Tue, 22-05-2012
Carkrim

Babaung Ajag (16)

Pintonkeun di FB

Ku Dede Syafrudin

(16)
Teuing ku naon, poe ayeuna mah Mang Iding ngarasa wegah iinditan. Hoream ka sawah, hoream ka kebon, malah hoream ngarit-ngarit acan. Kahayangna teh ngan kekedengan we....
"Asa teu genah kieu awak teh, asa laleuleus...," Mang Iding ngagerentes, bari lalangkarakan di tengah imah nu ukur diamparan ku samak saheulay, dianggelan ku dua dampal leungeun.
"Jeung asa teu puguh rarasaan kieu ieu teh.... Bet ngadadak asa jarauh panineungan kieu...," gerentesna deui.
Mang Iding ngarahuh sababaraha kali. Bruh-breh narembongan gambaran dina uteukna. Gambaran pamajikanana anu geus sababaraha welas taun ngawangun rumah tangga jeung manehna tapi henteu bae diparengkeun boga turunan, nepi ka pamajikanana tilar dunya alatan kaserang kasakit tbc.
"Nenah..., naha atuh maneh teh bet kalah pondok umur...," Mang Iding ngarahuh deui.
Asa nongtoreng keneh dina ceuli Mang Iding jegoh-jegoh sora batuk Bi Nenah. Lamun batukna geus ngehkey sok tuluy dibarung ku merenyeng bari leungeunna nyekelan dada, nahan kanyeri. Getih nu kaluar saban manehna batuk, nandakeun yen geringna geus kacida pisan parna.
"Deudeuh teuing Nenah...," Mang Iding ngagerentes sorangan.
"Hampura Akang, Nenah. Rumasa geus jadi salaki anu tambelar...," gerentesna deui. Teu karasa tina juru-juru matana ngeyembeng cimata.
Enya Mang Iding teh banget ngarasa salah ka jenat pamajikanana, lantaran remen nganteur teuing karesepna kana ulin, moro ka leuweung, sok sanajan dina kaayaan pamajikanana keur gering. Malah waktu malakalmaot nyabut nyawa pamajikanana, sasat manehna keu aya di jero leuweung. Ari balik ka imah, Mang Iding ngarasa reuwas taya papada lantaran di imahna rea jelema, keur ngagugulung layon pamajikanana....
"Hampura Akang, Nenah...," cimata Mang Iding merebey maseuhan pipina.
Ti harita Mang Iding teu weleh diudag-udag ku rasa salah ka pamajikanana. Mana komo lamun inget yen manehna mindeng nyengor pamajikanana alatan timburu, pangpangna mun katembong Bi Nenah keur mencrong Mang Marta.
"Bogoh keneh maneh ka Marta?" ceuk Mang Iding, harita.
"Har, ku naon ari Akang?" Bi Nenah kerung.
"Geuning tadi katembong mencrong bae ka Marta!" Mang Iding haok polotot.
"Nya wajar bae ari mencrong mah, piraku batur nganjang ka dieu kudu ditonggongan," tembal Bi Nenah.
"Maneh mah mencrong bogoh. Jig bae tuturkeun ka ditu ari bogoh keneh mah!" Mang Iding beuki harus ngahaokna.
Bi Nenah teu nembalan deui. Luk manehna tungkul. Hing ceurik, nginghak bangun anu kanyenyerian....
"Akang mah, Nenah, timburu soteh bakat ku sieun leungiteun maneh...," Mang Iding masih ngagerentes. Cimata anu merebey teh tuluy disusut ku tonggong dampal leungeunna, sababaraha kali.
Mang Iding ngarahuh, ambekanana karasa beurat.... 
Leungit gambaran jenat pamajikanana, laju diganti ku gambaran Ceu Dedeh. Cenah Ceu Dedeh teh geus dua taun rarangdaan di kota, tuluy pindah ka kampungna, teu jauh ti imahna. Saenyana Ceu Dedeh teh lain jalma anyar, da baheulana ge urang di dieu, malah ka bapana ge sasat babaturan keneh Mang Iding teh sok sanajan umurna saluhureun. Dina umur kira-kira sapuluh taunan manehna dibawa pindah ku bapana, bubuara di kota. Mulang deui ka lembur geus dewasa, nyorangan bari geus rarangdaan.
"Teu sangka bakal sakitu gamulengna anak Kang Asep teh, nurun ka indungna...," Mang Iding ngagerentesna angger bari lalangkarakan.
