Tue, 22-05-2012
Tamu

Drs. H.Rukman Heryana MM. Kepala BKKBN Jabar Sabada Reformasi KB Teu Kakuping Gaungna Kiwari Mangsa Repitalisasi Rebranding

Pintonkeun di FB

Nu disebut Perjanan karier, ngukir prestasi dina enggoning babakti di BKKBN, nu geus dilakonan ku Drs. H.Rukman Heryana MM. memang luar biasa. Pancegna sapanjang 38 taun tepi ka poe ieu babaktina pageuh di BKKBN Jawa Barat. Eta we saurna, ti mimiti jadi Penyuluh, ahli Madya golongan 4 B, terus jadi Kepala BKKBN Tangerang, Kepala BKKBN Pandeglang memeh ngadeg Propinsi Banten pastina oge, saterusna jadi Kepala BKKBN Cianjur. Ti dinya noron opat kali jadi Kepala Seksi di BKKBN Jabar, kantos oge jadi Kepala BKKBN Subang jeung Bandung.

Kulantaran kitu leubeut ku luang pangalaman jeung kaweruh.
"Upama pangsiun taun 2011 teh panceg babakti di BKKBN 40 taun, ngiring ngacak lebur melak nandur program KB" saur Kang Rukman, kitu sesebutan dalitna kanca mitra jeung sobat-sobat ka putra Ciwidey anu humoris turta micinta padalangan teh.
"Ti umur 20 taun babakti di BKKBN teh. Jigana panglamina di Jawa Barat mah. Ti mimiti jadi PLKB (Penyuluh Lapangan KB) nu gajihna Rp.1.500.- dibayarna 6 bulan sakali, tapi lamun teu meunang akseptor teu digajih, ayeuna jadi Direktur, Ka Kanwil, Kepala BKKBN Jawa Barat" saurna bari ditungtungan ku ngabarakatak gumujeng genah naker.
Ngawangkong jeung MANGLE di kantorna BKKBN Jabar jualan Suci kamari ieu, ngawangkong serieus direumbeuy ku heureuy tea, heureuy Kang Rukman..
Ari pancen Penyuluh lapangan, saban poe asup lembur kaluar lembur. Sampurasun ka urang lembur. Numatak sok disebut tukang kiridit. Aya oge anu nyangka tukang nagih pajeg radio, nu ditepungan ujug-ujug nyebut "Kosong Pa, parantos di ka kantor Poskeun!", leuh jaman hese beleke, jalma-jalma tacan loba anu ngarti jeung wanoh kana program KB, menta kasabaran jeung kapangger anu sagemblengna ti para patugas. Kitu di antarana pangalaman panjang Kang Rukman anu pinuh luka-liku pangalaman, pait jeung manis..
Ayeuna mah kieu, Kang Rukman neruskeun carita, sapanjang 30 taun program KB geus bisa neken laju pertumbuhan penduduk 80 juta. Nurutkeun perhitungan Wijoyo Nitisdastro, PBB jeung Iskandar, upama teu aya KB, penduduk Indonesia taun 2000 bakal jadi 285 juta, kusabab aya KB bisa diteken jadi ngan 2005 juta. Bisa digambarkeun, upama anu 80 juta lahir, hartina sapoe 20 rebu, meureun kudu aya 1,6 triliytun keur waragad ngahirupanana wungkul, tacan nu sejen-sejenna, sandang pangan, pendidikan jeung sagala rupa kapereluanana..
"80 juta teh sarua jeung 4 x satengah penduduk Ustrali anu ngan 18,5 juta, Saudi Arabia ngan 17 juta, Singapur mah ngan 3,5 juta, jadi 80 juta teh 25 kalieun Singapur. Atawa Propinsi Gorontalo nu ngan 900 rebu pendudukna, jadi 80 juta teh 90 kalieun penduduk Gorontalo. Ku kituna 80 juta teh ulah dianggap enteng, beurat pibakaleunana upama anu 80 juta lahir. Malah aya deui prediksi anu netelakeun, tepi ka taun 2100 mah ampir 100 juta lamun henteu terus disengker mah.
   
