Hirup Sakadar Ngumbara
Ku Hj. Rojayah
Unggul atawa ipisna kaimanan unggal jalma pasti beda-beda gumantung kaayaan dirina, luyu jeung uteuk elmu pangaweruh. Manusa henteu sarua, aya nu pinter aya nu bodo, aya nu agnia aya nu sangsara, aya anu soleh aya anu salah. Kitu manusa ngajalankeun kahirupan di dunya. Tina beda-beda tingkatan hirupna, tapi tetep manusa kudu hirup luyu jeung kaayaanan. Tinggal saha jalmana nu mampuh narekahan pindah ti alam salah jadi soleh? saha jalmana nu keyeng tina sangsara jadi agnia. Kalebet, saha jalmana nu mampuh pingpin kalawan adil. Patarosan kitu, memang kacida geus disinggung dina al-Qur'an dina surat Ar-Ra'du : 11. Saur Alloh Swt. Innalloha laa yugoyyiru maa bikaomin hatta yugoyyiru maa bi anfusihiim. Nu hartosna kirang langkung kieu : Saestuna Gusti Alloh moal ngarobah kaayaan hiji kaom, tepi ka maranehna mampuh ngarobah kana kaayaanana.
Kitu deui dina al-Baqarah ayat 8-11, Alloh ngadawuh deui : "Waminannasi mayyakulu aamanna billahi wa bil yaumil ahiri wamahum bi mu'minin. Yukhodiunaalloha waladziina aamanuu wama yakhduuna illa anfusihim wama yasuruun. Fi qulubihim marodhun fajadahumullohu marodho walahum adzabun aliim bima kaanun yakdzibuun. Hartina : Jeung di antara manusa aya anu nyarita : Maranehna geus ariman ka Alloh katut poe ahir, padahal maranehna lain mu'minin. Maranehna salawasna nipu ka Alloh jeung ka nu ariman padahal maranehna henteu naripu anging ka dirina, satemenna maranehna henteu saladar. Dina hatena aya panyakit, tuluy panyakitna ku Alloh ditambah, sarta pikeun maranehna siksaan anu kacida peurihna, alatan maranehna ngabarohong.
Naon sababna? margina manusa mah dina sipatna lir ibarat tangkal, sedeng bangsa atawa umat teh siga tatangkalan nu aya di tengah-tengah leuweung. Kabeh pada hayang hirup pangluhurna, pangunggulna. Tapi lantaran sakama-kama teu make agama atawa teu make aturan, silih sedek silih desek, antukna jadi bala sarta jadi rumpil, pajeujeut areuy-areuyan pasolengkrah tatangkalanana anu geus rarungkad, ahirna beuki lila beuki usut sarta tambah loba sato-sato anu garalakna.
Ku kituna, saha jalmana nu mampuh narekahan bebeneran, mangka anjeuna bakal mampuh ngarobah nasibna. Sabalikna saha jalmana nu terus tikosewad dina jurang kamudorotan, mangka maranehna bakal terus cicing dina kaayaan nu hina.
Kiwari oge, bangsa urang bakal milih pamingpin, nu ceuk sareat bakal milu ngarobah nasib bangsa urang, naha aranjeunna saperti tangkal nu silih sedek silih desek?
Nalika Umar bin Abdul Aziz, kapeto jadi Khalifah ngaganti emangna, Sulaiman, langsung ngucapkeun: "Innalillahi wa inna ilaihi roji'un". Kapamingpinan pikeun Umar bin Abdul Aziz sarua jeung musibah maot. Sabab lain jore-jore nyanghareupan tanggung-jawab nu kudu dicangking salila mingpin.
Khalifah Umar bin Abdul Aziz apal pisan kana dawuhan Rasulullah SAW nu matak kapiuhan uyutna, Umar bin Khattab, basa eta hadits dibaca ku salah saurang sahabat :
"Unggal pamingpin nu dipercaya ngurus umat, rek gede rek leutik, dina poe kiamat engke bakal ditangtungkeun dina hiji jambatan. Terus digojlog nepi ka sakabeh anggahota badannya lalocotan. Geus kitu dibalikkeun deui kana tempatna sewang-sewanga pikeun ditanya. Lamun jawabanana bener tur jujur, salamet. Tapi lamun salah bari bohong, manehna dikusrukkeun ka jero naraka salila tujuh puluh taun." (diriwayatkeun ku Abu Zar al Ghiffari jeung Salman al Farisi).
