babaturan. Bari tagiwur ngalengkahkeun suku.
"Arek ider bae Man!?" tanya Jali rada jauh.
"Heueuh euy!" walon Iman tuluy ngungkug. Hatena sabil. Pikirna sabil. Kudu dikamanakeun ieu duit. Heug lain eutik-eutik duit. Leuwih hade urang tempo heula. Bener kitu duit? Kamalir diajlengan. Bras ka jalan sisi walungan gigireun benteng pakantoran. Manggih tempat nu dianggap aman. Brek manehna diuk. Leungeun angger ngadegdeg muka deui karung teh. disidik-sidik make bari jeung gigisik sagala. Ah da enya bener duit. Diburulukeun kana tolombong. Tilu beungkeut duit gepokan.
Iman lain atoh, tapi jadi beuki bingung. Bisa kasawang, mangkaning duit pecahan ratusan rewu wungkul. Geus kitu mah duit teh diasupkeun deui kana waring, ditalian deui. Sup kana tolombong. Pikiran ngacacang. Lain duit kuring! Lain milik kuring! Kuring teu boga hak! Gidig balik. Tepi ka gardu. Karung eusi duit, dihijikeun kana kantong terpal rada gede, wadah pakean. Ati-ati, neundeunna buni.
Ngan Iman ahirna jiga nu luman-lamun bae. Mikiran duit kudu dikumahakeun. Disalabarkeun? Kuriak aya nu aakuan. Nu matak ti harita saban geus ngawuruk ngaji di imah Mama Ustad Soleh, sok ngadon ngadengekeun berita dina teve. Sugan bae aya berita nu kaleungitan duit. Atawa kagarongan. Sieun kacerek ku garong dialungkeun ka pembuangan sampah. Pamikir Iman kakara tepi ka dinya. Ari pareng manggihan nu ngawarangkong sok maling-maling didedengekeun. Boh ari keur leumpang, boh ari keur dahar di warung.
Basa geus rengse ngawurukan, katempo Iman jiga nu ngungun, Mama Ustad Soleh ngahaja nalek. Di rohangan teh kabeneran ngan duaan. Puguh ngahaja, Iman hayang ditalek. Arek menta bongbolongan ngeunaan duit beunang panimu, bongan karasa jadi nyiksa.
"Bisi arek dahar, tuh ka patengahan. Dina meja tacan diperenan. Atawa sakali-kalieun arek sare di dieu pek," cek Mama Ustad Soleh.
"Hatur nuhun Mama. Ngan ka Mama aya nu arek ditepikeun..."
"Sual naon Man? Jiga-jiga nu serieus," motong.
"Upami nyieun masjid tina duit kenging nimu, moal nanaon?"
"Aya-aya bae Iman mah, bet loslos ka dinya. Nya kudu disalabarkeun atuh ari kenging nimu mah."
"Mendak dompet sok sanaos eusi artos tapi aya katepean, tiasa ku dibikeun ka nu hakna. Atawa urang nimu, tapi aya nu ngarasa keleungitan, tangtos ku urang dibikeun langsung. Tapi ieu mah nimu duit beungkeutan, mangratus juta. Tah kedah kumaha peta?"
"Ari Iman, sugan teh arek nepikeun naon. Tong natanyakeun nu teu puguh, anu aya patalina jeung bagbagan agama we, Man."
"Jelas Mama, ieu oge tangtos aya patalina."
"Ulah ngalamun pamali."
"Sanes ngalamun, Mama. Ieu mah kajadian leres," mani gancang.
"Barina oge teu kudu ngabahas hasil ngalamun."
"Bener ieu mah Mama. Ke Mama antosan. Punten. Bade aya nu dicokot ku abdi," cek Iman bari jung nangtung. Gejlig indit satengah lumpat.
Mama Ustad ngarasa hemeng. Teu lila Iman torojol deui mawa eusi karung.
"Naon eta nu dibawa?" tanya Mama Ustad Soleh sanggeus dariuk deui.
"Punten. Mangga ku Mama buka talina," titah Iman panonna lempeng ka soca Mama Ustad Soleh.
Mama Ustad Soleh nurut. Tali rapia didudut. Barang dibuka, langsung ngajenghok. Arek pok biwir ngageter, paneuteup leleb kana eusi karung waring, "Iman!..."
"Abdi mendak di jarian."
"Ulah bohong!" bari mencrong.
"Leres Mama."
"Paling beunang maling. Ngagarong ti mana ieu duit?"
"Mama Ustad abdi lain bangsat. Leres Mama Ustad abdi lain bangsat. Jadi jelema jahat abdi sieun ku hukum Alloh, Mama," sora Imban tembres.
Mama Ustad Soleh sajongjongan ngahuleng.
"Ku abdi bade di ka nu wajibkeun, hate teu mikeun. Sok bisi teu disalabarkeun. Jaman ayeuna tea Mama, pan cenah tos loba nu teu puguh. Jadi ayeuna mah kumaha numutkeun pamendak Mama?"
Mama Ustad Soleh masih ngaheneng-meneng. Inget kungsi nuduh Iman maling barang proyek masjid. Piraku ayeuna kudu nuduh deui nu teu puguh. Mun batur mah nu nimuna jigana moal jiga Iman.
"Kieu Man.." sora Ustad Soleh jadi leuleuy, "Iman geus boga pamadegan nurutkeun ijiran kaimanan tangtuna. Moal dibikeun atawa diserahkeun ka nu wajib. Jadi, mama moal waka bisa mere jawaban."
"Naha lengkah abdi salah, Mama. Ieu duit tos diampihan?"
"Nu penting mah teu boga niat goreng."
"Abdi sieun ku hukuman aherat, Mama."
Mama Ustad Soleh unggut-unggutan. Rapia ditalikeun deui.
"Janten kedah kumaha atuh nya Mama?"
Angger, Mama Ustad Soleh teu bisa ngawalon.
"Mama, ijinan abdi nepikeun kahayang hate, kalayan niat itikad nu hade. Memang eta teh duit aya nu bogana, tapi da hakekatna mah kapan titipan. Ayeuna ku urang, urang pulangkeun deui we ka Alloh. Katimbang dibikeun ka sasama jalma, ka nu berwajib. Ku abdi arek dijariahkeun kanggo ngarengsekeun pangwangunan masjid, atuh pamugi pahala sareng ganjaranana sing, sing kapetik, ku nu kagungan eta artos...,"
Iman teu bisa ngedalkeun deui kekecapanana nu karasa masih keneh ngembat. Mama Ustad Soleh masih ngarasa bureng bari jeung dipaksakeun meuweung kekecapan Iman. Kataji. Dina paneuteup Mama Ustad Soleh nu linduk, aya nu nyereset. Teu tahan Iman ngeclakkeun cipanon. Nyeh Mama Ustad Soleh imut.
"Ke atuh nya Man, butuh waktu keur mikirna," lalaunan.
"Mama, ambeh eta artos aman, kuma upami disimpen di Mama bae," Iman jiga nu ngageuri.
"Heug Man, ari Iman percaya mah ka Mama. Bari sugan ngadenge beja dina siaran teve atawa berita koran, aya nu kaleungitan duit atawa kagarongan ratusan juta," tatag.
Tapi, sababaraha bulan ti harita, pangwangunan masjid dimimitian deui, tepi ka rengsena. Masjid agreng. Ti peuting mani baranang. Ku Mama Ustad Soleh, masjid teh dingaranan: Masjid Nur Iman.
"Iman, di ieu masjid aya rusiah urang duaan. Ulah tepi ka betus nya? Mimiti menit ieu, Iman jadi anak mama. Ulah sare deui di gardu. Ulah indit ka jarian deui," sora Mama Ustad Soleh dareuda bari tuluy ngarangkul Iman.
"Subhanalloh...," harewos Iman. Bet teu kawawa, cipanonna murubut. Cipanon bagja.
***
Ranggon Paniisan
Babakan Sumedang
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaEva Masfufah ngomentaran:
terharu......... naon atuh basa sundana terharu teh nya.......?M Dani Nur ngomentaran:
Aduh, janten cipanonan yeuh....!