Pangalaman Para Mitra Edisi 2226
Mawakeun
Ieu kajadian basa kuring keur umur 12 taun, sedeng lanceuk kuring (Kang Hasan) 15 taun, kajadianana dina taun 50-an keur usum keneh mun bulan mah geus lilikuran, sok mawakeun, ngirim sangu jeung sapuratina. Harita ge, indung kuring rek mawakeun ka raka-rakana pun bapa, ka tiluan, anu jarakna patarenggang. Nu hiji ka jalan Embah Jaksa Cipadung, nyaeta Wa Sunita, nu kadua Wa Onoh di kampung Andir, Ciporeat, nu katilu ka Wa Haji Siti Rohmah di Kampung Sekehonje, Cilengkrang. Harita mah tong boro aya ojeg, angkot ge nu ngaranna oplet carang keneh. Mangka bumina ge teu aya nu disisi jalan gede kudu neker nonggoh, nyorang tanjakan. Ari indung kuring miwarangna teh waktu keur meujeuhna panas mentrang-mentring kira-kira pukul hijian tengah poe, bari harita teh keur halodo entak-entakan.
Ki lanceuk mawa dua kantet dijingjing kenca katuhu, nu hiji deui dijingjing ku kuring. mimiti nu dijug-jug teh bumina Wa Sunita heula da eta pangdeukeutna ti imah teh. Beres ti Wa Sunita, lebah Taman Pahlawan Cipadung, anu liuh sabab loba tangkal reungas jeung caringin, ki lanceuk ngajak ngiuhan heula. Gek weh dina akar caringin, tempatna teh suni teu kaciri ku nu lalar liwat. Setan mimiti ngagoda Ki Lanceuk, pokna teh: "Euy, da urang teh cape, keun bae lah batal sapoe mah da bisa kodo ieuh ceuk agama ge, urang dahar we yu sakantet ewang, bisi nyesa mah urang piceun we di dieu."
"Ah alim Kang, bisi Ema bendu," ceuk kuring, nolak kana pangajakna.
"Moal, da moal terangeun ieuh, sok lah tuh tenjo pasakanana mani seungit kieu, jaba lamun dianteurkeun teh pan lalampahan urang teh jauh keneh. Mun maneh embung, Akang rek dahar sorangan, jung nu sakantet deui anteurkeun ku maneh sorangan ku Akang di dagoan di dieu," ceuk Ki Lanceuk bari ngakat rantang tina kantetanana. Kuring teh da teu ludeung ari kudu nganteurkeun sorangan mah, nya eleh deet dekul we dahar sakantet ewang. Beres dahar, Ki lanceuk mah ngan pelenyun we udud kawas nu ni'mateun pisan. Da Ki Lanceuk mah rada baong, budak-budak geus diajar udud najan sok dicarekan ku pun bapa ge.
"Pek reureuh heula we tong waka balik, bisi curiga tereh balik mah," cenah bari goledag lalangkarakan dina jukut.
Geus kadenge bedug Asar kakara kuring balik. Geus nepi ka imah rantang teh diucutkeun ku indung kuring bari pok nanya: "Ari anu dieusian deui ti saha?"
"Ti Wa Sunita," jawab Ki Lanceuk pondok. Terus indung kuring teh ngaroris deui rantang nu dua kantet deui, diucutkeun tina kantetanana bari rek terus dikumbahan.
"Naha nya ti Wa Haji jeung ti Wa Onoh mah teu dieusian?" Ki Lanceuk rikat ngajawab: "Can barang damel rupina mah" indung kuring teu papanjangan mariksa.
Dina poe lebaranana, Uwa-uwa teh sarumping. Mangka hareupeun pisan Ki Lanceuk jeung kuring, Wa Haji jeung Wa Onoh teh nyarios kieu: "Naha Nyai teu werat sidekah taun ieu mah, diarep-arep teu mawakeun ka Aceuk," Wa Haji nalengteng.
Indung kuring kageteun, bari mencrong ka Ki Lanceuk jeung ka kuring.
"Naon ari Aceuk, basa ping tilu likur nyanggakeun sangu ka ditu teh, malih sareng kanggo Kang Sunita sagala, mangga geura taroskeun ka Kang Sunita".
"Nu matak euweuh, matak nanyakeun oge. Moal diarep-arep mun tara mah, lantaran sok geus biasa ngirim, nya Aceuk teh ambon we, malah keur ngabalesna ge geus disadiakeun".
"Na dikamanakeun atuh hah?" indung kuring mencrong ka kuring jeung ka Ki Lanceuk molotot bendu, "Paingan mulangna kosong, da anu ti Kang Sunita mah dieusian deui da meureun nepi".
"Hapunten we Ma, Ua," ceuk kuring arap ap-areup eup. Ki Lanceuk mah ngabetem we.
"Heueuh dihampura," ceuk indung kuring, "Ngan Ema hayang nyaho dikamanakeun atuh pangna teu nepi teh?"
"Diteda di Taman Pahlawan Cipadung, da Si Akang ngangajak wae. Mun abdi nolak, kedah dianteurkeun ku sorangan, da teu ludeung ari kedah sorangan mah," ceuk kuring, bela diri.