Harita Khalifah Umar bin Khattab ngomentar :
"Lamun kitu, saha atuh nu bakal daek jadi pamingpin ?"
"Moal aya, kajaba lamun dipaksa," walon sahabat.
Dipaksa jadi pamingpin! Umar bin Abdul Aziz nepi ka asa maot narima kalungguhan Khalifah. Ari ayeuna mah, dibelaan suap sogok. Dibelaan "money politik" bakat ku hayang-hayangna jadi pamingpin. Hayang kana pasilitasna, lain hayang bener mingpinna.
Bakat ku tanggung-jawab kana kasalametan umat, Umar bin Khattab sasauran :
"Wallohi, lau matat syatun fi sawadil Iraqi di'atan lahiftullaha an yas-alani anha" (Demi Alloh, lamun seug aya hiji embe paeh teu pupuguh di nagri Irak, tuur kuring pasti nyorodcod sieun dipenta pertanggunjawaban di payuneun Alloh SWT).
Kitu geuning inggisna jadi pamingpin nu dina hatena bener-bener ihlas jadi pamingpin. Beda sareng ayeuna, sukuran alatan meunang jadi pamingpin, tungtungna lain inggis tapi geus diniatan rek ngainggis-inggis umat sejenna. Teu napak kana kana aturan, teu nolih kana kaadilan jeung teu sieun ku siksaan. Naudzubillahimin dalik.
Kitu deui, manusa dina kahirupan sapopoe, henteu resep ngarumat akidah jeung miara ibadah. sok padahal, duanana sok loba pisan gogodana. Malah beuki dieu teh karasana beuki beurat. Teu mustahil lila-lila mah akidah urang bakal rapuh atawa regas. Balukarna ibadah urang oge bakal leungit ajenna jeung moal aya tapakna.
Amal Soleh
Gusti Alloh Swt. parantos maparinan ka umatna ku manhaz al-hayat sareng wasilah alhayat. Ieu alam dunya jeung aturan pikeun ngurus dunya geus cukup, manusa bisa leumpang, bisa nempo, bisa ngalampahkan kana naon nu jadi tujuan hirup, salamet dunyana salamet aheratna. Tihothatna jalma nyiar kipayah, indit poek datang poek, sadayana pasti hayang nepi kana tujuan hirup. Dawuhan Alloh dina surat al-Ankabut ayat 69: Walladziina djahaduu fiina lanahdiannahum subulana wa innalloha maal muhsiniin. Hartosna: Jeung jalma-jalma anu digawena tihothat dina urusan Kami, Saestuna Kami baris mere pituduh ka maranehna kana jalan Kami, jeung saestuna Alloh marengan jalma-jalma anu milampah kahadean.
Ngan, sakumaha di luhur oge, sanajan manusa geus dipaparinan alam jeung aturan, gorengna manusa sok hayang wae papalingpang jeung aturan. Kuduna ka kulon, balicet ka wetan, kuduna nyarita jujur, buktina bohong. Kuduna pamingpin teh adil, buktina dengdek, jeung sajabana. Naon sababna manusa resep kitu?
Sikep-sikep badis sato, mupusti kana banda, teu euih-euih neangan pakaya bari ditarekahan ku jalan teu uni dina basa Al-Quran. Saur Ustad Asep tea mah, loba jalmi nu Mujawatul hadd, hirupna ngaleuwihan wates anu geus digariskeun boh ku agama atawa darigama, kayaning musrifin nu jadi wadya balad setan. Aya sindir-sampir Nabi nu unggelna kieu , "Jalma mumin sajati dahar keur sabeuteungen, sedengkeun jalma kapir dahar diancokeun ker tujuh beuteung" (HR Bukhari Muslim).