Sabada Reformasi
Tapi sabada reformasi KB melempem, teu aya gaungna deui, naha kitu? Sabab pamarentah loba sanghareupaneun, prioritas-prioritas nu sejenna. Kayaning Demokratisasi, HAM, Kamiskinan, anu saenyana nurutkeun Haji Rukman Heryana, memeh kamiskinan kudu KB heula. pan ayeuna indek pembangunan manusa teh, pendidikan, kasehatan jeung daya beli. Terus upama pendidikan, loba anak bakal maju moal? Pendidikan bakal kaheumbat .Cenah aya sakola gratis ayeuna mah, his...nu gratis soteh SPP-na da ari ojegna mah teu gratis, bajuna jeung sagala rupana teu gratis. Terus kasehatan, teu mungkin oba anak kasehatan kajamin, mungkin bae aya titatarajongna. Kitu deui daya beuli, nu anakna tilu jeung dalapan tangtu daya beulina beda sanajan cenah ari rejeki mah diatur ku Alloh. Kumaha atuh ari kitu mah? Kapan Alloh mah moal ngarobah nasib hiji bangsa lamun maranehna teu ihtiar, da nu ngarobah nasib mah kudu manusana sorangan,. Nyaeta ku ihtiar tea saur Haji Rukman teh.
Sabada reformasi, nu teu panuju KB muncul, tapi ari baheula mah kulantaran geus aya program, teu aya anu ngeuleuweuh, boisa jadi teu wanieun. Padahal KB geus komitmen ti taun tujuhpuluhan , sacara nasional dumasar kana hasil gempungan jeung para ulama, uskup pendeta jeung nu sejen-sejenna.. Yen aya dua prinsip, kahiji KB sipatna ihtiar, saluyu jeung parentah, asupna kana usaha dibarung ku do'a. Kadua, kontrasepsi teu aya anu abadi, nu divasektomi bisa gagal anu IUD bisa gagal. Nu katilu pamendak para ulama, dina Islam boga anak teh teu wajib, aya oge anjuran-anjuran. Nu teu boga anak oge teu dihukum ku Alloh. Jadi, wajibna lain wajib boga anakna, tapi kawajiban ngurus nagtik jeung ngaping ngadidikna sangkan kagegedeanana jadi anak anu soleh. Tapi najan muncul anu teu panuju, pamarentah tetep mrogramkeun KB.
Ayeuna aya sababaraha alesan kunaon KB dina mangsa reformasi teu geunjleung, kahiji, nu utama mah perhatian pamarentah, tepi ka sabada disentralisasi nu baheulana aya BKKBN nu ajeg panceg, kapan ayeuna mah dihiji-hijikeun, BKKBN dihijikeun, jadi tungtungna. Aya Dinas Tenaga Kerja Transmigrasi, Sosial dan..KB, tungtungna KB mah, leutik. Kadua, patugasna ge amburasut. Nu tadina patugasna reugreug pageuh, jumlahna loba, kualitasna luhur. Ayeuna mh buriak parindah, aya anu jadi Satpol PP, aya anu jadi patugas kacamatan. Jadi beuki henteu kuat. Terus anggaranna, teu jelas. Dines batur mah meunang 20%, 50%, tapi KB mah enol koma oge ges susah. Di tingkat nasional oge, masih saur Kang Haji Rukman, keur sa Indonesia teh ngan Rp.1,2 triliyun kaasiup keur gajih pagawe. Aya dines anu meunang 200 triliyun, aya anu meunang 100 triliyun, 50 triliyun, tapi KB mah ngan satriliyun. Tapi najan kitu terus we berjuang, nikreuh ngeureuyeuh berjuang.
"Tah ayeuna teh nuju ngalaksanakeun Repitalisasi ( nguatan deui), disebutna Rebranding, mulangkeun citra (komara) Aya 4 citra anu dimekarkeun. Nu kahiji lembaga KB-na, BKKBN, badan KB, dinas KB, kantor KB, kudu aya citrana (komara), ekstitensina kudu diaku deui, moal enya jelema anu geus boga jasa make kudu dipopohokeun. Kitu brukbrakna Kang Haji Rukman. Tepi ka 5 taun kadieunakeun angka kelahiran teu turun.. Tina 6% turun jadi 2 1/2 %, ayeuna mah mandeg dina 2 1/2 %..Lantaran KB-na. Sabab nurutkeun H.Rukman Heryana, upama KB hasil, pasarta KB naek 1% sataun, ayeuna 61, naek terus 1% sataun, ku kituna dina taun 2015 penduduk Inonesia jumlahna jadi 258 juta, lamun KB sae Mah, ngan jadi 240. Tapi lamun jiga ayeuna 258, lamun awon turun bae, jadi 270. Tuh pan...jero 6 taun beda 30 juta saur Kang Haji.. Kulantaran kitu pisan aya Rebranding , (1) Citra lemaga, BKKBN-na kudu eksis. Urang BKKBN-na kudu eksis, Dinas jeung Badan BKKBNna kudu eksis, kudu bener-bener aya, berfungsi, ngalaksanakeun tufoksi, (2) program-programna kudu dikenal masarakat. Contona BKKBN lain kontrasepsi wungkul, tapi aya remajana anu disebut Pusat Informasi Konseling Kesehatan Reproduksi Remaja. Leuwih canggih leuwih hebat. Tapi teu loba anu nyaho. Kulantaran kitu kudu diwanohkeun, kudu dideukeutkeun dicitrakeun. Ku kituna kudu kampanyeu deui, masang deui billboard di tempat-tempat strategis jiga di Ciamis anu paragpag keneh di saban tempat aya. Di nu saejen mah geus ampir teu aya.