"Heueuh keun wae ari didalahar mah. Ngan omat nya ulah sakali-kali deui, bisi hayang buka mah nyarita we mo burung dibere ari teu kuat mah. Ulah maling-maling kitu, doraka ongkoh, doraka ge ku dua ku tilu, doraka dahar lain wayah, jeung doraka ngadahar hak batur sasatna hak anu uwa," Wa Haji Rohmah mapagahan.
Yusuf Hernawan
Bekasi Timur
Marebutkeun Botol Kecap
Ieu teh mangrupa pangalaman kuring jeung kulawarga lanceuk basa mawa barudak ka restoran. Duka kumaha, da ari jajan atawa balanja di tempat-tempat anu rada mewah masih keneh sok balitungan mahal henteuna, lebar miceun duit teu pararuguh mah.
Harita basa meunang rijki anu lumayan, ngahaja mawa barudakna jeung kuring ka hiji restoran. Ti dituna mah itung-itung nabageakeun barudak katut kuring da teu sataun sakali ieuh.
Teu kungsi lila, jol pramusaji nawarkeun daftar menu. Nya pesen sangu saboboko, gepuk, gurame beuleum, pais hayam, bakakak hayam kampung oge teu tinggaleun pais impun, lauk kenang-kenangan basa di lembur. Atuh ulukutek leunca, angeun lodeh, tempe tahu, urab, oge pencok kacang panjang. Ditambah inuman nu saleger kayaning es sakoteng, es kalapa, jus jeruk, jste. Meja teh ahirna pinuh ku rupa-rupa idangan lengkep jeung lalab sambelna.
Ari kolot mah katut kuring, mani ngalimed dahar teh. Ponyo naker. Ma'lum teu sataun sakali manggih dahareun anu sakieu kaitung kumplitna jeung mewah.
Kumaha ari barudak?
Lain geura am... dahareun anu mayakpak teh. Budak nu pangais bungsu jeung Si Bungsu kalah alot marebutkeun botol kecap. Dahareun sejen mah teu dipalire saeutik-eutik acan. Antukna nu hiji ceurik, nu hiji deui nangkeup botol kecap ambeh ulah karebut ku adina. Budak ahirna repeh sanggeus dibere botol kecap hiji deui ku pramusaji.
Budak tetep embung dahar, anggur ngaletakkan kecap. Eta daek soteh dahar gepuk jeung bakakak hayam pedah diolo ku indung bapana meh rek dibawa ka Gramedia.
Deudeuh teuing...! "Ari rek ngadon dahar jeung kecap mah atuh atos we di bumi teu kedah awis-awis ka restoran...." gerentes hate kuring bari ngecek es sakoteng campur kalapa ngora bari teu ngiceup mencrong nu keur dihuapan gepuk ku indungna.
Pupu Marfuah
Upiana FC - gerlong
Isola - Bandung
Jamang
Harita teh kuring kakara meunang dua bulan tugas di Banten salaku guru SD. Ari cicing di imah dunungan nu ngaran Pa Jaya. Budakna aya dua, nu kahiji lalaki ngarana Encu, kakara kelas lima SD. Nu kadua awewe kakara kelas tilu.
Lantaran poe Minggu mah libur, kuring mantuan dunungan nyieun kandang hayam tukangeun imah. Baranggawe teh ukur make kaos sangsang wungkul da hareudang. Lantaran rek meuli roko ka warung, kuring nitah Encu nyokot baju di kamar.
"Cu, pangnyandakeun acuk Bapa di kamar. Aya ngagantung geuning"puluhan menitna. Padahal ceuk itungan mah dua menit oge geus kud balik deui. Geus kitu torojol manehna datang bari ngomong kieu, "Ja, euweuh Pa."
"Lah piraku. Cikan urang teang!" tembal kuring bari ngagidig muru ka kamar dituturkeun ku manehna.
"Ari ieu naon?" bari nyokot baju terus dipake.
"Oooh... jamang!" cek Encu molohok.
Kuring kakara engeuh ayeuna mah, singhoreng di Banten mah ari acuk teh jamang. Nyeh kuring seuri sorangan.
Ayah - Kawunglarang
Rancah 46387 Ciamis
Lisah
Pangalaman kuring keur tugas di Banten
Ampir tilu poe sakali ka tempat kuring sok aya nu nguriling dagang minyak sayur ka pilemburan. Kabeneran tukang minyak sayur teh sarua urang Ciamis. Ari tatangga kuring nu geus ngalanggan teh lian ti dunungan, Ibu Jaya, oge Bi Sati tatangga sabeulah. Poe eta ge tukang minyak teh aya.
"Bu, bade deui lisahna?" cek tukang minyak ka Bi Sati.
"Ah, boro-boro boga lisa, kutu ge teu boga Bibi mah," tembal Bi Sati.
Ngadenge kitu mah kuring jeung tukang minyak ngabarakatak sareuri.
Bi Sati tibang molohok teu ngartieun deui bae.
"Bi, Si Emang mah lain nanyakeun lisa, tapi nawarkeun minyak sayur, rek nyokot deui atawa moal?" cek kuring ngajentrekeun.
"Ooohhh... lain lisa, horeng lisah nyah?" tembal Bi Sati kaisinan.
"Heueuh Bi Sati, ari lisah teh minyak sayur, ngarti?" cek kuring ngeceskeun.
"Heueuh, maap bae atuh, nyah," ceuk Bi Sati ku basa Banten nu medok.
Kuring jeung tukang minyak pating serengeh.
Ayah - Kawunglarang
Rancah 46387 Ciamis