Leres pisan kaayaan kieu teh kabuktian. Bangsa nu lapar oge bangsa nu loba kalaparan. Jalma-jalma geus lalapar hayoh ditambah loba jalma nu marakayangan, nu haok alatan lapar. Upama kitu, geus jadi sunatullah, sakumaha dibejerbeaskeun ku Al-Quran, nalika korupsi, omongan pamingpin mung dina letah wungkul, kama'siatan geus walatra, mangka eta teh isarat tumpurna bangsa tinggal ngadagoan cundukna waktu anu moal anggang deui. Bangsa eta hirup-huripna moal lana, umurna moal lila isuk jaganing geto pasti bakal ngarandapan kapeurih akibat krisis anu bakal datang dina sagala widang. Wa'ada numminallohi warosuulihi ilannasi yaomal hajjil akbar annalloha barii'un minal musyrikiina warosuuluhu, fain tubtum fahua khoirul lakum, wain tawallaetum fa'lamuu annakum goeru mu'jijillohi wabassiril ladziina kafaruu bi'adaabin 'aliim. Nu hartosna : Jeung (ieu teh) wawaran ti Allah jeung Rosul-Na ka manusa dina poe haji akbar, yen saestuna Allah jeung Rosul-Na megatkeun hubungan ti kaom musrikin. Ku kituna, upama maraneh tobat, nya hade pisan pikeun maraneh, jeung upama maraneh ngabalieur, nya sing nyaho yen maraneh moal bisa lesot tina (siksaan) Allah; jeung geura bejakeun ka jalma-jalma kapir perkara siksaan anu kacida nyerina.
Sabalikna, jalmi-jalmi soleh, dunya dipilampah saperti hirup bakal salawasna, milampah pikeun saperti saperti isuk rek datang maot. I'mal lidunyaka kaanna ta'isu abadan, wa'mal lil ahirota kaanna tamitu godan. Dina hartos, ngala dunya nu saageung-ageungna pikeun bekel ibadah aherat nu sahade-hadena. Dina sawatara ayat Al-Qur'an, akidah atawa iman jeung amal soleh teh dikantetkeun. Contona kaunggel dina Al-Qur'an, Surat Al-Baqoroh ayat 25, nu unina: "Wa basysyiril-ladziina aamanuu wa amilush-shoolihaati anna lahum jannati tajri min tahtihal-anhaaru." Ngaliwatan eta ayat, Alloh SWT marentahkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW sangkan mere pangbubungah ka sakur umatna nu iman jeung migawe amal soleh yen jaga di aherat maranehna bakal ditempatkeun di sawarga nu dihadapeunana cur cor cai walungan. Hiji tempat bangbalikan nu taya papadana.
Upama tos kitu, dina diri jalmi nu soleh, teu aya istilah karupet, teu asa istilah kapaur natapakan hirup, teu aya kabingbang natapakan jaman. Lungsur langsar, apanjang apunjung, da pijalaneun hirupna geus luyu sareng papagon agama nu ngalantarankeun diaherat bakal tinemu jeung bagja.
Margi kitu, eling-aling mangka eling, rumingkang di bumi alam. Hirup di dunya teh ngumbara, umur oge moal lila. Umur dikurangan, catetan lampah dicontangan. Manusa salawasna kudu nanjeurkeun bebeneran, sabab urang boga ugeran. Aquulu qouli haadza wastagfirullaahalii walakum. Mudah-mudahan urang salawasna aya dina panangtayungan Alloh Swt.
***
Amin
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaAZAT KOSIM ngomentaran:
Ka Ibu Haji anu parantos ngintun ieu naskah kanggo Munara Cahya sim kuring ngahaturkeun nuhun. Pamugi janten cahaya/nur anu nyaangan kalbu kaum muslimin sareng muslimat, sakumaha namina ieu rubrik anu maneuh "Munara Cahya. ---Hapunten sakedik tina perkawis seratan Al-Qur'an anu diserat ku huruf laten (Tapi punten pisan...!! sanes mapatahan ngojay ka meri) mugi dibentenkeun antawis Huruf "kaf", "qof" "shod" ssjbna. Margi lepat sahuruf dina Basa Arab mah tangtos lepat hartos. Ka staf Rumpaka manawi sareng manawi tiasa langsung ku huruf Arab dina perkawis ayat Al-Qur'an? Margi ayeuna mah tos aya Prog. Qur'an Digital nu tiasa disalin, oge hartosna tiasa dirobih ku Basa Sunda. Ieu mah saran / komentar kanggo "penulisan huruf", upami dina lebet/paparan na mah sakitu munelna, hatur nuhun katampi mugia janten amal sae. Amiin.