Saenyana sanggeus ditinggalkeun maot ku pamajikanana, Mang Iding tara pirajeunan tuksar-taksir deui ka awewe. Hatena teu weleh nganteng bae ka jenatna pamajikanana. Tapi waktu datang Ceu Dedeh, hate Mang Iding ngadadak robah. Ngadadak tumuwuh sirung asmara dina dadana. Ti poe ka poe, ti waktu ka waktu eta sirung teh tuluy tumuwuh jadi dahan nu ngarangkadah bari laju karembangan. Hate Mang Iding geus buleud rek mileuleuheungkeun Ceu Dedeh, sok sanajan manehna sadar nu boga maksud ka Ceu Dedeh teh lain manehna wungkul. Hanjakal, memeh maksudna tinekanan Ceu Dedeh miheulaan ninggalkeun alam dunya. Hate Mang Iding raheut deui, ngaduakalian....
Tina lalangkarakan bari haben ngumbar lamunan antukna panon Mang Iding karasa rapet, nepi ka tuluy kapulesan, sare....
"Mang! Mang Iding...!" kapireng anu ngagentraan dirina. Sorana halimpu kacida.
"Saha?" Mang Iding geuwat cengkat.
"Abdi," sora nu halimpu teh kapireng deui.
Mang Iding satengah ngagajleng muru kana panto kaluar, laju mukakeun lawang panto. Breh kasampak Ceu Dedeh ngajanteng hareupeun lawang panto. Najan beungeutna sepa taya getihan, tapi imutna angger kareueut.
"Nyi Dedeh?" sora Mang Iding bangun nu cangcaya.
"Muhun, Mang," pokna. Angger bari imut kareueut.
Mang Iding ngajengjen. Molohok mata simeuteun.
"Bade nambut elap," Ceu Dedeh nyarita deui.
"Oh..., eu..., mangga.... Ke antosan sakedap...," Mang Iding rampang-reumpeung. Manehna tuluy leumpang ka jero kamar.
"Aya oge elap kieu.... Kanggo naon elap?" Mang Iding kaluar deui ti kamarna, nyampeurkeun Nyi Dedeh bari ngagigiwing lawon bodas anu ditilepan keneh.
"Kanggo nyusut ieu," ramo Ceu Dedeh ngarampa juru biwirna.
Mang Iding kaget taya papadana lantaran tina juru biwir Ceu Dedeh bet katembong ngaberebey budah. Biwir Ceu Dedeh ge ngadadak jadi geunteul. Mang Iding kakara sadar yen saenyana Ceu Dedeh teh geus ninggalkeun alam dunya sawatara waktu nu kaliwat alatan nginum racun serangga.
"Euh..., alah..., ieung...," Mang Iding undur-unduran.
"Kadieukeun elap teh, Mang," Ceu Dedeh nyampeurkeun Mang Iding.
"Waduuuh, ampun...," Mang Iding terus undur-unduran. Lawon bodas anu tadina rek dibikeun ka Ceu Dedeh pageuh dicekel ku manehna. Kahayangna Mang Iding teh lumpat ngajauhan Ceu Dedeh, tapi sukuna karasa beurat dilengkahkeunana.
Bari leumpang ngadeukeutan Mang Iding, leungeun Ceu Dedeh teu eureun-eureun ngusapan beuteungna. Ngadadak beuteung Ceu Dedeh ngagedean. Beuki deukeut ka Mang Iding, beuteung Ceu Dedeh beuki ngagedean. Nepi ka laju kapireng sora orok ngoar dina jero beuteung Ceu Dedeh. Antukna Mang Iding kasedekkeun ka juru rohangan. Mang Iding ngedprek, leuleus taya tangan pangawasa. Kep leungeun Mang Iding anu nyekel lawon bodas teh ditewak ku Ceu Dedeh....
"Walaw...! Ampun...! Ampun...," Mang Iding ampun-ampunan bari tipepereket peureum. Leungeun Ceu Dedeh anu nyekel leungeunna karasa nyecep tiis.
"Kang, ieu abdi.... Ku naon kalah peureum wae?" sora Ceu Dedeh kapireng Ku Mang Iding jadi robah. Lalaunan Mang Iding beunta....
"Geuning Nyai...?" Mang Iding banget ngarasa heran lantaran anu nyekel leungeunna teh lain Ceu Dedeh, tapi Bi Nenah, pamajikanana.
"Enya," tembalna.
Launan leungeun kenca Mang Iding ngarampa pipi Ceu Nenah....(hanca)

 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Ade Kusnama ngomentaran:

Alus sigana ieu Carita Nyambung teh.