UPPKS Sukses, Taya Nu Ngaku
Programna UPPKS(Usaha Peningkatan Pendapatan Keluarga), sing eksis da seueur, nurutkeun Kang Rukman mah rewuan kolompokna oge, modalna galede. Di handap jalan lancar, tapi ieu ge langka anu ngaku, Ku kituna kudu dicitrakeun deui, UPPKS bisa mantuan rayat nu butuh. Contona di Pamarican Ciamis, di sadesa modalna 1,7 milyar. Tepi ka jalma anu butuh modal 20 juta ka handap mah teu kudu ka Bank deui, ka UPPKS we. Tapi teu diaraku eta teh.
"Sok, jenever jeruk mipis ti Kuningan sakitu majuna, tepi ka dijual ka Jepang ka Ustrali, eta teh kapan anu tadina Pra KS, geus naraek pagawena jadi KS 1. Teu loba anu apal, Bupayi, Walikotana oge tampolana henteu pahameun. Numatak ayeuna kudu ngagorowok deui wawar. Terus kader-kaderna, kudu reueus jadi kader, lain anu diaku jeung dipake kaagulan teh kader Posyandu., Kader Pertanian, ari Kader KB...ampir leungit. Ayeuna kudu diangkat dijungjungkeun deui. Diharepkeun Jalma-jalma kudu ngaku yen mangpaat program KB teh nunjang program pembangunan anu nunjang kana pageuhna NKRI." Kitu Haji Rukman Heryana panjang lebar ngeces tembreskeun.
Jadi aya 4 citra nu dimekarkeun, Lembaga Program, Petugas jeung Kader, kaasup Pangakuan kana mangpaatna KB.
Ayeuna geus Otonomi Daerrah, kabupaten geus lain bawahan Kepala BKKBN Jabar, tap anak buahna Bupati. Jeung BKKBN Jabar mah ukur kerjasama sipatna teh. Contona lamun aya telepun ti Purwakarta menta hadir kana riungan, najan teu disuratan kudu hadir. Jurus-jurus keur nu dipetakeun, ayeuna diayakeun poendekatan-pendekatan jeung IDI, LSM, ksatut anu sejen-sejenna, kusabab lain atasan bawahan, jadi pendekatan, koordinasi fungsional, struktural. Jadi BKKBN mah ukur jadi fasilitator, ayeuna mimiti dikeprik disebar para fasilitator teh. Kacida pentingna pemnbuktian, hartina jalma-jalma teh ulah tepi ka nyebutkeun, naon hasilna KB teh? Sabab memang teu bisa nembongkeu hasil gawena jiga PU nyieun jalan upamana. Enya da pagawean PU mah puguh, jambatan, jalan jeung sajabana, aya jugrugna, lamun jalanna goreng katingali da aya bukti, mun pertanian, panen hade. Ari KB mah boga anaik teu boga anak henteu katingali. Geus biasa, nu salah diteumbleuhkeun, anu alus pada ngaku, salah patuding-tuding. Pikeun mulangkeun deui citra KB sangkan gaungna harus, Kang Haji Rukman mah metakeun rupa-rupa akal tarekah, kaasup nyipta lagu-lagu KB. Kader-kader sina narembang..."IUD...IUD..." di antarana. Public Opini, ge penting kacida. Kudu geunjleung Kb mah saurna, pikeun ngabina public Opini. Haji Rukman bener-bener sibuk pakepuk pikeun ngajungjungkeun deui Program KB, lian ti lagu, aya tayangan husus KB dina telepisi . Tuluy gawe bareng jeung TNI, di Tasik kungsi pencanangan jeung TNI/Kodam. Kitu Kang Rukman Heryana anu jaman pancen di Kabupaten Subang teuneung ludeung norobos dunya para nkriminal Bajing Kluncat tepi ka maranehna ngarti kana pentingna KB. Kangaranan ngalaksanakeun program anyar, jalma-jalma moal enya ujug-ujug ngarti jeung ngagugu, tangtu loba anu naranduk heula. Boro-boro kana kontrsepsi, kakara anakna dipenta kudu ditimbang ge loba anu ngeuleuweuh "Nanaonan budak hayuh dikilo jiga sampoeu bae! Pokna. Nanaonan KB...KB da maneh teh boga salaki, jeung sajabana.
Ampir 40 taun babakti di BKKBN, Haji Rukman Heryana oge putranan ngan tilu. Cikalna Heni Tresnawati S.Sos geus rumah tangga, kajodokeun ka Haris Suryatna SE, maparin incu hiji ka eyangna, Agisna Ekasurya (8 taun).
Nu kadua Frida Ekasari S.IP,MKM carogena Ir.Moch. Eman Nugraha, Bungsuna Fikiawati Triana.*** (HRS/Dedas)

Katgam:
2. Kepala BKKBN Jabar Drs.H. Rukman Heryana
3. Sakulawarga

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

kang hatta tea ngomentaran:

Ngabandungan situasi nu di hadapi BKKBN kiwari nu dijanterakeun ku Kang Rukman Heryana sim kuring salaku praktisi 'social marketing' ngarasa sedih, sedihna kulataran kungsi ngalaman jaman emas peran strategis KB Indonesia dalam 'nation building' alhamdulillah harita sim kuring anggota tim penyusun program2 kampanye KB nu di dijalankeun BKKBN pusat ti mangsa ahir taun 70'an dibawah arahan p. Haryono Suyono (kaemut keneh ku pribados prinsip2 KIE anu dijalankeun harita) kahoyong mah tiasa ngobrolkeun masalah2 KB sareng sobat-sobat nu sanes, wassalam