Tue, 22-05-2012
Lawang Saketeng

Hadiah "Samsudi" Ngangkat Carios Murangkalih

Pintonkeun di FB

Para mitra,

Dinten Rebo, 10 Juni kamari, Yayasan Rancage ngaleler Hadiah Sastra "Rancage" sareng Hadiah "Samsudi". Acarana diayakeun di Gedong Erasmus Huis, Jakarta. Karya sastra Sunda nu kenging hadiah nyaeta buku kumpulan sajak "Serat Panineungan" kenging Etti RS. Salajengna nu kenging hadiah kumargi ageung jasana enggoning mekarkeun basa Sunda, nyaeta Nano S. Lian ti Hadiah Sastra "Rancage", harita oge Yayasan Rancage ngaleler Hadiah "Samsudi" kanggo carios murangkalih. Karya carios murangkalih nu kenging hadiah, nyaeta "Sasakala Bojong Emas" kenging Aan Merdeka Permana.
Ti ngawitan taun 1988, Hadiah Sastra "Rancage" teras mayeng dilaksanakeun saban taun. Namung ari Hadiah "Samsudi" mah teu kitu. Ti saprak taun 1993 dugi ka taun 2009, sababaraha kali kantos copong, upamina ti taun 1997 dugi ka taun 2001, teras karandapan oge dina taun 2005 sareng taun 2007. Alesanana mah kumargi dina taun-taun bieu teu aya buku carios murangkalih nu nedunan sarat kanggo nampi Hadiah "Samsudi". Hal sarupi kitu tangtos wae matak ngarugelkeun kana kamekaran carios murangkalih, padahal carios murangkalih teh kalintang pentingna. Mangpaatna sanes wae kanggo kamekaran kajiwaan murangkalih, namung kalebet oge kanggo kamekaran basa Sunda. Cobi, apan karep maca masarakat oge moal tiasa tumuwuh kalayan sehat, upami kabiasaan maca henteu dihirupkeun ti ngawitan murangkalih.

Para mitra,

Ana kitu, peryogi diupayakeun kumaha carana sangkan carios murangkalih hirup subur di masarakat. Pamarentah peryogi digeuing sangkan ngiring ngupayakeun buku carios murangkalih tiasa medal kalayan nyugemakeun boh dina jumlahna boh dina ajenna. Panerbit oge peryogi diajak sangkan seueur medalkeun buku-buku carios murangkalih. Tah, panerbit bakal tiasa kitu, upami buku-buku carios murangkalih seueur nu meser. Carana, pamarentah tiasa meser buku-buku carios murangkalih teras disebarkeun ka sakola sareng pabukon. Upami parantos tiasa kitu, tangtos para pangarang carios murangkalih oge bakal kahudang sumangetna, kumargi nyerat buku carios murangkalih tiasa dianggo andelan hirup. Salajengna, paguyuban pangarang sapertos PPSS( Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda)tiasa mayeng ngayakeun loka karya nyerat carios murangkalih sangkan maruncul pangarang carios murangkalih nu malaher. Media massa oge tiasa ngiring aub, upamina ku jalan ngaresensi buku-buku carios murangkalih, ngawanohkeun pangarang carios murangkalih ka masarakat sareng sajabina. Atuh pameran buku nu husus mamerkeun buku carios murangkalih oge teu kinten pentingna.

Para mitra,

Upami carios murangkalih parantos ceuyah, dipikaresep ku masarakat, apan bakal ngamajengkeun basa Sunda kumargi masarakat urang ti ngawitan murangkalih parantos ngabiasakeun maraos buku-buku carios murangkalih. Salajengna, panerbit sareng pangarang oge bakal metik mangpaatna. Panerbit kenging kauntungan, atuh pangarang oge kenging panghasilan nu ageung sapertos pangarang buku carios murangkalih di mancanagara nu sakitu baleungharna. Jelas, Hadiah Samsudi nu diayakeun ku Yayasan Rancage kedah pada ngarojong ku sadayana.

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula